You are on page 1of 3

1.

Nadhom Rupi Nganiatan Ngaos

Rupi Nganiatan Ngaos Seueurna Opat Perkawis


Hiji Niat Karna Allah Ngalakonan Parentahna

Kaduana Niat Miceun. Kabodoan Awak Abdi


Supados Janten Salamet. Salamet Dunya Akherat

Katiluna Mun Tos Timu Niat Bade Dilakonan


Dilakonan Ku Sorangan. Sareng Sadaya Rerencangan

Kaopatna Niat Ngaos Ngahirup – hirup Agami


Agamina Kanjeng Nabi. Nabi Utusan Ilahi

2. Nadhom Maot Téh Ngadodoho

Hayu Urang Saradia Meungpeung Keur Hirup Di Dunya


Amal Keur Sampeureun Jaga Di Akhir Moal Sulaya

Gening Maot Ngadodoho Boro Sok Dipoho Poho


Datangna Teu Mere Nyaho. Ngageretek Taya Tempo

Taya Beurang Taya Peuting. Taya Raja Taya Kuring


Dimana Ajal Geus Sumping Teu Menang Nawar Anaking

Lain Meureun Lain Sugan Da Ieu Mah Kanyataan


Kabeh Pasti Ngarandapan Nahan Ceurik Balilihan

Nyeurina Nu Keur Sakarat Nyerina Kaliwat Liwat


Nafas Nyesek Mapay Urat Taya Daya Pikeun Lumpat

Barang Awak Geus Dikubur. Nu Poek Di Alam Kubur


Taya Batur Taya Dulur Nu Aya Awak Sakujur
Ceurik Geus Teu Aya Guna Tobat Geus Teu Ditarima
Hanjakal Geus Taya Guna Da Bongan Hirup Sulaya
Nu Matak Samemeh Telat Yu Urang Saréngan Tobat
Urang Laksanakeun Sholat Méh Bagja Di Alam Akherat
3. Nadhom 12 Adab Ka Indung Bapa

Adab Ka Indung Bapa 12 Rupa.


Hiji Ngadenge omongan Indung Bapa.
Kaduana Kudu Nurut Parentahna.
Ulah Pisan Baha Ka Indung Bapana.

Katiluna Kudu Pisan Banget Hormat.


Sangkan Urang Bagja Di Dunya Akherat.
Opat Ulah Leumpang Hareupeunnana.
Karena Heunteu Hormat Ka Duanana.

Lima Ulah Narikeun Suanten Batan.


Kana Sora Indung Bapa Ngaliwatan.
Genep Kudu Ngajawab Panyalukna.
Kalawan Jawaban Nu Pangalusna.

Tujuh Ulah Ngabangkit Ngabarungsinang


Pedah Ka Indung Bapa Geus Nyenang Nyenang
Balik Sakumaha Kumawula Ogé
Kudu Ngarasa Lalawora Bae

Kadalapan Kudu Kacida Hayangna


Kana meunang Karidhoanana
Karena Karidhoan Allah Nu Maha Agung
Kana Ridhona Ibu Bapa Tergantung

Najan Sakumaha To’at Ka Pangeran


Tapi Ka Indung Bapa Teu Ngahargaan
Maka Gusti Allah Teu Rodho Ka Maneh
Di Tutur Tina Hadits Nabi Ka Naneh

Kasalapan Kudu Ngarendahkeun Diri


Ulah Luhur Sumawonna Nganyenyeri
Riceup Main Mata Narindetan
Ka Sapuluh Ulah Wani Molototan

Kasabelas Kudu Pisan Béar Budi


Di Hareupeun Indung Bapa Peribadi
Sanajan Indung Bapa Kuraweud Hangseur
Anakna mah Kudu Tetep Bae Bageur

Dua Belas Ulah Wani Nyanyabaan


Anging Pamit Heula Nyuhunkeun Widian
Saanggeus Menang Widi Terus Anjeun Munjung
Kana Dampal Sampean Nu Jadi Indung

Terus Ngadu’a Wada’ Pamit Amitabh


Silih Titipkeun Raksaan Ti Pangeran
Tapi Aya Nyaba Nu Teu Kudu Widi
Nalika Kolot Teu Boga Tanah Wadi

Sarta Di Nu Deukeut Teu Aya Pasantrén


Paken Diajar Élmu Nu Fardu Aen
Ngan Baé Nu Kitu Kurang Barokahna
Alusna Mah Sing Meunang Heula Widian

Sakitu Anu Di Tutur Tina Kitab


Kifayatul Mubtadiin Lebah Adab
Sakitu Anu Di Tutur Tina Kitab
Kifayatul Mubtadiin Lebah Adab

4. Nadhom ‘Ulul Azmi

Ari Sadayana Nabi ‘Ulul Azmi


Eta Aya Lima Kalawan Nu Pasti
‘Ulul Azmi Gelar Gelar Anu Suci
Dipasihkeun Ku Alloh Robbul Izzati

Hiji Nabi Nu Gelarna Najiyillah ( Nabi Nuh )


Dua Nabi Musa Gelar Kalamullah
Katilu Nabi Ibrohim Kholilulloh
Opat Nabi Isa Gelarna Ruhillah

Kalimana Nabi Muhammad Gelarna


Al Musthofa Nu Jadi Pilihanna
Uswatun Hasanah Akhlak Di Anjeunna
Picontoeun Umat Manusa Sadaya

You might also like