You are on page 1of 3

KADUHUNG

Hiji kulawarga ngabogaan budak lalaki anu kalakuanna bedegong pisan, teu
nurut ka kolot,sok ngalawan,padahal keur budakna mah bageur , nepi ka Sakola
Dasar can katingali kalakuanna nu gorengna. Pas Sakola Menengah Pertama eta
budak teh jadi goring adat, duka pedah gaulna anu salah, duka kurang didikan agama,
duka kurang di perhatikeun ku kolotna, duka memang keur masana barontak
saumuran kitu mah.
Unggal isuk budak teh biasa indit ka sakola tapi sebenerna mah teu tepi ka
sakolana mah tapi kalahkah nongkrong di warnet bari maen game,kitu jeung kitu we
kabiasaan sapopoena teh.Kolotna mah teu apaleun budakna sok bolos sakola teh, apal
so teh aya surat panggilan ti sakolana anu ngabejakeun yen budakna teh tara asup
sakola. Guruna nanya ka indung eta budak.

“Bu kunaon putra ibu tara leubeut sakola?”


Indung budak teh ngajawab bari semu nu rewas.
“Naha da pun anak mah unggal enjing oge angkat ka sakola biasa nganggo
saragam lengkeup, kamana bae atuh budak tehnya?”
“Aya wartosna putra ibu teh sok maen bae game di warnet, kukituna
nyungkeun perhatosna ti ibu supados masihan bimbingan, mudah-mudahan putra ibu
rajin deui sakolana sareng tekun di ajarna.” Saur Ibu guru.
“Muhun bu guru, tos kawajiban abdi nyadarkeun pun anak mah” Jawab
indung budak.
“Mudah-mudahan pun anak kenging di nasehatan.” Saur ibu guru.

Peutingna Indung budak the ngabejakeun kalakuan budakna ka bapana.


“Pa budak teh tos ngabohong ka urang”
“Naha kumaha kitu bu?” Ceuk bapana.
“Eta budak teh unggal isuk ti imah mah indit ka sakola padahal teu nepi ka
sakolana mah, kalah maen game di warnet.” Ceuk Ibu.
“Coba sina ka dieu budakna, urang tanya aya masalah naon sabeuneurna”
Ceuk Bapa.

Bapana nyauran budakna, panasaran kunaon beut tara sakola teh


“Jang…..Kadieu enggal”
“Aya naon pa?.” Tembal Ujang.
“Jang bener ujang teh bolos sakola?.” Tanya bapana.
“Enya pa.” Saur Ujang.
“Kunaon atuh Jang?” Tanya bapana deui panasaran.
“Lieur tuda di ajar bae teh pa” Ceuk Ujang ngajawabna the saengangna bae,
siga teu ngarasa salah.

Ku indung jeung bapana di nasehatan duka di denge duka heunteu da budakna


teh kalahkah pereum.Dasar budak teh teu cara keur aya ka hayangna kudu di turut
bae, lamun teu di tedunan teh sok ambek-ambekan sagala di balang-balangkeun,
pokona eta budak teh goring adat pisan teu nyaho kaayaan kolot teh susah, tapi
budak teh sok ngagampangkeun kudu aya bae.
Indungna teu bosen-bosen mamatahan eta budak tapi lain mah ngaregepkeun
kalah nembal-nembal bae bari jeung babasaanna kasar ka indungna teh. Atuh
indungna teh sok tepi keun ka ceurik, sedih ku kalakuan budakna kawas kitu teh.
Indungna nanya ka budakna “Jang ari ujang nyaah ka ibu? Ari nyaah kudu
nurut atuh, sakola anu beuneur ameh jadi pinter, ibu hoyong ujang jadi bageur jeung
pinteur.”
Ujang teh teu ngajawab, kalahkah cicing bae.
Isukna eta budak biasa indit ka sakola, can ge nepi ka sakola, teu kungsi lila
aya beja budak teh katabrak motor, teupikeun kamaotna. Kacida rewash eunna
kolotna teh teu nyangka budak teh pondok umurna, mangkaning indung jeung anak
the tos parea-rea omong peutingna teh. Atuh indungna ngarasa handeueul pisan
sagoreng-gorengna anak tetep kolot mah nyaah. Ayeuna tinggal handeueulna.
“Tapi kumaha da tos takdir kudu kieu jalanna anu terbaik ti Allah tibatan
engke lamun dewasana budak the bisi jadi budak doraka. Ayena mah tong di pikiran
bae kudu ikhlas, mudah-mudahan Gusti Nu Maha Suci ngahampura urang sadaya.
Amin..” Ceuk bapana ngupahan indungna.
Carita ieu kudu jadi conto keur urang sarerea, sawaktu-waktu urang bakal
maot, timimiti ayeuna urang kudu ngomen kasalahan urang khususna kasalahan ka
indung jeung bapa. Kalakuan-kalakuan nu goring kudu di jauh keun anu alusna di
jaga keur beukeul ka akherat engke.

You might also like