You are on page 1of 4

Wasta: Virgia Silviany Fadhilah

NIM: 1905247
Kelas: 7-C
Resume tina Video “Penyuluhan Kurikulum Merdeka Bagi Guru SMP Kota Bandung”

Materi Ésensial Non-fiksi Mapel

Materi esensial Non-fiksi Mapel


1. Bahan ajar
2. Matéri ésénsial mata pelajaran
3. Cakupan matéri ésénsial mata pelajaran mulok Basa Sunda

Aya sababaraha definisi ngeunaan materi ésénsial nyaéta; (1) matéri inti atawa penting
saluyu jeung kabutuhan, (2) ayana kusabab materi nu leuwih teleb mibutuh waktu, (3) matéri
dina CP masih kagolong umum, (4) jumlah matéri kawilang loba, kawatesan waktu (72JP/taun)

Alternatif matéri ésénsial nyaéta;


- Méré kabébasan guru pikeun milih matéri pokok.
- Alternatif matéri pokok basa Sunda dicokot ti Kurda Mulok Mata Pelajaran Basa dan
Sastra Sunda Berbasis Kurikulum 2013 Revisi 2017 Jenjang SD/MI, SMP/MTS, dan
SMA/SMK/MA/MAK.
- Matéri pokok bisa dicokot kabéh atawa sabagian gumantung pilihan guru di sakola.
- Matéri pokok bisa dipilij jeung nu sajalan atawa nu béda jenis.
- Pilihan matéri pokok dumasar; (1) tipe téks fiksi jeung non fiksi, (2) jenis téks puisi,
prosa jeung drama, (3) téks narasi, déskripsi, éksposisi, argumentasi, jeung persuasi
-
Kurikulum
- Sipatna dinamis
- Kudu tuluy dimekarkeun
- Luyu jeung parobahan jaman

Rata-rata gantina kurikulum normalna 10 taun.


Bahan ajar raket patalina jeung guru salaku fasilitator ogé siswa salaku panarima
Bahan ajar:
1. Materi ajar ditepikeun ku guru ka siswa dina proses pangajaran
2. Sagala wangun bahan nu digunakeun guru jeung siswa dina kaggiatan pangajaran
3. Sumber diajar mangrupa informasi nu disimpen dina media pikeun ngabantu siswa dina
diajar
4. Sumber bahan ajar: buku, majalah, koran, internet, jalma, jeung lingkungan

Pangguna kurikulum di Indonesia


- Kurikulum prototipe salaku opsi tambahan satuan Pendidikan pikeun ngalakukeun
pangajaran salila 2022-2024
- Kawijakan kurikulum nasional bakal dikaji ulang taun 2024 dumasar evaluasi salila
pemulihan pangajaran.
Kalungguhan Kontén Fiksi dina Kurikulum Merdeka Belajar 2022 dina Fasé D
(SMP/MTS/Sederajat)

Kompetensi nu dikudu dipimilik siswa ditilik tina tilu aspék nyaéta:


1. Dimensi pangaweruh
2. Dimensi sikep
3. Dimensi kaparigelan
Sangkan jadi SDM nu beradab, berpengetahuan jeung kaparigelan.

Panduan Pangajaran jeung Asesmen Kurikulum Merdeka

Prinsip-prinsip asesmen nyaéta:


a. Asesmen mangrupa bagéan tina prosés anu ngahiji jeung kagiatan pangajaran, fasilitas
pangajaran, méré informasi pikeun umpan balik boh ka siswa ogé guru.
b. Asesmen dirancang nu luyu jeung fungsina pikeun nangtukeun téhnik jeung waktu
laksana pikeun ngahontal tujuan.
c. Asesmen dirarancang sacara adil, proporsional, actual, obyéktif, kamajuan diajar.
d. Laporan diajar disusun sacara basajan jeung méré informasi nu mangpaat ngeunaan
karakter jeung kompetensi nu dihontal.
e. Hasil asesmen digunakeun pikeun guru, siswa salaku bahan pikeun ngaronjatkeun mutu
pangajaran.

