You are on page 1of 16

JAKA TARUB

Adegan Narator 1
Narator :
Cu… cu……… Kadieu heula…
cucu :
Aya naon atuh bah ?
Narator :
ieu abah dek nepatkeun janji, dek caritakeun jaka tarub ka mane
cu, Geus dieu calik.
NARATOR :
Di jaman baheula, aya hiji lalaki ngora gagah anu ngaranna jaka
tarub. Jaka tarub hirup sareng ibu na anu namina Mak Rhanda.
Sapopoe maranehanana didamel minangka patani pare disawah. Nepi
ka ayeuna jaka tarub can manggihan istri anu pas dihate jang
dijadikeun pamajikan. Mak rhanda geus hariwang kusabab babaturan
sabaya na ma geus kararawin.

Adegan 1
( Mak Rhanda Tablo , kegiatan Bebersih )

Masuk maman hereuy jeung pamajikan


Masuk ujang jeung pamajikanna ngirim rantang
sadayana ngageroan mak Rhanda.

Mak Rhanda :
aduuuuuuuuh gusti nu maha agung, ieu the si jaka moal wae
meunangkeun jodo. ninggali babaturan na mah aya nu balik bulan
madu, keur reuneuh, geus boga anak loba, geus bararagja. Nah ai
si jaka meni hararese. dek jadi jomblo ngenes kitu ah. teu level.

cik cik kela, aya keneh da si abas nu masih sorangan jomblo mah
da goreng jeung teu ecreug. Moal moal , geus rhanda tong putus
asa, aya batur si jaka the geus geus.

terakhir abas jeung kokom lebet keketok panto ka bumi Mak Rhanda.

Abas :
assalamualaikum ……
assalamualaikum ……
assalamualaikum ……

Kokom :
punteum …

Abas :
Mangga ….

( nyanyi punten mangga aigaa gatot kaca… )


( pake tatalu )

Abas :
eeeeh kalah kieu syutttt ah…
assalamualaikum, maaaak maaaak.

Mak Rhanda :
waalaikumsalam… kela sakedapp.

Abas :
Mak hello spada speaking spakbord

Mak Rhanda :
deudeudeu….kela helaanan atu nya saha sih …
( bari muka panto )
Ehhhh maneeeeeeh, pantesan meni recet, aya naon jaang.

Abas :
Nya pohoan na teh… jang we jeung jang/
Dangukeun mak nami abi Abas bebas sebastian bin kabayan lain
ujang pahili weh

Mak rhanda :
yeuh ai ujang mah universal jang lalaki kabeh, tah salahkeun si
ujang naha make ngarana ujang. sok aya naon bas, ai ieu saha ?

Abas :
Mak maksad abas kadieu bade ngenal keun jeung masihan terang boa
Abas bebas sebastian teh dek kawin jeung awewe pilihan abas.
Ngarana Kokom.

Kokom :
hehe… kenalkeun ma abi kokom pasangan anu pas sehidup samati
jodo nepi akhir hayat pas sagala rupana.

Mak Rhanda :
kela kela dek kawin ? abas dek kawin seriusan ?

Abas :
enyak ma ieu ondanganna .

Mak rhanda :
Baskom wedding ? naon ieu teh
Kokom :
Mak teu gaul eh, Baskom the singkatan. naon teh a ?

abas & kokom :


BASKOM…… Abas jeung kokom ….. uuu sosweet.
Mak rhanda :
yey alay, nya nya ngke mak datang jeung si Jaka cing lancar nyaa…

abas & kokom :


pamit atu Mak assalamualaikum…

Mak Rhanda :
waalaikumsalam……..
geus bener bener kudu diteangan jodo ieu the si jaka. Ya allah
gusti nu maha agung cing gera gera atu anak abi meunangkeun jodo
anu siga kahayang si jaka,

Dina hiji wengi,jaka tarub nuju kulem sarta ngimpen yen dirina
meunangkeun pamajikan anu geulis pisan kawas bidadari

Adegan 2

( Impenan jaka tarub )

Nawang wulan sareng jaka tarub tepang di hiji kasempatan

Adegan 3

jaka tarub :

Ah tetela ngan ngimpen hungkul, suganteh kanyataan. Gusti meni


endah pisan ngimpen teh, masih keneh ka inget dipikiran. ah jadi
teu tiasa kulem deui ieu mah. Kaluar we ah!

