You are on page 1of 1

Guguritan nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu kauger

atawa kaiket ku aturan pupuh. Conto puisi Sunda lianna anu kaiket ku
aturan pupuh nyaeta wawacan. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa
puisi Sunda, nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda anu
eusina mangrupa carita.

Guguritan kaasup kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita.
Sedengkeun wawacan kaasup kana wangun puisi anu eusina mangrupa
carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta
saperti sajak, mantra, sisindiran, pupujian jeung kawih. Sedengkeun conto
puisi Sunda lianna anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti carita
pantun.

Kawih nyaeta rakitan basa nu teu kauger ku rupa-rupa aturan kawas dina


pupuh. Kawih kaiket ku nu namina wiletan jeung tempo (jadi kaasup sekar
tandak). Kawih baheulana ditulis ku bujangga jeung birama na teh angger
(ajeg). kawih asalna tina kecap kavy hartina sair.

You might also like