You are on page 1of 14
Pamekar Literasi Siswa Sumber Coren Pre Hidep remen lalajo pilem asing di bioskop atawa dina TV? Bari lalajo urang gé sok maca tarjamahan dialog-dialog, aktor atawa artisna dina basa Indonésia. Téks tarjamahan dina pilem téh disebut subtitle. Dina widang sastra Sunda, geus aya karya sastra asing nu ditarjamahkeun kana basa Sunda. Aya puisi, carpun, aya novél. Kitu deui, sabalikna. Pancén hidep, pék paluruh boh tina internét atawa di perpustakaan, karya sastra Sunda hasil tarjamahan tina basa Indonésia atawa basa asing. 1. Judul 2. Judul dina basa asal : 3. Pangarang asal 4, Nu narjamahkeun 5. Penerbit 6. 7. Taun Ringkesan Carita Pangajaran 1 Narjamabkeun e Scanned with CamScanner A. Panitén Basa 1. Maca Téks Tarjamahan eu di handap aya téks Pembukaan UUD 1945 dina basa Indonésia jeung hasil tarjamahanana dina basa Sunda. Pek ku hidep baca sing gemet tur lenyepan naon bédana! a. Tarjamahan Dadaran UNDANG-UNDANG DASAR NEGARA REPUBLIK INDONESIA TAHUN 1945 PEMBUKAAN (Preambule) Bahwa sesungguhnya Kemerdekaan itu ialah hak segala bangsa dan oleh sebab itu, maka penjajahan di atas dunia harus dihapuskan, karena tidak sesuai dengan perikemanusiaan dan perikeadilan. Dan pergerakan kemerdekaan Indonesia telah sampailah kepada saat yang berbahagia dengan selamat sentausa mengantarkan rakyat Indonesia ke depan gerbang kemerdekaan negara Indonesia, yang merdeka, bersatu, berdaulat, adil dan makmur, Atas berkat rakhmat Allah Yang Maha Kuasa dan dengan didorongkan oleh keinginan luhur, supaya berkehidupan Kebangsaan yang bebas, maka rakyat Indonesia menyatakan dengan ini kemerdekaannya, Kemudian daripada itu untuk membentuk suatu Pemerintah Negara Indonesia yang melindungi segenap bangsa Indonesia dan seluruh tumpah darah Indonesia dan untuk memajukan kesejahteraan umum, mencerdaskan kehidupan bangsa, dan ikut melaksanakan ketertiban dunia_yang berdasarkan kemerdekaan, perdamaian abadi dan keadilan sosial, maka disusunlah Kemerdekaan Kebangsaan Indonesia itu dalam suatu Undang-Undang Dasar ‘Negara Republik Indonesia, yang terbentuk dalam suatu susunan Negara Republik UNDANG-UNDANG DASAR NAGARA REPUBLIK INDONESIA TAUN 1945 BUBUKA. (Preambule) Saéstuna kamerdékaan téh hak sakumna bangsa. Ku sabab kitu, panjajahan di sakuliah dunya kudu dimusnahkeun antaran teu luyu jeung perikamanusaan jeung perikaadilan. Sarta perjuangan pergerakan Kamerdékaan Indonésia geus cunduk kana waktu nu rahayu kalawan berekah salamet santosa nganteurkeun rayat Indonésia ka gapura kamerdékaan nagara Indonésia nu merdéka, ngahiji, kawasa, adil jeung mamur. Ku berekahna rahmat Allah Nu Maha Kawasa kalawan dijurung ku angen- angen nu luhur sangkan kahontal kahirupan kabangsaan nu bébas, nya ku kituna rayat Indonésia nétélakeun kamerdékaanana. Saterusna, pikeun ngawangun Pamaréntah Nagara Indonésia nu nangtayungan sakumna bangsa Indonésia jeung sakuliah lemah cai Indonésia sarta pikeun ngamajukeun karaharjan umum, nyerdaskeun kahirupan bangsa, jeung milu ngalaksanakeun katartiban dunya dumasar kana kamerdékaan, karépéhrapihan nu langgeng jeung, kaadilan sosial, nya disusun éta © Panggelar Basa Sunda |SMA/SMK/MA/MAK Kelas Scanned with CamScanner Indonesia yang berkedaulatan rakyat dengan berdasar kepada Ketuhanan Yang Maha Esa, Kemanusiaan yang adil dan beradab, Persatuan Indonesia dan Kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam Permusyawwaratan/Perwakilan, serta dengan mewujudkan suatu Keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia. b. Tarjamahan