You are on page 1of 2

Dongeng Sasakala Sangkuriang “Legenda

Gunung Tangkuban Perahu”


Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di jawa barat ngaranna
dayang sumbi. Dayang sumbi boga anak lalaki nu kasep ngaranna sangkuriang.
Sangkuriang kareseupna ngaburu sasatoan di leweng. Sangkuriang dibaturan
ku hiji anjing nu ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu sabenerna
anjing eta titisan dewa nu mangrupakeun bapana sangkuriang.
Tina hiji poe, sangkuriang jeung tumang mangkat ka hiji leweng, naha kunaon
pas sangkuriang nitah si tumang ngudag buruan ka leweng, si tumang
embungen nuturkeun kahayang sangkuriang, nah akhirna si tumang diusir ka
jero hutan ku sangkuriang.
Sa entos sangkuriang balik deui ka istana, sangkuriang nyaritakeun kajadian eta
ka indungna nyaeta dayang sumbi.
Ngadenge carita eta, dayang sumbi teras ngambek kacida, teu sadar akhirna
dayang sumbi nakol sirahna si sangkuriang make sendok sangu anu keur di
cekelna nepi ka aya urutna. Sangkuriang ngambek, terus akhirna langsung
mangkat ngembara ninggakeun istana karajaan na. Saprak kajadian eta dayang
sumbi nyesel ka anu tos naon dilakuken nana ka sangkuriang.
Sa entos kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji
wangsa, dewa-dewa masihan hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet ngora
jeung kageulisan anu abadi. Entos lami pisan sangkuriang mangkat, akhirna
sangkuriang mutuskeun balik dei ka istana. Sa entos nepi ka istana,
sangkuriang ningali kerajaan eta teh tos beda pisan.
Di dinya oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu lain
padahal mah indungna. Ningali tina kagelisan nana, akhirna sangkuriang niat
rek ngalamarna. Sabalikna oge, sangkuriang teh sosok jalmi anu kasep, nu
mantak nyien dayang sumbi oge reseupen ka pamuda eta teh.
Dina hiji poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek ngaburu di
leweng. Sangkuriang menta dayang sumbi pang ngarapihan keun tali nu
ditalian dina sirahna. Dayang sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina
sirah sangkuriang nu arek jadi calon suamina eta teh.
Urut bared eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang
sumbi merhatikeun terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung anakna
nu mangkat harita.
Dayang sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek ngagagal
keun perkawinan eta teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda
eta, nyaeta: Ka hiji, dayang sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai
citarum, kadua na, dayang sumbi hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun
nyebrang cai citarum.
Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil. Nah dina
peting eta keneh, sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta. Sangkuriang
mulai tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun ngabantuan
ngawujudkeun dua syarat eta.
Dayang sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu sabenerna
ampir beres di lakukeun. Dina waktu eta keneh, dayang sumbi oge mulai
marentahkeun pasukan nana pikeun ngabentangkeun laon sutra nu warna
beurem ti sabelah kota timur, sa olah-olah okos panon poe nu karak bijil.
Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos mulai
bijil. Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana, ngambek
lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua syarat eta.
Make kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu entos di
jienna, teu lila jadi banjir gede jeung nendang sampan parahu nu tos dijienna.
Sampan parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu ayena
disebut “gunung tangkuban parahu.”
Rengse..

sumber referensi: google.com


https://basasunda.com/dongeng-sasakala-bahasa-sunda/

You might also like