You are on page 1of 49

BADOG

Dhipa Galuh Purba

Badog — Dhipa Galuh Purba 1


Nu Ngalalakon

1. Iswari, umurna 20-25 taun, randa, geulis, idéalis, rada romantis.


2. Badar, umurna 25-30 taun, bangsat tapi hadé haté, gagah, wanian.
3. Isud, umurna 25-30 taun, béréhan, babarian peunggas harepan.
4. Rodiah, umurna 25-30 taun, korét, panasbaran, matré, timburuan.
5. Odi, umurna 50-60 taun, bujangan, gumasép, cunihin, rada licik.
6. Kadés Ukar, umurna 30-40 taun, teu panceg pamadegan, licik.
7. Ulis Kowi, umurna 30-40 taun, satia ka dunungan, rada idéalis.
8. Hansip Baron, umurna 30-40 taun, barangasan, hayang kapaké ku
dunungan.
9. Ubéd, umurna 17-21 taun, rada idiot, tapi jujur tur nyaah ka sasama.
10. Jang Amanta, umurna 30-35 taun, dulur (duda lembur), GR-an,
kumaha angin.
11. Cép Among, umurna 20-25 taun, wanian, GR-an, pipilueun kumaha
raména.
12. Néng Lia, umurna 19-25 taun, mojang lembur nu nyéntrik, centil.

Figuran
- Orok
- Lalaki I
- Lalaki II
- Nu Ngarudag Bangsat

Séting

Babak I : Kebon Awi, wanci sareureuh kolot.


Babak II : Rohangan Tengah Imah Kadés Ukar, wanci tengah peuting.
Babak III : Rohangan Tengah Imah Iswari, wanci beurang.

2 Kumpulan Drama Sunda


BABAK I

Kira wanci sareureuh kolot di kebon awi. Kilat patingburi-


nyay ditéma ku ngaguruhna sora guludug, patémbalan
jeung hawar-hawar babaungna sakadang anjing.
Iswari diuk deukeut dapuran awi bari ngeukeupan orok
anu teu eureun gogoaran. Eksprési Iswari nuduhkeun
kaayaan dirina anu keur ngemu kabingung tur keur
nandangan kingkin prihatin.
Teu lila, sora orok jempé. Iswari cengkat bari angger ngais
orok tur dikeukeupan ku dua leungeunna. Iswari rungah-
ringeuh, sabab hawar-hawar kadéngé sora galura motah.
Kilat, guludug, jeung sora galura motah piligenti jeung
patémbalan.
1 O.S*. SORA LALAKI (harus, tapi semu ngageuri)
Galura anu umpal-umpalan téh milu tunggara!
Jaladri kingkin, jumeriiit mangsa rénghap kapegat
musibah!
Cai motah ngutahkeun budah-budah sungkawa!
Ngutahkeun budah-budah sungkawa!
2 ISWARI
Kang Darma…! Kang Darma…! Kang Darmaaa…!
Orok gogoaran deui.
3 O.S. SORA LALAKI (halon)
Anaking, budal tsunami, muga sing jadi pépéling diri.

*
singgetan tina Out Sound, maksudna sora anu euweuh jirimna atawa sora tan
katingalan.

Badog — Dhipa Galuh Purba 3


Iswari ngusapan orok pinuh kadeudeuh kalayan dibarung
kasedih. Satuluyna Iswari ngahaleuangkeun lagu, mi-
nangka éksprési gerentes ciptaning ati (Bisa didabing atawa
dinyanyikeun langsung), dipirig ku gitar, keyboard, atawa
waditra naon baé anu nyekrup.
4 ISWARI (Nyanyi lagu “Tsunami”*)
Anaking jimat awaking
Basa geunjleung budal tsunami
Bapa hidep keur pakepuk di Basisir
Anaking jimat awaking
Bapa hidep milu perlaya
Mangsa nyiar napkah pikeun hirup urang
Ref.
Masing sabar hidep jadi budak yatim
Urang ngadu’a muga di alam barzah
Sadaya korban nyorang bagja
Moal hilap piwuruk bapa hidep
Lamun musibah tumiba ka urang
Enggal ngucap: Laa Illaha Ilalloh
Rodiah norojol bari nulak cangkéng tur némbongkeun
budi parangi haseum. Rodiah nyampeurkeun Iswari
dibarung napsu ngagugudug, tur mudalna amarah.
5 RODIAH
Paingan atuh ditéangan ka mamana henteu kapanggih!
Singhoréng nyumput di dieu manéh téh, Iswari! Kahayang
téh dilegleg maung sakalian, ngarah di lembur téh aman!
6 ISWARI
Ampun, Ceu. Ampuuun…
7 RODIAH
Lain ampun-ampunan siah! Moal bisa mungkir deui
ayeuna mah, hayoh ngaku!

*
Serat Kanayagan (notasi lagu) dilampirkeun dina ieu naskah

4 Kumpulan Drama Sunda


8 ISWARI
Ari abdi kedah ngangken naon, Ceu…?
9 RODIAH
Tong api-api manéh téh! Teu nginjeum jejebir, teu
nginjeum dedeléh, manéh ngahajakeun ngalilindeuk salaki
aing! Kasép nya salaki aing téh hah?! Manéh kabita ku
salaki aing nya?! Hayoh ngaku? Teu sudi teuing aing kudu
boga maru! Hayoh, ngomong!
10 ISWARI
Henteu, Ceu… demi Alloh… teu pisan-pisan kuma-
wantun…
11 RODIAH
Tong mamawa ngaran Pangéran sagala, siah! Ari tadi
pabuburit, rék nanahaon salaki aing nganjang ka gogobrog
manéh?
12 ISWARI
Badé maparin béas, Ceu. Teu langkung ti éta…
13 RODIAH
Alus, alus…! Jadi salila ieu, manéh dibéré nyatu ku salaki
aing? Méré naon manéh ka salaki aing?! Hayoh, ngaku!
Méré naon manéééh?!
14 ISWARI
Bujeng hingga barang pasihan, Ceu. Apan Euceu ogé
uninga nyalira kaayaan abdi anu sakikieuna…
15 RODIAH
Lain barang-béré nu kitu maksud aing ogé! Manéh pasti
barang-béré nu séjénna! Hayoh ngaku?!
16 ISWARI
Masihan naon atuh, Ceu? Abdi mah mung kagungan awak
sakujur kadua murangkalih…
17 RODIAH
Tah geuning ngaku ayeuna mah! Jadi manéh téh méré

Badog — Dhipa Galuh Purba 5


sakujur awak manéh ka salaki aing! Rasakeun ayeuna
wawales ti aing!
Rodiah ngajenggut buuk Iswari satakerna.
18 ISWARI
Ampuuun, Ceu… Ampuuun….!
Isud norojol rurusuhan, muru ka Rodiah nu keur
ngajenggut buuk Iswari. Isud ngarawél leungeun Rodiah,
sarta ngaleupaskeun leungeun Rodiah tina buuk Iswari.
19 ISUD
Nanaonan manéh téh, Rodiah?! Leupaskeun siah! Mani
taya ras-rasan pisan ngadon nyiksa jalma teu tuah-teu dosa!
Rodiah malik nyangangang ka Isud.
20 RODIAH
Dasar lalaki nurustunjung! Abong kéna ka yayangna, mani
dibélaan sagala!
21 ISUD
Naon maksud manéh téh, Rodiah? Sok pararadu ari
ngomong téh!
22 RODIAH
Montong mungkir lah, geuleuh! Nanaonan maké jeung
untar-anteur béas ka ieu ungkluk?
23 ISUD
Astaghfirulloh…! Sing éling manéh téh, Rodiah!
24 RODIAH
Aing mah éling ti baheula ogé! (bari ngagukguk ceurik)
Akang anu teu éling mah! Akaaang! Akang nu téga
salingkuh jeung si randa eusleum! Pasti akang milu
ngolotan orokna meureun nya…
25 ISUD
Rodiah!!! Akang téh lain lalaki tukang lacur! Pék tanyakeun
langsung ka Nyi Iswari, lamun manéh teu percaya mah…