Sajak Kamerdékaan Kabangsaan Indonésia téh dina hiji Undang-Undang Dasar Nagara Indonésia, winangun Nagara Républik Indonésia nu ngagem kadaulatan rayat anu dumasar kana Katuhanan Nu Maha Esa, Kamanusaan nu adil tur beradab, Persatuan Indonésia, tur Karayatan nu dipingpin ku hikmah kawijaksanaan dina Permusawarahan/Perwakilan, bari jeung ngawujudkeun Kaadilan sosial pikeun sakumna rayat Indonésia. (Tim panarjamah UUD Nagata RI Taun 1945, 2006: Kaca 5) eu di handap dicutat salasahiji sajak Sunda jeung hasil tarjamahanana dina basa Inggris. Pék, ku hidep lenyepan eusina ku cara ngabandingkeun tarjamahanana! Hareupeun Gedung Merdéka Karangan Apip Mustopa aya nu jajaluk nundutan gigireun tétécéan panto Gedung Merdéka padahal tutumpakan ‘Tingbaliur taya reureuhna henteu puguh dédéngéan tihang-tihang bandéra nu kosong bangun narangkeup harigu tingharuleng tur tibelat Jeungiteun sumanget Bandung basa aya sora ngagerit tarik erém mobil disakalikeun nu jajaluk ngulisik kahudangkeun cengkat tuluy ngarampaan dudukuy namprak nu masih kosong luk tungkul deui nundutan bisa jadi nuluykeun impian: sumanget Bandung Bandung, Juli 83 In Front of the Freedom Building By Apip Mustopa there is a beggar half asleep beside the steps of the door to the Freedom Building while the traffic passes to and from ceaselessly in an unintelligible din empty flagpoles stand with their arms crossed lost in reverie and dreaming {for the spirit of Bandung in revolution when a loud sound rings out a car brake too quickly applied the beggar starts awake sits up and feels about his upturned bamboo hat still empty he settles back, sleeply could be he’s keping the dream: the spirit of Bandung Bandung, July 83 (Rosidi & Mukherjee, 2001) Scanned with CamScanner 4a 2. Nyangkem Eusi Téks Tarjamahan 8S Pancén Mandiri jawab pananya iew gj Hidep geus maca téks tarjamahan di luhur. Ayeuna pék jawab pananya iey gj handap! 1, Kumaha karasana sanggeus maca téks Pembukaan UUD 1945 dina basa Sunda? maha jak Sunda dina basa Inggris? 2 Ku deuih karasana sanggeus maca sajak basa 3. Tataan Kecap temp dina Peedi UUD 1945 anu a erenettese ‘ana ‘basa Sunda! Ku naon pangna éta kecap-kecap téh teu ditarjam: Sunda? 4. Dumasar catetan teh? 5. Nurutkeun hidep, basa deungeun? N: Kumaha sike K No @ Panggelar Basa Sunda |SMaysyyy ny ae sajarah, kungsi aya kajadian naon di Gedong Merdéka Bandung perlu henteu hasil karya sastra Sunda ditarjamahkeun kana laon alesanana? Pp bangsa Indonésia ngeunaan kamerdékaan? eur naon gunana disusunna UUD 1945 téh? B. Panyungsi Basa 1. Perkara Narjamahkeun jarjamahan téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta Cindahkeun téks tina basa sumber (asal) kana basa séjén {anyar). Narjamahkeun disebut ogé nyalin atawa mindahkeun hiji basa kana basa séjén. Kagiatan narjamahkoun teh Kecuie i \ aukna. Conto gampangna waé, urang teu nage Kana pile asing, mun can aya tarjamahanana, iuhur téh aya dua téks hz il tarje 4 kahiji, hasil arjamahan tks Pembukaan UUD 1a oN ail i dicitak dit 3 tur diloncingkeun (launching dina bulan Novémber 2006, A dina tanggal 1 Désémber 2006 Sins JICA FPMIPA Universitas Pendidiken Indonésia. pa Ae aa lain waé bubukana ‘wungkul, tapi 3 " ina, kaasuy l-1 i Peseta aturan tambeniee Poetry ava cing ane ama eankeenana UUD 1945 teh minangka tarékah konstitusi ding. rahe dlnangajurungjeungreenawahkeun nagara (the livin S**¢ Kahirupan Masarakat, bangsa jeun& vUD 91 ak. Constitution). Lian ti 6ta, ditarjamahkeunana 32 ayat (2) yon Nee ‘a 8eus luyu jeung amanat