You are on page 1of 9

BIANTARA

A. Wangenan Biantara
Biantara atawa pidato teh nyaeta kagiatan nyarita hareupeun kumpulan jelema réa pikeun nepikeun
hiji perkara atawa pasualan. Nalika biantara teh kudu ngagunakeun basa lemes (hormat), boh keur diri
sorangan boh keur pamiarsa. Biantara teh sipatna monologis, saarah, ukur direspon ku unggeuk, keprok,
jeung pasemon. Jalma anu ahli biantara disebutna orator. Umpamana wae, Ir. Sukarno jeung Oto Iskandar
Di Nata, duanana ogé kaasup orator nu kakoncara.
Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu
resmi. Biantara resmi ditepikeun dina suasana resmi saperti upacara hari kamerdekaan, sedengkeun
biantara teu resmi ditepikeun dina suasana teu resmi saperti acara ulang taun di kulawarga.
Biantara resmi biasana nasakahna disusun sacara tinulis jeung dibacakeun, tapi aya oge biantara
resmi anu ditepikeun henteu bari dibaca. Sedengkeun dina biantara teu resmi biasana ditepikeun henteu
bari dibaca.

B. Ciri-ciri
 Tujuanna jelas.
 Eusina mibanda ajen bebeneran.
 Pasehat ucap (artikulasi) nu jentre, bari dibarung ku pasemon nu merenah.
 Midangkeunana luyu jeung kondisi nu ngadangu.
 Midangkeunana ngawasa paseur paniten nu ngadangu.
 Midangkeunana matak narik ati.

C. Struktur
1. Bubuka
Bubuka biasana dimimitian ku salam bubuka, laju kana nepikeun salam tur muji sukur ka Gusti
Alloh SWT. Aya oge nu sok ngadugikeun solawat salam ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Lamun perlu dina bubuka oge dibejakeun jejer atawa tema anu rek ditepikeun dina biantara.
Contona :
Assalamualaikum Wr. Wb.
Sampurasun,
Langkung ti payun, manga urang sami-sami muji sukur ka nu Maha Agung, Alloh SWT.
Solawat miwah salam mugi langgeng ngocor ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Nabi
tuladan utama, pamungkas utusan, mugi wae urang kabagean leleberanana.
2. Eusi
Dina eusi biasana ngabahas ngeunaan maksud atawa informasi anu rek ditepikeun. Sipatna bisa
mere beja, ngageuing, mere pituduh, jste.
Contona :
Hadirin Sadayana,
Tos rada lami padungdengan perkara hengkerna kareueus nonoman Sunda kana basa jeung
budayana téh. Malah kantos diadurenyomkeun dina Kongres Internasional Budaya Sunda
sareng dina Kongres Basa Sunda.
……………………………………………………………………………………………………
…………………………………………
Kitu émutan simkuring perkawis ngaronjatkeun kareueus nonoman Sunda kana basa jeung
budayana the. Cindekna, upami nonoman tos reueus kana basa jeung budayana, baris
ngajanggelek jadi manusa anu cageur, bageur, bener, pinter bari teu kabalinger, tur singer.
3. Panutup
Panutup nyaeta pamungkas biantara anu eusina minangka kacindekan jeung saran-saran.
Satuluyna dipungkas ku salam panutup.
Contona:
Hadirin Sadayana, Pamungkas, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur,
neda jembar hapuntenna tina sadaya kalepatan. Da karaos masih keneh hengker dina tatabasa
tur merenahkeun undak usuk basana.
Wassalamualaikum Wr Wb.

