You are on page 1of 2

Nama : Nurul Kartika Sejati

Kelas : XI TKJ 1

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

BIOGRAFI OTO ISKANDAR DI NATA


Raden Oto Iskandar di Nata nyaéta pajuang kamerdikaan nu gumelar
di Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, 31 Maret 1897, pupus di Mauk, Tangerang, Banten dina yuswa 48 taun.
Teureuh ménak putra wangsawan ieu téh kasohor lébér wawanénna. Teuneung ludeung dina nyanghareupan rarupa
prakara, pangpangna pikeun ngabéla nasib rahayat. Oto mingpin Pagoejoeban Pasoendan saprak
taun1929 nika 1942. Organisasi ieu usik dina widang atikan, budaya, ékonomi sertos hukum.
taun1931 nika 1941 dios jadi anggahota Volksraad, nu jadi pibakal ti Déwan Pangwakil Rahayat di mangsa payun.

Kahirupan sapopoé Oto Iskandar di Nata téh éstuning basajan. Teu sombong, nyaah kanu leutik, hormat ka
sasama. Tuladeun pikeun jalma-jalma séjénna. Arang langka kiwari manggihan jalma kawas anjeunna. Tapi lamun
geus ngabéla bebeneran, merjuangkeun masarakat umu, éstu matak gimir nu ngayonan. Oto kungsi sakola di HIS
ogé namatkeun sakola Guru di Bandung. Ilaharna budak séjén, Oto ogé kawentar budak bangor, tapi cerdas,
sakolana teu kungsi ngendog, peunteunna aralus jeung jadi idola batur-baturna. Saenggeus gedé, Oto jadi guru ogé
aktif dina pergerakan kabangsaan, ancrub ka dunya pulitik, di antarana Boedi Oetomo cabang Pekalongan, basa
ditempatkeun jadi guru di Pekalongan taun 1924. Putra-putrina aya sabelas, opat urang lalaki jeung tujuh urang
awéwé, éta sabada nikah ka Ibu Sukriah taun 1923.
Pangpangna basa jadi anggahota Volksraad (Déwan Rahayat). Di Volksraad anjeunna minangka anggahota
wawakil ti Paguyuban Pasundan. Oto kawentar jadi anggahota anu pangwanina dina ngabéla hak-hak rahayat.
Kiritikan jeung satratéhi pulitikna diperhitungkeun pisan ku Pamaréntah Walanda. Sakur caritaan Oto jadi bahan
pikiraneun Pamaréntah Walanda. Hiji waktu dina sidang Volksraad, Oto nyarita kalawan perténgtang, teuneung
ludeung, taya kakeueung, taya karingrang. Nepi ka pingpinan sidang katut anggahota wawakil
bangsa Walanda mangsa harita nakol-nakolkeun palu kana méja sidang sangkan Oto eureun nyaritana. Tangtu waé
sagala ucap-ucapan Oto ngeunaan bajuang pikeun kamerdekaan téh ngabalukarkeun Tuan ketua Volksraad ambek,
nepika nakolan méja sidang. Unggal Oto pidato dina sidang Volksraad, urang Walanda mah padagimir, sabab eusi
pidatona peureus. Nepika anggahota wawakil Walanda mah méh kabéh meungpeukan ceuli ku dua dampal
leungeunna. Tangtu waé sikep urang Walanda anu saperti kitu téh matak tugenah ka anggahota Volksraad wawakil
bangsa Indonésia. Sanajan urang Walanda henteu merhatikeun pidatona tinimbang eureun mah kalahka beuki
sumanget pidatona. Ngajejeléh ka pamingpin pamaréntah Walanda. Nya dina taun 1935 Oto dicabut
kaanggahotaan Volksraad na. Jaman panjajahan Jepang, Oto diangkat minangka anggahota Jawa Hokokai. Harita
jabung jeung Jepang téh ngan saukur siasat. Nepika Jepang dina mangsa harita ngawidian ngadegkeun Pembéla
Tanah Air (Péta). Oto téh minangka jalma harita nu mimiti ngedalkeun jeung nyetuskeun istilah Indonésia Merdéka,
nu katutuluyna mah dirobih jadi Merdéka hungkul. Harita kecap “Merdéka!” téh minangka ébréhan rahayat
Indonésia anu miharep kamerdékaan ogé siap bajuang pikeun kamerdékaan.
Taun1945 manéhna jadi anggota BPUPKI (Badan Penyelidik Usaha-usaha Kamerdikaan Indonésia) sarta diuk
dina PPKI (Panitia Persiapan Kamerdikaan Indonésia). Oto Iskandar di Nata milu ngararancang UUD 1945. Dina
sidang PPKI tanggal 19 Agustus 1945, Oto mengusulkan sangkan Sukarno dipilih minangka Présidén sarta Hatta
minangka Wawakil Présidén. Anggota sidang nyatujuan usul kasebut sacara aklamasi. Sanggeus Indonésia merdika,
Oto diangkat jadi Menteri Nagara anu ngurus masalah kaamanan.

Saprak Oto diangkat jadi Menteri pisan manéhna leungit dina ahir taun1945. Bisa disebutkeun Oto Iskandar di
Nata nyaéta "jelema leungit" nu munggaran dina sajarah Républik Indonésia. Kakara 14 taunsaterusna (1959),
kaungkab yén manéhna dipaéhan ku hiji pulisi nu ngaranna Mujitaba. Kajadian éta dilakukeun di
basisir Mauk, Tangerang. Nu maéhan dihukum 15 taun panjara. Tapi di jero pangadilan henteu kaungkab saha anu
ngajurung Mujitaba. Prijatna Abdurrasyid anu jadi jaksa dina sidang éta ménta tambahan waktu pikeun ngungkab
dalang di balik kajadian éta. Tapi bongbolonganana teu kakabul, ku kituna ngan palaku lapang anu tertangkap sarta
dihukum, tapi dalangna teu kapanggih. Pikeun ngahormatan jasana, Pamaréntah Jawa Kulon ngawangun hiji taman
astana pahlawan di Taman Keusik, Lémbang. Dina batu nisanna ditulisan Otoiskandardinata, Gumelar 31-3-1897,
pupus 19-12-1945. Sabenerna, euweuh jasad Oto, euweuh jenasah Oto Iskandar di Nata di dinya téh. Anu aya ngan
sagonjokan keusik ti basisir Mauk, kabungkus ku lawon bodas.

You might also like