You are on page 1of 2

PEMBUKAAN 1 Assalamualaikum Wr. Wb.

Sampurasun!

Puji sareng syukur, ti payun mangga urang haturken ke Allah Subahana wa


Ta’ala, anu parantos maparin nikmatna ka urang sadaya, dugi ka tiasa urang
ngariung dina tempat iye, ngajalin silaturahmi.
Shalawat sareng salam, mangga urang panjatkeun ka jungjungan alam, anu
paratos masihan cahya kaimanan ka umatna, nyaeta:
Habibana…
wa Nabiyana…
Muhammad Sollallahu a’laihi wa sallam.

2 Juru pangajen miwah hadirin nu ku simkuring dipihormat!

Simkuring kalintang ngaraos bingah tur bagjana rehna dina kasempetan ieu
simkuring tiasa janten lomba biantara Festival Tunas Bahasa Ibu.
Wasta simkuring Humaira Salsabila Firdaus, ti kelas 2 SDN Lebak Jaya..

Dina kasempetan ieu simkuring kenging pancen kangge ngadugikeun biantara


anu judulna “Ngamumule Basa Sunda”.

Materi 1 Juru pangajen miwah hadirin nu ku simkuring dipihormat!

Sakumaha anu ka uninga ku sadaya. Di jaman sapertos ayena, loba rupa-rupa


budaya asing anu dongkap ti luar anu asup ka lingkungan masyarakat urang.
Ulah nepi ka budaya sunda jadi semah di lemburna sorangan.
Ku kituna urang sadaya, kedah tiasa teras ngelestarikeun budaya sunda,
khususna bahasa sunda anu mangrupakeun warisan ti para karuhun.

2 Juru pangajen miwah hadirin nu ku simkuring dipihormat!

Kujalaran eta hayu atuh urang kawitan, urang Ngamumule Basa Sunda.
Kumaha carana? Sarat utamina tangtos urang kedah gaduh rasa kacinta kana
Bahasa Sunda. Eta rasa kacinta teh tiasa kawujudkeun upami tos wanoh,
kedah diwanohkeun ti alit keneh. Tangtos kedah ngagunakeun Bahasa Sunda
kangge nyarios sadidinten.

3 Para hadirin nu ku simkuring dipihormat!

Di sakola sim kuring aya istilah “Sundanese Day" Dina dinten Kemis. Unggal
dinten kemis, simkuring sareng rerencangan sadayana diwajibkeun
ngagunakeun Bahasa Sunda anu luyu sareng aturan, oge teu hilap diajar
tatakrama urang Sunda. Kumargi kitu, hayu urang gunakeun Bahasa Sunda anu
leres undak usuk basana.
Penutup 1 Juru pangajen miwah hadirin sadaya, mung sakieu biantara ti sumkuring!
Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah.

Nyai Inten Nyai Inten


Linggihna di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih seueur kalepatan
Hatur nuhun..
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

You might also like