You are on page 1of 5

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)

SMK PLUS NURUL ARIF SALAM


Program Keahlian TKJ | Terakreditasi “B”
Tahun Pelajaran 2022/2023
Sekretariat:
Jl. Perintis Kemerdekaan No.65 Telp. (0265) 321904 Kota Tasikmalaya
Email : smk.p.nurularifsalam@gmail.com

LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : X/1
Hari/Tanggal :
Waktu :
Catatan Guru : Jujur lebih bernilai

A. Berilah tanda silang (X) pada huruf a, b, c, d, atau e pada jawaban yang paling tepat!

Wacana Dongeng
Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal
kalapa, katebak kuangin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu
kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng
nundutan. “Ha ha ha, kabeberan, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan
Sakadang Kuya. Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina
bisana ogé kétang, kateuteu ari, da nagger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik
lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh. “Naon deui?
Anu jelas sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas
dibarung ku ngagerem sagala.
1. Palaku utama dina sempalan dongéng di luhur nyaéta…
a. Kuya c. Kuya jeung Maung e. Peucang
b. Maung d. Kuya jeung Peucang
2. Kumaha sikep kuya sabada digarewahkeun ku Sakadang Maung ?
a. béréhan c. éléhan e. pinter
b. reuwas d. bungah
3. Kumaha sipat Maung nukagambar dina éta dongéng ?
a. bageur c. éléhan e. hade lampah
b. bengis d. sopan
4. Judul dongéng anu luyu jeung sempalan dongéng diluhur nyaéta…
a. Kuya jeung ajag c. Peucang jeung Kuya e. Kuya jeung Maung
b. Maung dahar kuya d. Kuya reuwas
5. Dongéng diluhur kaasup kana jenis dongéng…
a. fable c. sasakala e. mite
b. parable d. Sagé
6. Jalma nu mingpin diskusi disebut….
a. protokol c. panyatur e. pamilon
b. moderator d. penonton
7. Nu boga pancen nepikeun materi/bahan dina diskusi disebut…
a. protokol c. panyatur e. pamilon
b. moderator d. penonton
8. Hal nukudu diperhatikeun ku moderator dina mingpin diskusi, iwal…
a. Kudu bisa milih kalimah nu éfektif d. kudu bisa ngahudangkeun sumanget
pamilon
b. Kudu bisa ngabagi waktu e. kudu bisa nanyakeun ka panyatur
c. Kudu bisa ngatur jalana diskusi
9. Kumaha cara nepikeun pamadegan dina diskusi?
a. tegas c. haré-haré e. salsé
b. maksa d. kumaha engké

Wacana Biografi Pahlawan


Didi Kartasasmita dibabarkeun di Tasikmalaya, 20 Novémber 1911. Pupusna di Jakarta, 8
Oktober 1996. Sasarengan sareng Urip Sumoharjo, Didi janten peletak dasar organisasi militér
Républik Indonésia.
Ti yuswa 8 taun tebih sareng sepuhna margi sakola di ELS (Europeeshe Lagere School),
PHS (Prins Hendrik School), HBS (Hoogere Burger School) jeung KMA (Koninklijke Militaire
Academie) di Bréda Walanda. Sadayana mangrupi sakola-sakola pikeun urang Eropah.
Saréngséna sakola di Walanda, dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke
Nederland Indisch Leger) sarta di tempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di
kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim
disamikeun sareng urang Walanda.

10. Didi Kartasasmita dibabarkeun di……


a. Tasikmalaya, 20 November 1911 d. Bandung, 20 November 1911
b. Tasikmalaya, 2 November 1911 e. Bandung, 2 November 1911
c. Tasikmalaya, 22 November 1911
11. Didi Kartasasmita sakola na di……
a. Inggris c. Jepang e. Portugis
b. Walanda d. Jerman
12. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.
Kecap nyekel deleg hartina…….
a. nyekel pageh, kukuh c. nyekel budaya e. nyekel adat
b. nyekel tradisi d. nyekel kabiasaan