6 Kumpulan Drama Sunda


26 RODIAH
(nyentak, ceurikna eureun) Meunggeus ditanyakeun tatadi
ogé! Akang téh sok nganteuran béas pan? Sok nganteuran
deungeun sanguna pan? Sok nganteuran duit pan? Sok
nganteuran sagala pokona mah pan?
27 ISUD
(leuleuy) Yeuh, Rodiah, akang mémang sok ngiriman béas
jeung kadaharan ka Nyi Iswari. Tapi lain hartina akang
rucah jeung Nyi Iswari.
28 RODIAH
Ari enggeus, naon maksudna atuh? Hayoh jawaaab!
29 ISUD
Hih, apan manéh ogé apal, salaki Nyi Iswari téh maot
kaléléd tsunami. Ari jenatna salaki Nyi Iswari téh baheula
mindeng pisan nulungan akang. Jadi, geus jadi kawajiban
urang keur ngabantu Nyi Iswari anu kiwari keur nandangan
kasusah. Lamun teu dibéré ku urang, meureun Nyi Iswari
moal manggih dahar. Mangkaning boga orok anu keur
meujeuhna uruseun…
30 RODIAH
Orok batur mah lain urusan akang! (némbongkeun
beuteungna anu kempléng) Yeuh, urusan akang mah orok
nu aya di dieu!
31 ISUD
Har, na ti iraha manéh geus ngandeg? Sukur Alhamdulillah
ari kitu mah. Apan sasatna ti baheula urang tacan
kasinugrahan boga anak. Akang bener-bener bungah
lamun manéh geus kakandungan…
32 RODIAH
Bungah-bungah tujuh mulud! Pamajikan keur kakan-
dungan kuat ka teu apal, balas nguruskeun orok batur
jeung indungna!

Badog — Dhipa Galuh Purba 7


33 ISUD
Ké, ké… na bener kitu manéh téh keur kakandungan?
34 RODIAH
Heueuh, bener! Aing téh keur ngidam! Ngidaaam!
35 ISUD
Hayang naon atuh? Cik, pok sebutkeun, sugan kabedag!
36 RODIAH
Hayang akang ulah nyampeurkeun deui si éta! Titik! (bari
nunjuk ka Iswari)
37 ISUD
Ih, hanas dibandungan. Cik atuh sing boga rasa karunya
ka sasama téh, Rodiah! Geus, ayeuna mah geura balik!
Geura wudu! Geura solat isa!
38 RODIAH
Na akang téh mani kawas Pangéran baé! Maké jeung tutuh-
titah solat sagala rupa. Nu nitah solat mah Pangéran, lain
manusa! Sasama manusa mah paling ogé samet ngajak,
lain nitah!
39 ISUD
Enya, heug atuh, hayu urang balik, urang wudu, urang solat
berjama’ah.
40 RODIAH
Jung wé tiheula! Aing mah can sugema saméméh nyiksa
ieu ungkluk!
Rodiah rék nyerenteng deui ka lebah Iswari. Tapi
leungeunna dijéwang ku Isud.
41 ISUD
(nyentak) Na manéh téh mani teu beunang disabaran,
Rodiah! Hayu, balik!
Rodiah roroésan, embung diajak balik. Tapi Isud keukeuh
maksa.

8 Kumpulan Drama Sunda


42 RODIAH
Teu sudi aing mah! Leupaskeun Isud! Isuuud…! Dasar
Isudamleng! Isudamplengngng…!
43 ISUD
Calutak pisan siah wani-wani nyebut ngaran ka salaki!
Dasar Rodiah! Rodiaaah! Rodiaaahorokokok!
44 RODIAH
Isudampleng…! Isudampleng ngok ngok…!
Isud ngagusur Rodiah ninggalkeun Iswari.
Iswari beuki pageuh ngeukeupan orokna bari ngomong
sorangan.
45 ISWARI
(VO) Cacak lamun Kang Darma aya kénéh dikieuna,
pamohalan bakal pinanggih jeung pangalaman siga kieu.
Duh, Kang Darma… mugia akang kénging kabagjaan di
alam kalanggengan…
Iswari teu kebat ngumbar sawangan, sabab Odi datang
bari bébéléhéman gumasép naker. Iswari ngaranjug, tuluy
tatan-tatan rék lumpat. Tapi pigeulang leungeun Iswari
kaburu dirawél ku Odi.
46 ODI
Wow, tidak usah lumpat, geulis. Aa Odi mah tidak suka
galak da…
47 ISWARI
Aki… leupaskeun panangan abdi! Sing hawatos, Ki…
48 ODI
Wow, teu kénging memanggil “Aki” atuh! Panggilah “Aa”.
Badé “Aa” saja, silahkan. Badé “Aa Odi” juga dipersilahkan.
49 ISWARI
Sumuhun, leupaskeun heula ieu panangan abdi.
50 ODI
Wow, mangga ku Aa Odi dilésotin. Tapi Nyai jangan ka

Badog — Dhipa Galuh Purba 9


mamana nya. Aa Odi memiliki picarioseun anu urgen
banget.
Odi ngaleupaskeun pigeulang leungeun Iswari. Satuluyna
Iswari nonggongan Odi.
51 ISWARI
Badé aya naon deui atuh, Ki?
52 ODI
“Aa”! Sakali deui, panggil sayah “Aa” or “Aa Odi!”
53 ISWARI
Sumuhun, badé aya naon deui atuh? Na teu acan sugema
ngadukeun abdi sareng Ceu Rodiah?
54 ODI
Wow, sanés Aa Odi nu comél ka Ceu Rodiah mah. Sanés,
sanés Aa Odi, tapi Si Buruy. Saksina ogé Si Aték sama Si
Mélon.
55 ISWARI
Dugi ka iraha ogé moal percanten abdi mah…
56 ODI
Tidak percaya ka saha? Ka Si Aték?
57 ISWARI
Ka di dinya!
58 ODI
Ka di dinya téh maksudnya ka Aa Odi?
59 ISWARI
Ka di dinya pokona mah…
Odi leumpang ka hareupeun Iswari, tapi Iswari buru-buru
malikeun awakna, nonggongan deui Odi.
60 ODI
Aa Odi semakin buleud patékadan untuk unggah ka balé
nyungcung bersama Nyai. Badé ngantosan naon deui atuh
Nyai téh?

10 Kumpulan Drama Sunda


61 ISWARI
Sakali henteu, salawasna henteu!
62 ODI
Wow, teu kénging kitu, geulis. Aa Odi mah sanés ku bogoh-
bogoh teuing ka Nyai. Aa Odi mah hanya kasian sama
orok nyai. Jikalau nyai tidak berpunya carogé, badé ku
saha deui dibesarkeunnya itu orok?
63 ISWARI
Tos, ulah nyarios baé, Ki. Kantunkeun abdi nyalira!
64 ODI
Wow… hancurnya hati Aa Odi. Teu kénging kitu, Nyai
sayang. Cinta Aa Odi mah tulus suci dan murni. Nyai akan
diajak menyorang rumah tangga nan bahagia berlumur-
kan permata.
65 ISWARI
Sakali deui, kantunkeun abdi nyalira, Ki! Titik!
66 ODI
Sakali lagi, Aa Odi menandeskan bahwa cinta Aa Odi tidak
terdorong apa itu namanya birahi. Aa Odi mah nyaah and
deudeuh ka orok nyai. Koma!
Iswari malikeun awakna, nyanghareup ka Odi. Tuluy
ngalaanan samping anu dipaké ngais orok. Sanggeus
kitu, Iswari masrahkeun orok ka Odi.
67 ISWARI
Upami Aki leres ukur nyaah ka orok abdi, mangga candak
ku aki. Rorok ku aki dugi ka ageung.
Odi nampanan orok. Orok gogoaran. Iswari malikeun deui
awakna, nukangan Odi.
Sakedapan Odi bangun nu bingung. Tapi teu lila, Odi seuri
sorangan siga nu manggih bongbolongan.
Odi ngagolérkeun orok dina deukeut dapuran awi.
Sanggeus kitu, Odi ngadeukeutan Iswari.

Badog — Dhipa Galuh Purba 11


68 ODI
Sa yan g…
Iswari malikeun awakna. Barang paadu hareupan, Odi
langsung ngagabrug Iswari dibarung napsu birahi. Odi
rék ngagadabah Iswari.
Iswari satékah-polah ngalawan. Orok beuki harus
gogoaran.
69 ISWARI
Iblis! Leupaskeun siah!
70 ODI
(bari rénghap ranjug) Sayang, biarlah teu kersa ditikah
ku Aa Odi ogé. Tapi nuhunkeun ayeuna sakali wé, please…
71 ISWARI
Teu sudi siah, Iblis! Tuluuung…! Tuluuung…!
Odi ngabekem biwir Iswari
72 ODI
Sssst…! Tenang… tenang… tidak nyeri da…
Dina kaayaan keur papuket, Badar datang rurusuhan
(Badar maké pakéan sing sarwa hideung, katut diteregos
hideung, nyorén bedog, sarta ngagandong kantong gedé).
Badar ngarawél awak Odi. Tuluy digampleng dua kali.
Odi teu walakaya.
Iswari buru-buru ngarawu orok anu gogoaran, tuluy diais
sarta dirangkul pageuh naker. Orok eureun gogoaranna.
73 BADAR
(ka Odi) Aki-aki nurustunjung!
74 ODI
Ampuuun… ampuuun…!
Badar mesat bedog, ngagurilap katojo kilat.
75 ODI
Ampuuun… jangan dimatikan! Aa Odi teu acan nikaaah!

