You are on page 1of 7

Naskah drama

Judul : Panindasan Di jero Lingkungan Sakola

Narator: Winda Siti Nazilah


Karakter:
- Sulis ( Pemimpin genk )
- Deviana ( Anggota genk )
- Windi ( Anggota genk )
- Ranti ( Anggota genk )
- Nita ( Anak baru yang di bully )
- Ahmad ( Kepala sekolah )
- Jamil ( Guru BK )
- Winda ( Wali Kelas )
- Agung ( Saksi mata )
- Nurdiansyah ( Saksi mata )
- Stiven ( Saksi mata )
- Rezal ( Ketua kelas, Saksi mata )
Pemeran:
- Ahmad Rifai 3
- Deviana Agista 6
- Muhammad Agung 4
- Nita Nurmalasari 7
- Nurdiansyah 3
- Ranti Rahmawati 6
- Rezal Mulyani 6
- Saepul Jamil 3
- Stiven Muhammad Rizki 2
- Sulis Tiawati 6
- Winda Siti Nazilah 8
- Windi Anuri 6
Aya carita dihiji SMA. Di sakola èta aya grup anu sok ngajago, maranèhna sok
malakan duit barudak sakola anu teu wani ngalawan, salain èta maranèhna sok
jail jeung resep ngabully.

Ranti :“Eh-eh. Urang ngadèngè mah bakal aya murid anyar di kelas.”
Sulis : “Terus naon urusanna jeung urang?”
Ranti :“Enya hente, urang mah ngabèjaan manèh weh, bisi teu apal.”
Windi :“Heeh urang ogè ngadèngè, ceunah mah ngarana tèh... sahanya? Nita
tahh.”
Deviana : “ Hah, saha? Nita ? ngaran tèh meuni gorèng patut. Hahaha, urang
hereuyan yuu ahh ngarah teu balaga, teu wanieun ka arurang, yuuu yuu?
Sulis :”Hayuu weh urang mah.”
Windi jeung ranti unggeuk satuju.

Sulis jeung babaturanna nyusun rencana keur ngaheureuyan èta murid anyar.

Ring... Ring...

Bel tanda asup sakola kasada, sakabeh murid geus asup ka kelasna masing-
masing salian ti barudak sulis jeung nu lainna.

Brakkk...

Kadenge sora panto nu dibanting, kabeh murid nu aya di kelas ningali ka asal
sora.
Geus teu aneh èta teh kalakuan sulis, ranti, windi, jeung deviana. Maranehna
jongjon wae asup ka kelas, teu madulikeun batur anu mareulongkeun ka
maranehna. Rezal anu keuheul nangtung tuluy nyampeurkeun maranehna.

Rezal : "Hei! Manèh geus dibèjaan sabaraha kali lain. Lamun muka panto teh
lalaunan, teu kudu di gebrakeun sagala. Mun pantona ruksak daèk
ngagantian?”
Sulis : “Oh panto... hampura atuh hampura moal sasakali deui da, meuni piragè
kitu.”
Rezal : “Kumaha manèh lah! Urang mah geus ngabèjaan nyaan, lain hereuy.”
Deviana : “Oh! Nya eunggeus cik punteun!”

 Teu lila aya guru asup ka kelas, di tukangna aya hiji murid nuturkeun.

Winda : “Assalamualaikum.”
Semua Murid : “Waalaikumsalam.”
Winda : “Kumaha daramang sadayana?”
Semua Murid : “Alhamdulillah damang bu.”
Winda : “Nah sapertos nu atos hidep dangu, yèn kelas ieu tèh badè aya murid
pindahan, sok perhatoskeun heula ka payun badè aya nu nepangkeun diri...
sok mangga neng.”
Nita : “Assalamualaikum wr.wb. teupangkeun nami abdi Nita Nurmalasari
pindahan ti SMA Negri. Nyuhunkeun bantosanna supados abi tiasa
nyasuaikeun diri di lingkungan sakola ieu.”
Winda : “ Mangga Nita calik di bangku anu kosong.”

Saenggeus pelajaran beres, jam istirahat digunakeun ku kabeh murid


sabebasna.
 
Ranti : “Rek ka kantin moal?”
Sulis : “Moal ah, hoream jajan urang mah.”
Windi : “Urang mah nitip weh.”
Deviana : “Mening urang ngaganggu si murid anyar itu yu ah.”

Sulis, Ranti, Windi dan Deviana : “Hei , bagi duit lah.“


Nita : “Teu gaduh acis abi mah.” (sabari tungkul.)
Windi : “Piraku teu boga duit maneh tèh.”

(Nita ngan bisa cicing.)

Sulis : “Buru mana deui keun duitna ai maneh.” (sabari nyuntrungkeun tarik ka
nita)

Agung, stiven, Nurdiansyah, jeung rezal nu ningali kajadian èta buru-buru


nyampeurkeun maranehna.

Nurdiansyah : “Eh, aya naon ieu?”