pa minangka kabeungh ee Didaya nes mira basa daér K Kelas x Scanned with CamScanner Lian ti ditarjamahkeun kana basa Sunda, UUD 1945 ogé geus ditarjamahkeun kana basa Jawa ngoko, basa Jawa lemes, aksara Arab Melayu jeung basa Bali. Tapi najan kitu, tetep w6 UUD 1945 hasil tarjamahan dina basa-basa daérah mah sipatna teu resmi. Hartina mun rék ngaguar atawa nyawalakeun UUD 1945 mah tetep kudu anu dina basa Indonésiana, luyu jeung pasal 36 yén basa nagara nyaéta basa Indonésia. Upama ku urang dititénan kalayan gemet, dina hasil tarjamahan UUD 1945 di luhur aya kénéh kekecapan anu karasana masih kénéh can nyunda. Upamana waé kecap: penjajahan, perjuangan, pergerakan, sosial, Esa, beradab, persatuan jeung perwakilan. Kekecapan éta téh bisa dianggap istilah husus, lantaran upama ditarjamahkeun kana basa Sunda bisa ngarobah harti atawa ma‘na. Ku kituna, dina tarjamahan téh angger maké istilah dina basa Indonésia. Nu kadua, hasil tarjamahan téks sajak Sunda kana basa Inggris. Eta sajak téh meunang nyutat tina buku nu judulna Modern Sundanese Poetry Voices from West Java in Sundanese and English (Pustaka Jaya, 2001). Eusina mangrupa kumpulan sajak Sunda karangan sawatara pangarang Sunda nu geus sohor, dikumpulkeun ku Ajip Rosidi tur ditarjamahkeun kana basa Inggris ku Wendy Mukherjee. Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jalan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung latar caritana mah diluyukeun kana kaayaan di urang. Conto karya sastra Sunda saduran R. Satjadibrata, di antarana waé, Eunteung Wasiat (saduran Dongéng Jepang, 1930), jeung Budak Timu (1932). 2. Padika Narjamahkeun Narjamahkeun téh aya padika atawa aturanana, Pangpangna kudu boga kamampuh dina basa nu rék ditarjamahkeunnana. Upamana waé, urang téh rék narjamahkeun basa Sunda kana basa Inggris, tangtu wé urang teh kudu bisa basa Sunda jeung bisa basa Inggris. Aya tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rék narjamahkeun. a. Kamampuh gramatikal, mangrupa pangaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinéa, jeung ngalarapkeun éahan. b. Kamampuh sosiolinguistik, mangrapa pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masarakat pamakéna. Upamana waé, dina basa Sunda aya istilah kacapi, naha aya dina basa Inggrisna atawa henteu. c. Kamampuh sémantik, mangrupa kamampuh dina ngaguar harti atawa ma‘na téks anu rék ditarjamahkeun, Upamana waé, dina basa Sunda aya babasan kurung batok, naon tarjamahan dina basa Indonésiana? Naha bisa mun ditarjamahkeun sangkar fempurung kelapa, Tangtu wé ditarjamahkeunana téh kudu jadi bagai katak dalam Pangajaran 1 | Narjamahkeun @ Scanned with CamScanner fempurung, nu hartina sarua jeung kurung batok, nyaéta langka indit-inditan nepi ka kurang pangalaman, Ku kituna, unggal téks téh aya nu bisa ditarjamahkeun kalayan gembleng aya ogé anu henteu. Pangpangna mah kekecapanana. Upamana waé, urang rék narjamahkeun tékg basa Indonésia kana basa Sunda. Dina téks basa Indonésia aya kalimah kieu: (1) Matahari akan tenggelam (2) Kapan ke rumahku? Kalimah (1) ditarjamahkeunana téh panonpoé rék surup, lain ditarjamahkeun panonpoé rék titeuleum. Kitu deui, kalimah (2) ditarjamahkeunana téh iraha badé ka rorompok, lain ditarjamahkeun iraha rék ka imah abdi. Tarjamahanana mah duanana gé bener, ngan rasa basana teu beunang. Ku kituna, narjamahkeun téh lain ngan bener kekecapanana, tapi kudu kapanggih rasa basana deuih. Kitu deui kalimah Mang Komar nguseupna bisaan, mani clom giriwil. Naha bisa éta téks téh ditarjamahkeun