Numutkeun Anderson jeung Krathwohl, aya sababaraha tahapan/ level runtuyan ti kamampuh
dasar ka kamampuh nu leuwih gedé, nyaéta:
- Kenal jeung ngingetan deui (retrieval)
- Pamahaman
- Analisis
- Pamangpaatan pangaweuh
- Metakognisi
- Sistem diri

Numutkeun Tighe jeung Wiggins, kamampuh aya sababaraha kombinasi, nyaéta:


- Ngadefiinisikeun (explanation)
- Interpretasi
- Aplikasi
- Perspektif
- Empati
- Refleksi diri

Rarancang Asesmen dina Rancangan Ngalaksanakeu Pangajaran atawa Modul Ajar

Alur Pakaitna Pangajaran Jeung Asesmen


1. RPP
2. Asesmen awal
3. Modifikasi RPP
4. Asesmen ahir
5. Ngalaksanakeun pangajaran
`
- Asesmen salaku proses pangajaran nyaéta pikeun refleksi proses pangajaran jeung
fungsina pikeun asesmen formatif
- Asesmen pikeun proses pangajaran nyaéta pikeun evaluasi proses pangajaran, fungsina
salaku asesmen formatif
- Asesmen di ahir proses pangajaran nyaéta pikeun evaluasi di ahir proses pangajaran,
fungsina salaku asesmen sumatif

Formatif = refleksi proses pangajaran


Pikeun guru= mastikeun kamekaran siswa, ngecek pamahaman siswa, ngawas pangajaran
Pikeun siswa= evaluasi pangajaran, ngawangun pangaweruh, ngaronjatkeun kamampuan

Sumatif= alat pikeun mikanyaho capaian hasil diajar siswa


Pikeun guru= ngukur capaian pangajaran siswa , ngaronjatkeun pangajaran salanjutna
Pikeun siswa= maham performa di ahir pangajaran, maham capaian pangajaran

Asesmen Diagnostik Kuruikulum Merdeka

Tujuanna aya dua nyaéta non kognitif jeung kognitif

Non kognitif
1. apal karaharjaan psikologi jeung social émosi siswa
2. apal aktivitas salila diajar di imah
3. apal kondisi kaluwarga siswa
4. apal kasang tukang gaulna siswqa
5. pikeun mikanyaho gaya diajar jeung karakter sarta minat siswa.

Kognitif
1. ngaidéntifikasi capaian kompetensi siswa
2. nyaluyukeun pangajaran di kelas ku kompetensi rata-rata siswa
3. méré kelas remedial atawa pangajaran tambahan ka siswa anu kompetensina kurang.

Ngararancang évaluasi nu kudu disadiakeun ku urang nyaéta:


- Rubrik, pikeun nganiléi jeung évaluasi kualitas capaian siswa nepi ka guru bisa
nyadiakeun bantuan pikeun kinerja.
- Ceklis, daftar informasi atawa ciri-ciri nu dituju.
- Instrument (observasi, tes, portofolio, jrd)

Kurikulum Merdeka: kumaha mulok basa daérah?

3 pilihan implementasi kurikulum merdeka jalur mandiri


Pilihan 1: mandiri diajar
Nerapkeun sababaraha bagéan jeung prinsip kurikulum merdeka, iwal ngaganti kurikulum satuan
Pendidikan nu keur diterapkeun
Pilihan 2: mandiri barobah
Nerapkeun kurikulum merdeka ngagunakeun alat pangajaran nu geus disadiakeun di satuan
Pendidikan PAUD, kelas 1,4,7, jeung 10.
Pilihan 3: mandiri ngabagi
Nerapkeun kurikulum merdeka ku cara mekarkeun sorangan perangkat ajar di satuan pendndikan
PAUD, kelas 1,4, 7, jeung 10.

Kritéria/indikator capaina tujuan pangajaran (K/IKTP)


- Ngagunakeun déskripsi nepi lamun siswa teu ngahontal kritéria dianggap can
ngahontalTP
- Ngagunakeun rubrik nu bisa ngaidéntifikasi sajauh man siswa ngahontal TP
- Ngagunakeun skala atawa interval niléi, atawa nu séjénna saluyu jeung kabutuhan ogé
kasiapan guru dina mekarkeunna

Nyusul soal dumasar AKM


Dumasar literasi, soshum jeung saintek geus teu aya, jadi mata pelajaran basa Sunda kudu
berbasis akm

Wangun soalna:
Objektif
Pilihan ganda (1 jawaban nu bener)
Pilihan ganda kompleks ( jawaban bener leuwih ti hiji)
Ngajodohkeun
Eusian nu singget (angka, ngaran/ wanda nu geus fixed)
Non obyektif (essay)

You might also like