12 Kumpulan Drama Sunda


76 BADAR
Kawin wé engké di jero kubur!
Odi sumujud sarta nyuuh kana suku Badar.
77 ODI
Ampuuun… ampuuun… badé kumaha mencari istri
jikalau Aa Odi dikubur? Sing hawatos ka Aa Odi… nu
saumur-umur jagung teu acan kantos ngalaman rarabi…
78 BADAR
Yeuh jeung congo bedog rarabina!
Badar geus ngabarkeun bedogna. Odi buru-buru cengkat
sarta ngaberetek lumpat tipararétot ninggalkeun éta pa-
tempatan. Badar henteu ngudag Odi, kalah nyampeurkeun
Iswari. Satuluyna Badar ngodok kembang kamuning anu
nyelap di jero bajuna. Badar mikeun kembang kamuning
ka Iswari. Kembang kamuning ditarima ku Iswari.
Badar rék ngaléos, tapi pigeulang leungeunna dicepeng
ku Iswari.
79 ISWARI
Saha saleresna salira téh? Tos tilu kali nepangan abdi,
maparin kembang kamuning, lajeng miang deui…
80 BADAR
Nyai can waktuna apal ka kuring.
81 ISWARI
Wartosan abdi ayeuna kénéh. Ayeuna pisan waktosna.
Badar ngahuleng sakedapan. Teu lila, Badar léah. Badar
muka teregosna. Bréh katingali rupa Badar. Iswari
n ga ra n ju g.
82 ISWARI
Kang… Kang… Kang…
83 BADAR
Nyai pasti reuwas, sabab beungeut kuring ampir sarimbag

Badog — Dhipa Galuh Purba 13


jeung Kang Darma.
Iswari teu mairan omongan Badar, kalah beuki hémeng.
84 BADAR
Tapi kuring lain Kang Darma. Kuring téh adina Kang Darma,
anu papisah ti bubudak. Harita, 25 taun katukang, Kang
Darma dibawa ngumbara ku Si Mamang. Tapi taya béja-
taya carita, boh ngeunaan Kang Darma atawa Si Mamang.
Badar ngahuleng sakedapan. Iswari beuki panasaran,
tapi teu wani motong omongan Badar.
85 BADAR
Kuring satékah-polah maluruh laratan Kang Darma, tug
nepi ka sababaraha taun katukang, kuring meunang laratan
Kang Darma. Tapi… (dareunda) basa tumiba musibah tsu-
nami, kuring manggih béja deui yén Kang Darma maot
kaléléd tsunami.
Badar ngahuleng deui. Iswari neuteup anteb Badar. Kilat
ngaburinyay. Sora guludug handaruan.
86 BADAR
Asalna kuring teu boga harepan panggih deui jeung anu
jadi lanceuk. Tapi deui-deui kuring manggih béja yén Kang
Darma ninggalkeun anak pamajikan anu matuh di ieu
lembur. Ahirna kuring maluruh Nyai, hayang panggih jeung
alo kuring…
87 ISWARI
Upami kitu mah… salira téh…
88 BADAR
(némpas) Enya, kuring téh adi beuteung nyai. Éta budak
anu diais ku nyai, tangtu alo kuring.
89 ISWARI
Tapi... tapi... naha salira bet sasalingkeran? Naha salira
kalah ngageujleungkeun ieu lembur? Emm… naha salira
jadi… jadi…

14 Kumpulan Drama Sunda


90 BADAR
(némpas) Jadi badog? Kuring mémang badog, Nyai.Tapi
isuk jaganing géto, nyai bakal ngarti, kunaon pangna kuring
ngabadog.
91 ISWARI
Naon baé alesanana, ngabangsat mah tetep salah. Ku naon
salira téh henteu langsung nepangan abdi sarta ngawanoh-
keun diri?
92 BADAR
Nyai, nu jelas mah… barang kuring ningali nyai, teuing
kumaha ieu haté ujug-ujug ngageter. Kuring ngarasa dosa,
sabab ujug-ujug… (asa-asa) euh… ka Nyai, anu sasatna
nyai téh pamajikan lanceuk kuring.
Iswari ngaranjug bari mémparkeun paningali. Badar
neuteup seukeut Iswari.
Kilat ngaburinyay, ditéma ku sora guludug.
93 BADAR
(bari tanggah) Anéh… tatadi mula langit angkeub, tapi teu
daék hujan…
Tapi teu kebat, sabab hawar-hawar aya nu tingceuleu-
weung, gogorowokan harus naker patémbalan. Sora nu
gogorowokan beuki lila, mingkin deukeut.
94 O.S. KOOR
Bangsaaaat…! Bangsaaaat! Eureun siah, bangsaaat…!
Garooong…! Paéhaaan…! Duruuuk…!
95 O.S. HANSIP BARON
Ka lebah mana, Ki?
96 O.S. ODI
Ka sebelah sini! Awas hati-hati banyak beling…!
Badar neuteup Iswari sakedapan. Teu pati lila, Badar
malikeun awakna sarta ngaberetek lumpat, ninggalkeun

Badog — Dhipa Galuh Purba 15


Iswari. Badar ngiles.
Nu jojorowokan sorana beuki deukeut. Hansip Baron,
Odi, jeung sababaraha urang lalaki anjog ka tempat
Iswari.
97 HANSIP BARON
Nyai?! Ka mana lumpatna badog téh, Nyai?
Iswari ngabetem, bingung ngajawabna.
Odi buru-buru némbalan.
98 ODI
Tuh, ka sebelah ditu sepertina mah! (bari nunjuk ka lebah
lumpatna Badar) Tadi téh galungan dulu sama Aa Odi. Tapi
si badog téh melicik, da membongohan Aa Odi, jadi wé
leupas. Padahal kalau tidak melicik mah, ku Aa Odi sudah
diparieuskeun rambutnya, aéh… kakinya!
99 HANSIP BARON
Wah, tétéla Aki Odi téh wanian!
100 ODI
Wow, benar sekali itu. Sok, sekarang mah udag ku
semuanyanya, kudu beunang, tuman tah badog téh,
henteu jéntel pisan!
101 HANSIP BARON
Enya, bener! Buru-buru udag sing bisa kacerek! Tapi Jang
Amanta jeung Cép Among, wayahna ulah milu ngudag.
102 CÉP AMONG
Naha uing teu meunang ngudag?
103 HANSIP BARON
Urang ngajajapkeun heula Aki Odi jeung Nyi Iswari ka imah
Kadés.
104 CÉP AMONG
Oh, enya atuh, kitu hadé.

16 Kumpulan Drama Sunda


105 HANSIP BARON
(ka lalaki nu rék ngarudag bangsat) Sok buru udag! Lain
kalah ngajareten di dieu!
106 KOOR
(bari lumpat) Siap, Komandan! Udaaag…! Paéhaaaan!
Duruuuk…!
107 LALAKI I
(bari lumpat) Wasit goblooog! Wasit gobloog…!
108 LALAKI II
(bari lumpat) His, lain keur ngabobotohan mégbal ieu
mah…
Kabéhanana lalumpat ngudag Badar. Nu nyésa kari
Iswari, Odi, Hansip Baron, Jang Amanta, jeung Cép
Among.
109 JANGAMANTA
Wah, Si Aki hébat euy. Teu nyangka wanian ka badog…
110 ODI
Wow… gini-gini ogé Aa Odi téh pernah ikutan taék…
taék… taék naon ngaranana téh? Aya ku poho-poho teuing.
111 CÉP AMONG
Taék tangkal kalapa, Ki?
112 ODI
Tah, éta! Tepat pisan jawaban téh.
112 JANGAMANTA
Taék-wondo meureun!
113 ODI
Tah, éta ogé tepat sekali!
114 HANSIP BARON
Meunggeus ulah kalah hareureuy! (ngarérét ka Iswari) Aéh,
éta kunaon baju mani rangsak kitu, Nyai?