sacara gembleng kana basa Indonésia? Tangtu wé henteu, sabab hésé néangan sasaruanana dina basa Indonésia, nyaéta clom girfwil. Kecap- kecap kieu téh dina basa Sunda mah disebutna kecap anteuran (KA) atawa kecap panganteur pagawéan. Jumlahna kaitung réa, ceuk hasil panalungtikan mah aya kana 418 jumlahna, tur hésé ditarjamahkeun kana basa Indonésia. Geura pék tengetan ieu kalimah katut tarjamahanana! (3) Jung manéhna nangtung. (4) Budak téh berebet waé lumpat. Dina paélmuan basa, kalimah (3) jeung (4) sok ditarjamahkeun kana basa Indonésia téh jadi kieu. (1) Jung manéhna nangtung. KA dia berdiri “Berdirilah dia’ (2) Budak téh berebet waé lumpat. Anak KA saja berlari ‘Berlarilah anak itu dengan cepat.’ Aya média nu kalintang penting mun urang rék narjamahkeun. Taya lian éta média téh nyaéta kamus, Ari kamus teh asalna tina basa Arab nu hartina buku nu eusina ngeunaan harti kecap-kecap, disusun kalayan alfabétis (nurutkeun runtuyan abjad). Dina basa Inggris mah disebutna téh dictionary. Saéstuna dina kahirupan urang Sunda mah kamus téh geus aya ti jaman jajahan kénéh, Ngan harita mah nu nyusunna bangsa deungeun. Di antara bangsa deungeun nu kungsi nyusun kamus basa Sunda téh aya Jonathan Rigg, (1854), A: Geerdink (1875), H. J. Oosting (1879), S. Coolsma (1884) jeun ES. Eringa (1984). Kabéhdieunakeun aya urang Sunda anu nyusun kamus, saperti: R. Satjadibrata (1948), Oyon Sofyan Umsari (1992), R. Hardjadibrata (2003), R. A. Danadibrata (2007), Budi Rahayu Tamsyah, jsté, Atuh nu sipatna lembaga Scanned with CamScanner kasundaan ogé geus aya nu nyusun kamus, nyaéta Lembaga Basa é& Sastra Sunda (LBSS). Upama dipasing-pasing, kamus téh aya tilu rupa, nyaéta: a, Kamus umum, mangrupa kamus nu tujuanana pikeun kaperluan umum, lain ngeunaan salasahiji widang. Ku kituna, eusina téh sok lengkep. Contona: Kanius Umum Basa Sunda (LBSS, 1982); Kamus Basa Sunda (R.A. Danadibrata, 2006). b. Kamus dua basa (dwibasa) mangrupa kamus nu nyebutan sasaruanana kecap dina dua basa nu béda. Contona: Kaus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda (Budi Rahayu Tamsyah, 2003); A Dictionary of the Sunda Language of Java (Jonathan Rigg, 1862 (2009); Sundanese English Dictionary (RR. Hardjadibrata, 2003). ¢. Kamus istilah mangrupa kamus nu eusina ngamuat istilah- istilah husus dina hiji widang paélmuan. Contona: Kamus Istilah Sastra Sunda (Iskandarwassid, 1992); Kamus Istilah Elmuning Basa Sunda (Sudaryat, 2005). Kamus téh kalintang pentingna dina narjamahkeun, pangpangna mah kamus dwibasa. Lantaran kamus dwibasa mah eusina nerangkeun sasaruaan kecap dina dua basa anu béda. Ayeuna mah kamus ogé geus bisa diunduh (di-download) ku HP tur bisa dipaké iraha waé jeung di mana waé. 3. Kecap Serepan Titénan kecap nu didéngdékkeun dina kalimah ieu di handap! (1) Jawa Barat mibanda pirang-pirang poténsi wisata. 2) indung t¢h sahiji kakuatan jati diri jeung idéntitas bangsa. (3) Sakumna manusa nu ngagem agama Islam boga kawajiban pikeun ngadegkeun solat. Kecap wisata dina kalimah (1) asalan tina basa Kawi (Jawa Kuno), hartina nyaba atawa ulin. Kecap idéntitas dina kalimah (2) asalna tina basa Inggris, identity, hartina ciri-ciri atawa tanda. ‘Ari kecap solat dina kalimah (3) mah asalna tina basa Arab, hartina nuduhkeun salasahiji ibadah nu wajib dilaksanakeun ku sakumna umat Islam. Tiluanana kaasup kana kecap serepan tina basa kosta. Ari kecap serapan téh nyaéta kecap-kecap dina basa Sunda nu asalna atawa kapangaruhan ku basa séjén. Upamana waé tina basa