You are on page 1of 3

PERANG

BUBAT
Kangjeung Prabu Sribaduga Maharaja, Raja nagara
Galuh Pakuan, hiji mangsa kadatangan utusan ti
karajaan Majapait. Éta utusan téh dipiwarang Prabu
Hayam Wuruk masrahkeun lamaran. Kaleresan
Sribaduga Maharaja gaduh putra istri nu kacida
geulisna, ngaranna Dewi Citraresmi.

Sigana béja yén Sri Baduga gaduh putra geulis nepi


ka Majapait. Kabeneran harita Hayam Wuruk tacan
gaduh prameswari. Ku sabab éta manéhna ngirimkeun
utusan pikeun masrahkeun lamaran téa.

Sabada dibadantenkeun sareng putra garwana,


panglamar Prabu hayam wuruk téh ditarima. Malah
sakumaha paméntana, Dewi Citraresmi rék
dijajapkeun ka Majapait. Dina alam harita, karajaan
Majapait mangrupa karajaan panggedéna di
Nusantara.

Sabagéan gedé karajaan nu aya di Nusantara jadi


patalukan Majapait. Malah kabéjakeun
kakawasaanana nepi ka Malaysia, Singapura, jeung
Thailand ayeuna. Diantara nu henteu taluk téh nyaéta
karajaan Galuh Pakuan.

Ari papatihna ngaranna Patih Gajahmada.


Kabéhanana apal ka manéhna, ahli mingpin perang,
tukang nakluk-naklukkeun karajaan. Saking terkenalna
Gajahmada, kakara ngadéngé ngaranna ogé loba
raja nu milih langsung serah bongkokan daripada
kudu perang ngalawan prajurit pingpinan
Gajahmada.

Gajahmada kungsi ngedalkeun sumpah nu nepi ka


kiwari dikenal sumpah palapa. Eusina nyaéta ‘Moal
ngadahar buah palapa lamun can bisa naklukeun
karajaan-karajaan nu aya di Nusantara.

Dina waktuna, dibarengan ku para prajurit,


rombongan Sri Baduga Maharaja angkat ka nagara
Majapait. Sababaraha poé ti harita, tepi ka hiji
lembur nu ngaranna lembur Bubat. Perenahna teu pati
jauh ti puseur dayeuh karajaan Majapait. Sabada
saréréa reureuh, teras Sri Baduga miwarang utusanna
nya’eta Ki Patih Madu. Maksadna mere nyaho yén Sri
Baduga saputra garwa tos nepi ka lembur Bubat.
Salian ti éta ménta dipapagkeun, da kitu apan
ilaharna, piraku aya awéwé datang sorangan ka
tempat lalaki.

Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita


palay migarwa Dewi Citraresmi, sakedap deui bakal
kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun
Pati Gajahmada supaya siap-siap pikeun mapagkeun
calon pangantén istri. Ngan dasar atuh Gajahmada,
sohor sombong. Paréntah rajana langsung ditolak.
Alenasanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara
Galuh pakuan ukur nagara leutik.

“Leuwih hade Sri Baduga Maharaja langsung


masrahkeun anakna, anggap waé Dewi Citraresmi téh
upeti. Sakalian némbongkeun yén Galuh Pakuan taluk
ka Majapait saperti nagara-nagara séjénna.”

Bisa jadi lantaran kapangaruhan, prabu Hayam


Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti
dinya Prabu Hayam Wuruk gancang baé ngirimkeun
utusan pikeun nepikeun pesen persis sakumaha nu
diomongkeun ku Gajahmada. Puguh baé Sri Baduga
Maharaja kacida ambekna. Awakna langsung
ngagidir ampir-ampir waé teu kiat nahan amarah.
Sikep urang Majapait, utamana Patih Gajahmada
sarua jeung ngahina. Dewi Citraresmi, anak Raja nu
sakitu geulisna kudu dianggap upeti nagara jajahan.
Padahal ti iraha karajaan Galuh Pakuan jadi
patalukan Majapait?

Sri Baduga Maharaja sasauran ka saréréa, “ Sapoé


saencan urang miang ka karajaan Majapait, pasosoré
kula nempo langit hurung ngempur. Moal salah éta téh
tanda-tanda urang bakal nyanghareupan
peperangan. Ku kituna saréréa kudu siap-siap, sabab
gedé kamungkinan urang Majapait bakal maksakeun
kahayangna.”

Kasauran Sri Baduga Maharaja écés némbongkeun


sikep anjeunna. Kajeun kaleungtitan nyawa tibatan
kaleungitan kahormatan diri. Sabalikna pikeun
Gajahmada, sikep raja Pakuan sarua jeung nangtang
kana kakawasaan Majapait. Manéhna gancang
ménta idin rajana, bade ngumpulkeun para prajurit
Majapait pikeun nyerang Galuh pakuan. Sakali deui
Prabu Hayam Wuruk beunang kapangaruhan ku Patih
Gajahmada. Geus kitu mah der baé perang campuh
antara Galuh Pakuan ngalawan Majapait. Lantaran
indit ti Galuh Pakuan lain rék niat perang, Sri Baduga
Maharaja teu nyandak prajurit seueur-seueur. Atuh
dina derna peperangan jumlahna teu saimbang, nya
kitu deui pakarang perangna henteu salengkep
tangtara Majapait. Lantaran indit ti Galuh Pakuan lain
rék niat perang, Sri Baduga Maharaja teu nyandak
prajurit seueur-seueur. Atuh dina derna peperangan
jumlahna teu saimbang, nya kitu deui pakarang
perangna henteu salengkep tangtara Majapait.
Akibatna tangtara Galuh pakuan narungtutan jadi
korban. Malah lami-lami Sri Baduga Maharaja ogé
kasambut di pangperangan. Anjeunna tiwas lantaran
dikerepuk ku mangpuluh-puluh prajurit Majapait.
Kantun Prameswari sareng Dewi Citraresmi,
ngaraoskeun kasedih dikantun ku kangjeng raja.
Duanana buru-buru mandi beberesih sarta tuluy
ngaranggé pakéan warna bodas.

Putri Galuh sareng ibuna sepakat pikeun


ngalakukeun bunuhu diri, nyusul Sri Baduga Maharaja
nu tos maot ti payun. Ngadangu Dewi Citraresmi jadi
mayit, raja Hayam Wuruk kacida handeueulna. Cita-
cita nikah jeung putri geulis téh teu laksana, gara-
gara nurut teuing kana omongan Patih Gajahmada.
Tina ngarasa hanjakal tungtungna brek baé teu
damang parna. Mangpuluh-puluh dukun didatangkeun,
welas-welas pandika ditéang. Tapi, kawantu lain
panyakit biasa ukur bisa cageur mun obatna Dewi
Citraresmi.

Geus kitu mah kakaran Patih Gajah Mada ngaku


kana kasalahanana. Disangkana Sri Baduga maharaja
sarua jeung raja-raja séjénna. Gampang taluk kana
kakawasaan Majapait.

You might also like