You are on page 1of 3

YAYASAN PENDIDIKAN ISLAM AL-ISTIQOMAH

SMA ISLAM AL-ISTIQOMAH


TERAKREDITASI: B (Baik)
Nomor : 20.00/203/SK/BN-SM/XII/2018 NPSN: 69906513 NSS: 302020718067
Alamat : Kp. Ciheulang Desa Langensari Kec. Karangtengah Kab. Cianjur( 43281)
email: smaislam_alistiqomah@gmail.com

PENILAI AKHIR SEMESTER (PAS)


BASA SUNDA KLS 12
SMA ISLAM AL-ISTIQOMAH TAHUN 2022-2023
I. Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !
“Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah
Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu
mulya, Muhammad saw”.
1. Paragrap di luhur ka asup kana..…
a. Panutup biantara c. Bubuka jeung panutup e. Bubuka biantara
b. Eusi biantara d Bubuka jeung eusi biantara

“Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang
sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda”.
2. Paragrap di luhur ka asup kana …….
a. Panutup biantara c. Bubuka jeung eusi biantara e. Eusi biantara
b. Bubuka jeung panutup biantara d. Bubuka biantara
3. Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal……
a. ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b. ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
c. nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
d. ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
e. ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur
4. Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……
a. sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
b. nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
c. nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
d. ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara
e. ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara
5. Struktur biantara anu bener nyaeta…..
a. salam pamuka, mukodimah, jeung eusi d. bubuka, eusi jeung panutup
b. bubuka, eusi jeung salam panutup e. salam pamuka, eusi jeung salam panutup
c. salam panutup, bubuka jeung eusi
6. Sing tarik atuh nyarita téh ngarah….
a. didéngé b. Ngadéngé c. didéngékeun d. Ngadéngékeun e. kadéngé
7. Presiden Indonesia anu kawentar ahli dina biantara nyaéta……
a. Ir. Soekarno c. K.H. Abdurahman Wahid e. BJ Habibi
b. Soeharto d. Megawati
8. Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..
a. sadérék b. Pangersa c. déwék d. salira e.simkuring
9. Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal…..
a. sadérék b. silaing c. salira d. énté e. anjeun
10. “Punten dupi ……Bapa teh saha?”Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah
di luhur nyaéta….
a. ngaran b. jenengan c. wasta d. salira e. nami
11. “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.” Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun
ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a. ceuk b. sanggem c. saur d. cenah e. ngabéjakeun
12. Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta….
a. Pun ibu b. pun biang c. pun mamah d. pun mimih e. pun indung
13. Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta….
a. tuang anak b. tuang mantu c. tuang putra d. tuang rayi e. tuang raka
Dadang : Mulih ti mana ieu téh?
Deden : ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.
Dadang : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh?
Deden : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan. Éta tuda ku pun
biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari.
Dadang : Kutan.
14. Perkara naon anu keur digunemkeun ku Dadang jeung Deden?
a. ngabenerkeun KTP c. neangan KTP e. meuli KTP
b. menta KTP d. leungit KTP
15. KTP saha anu keur dibenerkeun ku Deden téh?
a. pun bapa b. pun biang c. pun bibi d. pun uwa e. pun aki
16. “Pun bapa nembé …. Ti sawah.” Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di
luhur nyaéta…..
a. Wangsul b. dongkap c. datang d. mulih e. mios
17. Dina aksara sunda angka 7 sawanda jeung aksara......
a. sa b. ra c. la d. ga e. ya
18. Tanda vokalisasi pangwisad digunakeun dina nuliskeun kecap.......
a. gagak b.gajah c. gading d. kuda e. laleur
19. Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/disebut….
a. panglayar b. panyecek c. paneleng d. paneuleung e. pagwisad
20. Aksara sunda ngalagena /ba/ mirip wanguna jeung.......
a. ma b. ya c. ta d. nya e. wa
21. Akasara ngalagena /ta/ mirip wanguna jeung aksara ngalagena....
a. ya b. za c. ba d. nya e. Qa
22. Rarangkén atawa pananda vokalisasi nu disebut panyiku gunana pikeun nambahan sora.....ditengah-
tengah akasara ngalagena tur ditempatkeunana handapeun aksara ngalagena.
a. /-y-/ b. /-r-/ c. /-l-/ d. /-h/ e. /u/
23. Tanda vokalisasi nu ditulis di luhureun lambang aksara daras nyaéta....
a. panéléng b. pamepet c. paneuleung d. panolong e. pamaéh patén

Wacana Biografi
Ti Kebon Kana Carpon
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23
Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan
Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.
Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’,
dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.
Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep
nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.
Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi
jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna
Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar.
Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda
(LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Album
Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.
24. Cecep Burdansyah lahir di……
a. Ciwidey, 22 November 1963 d. Ciwidey, 25 November 1963
b. Ciwidey, 23 November 1963 e. Ciwidey, 26 November 1963
c. Ciwidey, 24 November 1963
25. Iraha Cecep Burdansyah mimiti sok ngarang?
a. ti keur TK d. ti keur SMA
b. ti keur SD e. ti keur SMK
c. ti keur SMP
26. Salian ti nulis carpon Cecep Burdansyah kungsi digawe diperkebunan…
a. Teh b. Kopi c. Bako d. Cengkeh e. Coklat
27. Lalakon hirup anu ditulis atawa dicaritakeun sorangan ku jalmana disebut....
a. biografi b. geografi c. otobiografi d. otografi e. kaligrafi

Paguneman
Kang Dadan : Damang, Bi?
Bi Téti : Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?
Kang Dadan : Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu?
Bi Téti : Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami, badé milari salédri.
Nanging dugi ka ayeuna diantosantos tacan jebul kénéh baé. Ari Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan : Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur sop saurna.
Bi Téti : Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi
pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan : Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana tuang putra
téh?
Bi Téti : Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh Ibi téh,
da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Dadan : Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari. Saha
jenenganana?
Bi Téti : Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan : Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti : Mangga. Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan : Sawangsulna.

28. Dumasar kana eusi paguneman di luhur, rek meuli naon Kang Dadan los-los ka pasar?
a. Meuli asin b. Meuli saledri c. meuli tempe d. meuli tarasi e. meuli uyah
29. Saha nu didagoan ku Bi Teti dina paguneman di luhur?
a. Salakina b. dulurna c. anakna d. tatanggana e. nu dagangna
30. Kumaha hubungan tokoh anu aub dina eta paguneman?
a. Teu wawuh d. nu dagang jeung nu meuli
b. Kakara panggih e. wawuh harita di pasar
c. Geus wanoh pisan

II. URAIAN

Jawab kalawan bener !

1. Runtuiken jeung caritaken adat budaya sunda nu sok di pake !

2. Salin kalimah ieu di handap kana aksara Sunda! “Pun Aki nuju ngagaleuh Koran”

3. Eusian kotak-kotak anu kosong luyu jeung undak usuk basa!

Basa Loma Basa Lemes keur sorangan Basa lemes keur batur

Dahar ……………………….. ………………………..

Datang ……………………….. ………………………..

Bawa ……………………….. ………………………..

Indit ……………………….. ………………………..

Ceuk ……………………….. ………………………..

4. Pek ku hidep caritaken lalakon pawayangan Mahabrata jeung Ramayana, tina singkat!

5. Pek ku hidep jieun carpon atau caritaan pondok kahirupan hidep sorangan !

You might also like