Professional Documents
Culture Documents
TEST
TEST
--------------------------------------
Puji sinareng syukur mangga urang panjatkeun kahadirat Allah SWT anu parantos
ngalimpahkeun rahmat kalayan ridha manten na, alhamdulillah dina dinten ieu urang tiasa
kempel ngariung dina acara syukuran 7 sasihan kakandungan Ibu Zacky
Shalawat sareng salam mugia dilimpah curahkeun ka junjungan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW, ka para Kulawargina, ka para Sahabatna tur mudah-mudahan dugi ka
Urang salaku umatna anu insyaallah tumut kana ajaran mantena dugi ka yaumul akhir.
Aamiin
sateacan arurang ngawitan ieu acara sim kuring bade ngawanohkeun diri wasta abdi Silmi
Fatharani, salaku panata acara.
dina ieu waktos anu diberkahkeun ku gusti Allah hayu urg sadaya nyebatkeun basmalah..
bismillahirahmanirahiim. mugia ieu acara dipasihan kalancaran, aamiin yrb
Sateacanna sim kuring bade ngajelasken sakedik naon eta tingkeban teh
Tingkeban Nyaeta salah sahiji tradisi daur kahirupan manusa dina kasalametan
kakandungann budak anu kahiji anu nincak umur kandungan 7 bulan, tradisi ieu dilakukeun
jeng tujuan ngadoakeun orok anu nuju dikandung supados lahirna normal, lancar, sarta
dijauhkeun dina sagala rupi kakirangan jeung rupa² bahaya. Di jawa dipikawanoh ku sebutan
mitoni anu asalna tina kta pitu anu hartosna 7 ngandung 2 jeng harepan mugia kahamilan
ieu kengeng pitulung ti gusti Allah numaha suci orok nu dikandung salamet, calon indung
anu ngandung pasti wae dipasihan kasehatan
nu ka 7 nyaeta milih kalapa teras diabuskeun kana samping nu di anggo ku ibu zacky bari di
tampa nembe dilajeung ku ngabeulah kalapa na, nu ka 8 saweran anu dilakuken ku
panganten 7 bulan.
supados teu nyangkolong kana waktos, urang twraskeun ka acara nu kahiji nyaeta sambutan ti
carogena Pak Bumi, mangga
- bumi lg sambutan -
teras dilajeung ka acara nu kadua nyaeta ngaoskeun ayat suci Al Quran, ka kersana ibu dikra
mangga dihaturanan.
Acara salajengna mangrupikeun acara utami nyaeta tawasul dilajengkeun ngaos surat Yusuf,
Maryam, Luqman, sareng Ar Rahman anu bade dipimpin ku kersana KH/Ustadz/Ustadzah ....
waktos sareng tempat dihaturanan. (Ini mau dipake atau ngga, klo mau berarti yg baca nya
antara tante² atau siapa soalnya gd lg anggotanya) *ini tanya dlu ke ibu maryam dlu atau
shalawatan dlu tapi keknya tawasul shalawatan
- dikra ngaji -
Alhamdulillah pambacaan lantunan ayat suci al quran prantoa rengse, Hatur nuhun ka
kersana ibu dikra mudah-mudahan lantunan ayat suci Al Quran anu parantos diaoskeun
janten kebrkahan khususna kangge ibu zaki anu ngandung , ka pangaosna, umumna kangge
Urang sadaya. Aamiin
Alhamdulillah, hatur nuhun ka kersana Ustadzah dikra anu parantos mimpin tawasul sareng
sajabina. Mudah-mudahan murangkalih anu nuju dikandung ku Ibu zacky dipasihan
kasehatan, kasalemetan, kalayan aya dina lindungan sareng rahmat Allah SWT. Aamiin
Acara salajengna nyaeta salametan teras doa anu bade dipimpin ku kersana Saderek ...
mangga dihaturanan.
- sudah ganti baju, suami istri jalan bareng sama ibu bapaknya -
- paraji nya nyiapin samping sama ambilin air kembang 7 rupa, baru dikasih ke 7 keluarganya
bergantian ngebanjur -
nembe di lajeung ku ngabelah kalapana, ka 8 nyuhunkeun acis receh kana kendi terus
dilakuken ku panganten 7 bulan lajeung acisna dipake nyawer ka tamu undangan.
acara nu terakhir nyaeta pembagian rujak anu tos di tutup ku mabra ku tamu undangan,
Mapag 7 bulanan
- kelapa,
- saweran
- jual rujak 7 rupi (gedang, mangga, bangkuang, hui, jambu aer, jeruk, daun delima wajib,
sampeu)
5. Panutup
-----------
Penutup
Acara syukuran 7 sasihan ti kawit dugi ka akhir parantos rengse, mangga urang tutup acara
ieu ku bacaan hamdalah sasarengan.
Alhamdulillahirabilalamin.
Hatur nuhun ka sadaya hadirin anu parantos ngaluangkeun waktosna kangge hadir dina ieu
acara.
Hapunten anu kasuhun tina samudaya kalepatan salami Simkuring janten panata acara dina
ieu acara.