Agung : “Hei, maranèh tong kitu ihh.”
Ranti : “Lain masalah maraneh nya! Jadi cicing weh lah!”
Nurdiansyah : “Ngan maneh teu bisa kitu atuh. Ngaganggu batur
sangeunahna.”
Rezal : “Meski murid anyar ge anggeur weh ieu tèh babaturan arurang.”
Sulis : “Heeh apal, eunggeus lah teu kudu ceramah! Cape aing mah ngadèngè
na ogè.”
Agung : “Tong sok balaga maneh teh, urang mah ngingeutan weh hungkul.”
Stiven :”Itu benar kita cuman ngingatin aja” “Enya urang mah ngingeutan
hungkul.”
Windi : “Cicing lah tong loba ngomong.”
Deviana : “ Heeh lah."

Tuluy stiven ngabantuan nita nangtung.

 
Stiven : “Teu kunanaon kan nit?”
Nita : “Hente, teu nanaon da.”
Rezal : “Kacida da barudak èta mah pikasebeleun.”
Agung : “Daripada didieu aya barudak itu mening ngiring ka kantin.”
Nurdiansyah : “Badè ngiring moal Nita?”
Nita : “Wios badè di kelas weh abi mah.”
Rezal : “Enya sok atuh, hayu tipayun nya.”
 
Agung, stiven, Nurdiansyah, jeung Rezal kaluar ti kelas ninggalkeun Nita, Sulis,
Ranti, Windi jeung Deviana.

Deviana : “Heh maneh teh ngan murid anyar, tong sok cuntal centil lah!”
Nita : “Punten da abi mah teu rumaos centil.”
Ranti : “Geus wani ka arurang maneh tèh.”
Nita : “Eh hent....”
Sulis : “Manehnya!” (menampar Nita)
Windi : “Puas siah!”
Deviana : “Puas!”

Wali kelas nu teu kahaja ngalewat ka hareupeun kelas ningali kabeh kajadian
bully nu dilakukeun ku sulis jeung babaturanna.
 

Winda : “Nuju naraon èta?”


Sulis :” Hhhmmm... hente bu teu nuju nanaon da.”
Winda : “Tong bohong, nembe hidep ngabully nita katinggal ku ibu... Engke uih
sakola tong langsung uih, ku ibu diantos di ruang kepsek.”
Sulis, Ranti, Windi, Deviana : “Muhun bu.”

Bel tanda sakola beres kasada, sulis jeung babaturanna tuluy ka ruang kepsek.
Guru BK anu aya di hareupeun ruang kepsek nyeulukan maranehna. 

Jamil : “Hei, ieu teh nu di piwarang bu winda ka ruang kepsek nya? Enggal lebet
tos diatosan di ruang kepsek.”
Windi : “Muhun pa.”

Sulis, Ranti, Windi dan Deviana : “Assalamualaikum”.


Semua orang : “Waalaikumsalam.”
Ahmad : “Tah dongkap ogè geningan, sok caralik.” (bari nunjuk kanu korsi
hareup.)

Maranehna ninggali jelas yèn di aula èta tèh lain saukur kepala sakola, guru BK
jeung wali kelas maranehna tapi aya ogè agung, stiven, nurdiansyah, rezal
jeung nita.

Jamil : “Urang kawitan wae ku pertarosan ka hiji, tapi sateacanna bapak


nyuhunkeun kajujuran ti hidep sadayana.”
Sulis, Ranti, Windi dan Deviana :“Muhun pa.” (tarungkul)
Ahmad : “Leres aranjeun ngabully Nita? Naha?”
Sulis, Ranti, Windi dan Deviana : “.....“ (caricing.)
Winda : “Naha beut ngabully nita, nuju aya masalah atanapi kumaha? Sok
nyaritos.”
Deviana : “Ngan nuju hehereuyan bu.”
Nurdiansyah :” cuman bercanda gimana?, kalian pernah mendorongnya
sampai terjatuh” “Hereuy kumaha?, sakitu disurungkeun dugi ka geubis tèh.”
Winda : “Dugi ka geubis? Hereuy tèh meuni kacida.”
Jamil : “Naha kunaon hidep ngalakukeun èta?
Ahmad : “Sok Aranjeun Nyunkeun hampunteun ka Nita.”
Sulis, Ranti, Windi dan Deviana: “.....“ (unggeuk).
Ahmad : “Neng Nita, bapak harep anjeun tiasa ngahapunteun sadaya tingkah
laku aranjeunna.”
Sulis : “Muhun, hapunteun abinya Nita tos kasar.”
Ranti : “Abi ogè hapuntennya nita.”
Deviana : “Abi ogè.”
Nita : “Muhun ku abi dihapunteun.”
Rezal : “Tah kitu atuh sulis, ti tadi padahal mah minta maaf kan raos di tinggal
na ogè.”
Ahmad : “Ayena mah, atosnya tong ngabully nu sanes deui, ari sasareungan
mah kan raoseun seer rencang.”
Agung : “Muhun pa, nanaonan ngabully ge teu aya manfaatnya kan?”
(Tuluy sakabeh nu aya di aula eta unggeuk tanda satuju.)

You might also like