Walanda, Arab, Jepang, Inggris, Indonésia, Jawa, jsté. Pangna kapangaruhan ku basa séjén sotéh, sabab urang Sunda kkungsi dijajah ku Walanda jeung Jepang. Kitu deui basa Arab, alatan lolobana urang Sunda anu ngagem agama Islam, Tangtu wé dina kahirupan sapopoéna, wawuh jeung kekecapan tina basa Arab. ransion rinwimsnin @) Scanned with CamScanner Dumasar kana tahapan integrasing kecap serapan teh bisa ipasing-pasing jadi dua golongan. Kahiji, unsur serapan an, ein epenblenid aatied ks aa Sunda, saperti shuttlecock up-grading, jsté. Eta kecap téh sok dipaké dina basa Sunda, tapi cara ngucapkeunana masih kénéh nurutkeun basa asting Kadua, unsur serepan anu ucapanana jeung nuliskeunana geus luyu jeung basa Sunda, Ku lantaran kitu, tangtu wé aya aturan kumaha cara nuliskeunana. Titénan aturan nuliskeun basa serepan ieu di handap! aa (Walanda) jadi a Aerodynamics nuliskeunana —_Aérodinamika Haemoglobin Hémoglobin ‘Acculturation Akulturasi c (Sangsakerta) jadi s Cabdal nuliskeunana Sabda Castra Sastra kh (Arab) jadi h Akhir nuliskeunana Ahir Khusyu Husu ph (Inggris) jadi f Phrase nuliskeunana Frase Phase Fase Lian ti aturan di luhur, aya kénéh aturan-aturan séjénna dina nuliskeun kecap serepan téh. Tapi keur kecap serepan tina basa Indonésia atawa tina basa Arab anu harti jeung ucapanana geus sarua, teu perlu dirobah cara nuliskeunana. Upamana waé kecap kabar, iklan, perlu, hadir, jaman, waktu, jsté. Mun hidep hayang leuwih apal, kumaha aturanana nuliskeun kecap serepan, bisa maca buku Palanggeran Ejahan Basa Sunda nu disusun ku Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda FPBS Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung. Pék Jawab! L Kumaha cara narjamahkeun nu bener? 2. Naon sababna kecap anteuran hésé ditarjamahkeun kana basa Indonesia? 3. Naha mun rék narjamahkeun perlu ngabanding kamus dwibasa? 4, Keur naon gunana palanggeran nuliskeun unsur serepan? 5. Kamampuh naon nu kudu kacangking dina narjamahkeun? @ Pancén Mandiri Jeu di handap aya sawatara kali : i : Kapa basa interests Suman dina besa Bunda, pék ku hidep tarjamahkeun 1, Manéhna keur ulin di buruan imah, @ Panggelar Basa Sunda |SMA/SMK/MA/MAK Kelas X Scanned with CamScanner Pa Guru nuju ngawulang di kelas. Néng Susi keur ngajajanteng nungguan kabogohna di sisi jalan. Urang sadaya kedah ngamumulé tur miara basa, sastra, jeung aksara Sunda. Prabu Siliwangi téh raja Pajajaran nu munggaran. gReY eu di handap aya sawatara kalimah dina basa Indonésia, pék ku hi j ea a Indonésia, pék ku hidep tarjamahkeun . Dia sedang bekerja di sawah. Seluruh penduduk di kawasan Merapi diungsikan ke Kabupaten Sleman. Hasil pertandingan Persib vs Persija berakhir seri. Kita harus bekerja sama membangun bangsa dan negara. Semua siswa diharapkan bisa serius dalam mempelajari bahasa Sunda. geen 4. Paribasa Tarjamahan Ku mekarna élmu pangaweruh jeung téhnologi, paribasa nu kiwari dipaké ku urang Sunda téh aya nu jieunan dina basa Sunda, tapi aya ogé nu meunang narjamahkeun tina basa deungeun, upamana waé tina basa Inggris, Arab, Walanda, Indonésia, Jawa, Portugis, jeung bisa jadi aya deui tina basa- basa séjénna. Sangkan leuwih écés, titénan sawatara paribasa tarjamahan tina basa deungeun di handap ieu! a. Paribasa tina basa Indonésia - Aya hurang handapeun batu (ada udang di balik batu) = Kawas cai dina daun taleus (seperti air di daun talas) b. Paribasa tina basa Arab - Nu sabar kakasih Gusti (innalloha maasyobirin) = Nyaah ka lemah cai sabagéan tina iman (hubbul wathon minal iman) - Kabersihan sabagéan tina iman (anna