NARATOR

Kaluar jaka tarub ti bumina, ninggal bintang bari ngalamun laun


laun hayam kongkorongok nandakeun tos enjing. Mak Rhanda ge tos
gugah tinu kulemna.

Mak Rhanda :
Kamana si ujang teh nya, Naha teu aya di kamarna ? ( Milarian
Jaka tarub)

Tah gening keur naon jaka didinya ? ngalamun isuk isuk, naon nu
dipikiran teh jang?

Jaka tarub :

eh mak, ieu jaka mimpi teh endah pisan. jaka gaduh istri, geulis
sigah bidadari pokona mah mak masih kabayang dinu implengan jaka.

Mak Rhanda :

Amin jaka, emak ngadoakeun supaya kenging istri sapertos eta dina
impenan jaka.

( emak mipir )

Karunya teuing si jaka hayang boga pamajikan, da batur malah geus


baroga anak nu sabaya jeung si jaka teh. Naha kudu di
pangneangankeun jodoh kitu ?

Jaka Tarub :

doakeun weh mak, mudah mudahan kuring menang jodoh anu bageur,
anu geulis anu demplon anu mongplok eplok cendol.

Mak Rhanda :

Hah kamana wae maneh ma , hayu gera siap urang ka sawah.

Adegan 4
( Jaka jeung babaturan na karumpul di saung )

Ujang :
euh euh euh bujang lapuk karek datang

maman :
weh ngomong teh kamana wae sia ah.

Jaka :
cik atu nya keur bungah kieu teh tong nyieun urang jadi hayang
ngadahar beca.

babarengan :
ah gelo mane dek debus….

Ujang :
Aya naon emangna jaka ? tumben bungah ?

Jaka :
lah meni tumben, teu meunang weh nya bungah teh.
dengekeun urang. tadi peuting urang mimpi endah pisan papanggih
jodo nu dipikahayang ku urang.

Abas :
Si edoh ?

( sadaya seseurian )

Jaka :
teu hararayang teuing ih,
lain ih ieu mah geulis pisan, awakna montok, bodas pokona ma luar
biasa. ieu ma pertanda jodo ti gusti allah.

Maman :
Aminkeun bas..

bas…. naha ai manee

Jaka :
jelema teh bucin, Aminkeun heula atu daksssss….

Sadaya :

Amiiiiin….

Jaka :
kumaha mun ayeuna urang moro ka leuweung

Maman:
Tahh bas miluan atuh

Abas :
Ehhhh……… punten teu bisa ah. abi mah dek papanggih si pujaan hate abi.
Kokom bolokom.

Jaka:
kumaha jang, man?
sugan we bisa menangkeun awewe geulis kitu, aya tah kaluar ti
langit.
Maman :
Aya na ge bagong maneh teh di leueweung ma, araraneh tah kieu lila
teuing sorangan.

Ujang :
hahaha geus geus lah sorangan weh, apal sorangan pamajikan arurang
kumaha atu jakaaa mane mah sok teu ngarti.

Jaka :
Nya geus laaah, sorangan we urang mah..
tinggali pamajikan urang ngke. Pamajikan maraneh eleh..

Indit si jaka ningalkeun barudakna. tos kitu sesana nuluykeun balik.

Adegan 5

7 Bidadari turun ka bumi bari bungah ninggal cai anu wening.

Nawang bodas :

hey tinggal, cai na meni wening pisan,tos teu sabar hoyong ibak nya da
tos saminggu teu ibak –ibak

Nawang daun :

sami bodas abi ge tos ararateul pisan, atuda di kayangan mah hese cai

Nawang Kucai :

nya atos yu urang gera gera ibak na tong lami lami nyarios nu teu
puguh

Nawang beureum :

Kela kela aman teu nya, asa teu arenak hate abi mah teh

nawang sari :

niat we moal nanaon, tapi the sieun kajadian nanaon si teteh tos
nyarios kitu mah

Nawang bombai :

Riweeuh deh ah, hayu urang aribak meh geulis, meh seungit, meh ieu
bodas bengeutna ieu na punukna

Nawang wulan :
Hayuuuuuuu !!!