D. Tujuan
 Tujuan Instruktif
Tujuan Instruktif berarti biantara miboga tujuan pikeun marentah atawa mere instruksi ka nu
ngadangukeun biantara eta.
 Tujuan Informatif
Tujuan informatif maksudna biantara miboga tujuan pikeun mere informasi atawa
pangaweruh pikeun nu ngadangukeunna.
 Tujuan Persuasif
Tujuan persuasif berarti biantara miboga tujuan pikeun mangaruhan nu ngadangu.
 Tujuan Rekreatif
Tujuan rekreatif miboga arti bahwa biantara miboga tujuan pikeun ngahibur atawa
ngabungahkeun nu ngadangu.
 Tujuan Simpatif
Tujuan simpatif maksudnya biantara téh miboga tujuan pikeun ngawangunkeun pangawelas
atawa pangaweruh.

E. Jenis-Jenis Biantara
1. Biantara Bubuka
Biantara bubuka atau pidato pembukaan nyaéta biantara singget anu dibawakeun ku pamaca
acara atawa mc.
2. Biantara Pengarahan
Biantara pengarahan nyaéta pidato pikeun ngarahkeun dina hiji pasamoan.
3. Biantara Pangbagéa
Biantara pangbagéa atau pidato sambutan nyaéta mangrupa biantara anu ditepikeun dina hiji
acara kagiatan atawa kajadian nu tangtu anu bisa dipigawé ku sawatara urang jeung wayah anu
kawates sacara gunta-ganti.
4. Biantara Peresmian
Biantara paresmian, nyaéta biantara anu dipigawé ku jelema anu berpengaruh pikeun
ngaresmikeun hiji hal.
5. Biantara Laporan
Biantara laporan, nyaéta biantara anu eusina ngalaporkeun hiji pancén atawa kagiatan.
6. Biantara Pertanggungjawaban
Biantara pertanggungjawaban, nyaéta biantara anu eusina hiji laporan pertanggungjawaban.

F. Padika Biantara
Dina ngadungikeun hiji biantara, aya sawatara faktor penting nu kudu diperhatikeun pikeun bisa
ngawasaan metode jeung teu gugup nalika nepikeun biantara, nyaeta:
 Tatag Nyarita
Tatag nyarita berarti dina nepikeun biantara, sora nu dikaluarkeun kudu jelas, ulah gagap jeung
ulah mindeng eureun sangkan pangregep bisa maham eusi paguneman kalawan jelas.
Katatagan nyarita biasana dipangaruhan ku penguasaan materi jeung mental anu alus. Lamun
gugup jeung teu ngarti kana materi anu bakal ditepikeun, biantara bakal ngagagap.
 Aktual Temana
Aktual temana berarti biantara anu ditepikeun kudu ngandung topik anu bener-bener kajadian.
Tangtu urang teu bisa ngawasa sakebeh tema, ku kituna samemeh midangkeun biantara urang
kudu mahaman tema-tema anu rek dipidangkeun.
 Munel Eusina
Munel eusina berarti biantara anu ditepikeun kudu miboga eusi anu padet, loba mangpaatna,
jeung ngandung hal-hal positip anu bisa ditarima ku pangregep. Pikeun tahap awal, bahan anu
ditepikeun kudu disiapkeun ti mimiti. Sabab pangawasaan materi mangaruhan pisan kana
lumangsungna ngadugikeun biantara.
 Alus Basana
Biantara kaasup oge kana puclic speaking. Ku kituna, dina ngadungikeun biantara teh kudu
dibarengan ku basa anu alus. Upamana diselang ku babasan atawaparibasa nu luyu jeung topik
anu keur dibahas dina biantara atawa bisa oge nambahkeun sisindiran jeung kecap wijaksana anu
geus pernah ditepikeun ku tokoh lain.
 Ngandung Wirahma
Ngandung wirahma berarti dina nepikeun biantara teh kudu bisa ngatur irama jeung luhur-
rendahna sora anu dikaluarkeun. Teu maen eureun di tengah-tengah ngadungikeun biantara,
nanging kudu dina tempat anu bener tur ditepikeun kalawan lentong.