Badog — Dhipa Galuh Purba 17


115 ISWARI
Mmmm… euuuh….
116 ODI
(némpas) Justru Si Nyai téh mau digadabah ku Si Wewelek
badog. Jikalau tidak ada Aa mah, sudah barang tangtu Si
Nyai bakal kabeunangan.
117 HANSIP BARON
Lamun kitu mah, Nyai kudu nganuhunkeun ka Aki Odi.
118 ODI
Wow… tidak kedah lah. Itu kan sudah menjadi kawajiban
kita, kudu tolong-menolong sasama manusa…
119 HANSIP BARON
Nya atuh ari kitu mah hayu urang ka imah Pa Kadés. Engké
wé ku Aki caritakeun sing lengkep kronologisna…
120 ODI
Wow… kitu langkung bagus! (ngadeukeutan Iswari)
Orokna urang pangku ku Aa Odi saja!
121 ISWARI
Teu!
122 ODI
Oh, iya, hilap. Apan orokna maueun nénén nya…
123 HANSIP BARON
Hayu, Ki! Bisi kaburu hujan!
124 ODI
Jangankan hujan, gunung yang tinggi pun akan Aa Odi
naiki demi membela Nyai Iswari
125 HANSIP BARON
Hayu, Ki! Meni kalékéd pisan
Hansip Baron, Jang Amanta, Cép Among, Odi, jeung
Iswari, ngabring ninggalkeun éta patempatan.

18 Kumpulan Drama Sunda


BABAK II

Wanci tengah peuting di rohangan tengah imah Kadés


Ukar, kaayaan caang ngempray ku lampu.
Ubed diuk melenguk dina korsi, bari sakapeung bulunyah-
belenyéh (posisina di tengah).
Ulis Kowi diuk di kéncaeun Ubéd, bari nyekel buku jeung
pulpén (nuliskeun sakur wangkongan).
Néng Lia diuk katuhueun Ubéd, bari muncereng ka Ubéd
semu nu ngéwa.
Kadés Ukar lajag-léjég, sakapeung ngahuleng, sakapeung
mencrong ka Ubéd.
126 KADÉS UKAR
(bari neuteup seukeut ka Ubéd) Nu keur mandi ditoong!
Nu keur nyatu ditoong! Nu keur héés ditoong! Sagala rupa
ditoong! Na euweuh deui pagawéan nu leuwih mangpaat
batan tuang-toong?!
127 UBED
Teu aya, Pa Kadés …
128 KADÉS UKAR
Teu salah dédéngéan déwék téh?
129 NÉNG LIA
Siksa wé, Pa Kadés!
130 KADÉS UKAR
(molotot ka Néng Lia) Cicing! Mun teu ditanya, ulah waka
nyarita!
131 NÉNG LIA
Har, naha Pa Kadés mah kalah ngambek ka abdi? Apan
abdi téh jelas-jelas nu jadi korban! Korban… emh…
penoongan Si Ubéd! Abdi teu suka, teu rido lahir batin,
nuju ibak ditoong ku Si Ubéd… (bari inghak-inghakan)

Badog — Dhipa Galuh Purba 19


pokona teu suka…
132 KADÉS UKAR
Enya, apan ieu ogé keur diintrogasi Si Ubéd téh. Jadi, tenang
wé heulaanan, geulis…
133 ULIS KOWI
Catet sadayana, Pa Kadés?
134 KADÉS UKAR
(rada halon) Ulah palebah nyebut “geulis” mah, bisi
dibaca ku pamajikan.
135 ULIS KOWI
Oh, mangga upami kitu mah…
Kadés Ukar ngaléngkah ka hareupeun Néng Lia.
136 KADÉS UKAR
Jadi, kumaha mimitina pangna Si Ubéd katohyan noong
Enéng téh? Naha kira-kirana aya saksi séjén?
137 NÉNG LIA
Teu kedah nganggo saksi sagala, Pa Kadés. Tos jelas Si
Ubéd anu sumping ka rorompok abdi, miwarang ibak ka
abdi…
138 KADÉS UKAR
Ké, ké, asa rada rieut ieu téh…
139 UBÉD
Kieu Pa Kadés, abi téh saleresna mah gaduh niat saé: badé
masihan uninga ka Néng Lia supados geura ibak. Apan
biasana ogé Néng Lia mah ibakna bada Isya. Hanas abi
tos ngadedempes caket tampian, tapi Néng Lia henteu
torojol baé…
140 KADÉS UKAR
Tuluy manéh nyusulan ka imah Néng Lia?
141 UBÉD
Sumuhun, da apan biasana bada Isya ibakna…

20 Kumpulan Drama Sunda


142 KADÉS UKAR
Jadi, unggal bada Isya, manéh sok noong Néng Lia lamun
keur mandi?
143 UBÉD
Sumuhun…
144 NÉNG LIA
(bari inghak-inghakan) Tuuuuh… pan ngaku nyalira…
145 KADÉS UKAR
(ka Ubéd, ngaharéwos) Ké, ké, ari Nyi Enok, sok jam
sabaraha mandina?
146 UBÉD
(ngaharéwos) Wanci Magrib, Pa Kadés.
147 KADÉS UKAR
Ari Néng Réfani?
148 UBÉD
Oh, éta mah jam lima sonten, tara kirang, tara langkung…
149 NÉNG LIA
Pa Kadés, terbuka atuh narosna! Tos teu usum sumput
salindung jaman ayeuna mah…
Kadés Ukar ngaranjug. Tuluy ngarobah sikep, jadi leuwih
daria.
150 KADÉS UKAR
(ka Ubéd, tandes tur harus) Naon baé anu kaciri, basa
silaing keur noong Néng Lia?
151 UBÉD
Étana, Pa Kadés …
152 KADÉS UKAR
(ngarérét ka Ulis Kowi) Catet, Ulis!
153 ULIS KOWI
Mangga, Pa Kadés.

Badog — Dhipa Galuh Purba 21


154 KADÉS UKAR
(nanya ka Ubéd) Tuluy naonna deui?
155 UBÉD
Étana deuih…
156 KADÉS UKAR
(ngarérét ka Ulis Kowi) Catet, Ulis!
157 ULIS KOWI
Mangga, Pa Kadés.
158 KADÉS UKAR
(nanya ka Ubéd) tuluy naonna deui anu kaciri téh?
159 UBÉD
Étana ogé katawis, Pa Kadés.
160 KADÉS UKAR
(ngarérét ka Ulis Kowi) Catet deui, Ulis!
161 ULIS KOWI
Mangga, Pa Kadés.
162 NÉNG LIA
Heup, heup! Nanaonan tatadi mula ukur ngajawab étana-
étana wé! Naon étana téh?
Kadés Ukar ngahuleng. Tuluy nyampeurkeun Ulis Kowi.
163 KADÉS UKAR
Kumaha cik kira-kirana? Sugan boga pamanggih nu
hadé…
164 ULIS KOWI
Saéna mah ieu pasualan téh dikembangkeun baé, Pa
Kadés.
Kadés Ukar unggut-unggutan, nyéh seuri. Tuluy ngadeu-
keutan Ubéd.
165 KADÉS UKAR
(ka Ubéd) Tadi manéh nyebutkeun yén euweuh deui
pagawéan séjén salian ti noong.

22 Kumpulan Drama Sunda


166 UBÉD
Leres pisan, Pa Kadés
167 KADÉS UKAR
Cik sebutan hiji-hiji, saha baé nu kungsi ditoong ku
manéh?
168 UBÉD
Waaah… harilap deui, Pa Kadés. Pokona mah sadayana
ogé kantos ditoong… hé hé…
169 KADÉS UKAR
Kaasup déwék?
170 UBÉD
Kantenan wé…
171 KADÉS UKAR
Dasar Sarbéééd! Cilaka déwék…
172 NÉNG LIA
(maké éjaan Inggris) U bad…!
173 UBÉD
Hé hé hé… punten pisan, Pa Kadés. Tapi da sumpah…
moal diwartos-wartos…
Kadés Ukar nepak tarangna sorangan.
174 KADÉS UKAR
Geus ayeuna mah urang mokus wé kana kasus Néng Lia
anu ditoong ku Si Ubéd!
Isud jeung Rodiah datang bari hariweusweus.
175 RODIAH
Kumaha badog téh, Pa Kadés? Tos katéwak? Aduuuh…
mangkaning anu dipaling téh emas meunang nganjuk…
Kadés Ukar rék nyarita, tapi teu kebat, sabab Ubéd
nyakakak bari nunjuk Rodiah jeung Kadés Ukar piligenti.

