You are on page 1of 1

Hadirin Ahli Jum’ah rahimkumullah ,,,

Pangagengna mukjizat Rasulullah saatos qur,an nyaeta isra sareng mi’raj dina kaping 27 rajab 19 bulan sateacan
hijrah ka Madinah. Sakumaha parantos kauninga ku urang sadayana dina perjalanan isra yen Rasulullah SAW mendakan
rupi-rupi kajadian anu hikmah sareng eusina eta kajadian th nganjantenkeun manfa’at kanggo urang sadayana, diantawisna
nyaeta : Kahiji mantena kantos sholat sunat di lima tempat, 1. Di Madinah anu bakal jadi tempat hijrah nyaeta daerah
perjuangan ngembangkeun agama islam, 2. Di Madyan tempat hijrah kanjeng nabi Musa As, 3. Di Turisina tempat kanjeng
nabi Musa nampi kitab suci taurat, 4. Di Baitu Lahm tempat lahirna Nabi Isa As, 5. Di masjidil Aqsa sateacan mi’raj.

Hikmah sareng eusi kajadian anu kadua nyaeta dina perjalanan isra antara baitu Lahmi sareng masjidil aqsa kanjeng
Rasulullah SAW di pintonan atanapi petunjuk rupi-rupi tamstil akhlaq manusa anu sae dugika anu awon. Dikawitan ku di
cegah ku ifrit nu mamawa sene tujuan na bade ngaduruk rasul ,tapi mantena salamet ku berkahna du’a anu diwurukkeun ku
malaikat Jibril ka mantena. Ieu kajadian isyarat yen jalmi anu menuju kana kahadean osok diganggu ku syetan.

Hadirin Ahli Jum’ah rahimkumullah ,,,

Saterasna Rasulullah dipintonan tamstil jalma anu ngabalanjakeun harta dina jalan Allah, digambarkeun petani melak pre
dina hiji dinten,dina dintenan kadua parantos panen,dina parntos panen teras panen deui henteu aya eureunna. Smulihma
diantawis pengusaha riba digambarkeun saperti jalma anu keur ngojay di walungan getih bari di baledogan ku batu, terus
batuna di leugleug ku manehna.

You might also like