Wacana Carpon
BABALIK PIKIR

Geus opat poé Esti teu sakola. Panas tiris babakuna mah. Tadi gé geuning aya budak
sakola mani ngaliud, ngalayad. Ma’lum Esti mah ketua kelas tur nyaahan pisan ka babaturan téh.
Katurug-turug jelema aya. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék,
jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh. Mun geus puguh katempona babaturanna téh
teu mampuh, Esti sok buru-buru mangmeulikeun buku. Pikareueuseun puguh gé. Keur mah
pinter, anak nu beunghar, katurug-turug bageur deuih.
Kasoléhan Esti téh hanjakalna teu meunang pangrojong ti kolotna. Ayeuna gé bapana
keur tutunjuk bari hahaok. Bapana kacida ambekeunana basa tadi Bu Rida wali kelasna
nganuhunkeun kana kasaéan putrana nu tos masihan kasur sapuratina ka Ikeu babaturan
sakelasna. Sihoréng budak téh nyokot tabunganana.
“Paingan atuh duit téh béak baé. Yeuh Bapa jeung Ema bisa kieu teh usaha popohoan.
Dug hulu pet nyawa. Ulah kéna-kéna tabungan téh leuleuwihan duit bekel, tuluy sangeunahna
dibagi-bagikeun.”
Esti cicing baé. Haténa manghanjakalkeun ku naon Si Ikeu maké ngobrol sagala ka Ibu
Rida? Kumaha atuh? Kasalahan manéhna geus nembrak. Teu bébéja ka indung bapana. Ceuk
pamikirna bébéja ogé ka baseuh-baseuh biwir da pasti moal diidinan, sedengkeun Ikeu kacida
butuh pisan ku bantuanana. Ikeu saréna ukur dina raranjangan ditilaman ku samak salambar.
Bantalna ogé buntelan bubututan. Teu bisa majar kumaha, da geus tigejebur, geus baraseuh. Esti
ngeluk baé tungkul hareupeun bapana. Manéhna teu wanieun ngarérét-rérét acan. Lalaunan cai
sakeclak maseuhan pipina nu pias. Da puguh hudang gering téa. Satuluyna mah ngagukguk
ceurik menta dihampura ka bapana.
Sanggeus kajadian harita Esti tara deui kumawani barangbéré ka babaturanana, sanajan
dina haté leutikna mah mungguh aya perang rongkah nu teu bisa kaungkulan ku sorangan.
Bekelna ogé diseret ayeuna mah ku bapana téh. “Keun Bapa baé nu nabungna, sakalian di bank.
Engké ogé keur saha deui, kabéh ogé dalah jang anak.” Kitu ceuk Pa Uja juragan angkot nu
kacida keur meumeujeuhna beunghar.
Orokaya da jalma téh teu nanjeur baé, sataun ti harita barang Esti naék ka kelas 3 SMP
angkotna tabrakan, nu maotna ogé aya opatan, atuh lumayan ogé béayana téh. Lian ti béaya,
gegedéna mah jadi beuki melang loba angkot téh. Kurang katenangan. Kendat saminggu ti harita
motor anyar di buruan aya nu maling. Acan ogé opat puluh poé ti barang angkot tabrakan, Pa Uja
ujug-ujug gareuneuk sababadan. Barang dipariksa téh cenah infeksi darah. Geus méh sabulan
awakna leuleus waé, kituna mah kandungan hémoglobinna ngan lima. Jauh pisan tina wates
normal.
Soré-soré Pa Uja ngadaweung pipir jandéla. Nyawang mangsa-mangsa katukang basa
manéhna jagjag. Kacida pohona kana gering. Mangsa teu boga kasusah, tara hayang nyaho kana
kasusah batur. Ari ayeuna? Geuning kacida bungahna mun aya nu ngalongok, komo maké
émbél-émbél ngadunga sagala “énggal damang”, cenah. Atuh da teu kitu kumaha Pa Uja mah
mun lolongak ka tatangga atawa kawawuhan téh cukup diwakilan ku pamajikan baé. Basa
leungit motor ogé Ikeu babaturan Esti maké ngomong kieu, “Moal sesaheun Alloh mah
ngagentosan deui rejeki Bapa, komo deui da Bapa mah seueur kasaéanana”. Puguh matak
dédéngéeun ‘na ceuli Pa Uja mah. Liang irung asa rebéh-rebéh baé.
“Pa, nuju naon sonten-sonten jiga nu ngemu kabingung. Tong diémutan baé panyawat
mah. Apan ayeuna ogé maju ka damang. Tos dileueut landongna?” Bi Erus pamajikanana nanya.
Pa Uja ngarenjag, “Kadieu geura Ma, saha budak anu dipangmeulikeun kasur ku Esti
teh?”
“Oh, Ikeu. Karunya budak téh geus pahatu lalis. Untung waé aya kénéh indung kolotna.
Ceuk Esti mah bumina ogé bilik jeung taneuh keneh handapna oge. Watir puguh gé. Teu kajudi
ku ema mah kumaha ninina kudu dagang sorabi bari jeung nyakolakeun incu.”
“Kutan, Ema gé wawuh?”
“Henteu ari wawuh mah. Eta wé dongéng Esti. Tuh di ditu lemburna mah, di Banjaran
Hilir.”
Pa Uja unggut-unggutan.”Punten Ma, pangnyaurankeun Esti,” pokna téh.
Pamajikanana ngaléos, teu lila norojol deui. Ayeuna mah bareng jeung Esti, budakna.
“Aya pikersaeun naon naon, Pa?” Esti kacida sopanna. Kituna mah budak téh sapopoéna
balik ti sakola idek liher baé di Pasantrén Darul Falah. Sahenteuna budak téh ngarti kana
bagbagan agama.
“Ka dieu geulis, geuning hidep téh kacida soléhna. Bapa kakara sadar yén hidep téh lir
endog hayam keur Bapa mah.”
Ku naon Bapa téh?”
“Enya ulah waka adigung, komo Bapa mah ukur tamat SD. Najan bijilna tina bujur
hayam ari endog mah teu burung didahar.”
“Kumaha maksad Bapa téh?”
“Insya Alloh ti semet ayeuna Bapa taat ngaluarkeun jakat mal jeung rék ngarojong
satemenna nu kadada kaduga ku Bapa, kana kahayang Esti ngabantu barudak sakola nu kolotna
kurang mampuh.”
“Bapa...!” Esti ngarangkul Bapana. Hujan cimata kabungah, muji sukur ka Pangéran
dipaparin pituduh babalik pikir. Soré harita keur Esti mah wuwuh pinuh ku kabagjaan.