Badog — Dhipa Galuh Purba 23


176 UBÉD
(ngabagi paneuteup ka Rodiah jeung Kadés Ukar bari
éprak) adeuuuh… adeuuuuh…!
177 KADÉS UKAR
Adeuh-adeuh nanahaon manéh téh, Ubéd? Ulah ngaliar-
keun taleus ateul siah!
178 UBÉD
Teu aya patula-patali sareng taleus, Pa Kadés. Adeuuuh…!
Adeuuuh…!
179 KADÉS UKAR
(ka Ulis Kowi) Ulis, ulah dicatet nu bieu mah! Geus kasus
noong mah dipénding heula! Urang mokus heula kana
kasus badog.
180 NÉNG LIA
Janten, kumaha nasib abdi, Pa Kadés?
181 KADÉS UKAR
Wayahna nyambung baé ka isuk-pagéto. Ayeuna mah keur
rariweuh nguruskeun badog!
182 NÉNG LIA
(bari ngajéngkat ninggalkeun rohangan) Anu noong ogé
sarua wé jeung ngabadog!
Néng Lia ninggalkeun rohangan.
183 O.S. BU KADÉS
Piiih… Piiih…! Isuk deui wé atuh nguruskeun nu kararitu
mah! Mamih geus tunduh!
184 KADÉS UKAR
(Bari ngarérét ka lebah panto kamar) Sok wé rék saré mah
tiheula!
185 O.S. BU KADÉS
Papih pan acan solat Isya! Geura solat heula, Pih!
186 KADÉS UKAR
Na kawas Pangéran baé atuh? Nu nitah solat mah

24 Kumpulan Drama Sunda


Pangéran! Sasama jalma mah paling ogé ngajak solat!
187 O.S. BU KADÉS
Pih, hayu urang solat Isya!
188 KADÉS UKAR
Sok wé tiheula!
189 ISUD
(bari melong ka Rodiah) Ké, ké… naha omongan Pa
Kadés mani sarua jeung omongan manéh? (neuteup ka
Ubéd) Boa-boa…
190 RODIAH
Ah, kabeneran wé atuh, Akang! Kitu-kitu baé mani anéh…
191 ISUD
Teu bisa dianggap kabeneran ieu mah! Hayu mulang
ayeuna! Réa nu rék ditanyakeun ka manéh!
192 RODIAH
Pan urang keur ngur uskeun emas anu dipaling…
susuganan wé atuh badogna beunang…
193 ISUD
(bari ngajéwang leungeun Rodiah) Teu paduli lah! Hayu
balik! Harga diri salaki, leuwih penting batan emas! Manéh
kudu ngajawab sakur pananya di imah! Hayu, buru!
194 RODIAH
Enya, hayu… tapi ulah tarik teuing atuh nyepeng
leungeunna, nyeriii!
Isud jeung Rodiah ninggalkeun rohangan imah Kadés
Ukar. Rodiah ngadelékan heula ka Ubéd, bangun nu
keuheul.
Torojol Hansip Baron, Odi, jeung Iswari.
Kadés Ukar paromanna marahmay. Ari Ubéd mah
mencrong Odi méh teu kiceup-kiceup.
195 KADÉS UKAR

Badog — Dhipa Galuh Purba 25


(ka Hansip Baron) Tah, geus datang geuningan Mang
Baron. Sok caritakeun kumaha lalakon ngudag badog téh?
Jeung deui, mana nu séjénna?
196 HANSIP BARON
Nu sanés mah nuju ngarudag badog. Abdi sareng Jang
Amanta katut Cép Among, kapaksa wangsul tipayun, margi
mendak Aki Odi sareng Nyi Iswari di kebon awi.
Numutkeun katerangan Aki Odi, saurna Nyi Iswari badé
digadabah ku badog, namung disalametkeun ku Aki Odi.
197 KADÉS UKAR
Terus, kumaha?
198 ODI
Wow, ku Aa Odi digebug wé éta sakadang badog téh! Tapi
si badog membongohan Aa Odi, dugi ka Aa Odi cedera
pelipis kiri-kanan…
Odi teu kebat nyaritana, sabab Ubéd nyakakak bari
nunjuk ka Odi. Ubéd teu beunang dieureunkeun seurina,
malah beuki ngagakgak bari angger tutunjuk ka Odi.
Kadés Ukar nyampeurkeun Ubéd.
199 KADÉS UKAR
(ka Ubéd) Pasti manéh sok noong Aki Odi nya?
Ubéd unggeuk bari ngagupayan Kadés Ukar, méré isarat
rék ngaharéwos.
Kadés Ukar nyampeurkeun. Tuluy Ubéd ngaharéwos ka
Kadés Ukar.
200 KADÉS UKAR
(Bari mésem tur neuteup Odi) Paingan atuh mindeng
pisan nganjuk hénbodi…
201 ODI
(ka Ubéd) Wow… pasti kamu suka menoong Aa Odi, ya?!

26 Kumpulan Drama Sunda


202 KADÉS UKAR
Meunggeus, teu kudu diperpanjang, da Si Sarbéd mah
pagawéan sapopoéna tuang-toong. Kudu dibawa ka
psikiater mangkeluk téh…
203 HANSIP BARON
Janten, kumaha ayeuna saterasna, Pa Kadés?
204 KADÉS UKAR
Kahiji, jajapkeun heula Nyi Iswari ka imahna!
205 ODI
Sawios ku Aa Odi wé…
206 HANSIP BARON
His, ulah waka ka mamana Aki Odi mah! Apan tacan bérés
ngalalakonkeun badog ogé. Keun perkara nganteurkeun
Nyi Iswari mah urusan kuring!
207 KADÉS UKAR
Silaing ogé ulah waka ka mamana, Baron! Nitah wé ka Si
Amanta atawa Si Among!
Jang Amanta jeung Cép Among tingtorojol.
208 JANGAMANTA
Siap, Pa Kadés!
209 KADÉS UKAR
Siap nanahaon silaing téh?
210 JANGAMANTA
Sumuhun, siap ngajajapkeun Nyi Iswari.
211 KADÉS UKAR
Ké heula, déwék mah tacan nitah. Barina ogé teu kudu
abring-abringan sagala. Cukup ku sorangan wé.
212 JANG AMANTA jeung CÉP AMONG
(bareng) Sawios ku abdi!
213 KADÉS UKAR
Wayahna nu saurang ngajajap Nyi Iswari, nu saurang

Badog — Dhipa Galuh Purba 27


cicing di dieu, sabab rék dititah nganteurkeun Aki Odi.
214 JANG AANTA jeung CÉP AMONG
(bareng) Sawios abdi nu ngajajap Nyi Iswari!
Kadés Ukar neuteup seukeut ka Jang Amanta jeung Cép
Among piligenti.
215 KADÉS UKAR
Amanta…
216 JANGAMANTA
Asiiiiik…
217 KADÉS UKAR
Wayahna silaing cicing di dieu. Ké pangjajapkeun Aki Odi!
Jang Amanta ngulahék, hanjelu. Sabalikna, Cép Among
katara semu anu bungah naker.
218 KADÉS UKAR
Among…
219 CÉP AMONG
Siap, Pa Kadés! Tangtos abdi seja ngalaksanakeun naon
rupi pancén ti Pa Kadés!
220 KADÉS UKAR
Hadé lamun kitu mah. Wayahna ayeuna kénéh pangajajap-
keun Si Sarbéd ka imahna. Omat kudu nepi ka lawang
pantona muka, sarta kudu panggih jeung indungna.
221 CÉP AMONG
(sorana halon jeung semu anu kuciwa) Sumangga, Pa
Kadés…
Cép Among nyampeurkeun Ubéd bangun anu lungsé.
Tuluy nungtun leungeun Ubéd, ninggalkeun rohangan
imah Kadés Ukar.
222 KADÉS UKAR
(ka Ulis Kowi) Ulis! Wayahna anteurkeun heula Nyi Iswari.