dhofatu minal iman) c. Paribasa tina basa Inggris - Waktu sarua jeung duit (time is money) - Lamun aya kahayang, tangtu aya jalanna (where there is a will, there is a way) d. Paribasa tina basa Jawa _ Adam ali tapel (poho ka wiwitan atawa asal usul) ~ Adu telu ampar tiga (nu boga perkara/jual beuli diriungkeun) - Iwak nangtang sujén (jalan nu nyampeurkeun pibahayaeun) Pangajaran 1| Narjamahkeun @ Scanned with CamScanner ( Pancén Kelompok Pék ayeuna hidep nyusun kalimah maké babasan atawa paribasa hasil tarjamahan iew di handap! Kawas cai dina daun taleus (seperti air di daun talas) Nu sabar kakasih Gusti (innalloha maasyobirin) Nyaah ka lemah cai sabagéan tina iman (hubbul wathon minal iman) Kabersihan sabagéan tina iman (anna dhofatw minal iman) Waktu sarua jeung duit (time is money) Lamun aya kahayang, tangtu aya jalanna (where there is a will, there is a way) Adam lali tapel (Poko ka wiwiten atawa asal usul) Guru ratu wong atua kato wajib sinembah (guru, raja, jeung kolot coajib dihormat jeung diturut parentahna) Sagalak-galaking macan moal nyatu anak. 10. Ngusik-ngusik ula mandi ngahudangkeun macan turu. eNaueene 9. C. Panggelar Basa Dina ieu bagian hidep bakal diajar ngagelarkeun basa atawa ngomunikasikeun basa, utamana basa tulis. Hidep bakal diajar narjamahkeun tina basa Indonésia kana basa Sunda atawa sabalikna tina basa Sunda kana basa Indonésia, Pancén Mandiri Ayeuna hidep kudu diajar narjamahkeun. leu di handap aya wacana dina basa Indonésia, pék ku hidep tarjamahkeun kana basa Sunda, Mun aya kekecapan mut teu kaharti, buka kamus umum atawa dwibasa! Budaya dan Bahasa Terdapat ungkapan dalam bahasa Sunda yang berbunyi Basa th cicirén bangsa. Bahasa ‘menjadi salah satu unsur dan sekaligus wahana kebudayaan. Berbagai unsur budaya seperti sistem mata pencsharian, sistem dan struktur sosil, sistem peralatan dan teknologi, tim pengetahuan, balsa, seni, dan sistem religi, dapat tergambarkan melalui bahasa, Kebudayaan suatu masyarakat, termasuk masyarakat Jawa Barat, tidak stagnan, tetapi berubah atau bergeser, baik bentuk maupun isi dan nilai-nilainya, Pergeseran nilai-nilei Kehidupan masyarakat di Jowa Barat dickibatkan adanya kemajuan teknologi informatika dan komunitasi (TIK). Pergeseran tesebut ada yang bersifatpostif ada juga yang bersfat negatif. Tinggal kita yang harus bisa menyaringnya, Banyak cara untuk menghalau masuknya budayn asing terhadap kehidupan masyarakat Jawn Barat. Salak satunya melalui pembelajaran bahasa sastra, dan aksara Senda di otolo sekolah. Hal ini beralasan rena salah satu media yang paling efektif mewarskon budaya ‘adalah pendidikan formal, yakni sekolah, @ Panggelar Basa Sunda |SMA/SMK/MA/MAK Kelas Scanned with CamScanner @ Pancén Kelompok 1, Téangan artikel pondok tina koran atawa majalah basa Indonésia, tuluy tarjamahkeun kana basa Sunda! 2, 'Téangan artikel pondok tina koran atawa majalah basa Sunda, tuluy tarjamahkeun kana basa Indonésia! D. Pangjembar Basa Dina kamekaran sastra Sunda, karya sastra anu meunang, narjamahkeun tina basa asing téh can loba kawas dina sastra Indonésia. Pangarang anu biasa narjamahkeun gé bisa diitung ku ramo. Sastra Sunda tarjamahan mah lolobana dina wangun carpon, sanajan aya ogé dina wangun sajak jeung drama. Aya sawatara carpon tarjamahan tina basa asing kana basa Sunda. Eta carpon tarjamahan téh dimuat dina majalah Cupumanik, di antarana waé: 1. Carpon “Keteg Jajantung” ditarjamahkeun ku Atép Kurnia (udul aslina “The Tell-Tale Heart” karya Edgar Allan Poe) 2. Carpon “Haji