Di hiji sisi aya jaka tarub nu keur moro tapi teu acan kekengingan

Jaka Tarub :

Nya moro teh ai hujan mah sok hararese, ges sore kieu malah can
memeunangan, cape weh nu aya.

ke ke meni seret keiu euy tikoro, da didinya asa aya cai ah kadinya
weh

Jaka tarub terus leumpang ka arah cai mung ngadangu rame rame, jaka
tarub keketeyeupan nepi ka nyumput dina tukangeun batu.

Jaka Tarub :

kela kela kela Ieu mah bener mimpi euy, kababawa kadieu sadar jaka
tarub sadar. piraku aya bidadari di bumi di leuweung siga kieu. jurig
euy ieu mah.

salendang na alus oge nu ieu, geus lah teu jadi nyokot cai na.

jaka tarub nyumput tukangeun batu

Nawang sari :

hayu ah tos bersih tos sareungit deui panan, urang hanjat tur ka
kayangan

nawang Bodas :

hayu hayu adi adi tos sonten oge.

Nawang Wulan :

kela teh, kela slendang abi teu aya

6 bidadari :

Hah… pilarian nawang

Nawang Beureum :
pan ceuk abi ge , ieu hate tos teu enak titatadi teh

Nawang Bombai :

hellllaww , sok sok sok pilarian hela, kadituu tuu tuuu kadieu ..
yeuu.. yeuuu aweu

Nawang kucai :

Lain waktuna herey bay, kumaha atu ieu tos waktuna urang uih ka
kayangan

nawang Sari :

sabar heula pilari sing bener karunya nawang wulan

( 7 bidadari milarian slendang nawang wulan )

Nawang daun :

Wulan, arurang tos milarian kamana mana teu ka pendak eta slendang anu
wulan. Kami sadaya teu tiasa mantuan deui nanaon

nawang sari :

Hapunten wulan arurang tetiasa kukumaha deui

Nawang wulan :

Kela teh

Nawang Bombay :

Atuda sok jorok matakan ari nyimpen nanaon the tarapti nya gaiss. jadi
we kan teu tiasa ngiring uih ka kayangan. rieut jadi na the

Nawang Bodas :

Punten nawang

6 bidadari :

dadah wulan

Nawang Wulan :

Aduhhh kudu kumaha ieu ?

Jol jaka tarub nyampeurkeun Nawang Wulan


Jaka Tarub :

Nuju naon neng didieu ?

Nawang wulan :

(Reuwas) Saha anjeun ? nanaonan didieu? punten tong ngaganggu!

Jaka tarub:

tenang neng, punten abi mah jalmi bageur, ngan hoyong ngabantosan
neng. Da aneh sonten sonten kieu neng nyalira di leuweung

Nawang Wulan :

muhun kang, (mikir heula)kusabab aya akang hungkul didieu, abi


percanten akang jalmi bageur, abi Nawang Wulan kang

Jaka tarub :

abi jaka tarub neng. punten teh neng, akang hoyong apal kumaha asal
usulna neng beut aya didieu?

Nawang Wulan :

Sajujurna mah kang wulan the bidadari ti kayangan. tadi turun


sasarengan sareng 6 bidadari nu sanes, tapi pas hanjat slendan abi teu
aya, padahal eta slendang nu tiasa nyandak abi uih ka kayangan. abi
teu terang ayeuna kedah kumaha kang.

Jaka tarub:

Kumaha mun neng ngiring sareng akang ka bumi akang, moal karasa tebih
neng, diditu mah aman aya emak abi oge, tibatan neng nyalira didieu

Nawang wulan :

emangna teu ngarerepot kang mung abi di bumi akang nepika slendang abi
kapendak ?

Jaka tarub:

Teu neng mangga atuh hayu!!

Adegan 6

( Dance pesta Panen , Nawang wulan takjub kaayaan di bumi)


Edoh :
(nyamperkeun Jaka)Kang Jaka,eta teh saha? tega pisan ngaduakeun
Edoh? Edoh teh kurang geulis kitu kang?