G. Gaya Biantara
 Gaya Religius
Gaya religious atawa gaya kaagamaan miboga sora anu kadang naek tuluy turun kalayan gaya
biantara lambat tapi teratur. Sacara umum, gaya religious sering dipidangkeun ku pendakwah-
pendakwah sareng sajabana dina biantara karohanian.
 Gaya Agiator
Gaya agiator nyaeta salah sahiji gaya anu sering dipake dina pertemuan-pertemuan atawa rapat
umum nu sipatna propaganda Biasana gaya agiator dipake pikeun narik sentimen di Kalanga
masarakat anu luyu jeung konsep propaganada. Dian ha lieu jiwa masarakat bakal dikawasa jeung
ngarah ka tujuan nu dipikahayang.
 Gaya Paguneman
Gaya paguneman nyaeta gaya anu paling bebas, jelas, oge tenang, anu sering dipake dina
pertemuan atawa rapat terbatas. Gaya paguneman ampir sarua jeung jalma anu ngobrol santai
jeung sering dilaksanakeun dina pertemuan anu serius.
 Gaya Didaktis
Gaya didaktis nyaeta gaya anu ngadidik pamiarsa, saperti guru nu ngajar muridna. Gaya didaktis
miboga sipat patronizing, ku kituna mindeng mere rasa teu genah upamam ditujukeun ka
pamiarsa nu ngarasa leuwih pinter batan nu macakeun biantara. Ku sabab kitu, gaya ieu leuwih
luyu upama dipake nalika nepikeun biantara ka pangregep nu leutih ngora ti panyatur.
 Gaya Sentimental
Gaya sentimental biasana dipake sacara efektif jeung loba mangpaat dina rapat ku cara nepikeun
pendapat, kapuasan, atau rasa kecewa. Segi positip gayaieu nyaeta nyenengkeun pangregep ku
kapuasan-kapuasan jeung kasuksesan. Tapi segi negatipna, gaya ieu bisa wae nimbulkeun
sentimen upama eusina ngeunaan rasa kecewa atau rasa prihatin kana kajadian sosial anu aya di
sekitar.
 Gaya Teater
Gaya teater nyaeta agay anu pinuh ku gaya jeung ekspresi saperti anu dilakonan ku palaku atawa
aktris dina teater. Dina hal ieu panyatur nyieun biantara kalawan akting lengkep jeung intonasi
saperti dina pintonan panggung sandiwara.

H. Tehnik Biantara
Nurutkeun Taufi Faturohman, spk. (2017) dina bukuna netelakeun yen aya sababaraha tehnik
biantara, di antarana nya eta :
 Tehnik nalar, nya eta tehnik biantara au henteu ngagunakeun teks (naskah). Biantara teh
langsung ditalar satimu-timu harita. Istilah anu populerna mah “ditambul”.
 Tehnik maca, nya eta tehnik biantara anu ngagunakeun teks (naskah). Dina prakna biantara teh
maca sakur anu aya dina naskah.
 Tehnik nyatetkeun inti biantara, nya eta nyatetkeun piomongeun atawa hal-hal anu penting anu
rek ditepikeun.

I. Nyusun Teks Biantara


1. Jejerna Aktual
Jejer atawa tema biantara teh kudu actual, luyu jeung situasi sarta kondisi nu kiwari keur
rame. Ulah medar tema anu geus bari atawa jejer nu eta-eta keneh.
2. Rangkayna Weweg
Jieung rangkayan tulisan dumasar kana struktur biantara anu ngawengku bubuka, eusi, jeung
panutup.
3. Eusina Mundel
Eusi biantara the kudu mundel, hartina rea mangpaat nu bisa dicokot. Teu padu ukur nyieun
atawa nyonto teks nu geus aya.
4. Basana Hade
Biantara teh kudu matak pikaresepeun, bisa wae dibarengan ku basa anu alus. Upamana wae
diselang ku babasan atawa paribasa nu luyu jeung topik anu keur dibahas dina biantara atawa bisa
oge nambahkeun sisindiran jeung kecap wijaksana anu geus pernah ditepikeun ku tokoh lain.