Murod” ditarjamahkeun ku Atép Kurnia jeung Hawé Setiawan (judul aslina “Blind Owl” Buf-e Kur, 1937 karya Sadegh Hedayat) 3. “Ngulampreng” ditarjamahkeun ku Hawé Setiawan (judul aslina “Adventure” karya Sherwood Anderson) 4. “Manuk Kolibri nu Nyorang Usum Tiis” ditarjamahkeun ku Hawé Setiawan (judul aslina “The Hummingbird that Lived Through Winter” karya William Saroyan) 5. “Ngaranjah” ditarjamahkeun ku Hawé Setiawan (judul aslina “Loot” karya Nadine Gordimer) 6. “Ucing Hideung” ditarjamahkeun ku Yuliana Mustofa (judul aslina teu disebutkeun, karya Edgar Allan Poe) 7. “Abli Nujum” ditarjamahkeun ku Soeria di Sastra (judul aslina teu disebutkeun, karya ia Mian Zhun) 8 “Nu Lintuh jeung nu Begang” ditarjamahkeun ku Hawé Setiawan (judul aslina “Lean and Fat” karya Anton Paviovich Chekhof) 9. “Keffi Bancakan” ditarjamahkeun ku Atép Kurnia (judul aslina “Keffi’s Birthday Treat” karya Wole Soyinka) Lian ti carpon-carpon tarjamahan anu dimuat dina majalah Cupumanik, aya ogé novel jeung kumpulan carpon anu geus dicitak jadi buku. Novel tina basa asing gé geus aya nu ditarjamahkeun kana basa Sunda, di antarana waé, The Scarlet Pimpernel karya Baronéss Emmuska Orczy ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi Kembang Beureum (Kiblat Buku Utama, 2014), eusina ngeunaan kaayaagan dina jaman révolusi Prancis. Aya ogé antologi carpon karya Guy De Maupassant anu judulna “Boule Pangajaran 1 | Narjamahkeun © Scanned with CamScanner de Suif’. Ku sawatara kritikus, ieu téh dianggap arya Guy de Maupassant nu panghadéna. Eusina nyaritakeun kaayagy dina zaman perang Rusia-Prancis (1870-1871). Munggaran dipublikasikeun taun 1880 dina kumpulan carpon Les Soirée de Médan. Ayeuna geus disundakeun ku Duduh Durahm, judulna jadi Si Démplon (Kiblat Buku Utama, 2013). Lian ti éta, aya ogé novel nu judulna Saija Multatuli, meunan, nyundakeun R.T.A. Sunarya. Judul aslina mah Max Havelagy karya Multatuli, eusina ngagambarkeun kaayaan di Banten Kidul jaman Walanda. Loba rahayat dikaniaya, diperdaya nu pohara ku pihak pamaréntah, akibat tina pulitik jajahan. Nya dina éta roman aya nyelap lalakon tragis Saija jeung Ina, nu henteu nepi ka cacap silihpikacinta ku lantaran jadi korban pulitik jajahan téa (Kiblat Buku Utama, 2003). Aya ogé novel Pependeman Nabi Sulaéman ditarjamahkeun ku Mohammad Ambri tina judul aslina mah King Salomon’s Minel karya Ridder Haggard (Kiblat Buku Utama, 2008). Lian ti éta, aya ogé novel Si Kabayan Jadi Dukun (Kiblat Buku Utama, 2009) anu alur caritana meunang nulad tina naskah drama Le Medecin Malgre Lui karya Moliére. Lian ti carpon jeung novel, aya ogé naskah drama anu judulna “Gandrung New York” saduran bébas Rosyid E. Abby tina naskah “New Yorker in Tondo” karya Marcelina Argana Jr. Teu naskah téh kungsi jadi naskah pilihan dina Féstival Drama Basa Sunda Pelajar (FDBS-P) Jawa Barat anu dialpukahan ku Téater Sunda Kiwari (TSK) dina taun 2013. Sabalikna tina basa Asing kana basa Sunda, aya ogé karya sastra Sunda anu ditarjamahkeun kana basa Indonésia. Upamana kumpulan carpon Dua Orang Dukun karya Ajip Rosidi (Yayasan Obor Indonesia, 2001), eusina 10 carita pondok beunang narjamahkeun tina basa Sunda anu ditulis ku pangarang Sunda antara taun 1930-1960-an. Piwulang Krama Dina kahirupan sapopoé, urang Sunda téh salawasna kudu maké tatakrama. Tata téh hartina aturan, padika, atawa palanggeran. Ari krama hartina téh sopan santun. Tatakrama téh hartina palanggeran sopan santun. Aya tatakrama nyarita, tatakrama paripolah (dahar, nginum, diuk, leumpang), jeung