Jaka Tarub :
Eh, aya Edoh. Tepangkeun ieu Nawang Wulan ti kayangan

Edoh :
Oh, kenalkeun Wulan, nami abdi Edoh. Abdi teh calon istrina Kang
Jaka. Punten cik (nyinggirkeun nawang wulan)

Jaka Tarub :
Naon sih Doh, mbung teuing jeung maneh mah.tong sok fitnah. Akang
mah Mending jeung Neng Wulan

Edoh :
Ah, akangmah sok kitu. Tong malu-malu atuh kang

Nawang Wulan :
eyy, ni centil budak teh

Edoh :
Eh, naon maksudna?!centil ? kumaha urang we, nu aya maneh nu
centil dekeut dekeut jeung calon salaki urang!

Nawang Wulan :
Puntennya, abdi di dieu ngan nyimpang aya barang abi nu leungit,
mun can kapendak abi teu tiasa uih. Lain neangan lalaki.

Edoh :
Ah tong sok bohong (narik lengan Wulan)

Nawang Wulan :
Henteu bohong abdimah

Edoh :
Halah, teu percaya abdimah. Ti bebengeutanna oge katingali mereun

Nawang Wulan :
Heh, tong sok ningali orang ti luarna! teu sae, Nya sok weh mun
teu percaya ka abdi mah!

Jaka Tarub :
Tos tos tong ribut. Kaditu weh Doh maneh mah. Musingkeuuuuun!!!
(ngusir Edoh)
Di Kayangan

Adegan 7

Nawang Kucai :

Teh arurang kudu kumaha ?

3 bidadari :

enyaaa kaaa kumaha kaa

Nawang bombai :

cekap cekap cekap, tos tong rariweuh atu da kudu kumaha deui. tiasa
hirup meren di bumi ge. Kan jatah dadangdos si teteh bisa jadi jang
abi meh tamba cetarssss

Nawang daun :

heuuuuh angger we geulisan keneh teh wulan, nyadar atu bombay ngacaaa

Nawang sari :

atos atos urang nyarios we sabenerna kumaha kajadianna ka ayahanda


sareng ibunda

Ayahanda datang

Ayahanda :

123456 nawang putih, nawang merah, nawang daun, nawang kucai, nawang
sari nawang bombai, nawang, Sakedap mana ieu nawang wulan ?

Ibunda :

Kamana nawang wulan ?

Nawang Sari :

Neda dihapunten ayahanda, slendang nawang wulan ical, tos dipilarian


kamana mana ge teu kapendak ayah handa

Ayahanda :

Bisa bisana aranjeun ninggalkeun dulur di bumi nyalira, Hukuman ti


ayahanda nyaeta beberes istana 10 tahun lamina teu aya ka bumi bumi
turun ka cai.

Ayahanda dan ibunda ninggalkeun ka 6 bidadari.


Adegan Narator 2

Cucu :

eleuh bah, meni karunya atu si nawang wulan teh, kumaha kumaha deui
carita na , abi penasaran :

Narator :
beu.. beu.. beuu...
di lanjutkeun ku abah caritana…
geus mangtaun taun hirup di bumi, wulan can meunangkeun dimana
eta salendang na, malah wulan tos betah di bumi.

Adegan 8
Nawang Wulan :

Kang jaka ,sabenerna abi bungah pisan hirup didieu. Abi ngarasa teu
kedah deui milarian eta salendang.

Jaka Tarub :

Serius eta teh neng ? neng bakalan hirup didieu?

Nawang Wulan :

Serius akang

Jaka Tarub:

mun kitu neng, akang ke bade jujur ka neng, sebenerna akang tos
nyimpen ieu lami pisan neng.

Nawang wulan:

aya naon kang?

Jaka tarub :

neng, akan teh sebenerna mah bogoh ka neng wulan? akang bogoh ka neng
tisaprak akang papanggih jeung neng di cai pas itu tea. kumaha mun
neng wulan jadi rerencangan hirup abdi, jadi indung ti budak budak abi
?

Nawang wulan:

akang nyaah beneran ka neng ? ieu omongan akang bener bener kan kang ?

