Professional Documents
Culture Documents
Mata Pelajaran Basa Sunda Sisindiran 1 Revisi
Mata Pelajaran Basa Sunda Sisindiran 1 Revisi
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan
atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina
sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu
ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.
Sisindiran teh mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran
kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina
sapalisan teh diwangun ku dalapan engang. Upama dipatalikeun jeung
katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran teh bisa disebutkeun:
karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula,
diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.
Ari nu disebut purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora
kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina
wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal
(dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar
jajaran, antar padalisan).
Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang
jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan
kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan
kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti the maksudna
(hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna
mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan
maksudna tea.
Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran
dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3)
wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa
dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk;
jeung (3) sésébréd.
RARAKITAN Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku
cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap
awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina padalisan
eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung
sipat rakit anu papak dina puhuna.
Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu
ngabedakeun jeung paparikan, nyaeta purwakanti mindoan kawit, anu
timbul lantaran aya kecapakecap anu dipindo (dibalikeun) dina awal
padalisan. Kulantaran purwakanti mindoan kawit teh antara cangkang
jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku padalisan
sejen, nepi siga nu pacorok
Contona:
Jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimerangeun.
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun
Eusi:
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun
Rarakitan di luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan.
Padalisan kahiji jeung kadua cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat
eusina.
Kecap anu aya dina awal padalisan cangkangna sarua
(murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi
nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu aya dina awal padalisan kadua
cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua eusi
nyaeta nyiar-nyiar.
Salian ti eta, purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih.
Ieu oge murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti
jeung abdi, pimerangeun murwakanti jeung pimelangeun.
Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu
golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung lulucon.
Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih,
cinta atawa birahi.
Contona:
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna oge hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina oge hade.
Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae.
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.
Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa
nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.
Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.
Rarakitan sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih
jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social,
pamitan jeung salian ti eta.
Contona:
Majar maneh cengkeh koneng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
kulit beuteung mani nambru.
Sok haying nyaba ka Bandung,
sok haying nyaho nanjakna.
Sok haying nanya nu pundung,
sok haying nyaho nyentakna.
Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang,
sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana,
rereana mah anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat
padalisan oge.
Tangtu bae jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan
padalisan jeung sajabana ti eta.
PAPARIKAN Paparikan teh asalna tina kecap parik atawa parek anu
ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta
sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina.
Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.
Contona:
Boboko ragrag ti imah,
ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka semah,
lamun anggang sok leungiteun
Conto sejenna:
Reregan sabudeur imah,
siang wengi.
Naon ari reregan sabudeur imah the? Jawabanana atawa (barang) anu
dijieun wangsalna kudu diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap
kasangsara. Naon ari reregan sabudeur imah anu ngaranna murwakanti
jeung kecap kasangsara? Jawabanana: kasang.
Upama nilik kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana
diwangun ku dua padalisan. Ari jumlah engang dina unggal padalisan
Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang sipikasono. (kaso)dalapan
engang.
Umumna eusi wawangsalan aya patalina jeung silihasih, cinta, atawa
birahi. Titenan geura sawatara conto dihandap ieu: Belut sisit saba
darat, kapiraray siang wengi. (oray) Imah ngambang di sagara, ulah
kapalang nya bela. (kapal cai) Manuk tukung saba reuma, uyuhan daek
ka abdi. (puyuh)