28 Kumpulan Drama Sunda


Ulis Kowi tibuburanjat nangtung.
223 ISWARI
Punten, Pa Kadés. Naha abdi teu ditaros? Abdi badé
ngadadarkeun kajantenan nu saleresna. Naon rupi anu
dicarioskeun ku Aki Odi…
224 ODI
(némpas) Udah lah, Nyai mah mending istirahat saja. Biar
sama Aa Odi dicaritakeun sejalantrahnya. Nyai kan masih
shock…
225 KADÉS UKAR
Enya, bener. Nyai mah mending mulang wé heula,
tenangkeun haté bari reureuh. Karunya tah orok, geura
golérkeun dina kasur! Matakna buru-buru néangan gaganti
salaki, ngarah aya nu milu ngurus orok!
226 ODI
Aa Odi juga siap menyayangi orok…
227 ISWARI
Teu! Teu sudi!
228 ULIS KOWI
His ari Nyai, meni judes kitu ka Aki Odi téh! Lain kadua
nganuhunkeun geus disalametkeun tina pangrogahala
badog. Hayu, Nyai, bisi peuting teuing.
Iswari kapaksa nurut, tatahar ninggalkeun rohangan imah
Kadés Ukar
Barang Ulis Kowi rék ngaléngkah, manéhna ngarandeg,
siga anu inget kana hiji perkara.
Ulis Kowi malikeun deui awakna, tuluy nyarita ka Kadés
Ukar.
229 ULIS KOWI
Punten Pa Kadés, perkawis bantosan kanggo kulawarga
korban tsunami, naha henteu langkung saé ayeuna baé
sakantenan. Meungpeung…

Badog — Dhipa Galuh Purba 29


Ulis Kowi teu kebat nyaritana, sabab Kadés Ukar molotot
bari neuteup seukeut ka Ulis Kowi.
230 KADÉS UKAR
(Ka Hansip Baron) Wayahna jajapkeun heula Nyi Iswari!
231 HANSIP BARON
Euh… Sanés… badé ku Pa Ulis?
232 KADÉS UKAR
Meunggeus burukeun! Si Ulis mah rék diajak badami…
233 HANSIP BARON
Sumangga, Pa Kadés.
Hansip Baron ngiringkeun Iswari, ninggalkeun rohangan
imah Kadés Ukar.
234 KADÉS UKAR
(ka Jang Amanta) Amanta!
235 JANGAMANTA
Gulan, Pa Kadés…
236 KADÉS UKAR
Wayahna ayeuna kénéh jajapkeun Aki Odi!
237 AKIODI
Ah… Aa mah bisa pulang nyalira koq…
238 KADÉS UKAR
(Ka Aki Odi) His, paroék di luar téh, Ki. Bisi tigebrus ka
solokan kéh… (Ngaharéwos ka Jang Amanata) Sok buru,
ulah léléda ari diparéntah ku kadés téh. Engké balikna
langsung ka dieu deui, ulah sumpung-simpang ka Randa
Cicih, omaaat!)
Jang Amanta nuyun leungeun Aki Odi, tuluy ninggalkeun
rohangan.
Sanggeus duanana ka luar, Kadés Ukar téténjrag bangun
nu ambek.

30 Kumpulan Drama Sunda


239 KADÉS UKAR
Kuduna mah silaing ulah waka geruh perkara bantuan
korban tsunami!
240 ULIS KOWI
Naha, Pa Kadés?
241 KADÉS UKAR
Lain naha-naha! Kudu dirarancang heula saha-sahana nu
rék dibéré, jeung jumlahna sabaraha séwang! Apan silaing
ogé kudu kabagéan, buruh cutat-catet jeung angkag-ingkig!
242 ULIS KOWI
Simkuring mah rupina teu kedah diémutan, Pa Kadés. Rido
lillahita’ala pisan. Simkuring moal kumawantun motong
sumbangan kanggo korban tsunami.
243 KADÉS UKAR
Ulah so suci jadi jalma mah, bisi kalaparan. Bongan ti
luhurna ogé geus ngabudayakeun korupsi, nya puguh
urang ogé ulah nepi ka tinggaleun. Urang kudu milu miara,
ngamumulé, jeung ngamekarkeun seni budaya korupsi.
Ulis Kowi ngahuleng bari neuteup kosong.
244 KADÉS UKAR
Lain kalah hulang-huleng, Ulis! Béjana motor silaing
tebuseun di béngkél.
245 ULIS KOWI
Su… sumuhun. Tapi…
246 KADÉS UKAR
Ké isuk dibéré keur nebus motor mah. Wayahna, wanci
kieu déwék teu bisa ngaluarkeun duit, da pamali ceuk
karuhun ogé.
247 ULIS KOWI
Teu kedah ngarépotkeun, Pa Kadés. (mencétan sirahna
sorangan) Ieu mastaka mani nyanyautan, Pa Kadés. Upami
diwidian mah hoyong reureuh heula.

Badog — Dhipa Galuh Purba 31


248 KADÉS UKAR
Enya, sok, mulang wé heula. Ké lamun aya nanaon, déwék
pasti nitah Si Baron nyusulan silaing.
249 ULIS KOWI
Saé, Pa Kadés.
Ulis Kowi ninggalkeun Kadés Ukar bari angger mencétan
sirahna sorangan.
Sanggeus Ulis Kowi ka luar, Kadés Ukar diuk dina korsi
bangun tumaninah naker. Tuluy ngaluarkeun roko, sarta
diseungeut. Kadés Ukar nyerebung bangun anu nikmat.
Kadés Ukar ngabelenyéh. Tuluy seuri lalaunan, naék jadi
nyakakak, tug nepi ka ngagak-gak siga nu manggih
kabungahan.

BABAK III

Wanci beurang di rohangan tengah imah Iswari. Kaayaan-


ana basajan. Pipindingna maké bilik, sarta diamparan
saheulay samak. Aya bupét tina kai nu ukuranana rada
gedé, tempat panyimpenan wawadahan.
Iswari (bari ngais orok) ngeprukan kasur kapuk, bantal,
jeung guguling. Tuluy nyarékeun orok dina kasur kapuk
anu teu maké sepré. Satuluyna Iswari nyokot baju soéh
jeung jarum kécos katut bolana. Iswari ngaput éta baju.
Sajeroning kitu, hawar-hawar kadéngé sora Isud jeung
Rodiah anu hahaok patémbalan, siga anu keur paséa
r o n gk a h .
250 O.S. ISUD
Teu sudi aing mah! Pokona ayeuna kénéh sia kudu mantog!
251 O.S. RODIAH
Heug, aing rék indit ayeuna kénéh ogé! Tapi aing teu narima

32 Kumpulan Drama Sunda


difitnah salingkuh jeung Si Kadés! Mana buktina?!
252 O.S. ISUD
Geus ulah loba ngabacot siah! Indit ayeuna kénéh! Indiiit!
253 O.S. RODIAH
Enya arék ieu ogé! Manéh bakal kaduhung nundung aing!
254 O.S. ISUD
Moal! Cadu teuing mun aing kudu kaduhung!
255 O.S. RODIAH
Heueuh da manéh mah atoh! Bakal leuwih laluasa
ngahéroan Si Iswari!
Iswari ngagebeg. Tuluy ngahuleng.
Teu lila, Rodiah asup ka jero imah Iswari bari manggul
gémbolan. Tuluy neuteup seukeut ka Iswari bari nulak
cangkéng. Iswari cengkat lalaunan.
256 RODIAH
Gara-gara sia, aing ditundung ku salaki! Lebok siah salaki
aing! Tapi ulah sambat kaniaya, nyaho-nyaho engké bakal
aya baskom dina beuteung sia!
257 ISWARI
Euh… Na… naon maksad Ceu Rodiah?
258 RODIAH
Tong api-api siah ungkluk, bisi ku aing digampleng!
259 ISWARI
Da… abdi mah teu… teu ngartos…
Rodiah nyerenteng, rék ngagampleng Iswari. Tapi Isud
mucunghul kalayan rikat ngajéwang leungeun Rodiah.
260 ISUD
Ulah wani-wani ngaganggu Nyi Iswari siah! Nyingkah
ayeuna kénéh! Nyingkaaaah!
Rodiah neuteup seukeut ka Isud.