tatakrama dandangan. Dina waktu nyarita waé, urang Sunda mah geus katangén maké tatakrama. Boh tina kekecapan anu dipakéna boh katangén tina pasemon pameunteuna atawa rarayna, rengkuh atawa réngkak jeung rigig awakna, katut lentong atawa lagu nyaritana. Hidep bisa metakeun kumaha pasemon, rengkuh, jeung lentong anu luyu jeung tatakrama? Titénan wawaran sikep ieu di handap! Geus dipilampah ku hidep atawa acan? Pék contréngan nu Iuyu jeung kaayaan hidep! Scanned with CamScanner No. Kabiasaan Kuring . * 1 _| Kuring sapopoé ngagunakeun basa Sunda. 2 _| Kuring sapopoé ngagunakeun basa Indonésia. 3 _| Kuring sapopoé ngagunakeun basa campuran Sunda jeung Indonésia. 4 | Kuring geus bisa ngahartikeun kecap-kecap Sunda kana basa Indonésia, 5 | Kuring geus bisa ngahartikeun kecap-kecap basa Indonésia kana basa Sunda. Katerangan: * Can kungsi dipilampah ** Sakapeung dipilampah ** Biasa dipilampah Lamun ** réa hartina sikep hidep geus hadé pisan tur geus jadi kabiasaan © Uji Kompeténsi A. Pilihan Ganda Pilih salasahiji jawaban nu benerna. 1, Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.” anu merenah, nyaéta ... | Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda. Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda. Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda. Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda. Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda. » apes 2. Kecap-kecap basa Sunda anu hésé ditarjamahkeun kana basa Indonésia, nyaéta kecap a. pangantét d. panganteur b. _paréntah 6 sulur ©. panyambung 3, Paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonésia, nyaéta ... ‘Adam lali tapel. Wong becik ketitik wong ala ketara. Waktu sarua jeung duit, ‘Aya hurang handapeun batu. Gindi pikir belang bayah. opoge Pangajaran 1 | Narjamahkeun @ Scanned with CamScanner 10. ap ere Paribasa Indonésia “Biar lambat asal selamat” hartina mirip jeung paribasa Sunda ... Kajeun panas tonggong,asal tiis beuteung. Kajeun kendor asal ngagémbol. Kaduhung tara ti heula. Jauh-jauh panjang gagang. Ulah gancang pincang. paoge Teu di handap henteu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa Inggris, nyaéta ... : a. Carpon “Keteg Jajantung” ditarjamahkeun ku Atép Kurnia : b. Carpon “Haji Murod” ence ku ALep Koma jeung Hawé Setiawan ¢. Carpon “Ngulampreng” ditarjamahkeun ku Hawé Set : d. Capon aPeponienaA Nabi Sulaeman” ditarjamahkeun ku Moh. Ambri 6 Carpon “Ucing Hideung” ditarjamahkeun ku Yuliana Mustofa Lamun rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta kamus .... a. ékabasa d.asing b. dwibasa & énsiklopédia c. istilah Teu di handap tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rék narjamahkeun, itval kamampuh ... a. gramatikal d. semantik b. fonologis 6 pragmatik ©. sosiolinguistik Jeu di handap urang asing anu hentew nyusun kamus basa Sunda, nyaéta .... a. RH. Robins d. S. Coolsma b. A. Geerdink Jonathan Rigg cH. J. Oosting Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab, nyaéta ... a. abdi d. agama b. iman 6 takwa c. ahlak Unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna . a. digurathandapan dd. dicondongkeun b. dikekentengan 6 biasa . dikandelkeun Esey Jawab kalayan singget tur jéntré, Naon sasaruaan jeung bédana tarjamahan jeung saduran! Naon pentingna tarjamahan téh? Naon ari kamampuh gramatikal dina narjamahkeun? Keur naon perluna kamus dwibasa dina narjamahkeun? Lamun aya kecap anu hésé ditarjamahkeun, kudu kumaha cara nulisna? Scanned with CamScanner

You might also like