Professional Documents
Culture Documents
Kelas 10
Kelas 10
LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : X/1
Hari/Tanggal :
Waktu :
Catatan Guru : Jujur lebih bernilai
A. Berilah tanda silang (X) pada huruf a, b, c, d, atau e pada jawaban yang paling tepat!
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang
sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor
ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.
1. Paragrap di luhur ka asup kana..…
a. Panutup biantara
b. Bubuka jeung panutup biantara
c. Eusi biantara
d. Bubuka jeung eusi biantara
e. Bubuka biantara
Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon
carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu
diteda.
2. Paragrap di luhur ka asup kana …….
a. Panutup biantara
b. Bubuka jeung eusi biantara
c. Bubuka jeung panutup biantara
d. Bubuka biantara
e. Eusi biantara
3. Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal……
a. ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b. ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
c. nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
d. ngahaturnuhunkeun ka para bapa jeung ibu guru
e. ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur
12. Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..
a. sadérék
b. pangersa
c. déwék
d. salira
e. simkuring
13. Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal…..
a. sadérék
b. silaing
c. salira
d. énté
e. anjeun
21. Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/disebut….
a. panglayar
b. panyecek
c. paneleng
d. paneuleung
e. pagwisad
24. Rarangkén atawa pananda vokalisasi nu disebut panyiku gunana pikeun nambahan
sora.....ditengah-tengah akasara ngalagena tur ditempatkeunana handapeun aksara ngalagena.
a. /-y-/
b. /-r-/
c. /-l-/
d. /-h/
e. /u/
Wacana Biografi
Ti Kebon Kana Carpon
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy,
tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti
dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.
Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti
dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.
Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di
perkebunan, Cécép tetep
nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada
pangarang Sunda.
Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya,
anjeunna kungsi
jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di
Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar.
Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung
Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu
Potrét Jalma dina Album Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung
“Sangkakala”.
29. Lalakon hirup anu ditulis atawa dicaritakeun sorangan ku jalmana disebut....
a. biografi
b. geografi
c. otobiografi
d. otografi
e. kaligrafi
Paguneman
Kang Dadan : Damang, Bi?
Bi Téti : Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?
Kang Dadan : Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu?
Bi Téti : Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal
lami, badé milari salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantosantos tacan jebul kénéh baé. Ari
Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan : Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur
sop saurna.
Bi Téti : Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu
kaabotan mah. Manawi pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan : Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu
mana tuang putra téh?
Bi Téti : Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé
hoyong reureuh Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Dadan : Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang
pilari. Saha jenenganana?
Bi Téti : Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan : Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti : Mangga. Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan : Sawangsulna.
30. Dumasar kana eusi paguneman di luhur, rek meuli naon Kang Dadan los-los ka pasar?
a. meuli asin
b. meuli saledri
c. meuli tempe
d. meuli tarasi
e. meuli uyah
B. Jawablah pertanyaan dibawah ini dengan jawaban yang baik dan benar!
Ojat : Assalamu’alaikum
Dandi : ………………………
Ojat : ……………………..?
Dandi : Pangésto, aya hibar. Sawangsulna?
Ojat : ……………………. Nuhun upami damang mah.
Dandi : Sami-sami.
5. Jieun biodata anjeun maké aksara sunda !