You are on page 1of 1

BISMILLAH

Ngawitan muji syukur ka pangeran


Ka gusti Allah anu maha heman
Solawat sareng salam jungjunan
Ka Rosululloh anu nutupan
Pamugi di pasihan kasempetaaa…n
Terutami sing tiasa nyapaatan

Sasadu ka sadaya ibu ibu


Sinareng ka sadaya para tamu
Rumaos kirang tiasa tawadhu
Sumawonten teu tiasa ngajamu
Pamugi sadaya tetep bersatuu…..
Kanggo acara maulid anu tangtu

Parantos direncana sasarengan


Sanaos rencana bari dadakan
Tapi tetep teu ngarobih emutan
Acara mauludan di Arrohman
Pamugi aya dina kalancaraaa…n
Terutami ing aya kabarokahan

Nganuhunkeun ka sadaya tatanggi


Parantos ngiringan partisipasi
Harta oge sinarengan tanagii
Utami Haji muhyi Hajjah Yuni
Oge ka sadayana wargi wargi
Ieu sambutan pamugi ka tampi

Dia ieu acara mauludan


Jama’ah Arrohman anu berperan
Ngaraos Albarjanji sasarengan
Oge Sinareng ngaos solawatan
Pamugi mugi sing aya ganjaran
Oge masing aya dina kamajengan

Sateuacana nadom di tamateun


Emut kanu parantos merjuangkeun
Hayu ku sadayana daruakeun
Ngaoskeun du’a hayu di panjatkeun
Sumangga hate masing di hususkeun
Berkahna fatihah mangga di’aoskeun

You might also like