Jaka tarub :
Make jeung bohong neng, akang saumur hirup teu pernah papanggih awewe
salain neng nu bisa nyieun abi cinta pisan. siga neng ayeuna

Nawang wulan :

kaaang, abi ge saleresna mah bogoh ka akang, abi bade maturan akang
nepi arurang kolot ngke.

Adegan 9

Di kayangan

Nawang Bombai :

eleuh eleuh eleuh oamigattttttt. Bisa bisana si nawang hirup bahagia


di bumi. pagawean arurang didieu saukur sasapu, bebersih, ngelapan
bebengetan iyey

Nawang sari :

atoslah bombai teu nanaon, kan urang g apal sorangan lain salah wulan
eta slendang bisa leungit.

Adegan 10

Wulan keur mersihkeun kamar

Aya slendang nawang wulan nu disumputkeun ku Jaka tarub

Nawang wulan :

hah, Ieu pan slendang abi, Jadi salami ieu kang jaka ?

( wulan ngagidig bari emosi nyampeurkeun Jaka tarub )

wulan :

Kang…… jadi salami ieu nu nyumputkeun ieu salendang neng teh akang ?

Jaka tarub :

wulan… mangih timana eta ? ( nyokot salendang na )

Wulan :
Tadi neng meresan kamar kang jaka, neng teu nyangka salami ieu akang
tega ngabohongan neng, akang nyieun nyeri hate neng, akang nyieun neng
teu bisa balik ka kayangan. Akang misahkeun neng jeung keluarga eneng.

Jaka tarub :

Lain kitu neng dangukeun akang.

Wulan :

Tos kang, neng alim akang nyarios nanaon, sadayana tos jelas. tong
nyepengan abi. Abi tos teu tiasa deui jeung akang…

Jaka tarub :

Naon maksudna neng?

Nawang wulan :

Hampura kang, neng pamit….

jaka tarub :

Wulaaaaaaaaaaaaaaaaannnn…………………………….

Adegan 11

Di kayangan

Nawang wulan :

Ayahanda… ibunda… Wulan pulang

Nawang Merah :

heeeey teu gaduh ka era pisaaan, tos nyusahkeun, masih wantun uih ka
kayangan?

Nawang Bombay :

benerr bener si teteh mah 3 kali lebaran 3 kali puasa teu pernah ka
kayangan

5 bidadari ;

Lain Bang toyib

Ayahanda :

Aya naon bombay , bereum, meri rabribut kieu ?


ibunda :

Nawang wulan, sayang dedeuuuuh

Nawang wulan :

ayah, ibu wulan uih deui kakayangan. slendang wulan tos kapendak ayah
ibu.

Ayahanda :

Mun, Hapunten nawang wulan anak ayahanda, waktos wulan netep di ieu
kayangan tos seep. kusabab wulan tos lami pisan cicing di bumi.

Nawang wulan:

Ayahanda.. naha teu aya kesempetan deui kitu kanggo abi didieu ?

Ayahanda :

Tos lami pisan wulan netep di bumi,Pangpangna mah aya lalaki nu bogoh
ka wulan. eta the tos jadi pantrangan di ieu kayangan.

Ibunda :

Laiina wulan ge mikacinta eta lalaki ? balik deui ka bumi wulan, tong
aya salah sahiji ti arurang nyeri hatekeun jalmi di bumi.

Nawang wulan :

Muhun ayahanda, ibunda kedahna wulan patih ka ayana pantrangan di ieu


kayangan, wulan bakal balik deui ka bumi, wulan moal nyeri hetekeun
jalmi anu dibumi.

Ibunda :

Wulan dangukeun ibunda, mun anjeun sono ka arurang, mung aya pelangi
ngkin na samperkeun, eta pertanda arurang bakal ngunjungan wulan.

(tatangkeupan hela)

Adegan 12

jaka tarub galau

Nawang wulan :

kang neng balik deui demi akang neng bakal mikacinta akang jeung bakal
disisieun akang salami neng aya di bumi ieu.
Jaka tarub :

Bener etah the neng? serius teu boong ?

Nawang wlan :

muhun kang

Jaka tarub :

Hatur nuhun wulan akang pokona janji bakalan ngajagi jeung


ngabahagiakeun neng salami lamina.

Akhirna Jaka tarub jeung Nawang wulan bahagia salawasna.

You might also like