Badog — Dhipa Galuh Purba 33


261 RODIAH
Ulah sambat kaniaya pokona mah! Ulah nyalahkeun aing,
lamun dina beuteung manéh ujug-ujug aya kompor!
262 ISUD
Mantog siah! Najan dina beuteung aing bakal aya setum
ogé, aing mah teu sieun!
Rodiah ngajéngkat ninggalkeun rohangan imah Iswari.
Isud ngajanteng bari melong ka lebah inditna Rodiah.
Iswari ngadeukeutan Isud.
263 ISWARI
Kang Isud, hapunten kalepatan abdi. Rupina Ceu Rokayah
bendu alatan Kang Isud sok ngintunan béas ka abdi.
264 ISUD
Nyai teu salah.
265 ISWARI
Ti ngawitan ayeuna, hapunten sanés abdi nampik
pangasih ti Kang Isud… saéna Kang Isud teu kénging
ngintunan deui nanaon ka abdi.
Isud teu mairan omongan Iswari, kalah ngaléngkah ka
lebah orok.
Isud mangku orok kalayan ati-ati. Sanggeus dipangku,
Isud nyium tarang orok.
Satuluyna Isud merenahkeun deui orok kana urutna.
266 ISUD
Teu nanaon lamun nyai geus embung narima paméréan
ti akang. Tapi nyai moal bisa nampik lamun akang rék
masrahkeun sakabéh harta banda akang keur orok nyai.
267 ISWARI
Maksad Kang Isud?
268 ISUD
Akang rék indit jauh pisan. Moal aya saceuhil harta anu

34 Kumpulan Drama Sunda


bakal dibawa ku kuring. Kabéhanana kudu dibikeun ka
orok nyai. Kabéhanana…
Isud ninggalkeun Iswari, kalayan teu méré kasempetan
Iswari pikeun nyarita deui. Iswari ukur ngembang kadu
bari neuteup Isud nepi ka ngilesna.
Badar asup ti tukangeun Iswari. Badar henteu maké
teregos, ngagandong kantong gedé bari lengeun
katuhuna nyepeng kembang kamuning.
269 BADAR
Nyai mémang moal bisa nampik milikna orok…
Iswari ngagebeg bari ngan sakilat malikeun awakna.
270 ISWARI
Kang Badar!
271 BADAR
Sssst…! Ulah tarik teuing sorana.
272 ISWARI
Tapi… tapi… Aki Odi tos uningaeun raray akang. Tangtos
akang bakal dicerek pami katohiyan aya di dieu.
Badar tetep tenang, ngaléngkah ngadeukeutan Iswari.
Badar ngaluarkeun kembang kamuning tina séla-séla
bajuna, diangseu sakedapan, satuluyna kembang
kamuning dibikeun ka Iswari.
Iswari narima kembang kamuning ku dua leungeunna.
Tuluy kembang kamuning diangseu ku Iswari bari
neuteup Badar.
Badar ngaléngkah muru ka lebah orok anu keur saré.
Satuluyna Badar mangku orok kalayan pinuh kadeudeuh.
273 BADAR
(nyium tarang orok) Deudeuh teuing alo kuring…
274 ISWARI
Kang… Kang Badar… Eum…

Badog — Dhipa Galuh Purba 35


275 BADAR
Teu kudu hariwang, Nyai. Lamun nyai teu nampik, ieu alo
kuring téh rék dibawa ka… ka… ka éyangna.
276 ISWARI
Sumangga, Kang Badar. Tapi… naha abdi badé diajak?
277 BADAR
His, puguh wé atuh. Malah… euh… lamun… lamun nyai
teu nampik… euh… ieu alo kuring téh hayang jadi… jadi…
anak kuring…
Iswari ngeluk tungkul, teu lémék, teu nyarék.
Badar neuteup anteb ka Iswari.
Iswari nyeuseup deui kembang kamuning. Satuluyna
Iswari nyanyi lagu “Asih Kembang Kamuning”
278 ISWARI (nyanyi lagu “Asih Kembang Kamuning”*)
Kamuning dipelak dina ati
Mapaés kasono ngagalura
Kembangna nyambuang seungit pisan
Kabita ku hoyong énggal metik
Pasini dibeungkeut dina ati
Kaasih nu pageuh hamo pegat
Duh… jungjunan
Geura paheutkeun cinta urang

Ref
Adegkeun wangunan cinta
Urang tihangan kanyaah
Adegkeun wangunan cinta
Urang tiungan kadeudeuh

*
Serat Kanayagan (notasi lagu) dilampirkeun dina ieu naskah

36 Kumpulan Drama Sunda


Adegkeun wangunan cinta
Urang pindingan kahéman
Adegkeun wangunan cinta
Urang amparan satia
Éndah cinta urang
Seungit kembang kamuning
Iswari jeung Badar paadu teuteup
Hawar-hawar Kadés Ukar ngageroan Iswari.
279 O.S. KADÉS UKAR
Nyai…! Nyai..!
Iswari jeung Badar ngaranjug. Badar buru-buru ngécag-
keun orok tur ditampanan ku dua leungeun Iswari.
Satuluyna Badar nyumput ka tukangeun bupét.
Teu lila, Kadus Ukar mucunghul bari nengetan sakuriling
rohangan imah.
280 KADÉS UKAR
Ku naon panto mani ngemplong, Nyai? Lain tutupkeun,
bisi aya jalma jahat anu asup!
281 ISWARI
Euh… teu sawios-wios, Pa Kadés. Asa moal aya jalmi jahat
ka saung mah, da… badé nyolong nanahaon atuh?
282 KADÉS UKAR
His, ari nyai sok lalawora pisan. Kangaranan jalma jahat
mah tara pipilih. Lamun di dieu euweuh emas atawa duit,
apan nyai ogé bisa jadi sasaran…
Iswari teu némbalan.
Sakedapan Kadés Ukar neuteup anteb ka Iswari.
283 KADÉS UKAR
Nyai, ari kahirupan nyai téh kumaha? Maksud téh… sa-
popoé sok manggih dahar ti mana? Apan ayeuna mah geus
euweuh anu mangusahakeun nyai…

Badog — Dhipa Galuh Purba 37


284 ISWARI
Alhamdulillah, Pa Kadés, kanggo neda-neda baé mah
henteu kantos kakirangan…
285 KADÉS UKAR
Oh, sigana nyai boga céngcéléngan nya? Hadé pisan éta
téh. Mémang kudu rajin nabung, ngarah boga andelan
dina mangsa karerepet.
Iswari teu némbalan, kalah nyarékeun orok kana kasur.
286 KADÉS UKAR
Ngahaja datang ka dieu téh, hayang bunta-bantu ka nyai,
sasieureun-sabeunyeureun…
287 ISWARI
Teu kedah ngarépotkeun, Pa Kadés.
288 KADÉS UKAR
His, éta mah geus jadi kawajiban Kadés atuh. Tapi… euh…
ari nyai…?
289 ISWARI
Kumaha maksad Pa Kadés?
290 KADÉS UKAR
Maksud téh, euh… ari nyai tacan minat boga salaki deui?
291 ISWARI
Punten, Pa Kadés. Abdi teu ngartos kana patarosan Pa
Kadés…
292 KADÉS UKAR
Kieu atuh cindekna mah, Nyai, euh… kumaha lamun Nyai
dijieun anu ka…
Kadés Ukar teu kebat nyaritana, sabab aya nu ngagolom-
brang tukangeun bupét.
Kadés Ukar curinghak bari mencrong ka lebah bupét. Ari
Iswari ngadadak pias, tapi satékah-polah nyumputkeun
pasemon.

38 Kumpulan Drama Sunda


293 KADÉS UKAR
(bari nunjuk ka tukangeun bupét) Aya saha di ditu, Nyai?
294 ISWARI
Euh… Teu aya sasaha, Pa Kadés. Paling… paling ogé em…
ucing…
295 KADÉS UKAR
Pamohalan ucing mah! Pasti aya jalma di tukangeun bupét!
Kadés Ukar ngaléngkah muru ka lebah bupét, tapi
dihalangan ku Iswari.
296 ISWARI
Teu aya sasaaha, Pa Kadés! Teu aya…
297 KADÉS UKAR
Lamun euweuh sasaha, ulah ngahalangan atuh! Pana-
saran, hayang ningali…
Iswari teu bisa nyegah Kadés Ukar, tapi kakara ogé
saléngkah, Kadés Ukar ngarandeg, sabab aya sora
Hansip Baron jojorowokan.
298 O.S. HANSIP BARON
Pa Kadééés! Innalillahi, Pa Kadééés…!
Hansip Baron norojol bari rénghap ranjug.
Kadés Ukar teu tulus mariksa tukangeun bupét.
299 HANSIP BARON
Pa Kadés, Innalillahi…!
300 KADÉS UKAR
Innalillahi nanahaon silaing téh? Cik sing pararuguh
nyaritana!
301 HANSIP BARON
Mang Isud bunuh diri, ngagantung manéh!
302 KADÉS UKAR
Nu balég nyarita téh!