J. Nyusun Topik Biantara


1. Topik Kudu Saluyu Jeung Kasangtukang Kompetensi Nu Nyusun Biantara
Kalintang pentingna milih topik disaluyukeun jeung kamampuh atawa kompetensi
panyatu,lantaran saupama panyaur henteu ngawasa tema nu rek ditepikeun bakal ngabalukarkeun
nyarita jadi henteu lancer sakumaha di piharep. Sabalikna, upama panyaur ngawasa tema nu rek
ditepikeun, biantara bakal lumangsung lancer, hade, jeung tangtu na oge hasilna bakal
nyugemakeun.
2. Matak Pikaresepeun Nu Ngaregepkeun
Dina ieu hal nu kudu diinget teh nyaeta caritaan urang kudu bisa jadi narim perhatian
pamiarsa nepi ka daek ngadengekeun naon nu dicaritakeun ku urang.
3. Disaluyukeun Jeung Pangaweruh Pamiarsa
Nalika nyusun bahan atawa gagasan dina biantara, panyatur kudu apal “Saha nu diajak
nyarita teh?” Ari maksudna taya lian pikeun nyaluyukeun antara gagasan nu rek ditepikeun jeung
kasang tukang pangaweruh pamiarsa.
4. Kudu Jelas Ambahan Bahan Caritaanana
Topik biantara kudu jelas ditepikeun sangkan henteu ngabingungkeun pamiarsa. Leuwih
hade topik nu ditepikeun teh mangrupa hiji hal anu sipatna aktual nu aya di masarakat umum.
5. Topik atawa Gagasan Kudu Saluyu Jeung Situasi Sarta Waktu
Panyatur kudu merhatikeun kalawan situasi jeung waktu samemeh nyarita. Eta hal teh pikeun
nyingkahan situasi anu sipatna sensitif atawa henteu saluyu jueng budaya di eta tempat.

K. Cara Midang Biantara


Biantara mibanda tehnik nu mandiri nu tujuanana pikeun narik perhatian pamiarsa nalika urang
biantara, nyaeta:
1. Maham Materi Nu Ditepikeun
Samemeh biantara dihareupeun pamiarsa, leuwih hade upama panyaur maham heula kana
materi nu rek ditepikeun, Cara sangkan maham materi biantara bisa dilakukeun ngaliwatan
pamekaran tehnik maca jeung ngapalekun biantara.
2. Maca Kalawan Tenang
Saumpama rek nepikeun biantara maketehnik maca, leuwih hade panyaur macakeun teks
pidatona kalawan tenang atawa henteu rusuh. Upama teks biantara dibacana rusuh atawa gancang
teuing biasana ngabalukarkeun pariarsa hese nyangking eusi biantara anu ditepikeun.
3. Make Ekspresi Nu Saluyu
Ekspresi nu saluyu jeung eusi atawa tema biantara bakal ngabalukarkeun paniten nu hade ti
pamiarsa. Sabalikna, ekspresi anu henteu saluyu bakal ngabalukarkeun pamiarsa ngarasa jenuh
atawa bosen ngaregepkeunana. Ku sabab kitu diperedih pikeun ngalarapkeun ekspresi saluyu
jeung topik nu ditepikeun nalika biantara lumangsung.
4. Make Sora Nu Ngagalantang
Sora nu ngagalantang diperlukeun sangkan pamiarsa bisa ngadenge kalawan saregep kana
materi biantara anu ditepikeun.
5. Gentra Audien
Samemeh nepikeun materi utama eusi biantara, leuwih hade upama panyatur ngagentraan
heula audiens pikeun narik perhatianna.
6. Dimimitian ku Imut Leutik
Kalawan dimimitian ku imut leutik di awal biantara, diharep pamiarsa bakal mikaresep da
panyatur nu satuluyna meunang pangajen ti paregep yen urang kaasup panyatur anu
santun,handap sohor, jeung pikaresepeun.
7. Merhatikeun Ugeran Waktu
Upama panyatur henteu gugon kana ugeran waktu nu geus diancokeun keur biantara, geus
bisa dipastikeun yen audiens bakal kecewa jeung mere pangajen goreng ka panyatur.
8. Ngadeg wibawa
Salahsahiji faktor nu mangaruhan kana munculna peniten pamiarsa ka panyatur nyaeta
adegan panyatur nalika biantara. Posisi awak nalika biantara leuwih hade tegap sangkan aya
kesan wibawa. Dipahing pisan nembongkeun sikep nu henteu daria atawa henteu sopan nalika
biantara.

