You are on page 1of 4

wawancara

PANGAJARAN
1
1. WANGENAN WAWANCARA (Pengertian Wawancara)

Wawancara nyaéta kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua


urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer)
jeung nu diwawancara (narasumber, réspondén).
Wawancara mibanda tujuan nyaéta pikeun :

1. Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé aktualitas fakta.
2. Nyangking pamadegan resmi ti narasumber.
3. Ngaguar pamanggih ahli.
4. Konfirmasi keur babandingan data.

2. HAL-HAL NU KUDU DIPERHATIKEUN LAMUN URANG RÉK NGAYAKEUN


WAWANCARA

a. Muguhkeun informasi naon nu rék dikumpulkeun.

b. Nangtukeun saha anu rék di wawancara (narasumber).


c. Nangtukeun iraha jeung dimana rék di wawancarana.
d. Nyusun angkét wawancara, nyaéta daptar pananya anu rék ditanyakeun.
Biasana pananya na ngandung prinsip 5W + 1H : what (naon), where
(dimana), when (iraha), why (kunaon), who (saha), how (kumaha).
e. Dina ngawawancara, ngagunakeun basa Sunda anu merenah.
f. Nyatetkeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber.
3. Wanda wawancara (macem-macem wawancara) dumasar carana

a. Wawancara mandiri (wawancara individual)


Hartina saurang pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang
narasumber.
b. Wawancara kelompok
Biasana jumlah pawawancara lobaan, narasumber bisa saurang bisa
kelompok.
c. Wawancara konférénsi
Kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sababaraha narasumber. Contona
acara talkshow dina tv atawa diskusi publik.

4. Wanda wawancara (macem-macem wawancara) dumasar sipatna

a. Wawancara kauger
Disebut ogé wawancara tertutup. Hartina pawawancara kudu bisa nyekel
rusiah idéntitas narasumber jeung perkara nu ditepikeun narasumber.
b. Wawancara bébas
Wawancara anu dilakukeun sacara dadakan (sacara spontan).
“NGAWAWANCARA TUKANG WARUNG”

W : Assalamu’alaikum Wr. Wb
N : Wa’alaikumsalam Wr. Wb
W : Punteun bu, abdi ngaganggu
WAKTOS ibu sakedap?
N : Muhun
W : Punteun, ari name ibu teh saha?
N : Nami Ibu teh Endih
W : Ohh…Kenalkeun bu nami abdi
RENA Kelas IX-B, Abdi sakola di
SMP Negeri 1 Panimbang, Abdi
bade ngawawancara ibu,…Tiasa teu?
N : Mangga
W : Ibu Icalan Naon-naon?
N : Wawarungan Uduk
W : Sadinten kenging sabaraha?
N : Kenging 700.000
W : Buka warungna jam baraha?
N : Jam 06.00 Enjing
W : Ari tutupna jam baraha?
N : Jam 10.00 Weungi
W : Nya tos Bu, ngan sakitu abdi
ngawawancara ibu.
N : Muhun
W : Assalamu’alaikum
N : Wa’alaikumsalam

You might also like