You are on page 1of 1

PARUNGBINGUNG

Anu disebut Parungbingung téh ngaran hiji tempat, nu aya di lebah pertelon ka jurusan Depok, Cinéré,
jeung Sawangan. Asalna mah ngaranna téh Parung. Ngan ku sabab sok ngabingungkeun, nya antukna
disebut Parungbingung.

Baheula, di dinya téh tempat ngadu, ti mimiti ngadu kartu tepi ka ngadu hayam. Anu daratang ka dinya
ngadon ngadu téh lolobana mah rampog, jawara, jeung tuan tanah. Hasil tina kajahatan ngarampog sok
diludeskeun di dinya, dipaké ngadu. Tara cukup ku sapoé ari geus der ngaradu téh.

Di dinya aya sawatara jawara anu geus kasohor, di antarana baé Salikun, Ali Maskun, Saprin, jeung
Arkani. Salian ti éta, aya deui Mandor Sairih kungsi guguru élmu kadugalan ka Banten, ari Rahim ka
Cirebon. Euweuh nu wani misah, da puguh nu gelutna ogé jawara. Ahirna Rahim éléh. Ti harita, Mandor
Sairih beuki kasohor. Tapi lila-lila mah manéhna taluk ka Haji Umar, sanggeus dikadék sukuna waktu
keur gelut.

Salian ti jadi tempat ngadu, di dinya téh sok kabéjakeun ogé aya mahluk kajajadén. Sakapeung
nembongan dina wujud munding. Sakapeung ngarupakeun awéwé. Cenah, éta mahluk sok némbongan
ka jalma anu boga niat goréng. Ari ka jalma anu lampahna bener tara ngaganggu.

Hiji mangsa, aya lalaki biga pamajikan dua. Terus pamajikan anu kolot paséa jeung salakina. Paséana
rongkah. Antukna pamajikanana dianteurkeun ku salakina ka imah kolotna. Ngan anéh, basa nepi ka
lebah dinya, salakina ngadadak linglung, teu nyaho jalan. Tungtungna mah balik deui ka imahna.

Mindeng cenah kajadian kawas kitu téh. Anu boga niat goréng ujug-ujug ngarasa linglung. Nya ahirna éta
tempat dingaranan Parungbingung.

You might also like