You are on page 1of 2

Assalaamualaiku Wr.

Wb

Anu ku simkuring dipihormat al mukarrom Bapak Kepala Desa ….


Anu ku simkuring dipihormat Bapak Lurah …
Anu ku simkuring dipihormat Bapak RT/Rw …
Miwah Bapak, Ibu, hadirin sadayana

Tipayun hayu urang sami-sami sanggakeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa,
puji ka dzat Allah anu Maha Suci, sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha
Ghafur.

Kusabab, kalayan nikmat ti Allah urang sadaya tiasa ngariung mungpulung,


paamprok jonghok patepang raray dina raraga kagiatan (…)

Salajengna, sholawat sinareng salam mugia salamina terus ngamalir ka junjunan


urang sadaya, nayeta Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para
Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge pamudah-mudahahn dugi ka urang sadaya
salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajaranna.

Hadirin sadaya anu ku Simkuring dipihormat,

Dina danget ieu Simkuring salaku pangatur waktu pangjajap acara, seja
ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun. Nya eta:

 Bubuka

- Maoskeun Basmalah

 Maoskeun ayat suci Al Quran

 Pamapag

 Acara inti, Pangaosan anu bade didugikeun ku Ustadz (...)\

 Maoskeun Doa

 Panutup

Bapak Ibu, miwah para hadirin sadayana,

Supados teu nyangkolong teuing kana waktos, hayu urang buka ieu acara ku
maoskeun basmallah sasarengan, Bismillahirrohmanirrohim.

Mugia ieu acara aya dina karidoan sinareng panangtayungan Allah anu Maha
Kawasa.
Salajengna masih keneh dibaca acara pembukaan, nyaeta maoskeun ayat Suci Al
Quran. Mangga ka petugas dihaturanan.

Ngahaturkeun nuhun ka petugas anu parantos maoskeun ayat-ayat suci Al Quran.


Mugia ayat Al Quran anu nembe diaos, tiasa janten pahala kanggo urang
sadayana.

Acara anu salajengna, nyaeta Pamapag.

- Pamapag anu kahiji baris didugikeun kalayan asmana ketua panitia, Ka


bapa………duhaturanan

- Pamapag salajengna atasnami Lurah …….Ka Bapa …….dihaturanan

Ngahaturkeun nuhun, ka bapa … anu parantos ngadugikeun pamapagna dina ieu


acara. Mugia naon-naon anu didugikeun jantan jalan kasaean kanggo urang
sadaya. Amiiin

Salajengna, urang dugi kana acara inti, nyaeta Tabligh akbar anu bade di
dugikeun ku Ustadz (…).

Hayu urang sami-sami puseurkeun emutan sinareng sawangan urang sadaya,


sangkan elmu anu didugikeun tiasa dugi ka urang sadayana.

Mangga ka al mukarom Ustadz (...) dihaturanan.

Jazakallahu khairan katsira. Ka Pak Ustadz anu parantos ngadugikeun tausiyah


dina ieu acara.

Acara anu salajengna nyaeta doa, mangga ka petugas kanggo mimpin doa
dihaturanan.

Acara anu terakhir nyaeta panutup, hayu urang sami-sami tutup ie acara ku
maoskeun hamdalah sasarengan, Alhamdulillahirabbil ‘alamin.

Bapak, Ibu sareng hadirin sadaya.

Alhamdulillah sadaya acara parantos rengse, kukituna Simkuring salaku pangatur


waktu pangjajap acara nyuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan, bilih aya
bahasa anu kirang merenah dina manah Bapak, Ibu sareng saderek sadayana.

Wabillahi taufiq wal hidayah,


Wassalamualaikum Wr. Wb.

You might also like