13. Kumaha pasifatan Esti dina eta carpon?


a. sombong c. pedit e. tara gaul
b. bageur jeung berehan d. sieunan
14. Naon sababna Esti dicarekan ku bapana?
a. tara sakaola c. sok umbak ambek e. sok barang bere
b. geringan wae d. tara ngerjakeun PR
15. Saha anu babalik pikir dina eta carpon?
a. Esti c. Indungna Esti e. Babturanna Esti
b. Bapana Esti d. Guruna Esti
16. Kecap babalik pikir ngandung harti.....
a. balik ka lemah cai c. balik ka lembur e. balik kana jalan
goreng
b. balik kana jalan hade d. balik ka imah
17. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah
ka imah babaturan téh.
Kecap tetelepék ngandung harti.....
a. tara daek tatanya c. resep ilubiung e. bawel/cerewet
b. sok tunya-tanya d. tara campur gaul
18. Nyusun atawa ngawangun kecap rajékan disebutna.....
a. ngarajék c. ngaheureutan e. ngararangkénan
b. ngarundaykeun d. ngaropéa
19. Ieu di handap ditatan conto-conto kecap rajékan dwiréka, iwal.....
a. bulak-balik c. tulas-tulis e. Tujang-tajong
b. gulang-guling d. guru-guru
20. Mana kalimah ieu di handap nu ngagunakeun kecap rajékan dwipurwa....
a. Manéhna keur mérésan buku-buku diperpustakaan
b. Ulah sok ngagakgak ari seuri téh
c. Sababaraha waktu kaliwat manéhna ulin ka Garut
d. Ulah tatajong di dinya bisi kacugak
e. Ulah sok tunggal-teunggeul ka batur bisi cilaka
21. “Sababaraha waktu kaliwat manéhna ulin ka Garut”
Kalimah di luhur ngagunakeun kecap rajékan....
a. dwipurwa c. dwimadya e. trilingga
b. dwimurni d. dwiréka
22. Conto kecap rajékan dwimadya di handap ieu nu bener nyaéta....
a. sapopoé c. culang-cileung e. guru-guru
b. tatajong d. kukudaan
23. “Kuring jeung manéhna sok......unggal poé minggu”
Kecap rajékan dwipurwa nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
a. Tunggal-tenggeul c. paciwit-ciwit e. udag-udagan
b. Papanggih d. silihbéré

Wacana Kawih
Rampak Gawé
Hayu urang pada karumpul, batur
Beberesih sakola urang
Digawé rampak babarengan, dulur
Tempat urang beresih tur séhat
Digawé ulah rék talangké, batur
Anggur digawé sing rancagé
Gotong royong tur sauyunan, dulur
Rampak gawé, hasilna mucekil
Reff : Sakola jadi beresih
Diajar matak betah
Sakola resik tur asri
Diajar héy tur tumaninah
24. Sabaraha pada kawih di luhur?
a. 5 pada b. 4 pada c. 3 pada d. 2 pada
e. sapada
25. Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?
a. guru-guru d. sakabéh warga sakola
b. penjaga sakola e. masyarakat
c. sakabéh siswa
26. Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?
a. Masing-masing kudu beberesih
b. Saréréa kudu daék nitah beberesih
c. Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
d. Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih
e. Sakabéh kolot siswa kudu beberesih unggal poé
27. Lamun urang daék beberesih tangtu lingkungan sakola urang bakal saperti di handap, iwal...
a. Lingkungan bakal resik d. lingkungan sakola kotor tur pikarujiteun
b. Sakola bakal pikabetaheun e. Lingkungan sakola jadi éndah
c. Lingkungan sakola jadi séhat
28. Maksud tina pada kadua dina kawih di luhur nyaéta....
a. Kudu daék beberesih d. pagawéan mucekil kucara gotong royong
b. Mun hayang maju kudu digawé e. Lamun sakola beresih diajar gé bakal
tumaninah
c. Sakola bakal resik mun siswana beberesih
29. Ieu dihandap kawih anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, nyaéta....
a. kalangkang d. mawar bodas
b. éslilin e. ayang-ayang gung
c. colénak
30. Harti husus tina ngala kembang nyaeta....
a. ngundeur c. mupu e. gacong
b. mipit d. metik

B. Jawablah pertanyaan dibawah ini dengan jawaban yang baik dan benar!

1. Jelaskeun pengertian sisindiran, paparikan, jeung wangsalan !


2. Jelaskeun naon anu di maksud :
a. Nandur
b. Ngrambas
c. Halodo
d. Janari
e. Ngagarap
3. Tuliskeun papasingan dongéng jeung contona!
4. tulis harti tina kecap-kecap ieu :
a. moderator
b. panyatur
c. pamilon
5. Jieun biodata anjeun maké aksara sunda !

You might also like