You are on page 1of 1

CITA CITA NU BAKAL DATANG

KARYA:SITI FAZA ROHMAWATI

Abdi hoyong cita cita mulia


Hoyong ngabdi tanpa pamrih ka manusa
Sanajan jauh titinggurilipan harta
Moal eureun kuring ngudag cita cita

Neuteup pinuh semangat


Ngajalankeun kahirupan ieu
Sanajan pinuh ku cocoba
Pikeun ngahontal hiji cita cita

Reujeung pinuh ku harepan


Pikeun ngahontal hiji impen
Dina ngawujudkeun hiji kahayang
Pikeun mangsa hareup anu gumilang

Ngan hiji harepan anu kuring di cekel


Sarta niat kasucian dina jero hate
Langkah pinuh ku kayakinan
Pikeun ngudag hiji cita cita

You might also like