L. Nu Kudu Diemut Nalika Biantara


Aya sawatara hal nu kudu diemut nalika nepikeun biantara, nyaeta:
1. Sora / Artikulasi
Artikulasi nyaéta téhnik ngahasilkeun sora anu hadé sareng ngucapkeunana sacara jelas, banter,
sareng halimpu. Numutkeun kana Kamus Besar Indonésia (KBBI), artikulasi nyaéta
ngucapkeunkeun atanapi ngucapkeun kecap, parobahan dina rohangan sareng rohangan anu
lumangsung dina saluran sora pikeun ngahasilkeun sora basa.
2. Lentong / Intonasi
Lentong atawa intonasi nyaéta luhur sareng rendah nada dina kalimat anu méré tekenan dina
kecap-kecap anu tangtu dina hiji kalimat.
3. Wirahma
Wirahma teh nyaeta irama atawa teh turun-naekna, panjang-pondokna nada.
4. Nada
Nada nyaéta sikep nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana sedih, nalangsa,
handap asor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana.
5. Pasemon / Ekspresi
Pasemon nyaéta roman pameunteu atawa roman raray.
6. Gestur
Gestur nyaé bentuk komunikasi non-verbal jeung tindakan raga anu sigana pikeun pesen anu
tangtu, boh salaku gaganti pidato atanapi paralel sareng kecap.

M. Metode Biantara
Aya sawatara metode nu bisa digunakeun nalika nepikeun biantara, nyaeta:
 Metode Impromtu (Dadakan)
Metode impromtu nyaeta metode biantara anu ditepikeun sacara ngadadak atawa spontan
tanpa persiapan. Biantara impromtu bisa ditepikeun boh dina biantara resmi boh biantara teu
resmi, sanajan biasana biantara impromtu mah lolobana ditepikeun dina biantara teu resmi, sabab
ari biantara resmi mah biasana sok dibejaan ti anggalna ka anu rek nepikeun biantara.
 Metode Memoriter (Ngapalkeun)
Metode memoriter nyaeta metode biantara anu ditulis dina wangun naskah tuluy diapalkeun
kecap demi kecap. Dina metode biatara memoriter ieu, hal anu penting nyaeta orator kudu
miboga kamampuh dina ngapalekeun jeung nginget kecap-kecap anu aya dina naskah biantara
kalayan alus.

 Metode Manuskrip (Naskah)


Metode manuskrip nyaeta metode biantara anu ditepikeun ku cara macakeun teks biantara
anu geus disiapkeun ti awal nepi ka ahir.
 Metode Ekstemporan
Metode ekstemporer bisa disebut metode anu panghadena sarta mindeng dipake ku orator
anu geus pangalaman. Dina metode ekstemporer, orator kudu nyiapkeun outline anu diperlukeun.
Nanging, dina konteks ieu orator henteu kudu ngapalkeun kecap demi kecap. Outline ngan ukur
jadi pedoman pikeun ngatur ide-ide dina pikiran nu jadi orator. Pesen nu ditepikeun upamana
make metode ieu bisa leuwih luwes pikeun dirobah sabab luyu jeung kabutuhan sarta
panyajianana leuwih spontan.

You might also like