Badog — Dhipa Galuh Purba 39


303 HANSIP BARON
Leres, Pa Kadés! Piraku abdi ngabohong ka pangersa?
Mangga wé urang buktoskeun! Pa Kadés kedah énggal-
énggal nguningaan ka bumina Mang Isud…
304 KADÉS UKAR
Ngagantung manéh atawa aya nu ngagantung? Ulah waka
nyindekeun kajadian lamun tacan ditalungtik kalayan
taliti…
305 HANSIP BARON
Pasti bunuh diri, Pa Kadés, kumargi… teu aya tapak-tapak
ngarogahala.
306 KADÉS UKAR
Hayu atuh urang tingali!
Kadés Ukar jeung Hansip Baron geus rék ngaléos. Tapi
Kadés Ukar ngarandeg, bari tuluy mencrong deui ka lebah
bupét.
307 KADÉS UKAR
Déwék yakin, di tukangeun bupét pasti aya jalma! (sorana
harus bari mencrong ka lebah bupét) Hayo kaluar! Ulah
susulumputan kitu! Lamun mémang boga kawani!, kaluar
ayeuna!
308 ISWARI
(beuki geumpeur) Teu aya sasaha, Pa Kadés…
309 HANSIP BARON
Sawios urang pilari ku abdi, Pa Kadés!
310 KADÉS UKAR
(ka Hansip Baron) Ké heula! Urang itung nepi ka lima.
Lamun teu daék ka luar baé, langsung cerek wé!
(mencrong ka lebah bupét) Hiji… dua… tilu… opat…
lima… Téwak Barooon!
Hansip Baron rék ngaléngkah, tapi teu kebat, sabab ti
tukangeun bupét aya nu mucunghul bari ngangkat

40 Kumpulan Drama Sunda


leungeunna. Saréréa ngaranjug, sabab anu mucunghul
téh Ubéd.
311 UBÉD
Ampuuun…! Ampuuun…! Ulah ditéwak abi mah!
312 KADÉS UKAR
Aéh, aéh, geuning Si Sarbéd! Dasar tukang noong! Sagala
rupa ditoong!
313 UBÉD
Ampun, abi moal sakali-kali deui noong…
314 KADÉS UKAR
Baron, borogod Si Sarbéd! Kerem di balé désa!
315 HANSIP BARON
Punten, Pa Kadés, pan urang téh badé ningali anu gantung
diri!
316 KADÉS UKAR
Heueuh, silaing ka Balé désa heula mawa Si Sarbéd! Keun
déwék ka imah Mang Isud tiheula.
317 HANSP BARON
Mangga, Pa Kadés.
Hansip Baron ngaborogod Ubéd, tuluy ninggalkeun
rohangan imah Nyi Iswari.
Kadés Ukar neuteup Iswari. Ari Iswari mah ngeluk tungkul.
318 KADÉS UKAR
Nyai bakal disenangkeun, lamun daék dijieun anu kadua.
Mangkaning Nyai geus dijamin engké jaga di akhérat bakal
asup surga. Daék atawa henteu?
319 ISWARI
Em… rup… rupina badé diémutan heula, Pa Kadés.
320 KADÉS UKAR
Hadé lamun kitu mah. Engké peuting, Nyai kudu geus boga
jawaban anu pasti. Lamun daék sukur, atuh lamun teu

Badog — Dhipa Galuh Purba 41


daék wayahna rék dipaksa. Pék wé pilih, mending kawin
biasa atawa kawin dipaksa?
Iswari teu némbalan.
Kadés Ukar malikeun awakna, ninggalkeun Iswari.
Sanggeus Kadés Ukar indit, Badar ka luar tina panyumput-
anana, sarta ngaléngkah ka lebah Iswari.
321 BADAR
Nyai, urang teu boga waktu deui. Meungpeung saréréa keur
tamplok ka imahna Mang Isud, ayeuna kénéh hayu urang
ninggalkeun ieu imah. Tong hariwang, masalah bekel mah
kalintang cukupna. Dina kantong kuring téh eusina emas
jeung duit.
Iswari neuteup seukeut ka Badar.
322 ISWARI
Abdi kersa diajak ku Kang Badar. Tapi…
323 BADAR
Tapi naon, Nyai? Sok mending balaka!
324 ISWARI
Getih abdi sareng orok abdi, alim kakotoran ku barang
haram! Langkung saé, éta kantong kantunkeun baé di dieu.
325 BADAR
(ngaranjug) Nyai, ieu téh keur bekel urang!
326 ISWARI
Teu tiasa, Kang Badar. Abdi sareng orok abdi, mending
kénéh kalaparan batan neda barang anu sanés hakna.
327 BADAR
Na nyai téh mani bodo-bodo teuing! Urang mah ukur
badog leuleutikan…
328 ISWARI
(némpas) Sanés urang, tapi Kang Badar!

42 Kumpulan Drama Sunda


329 BADAR
Aéh, enya, hampura. (ngarénghap panjang) Kuring mah
ukur badog leuleutikan, Nyai! Na nyai teu nyaho? Tuh…
jalma-jalma terhormat nu ngorupsi duit rayat miliyaran,
malah triliunan!
330 ISWARI
Wios batur mah… nu penting sanés urang… aéh… sanés
abdi.
331 BADAR
Réa pamingpim nu nyontoan jadi badog! Urang ogé ulah
tinggaleun atuh, Nyai! Lamun urang teu jadi badog, hartina
urang téh jalma goblog!
332 ISWARI
Sakali deui, sanés urang, tapi Kang Badar!
333 BADAR
Nyai ogé badog! Nyai geus ngabadog haté kuring nepi ka
kuring wani ngabadog demi nyai!
Iswari malikeun awakna, tuluy ngaléngkah, rék ninggal-
keun Badar. Tapi Badar buru-buru néwak leungeun
Iswari.
334 BADAR
Demi nyai, ieu kantong moal dibawa…
Badar ngécagkeun kantong.
Iswari malik deui, nyanghareup ka Badar.
335 ISWARI
Nuhun, Kang Badar.
336 BADAR
Hayu, urang buru-buru indit ti dieu!
337 ISWARI
Mangga, Kang Badar.
Iswari jeung Badar geus saged, siap pikeun ninggalkeun

Badog — Dhipa Galuh Purba 43


imahna. Iswari ngais orok, bari dua leungeunna
ngajingjing kantong gedé.
Barang rék ngaléngkah, duanana ngaranjug, sabab di
luareun imah kadéngé nu tingjorowok, tingceuleuweung.
338 O.S. KOOR
Bangsaaaat…! Téwak euuuy…! Téwaaaak…! Tingkeeer…!
Iswari jeung Badar ngaranjug.
339 ISWARI
Kang Badar, énggal nyumpuuut!
Badar unggeuk, sarta buru-buru ngaléngkah ka tukang-
eun bupét.
Teu lila, torojol Ubéd dina kaayaan leungeun diborogod,
biwirna ngégél keretas.
340 UBÉD
(mere isarat ka Iswari sangkan nyokot keretas tina
biwirna) hem hem hem…!
Iswari giak ngarawél keretas tina biwir Ubéd, sarta tuluy
dibaca.
341 ISWARI
(VO) Surat wasiat?
342 UBÉD
Leres, Ceu! Asli seratan Mang Isud.
343 ISWARI
Kumaha caritana bet aya di hidep?
344 UBÉD
Disumputkeun ku Pa Kadés, Ceu. Nya… ku uing dipaling
wé tina lomarina!
Hansip Baron norojol ti beulah kénca. Jang Amanta jeung
Cép Among norojol ti beulah katuhu. Kabéhanana ningker
Ubéd.

44 Kumpulan Drama Sunda


Teu lila, norojol Kadés Ukar.
345 KADÉS UKAR
Beunang ayeuna mah siah, Badog! Geus moal bisa kabur
deui kalah kumaha ogé! Paingan hésé ditéwakna badog
téh, da puguh ngancikna teu jauh! Teu nyangka siah,
Sarbéd! Sajabana ti tukang noong téh, manahoréng manéh
tukang ngabadog!
346 HANSIP BARON
Kumaha atuh, Pa Kadés? Urang cangkalak baé lah, tuman!
Ubéd nyumput ka tukangeun Iswari.
347 KADÉS UKAR
Puguh baé wajib pisan dicangkalak mah! Tapi urang kudu
maluruh, naon sababna Si Sarbéd lindeuk ka imah ieu?
(ngarérét ka Iswari) Boa-boa sakongkol jeung ieu randa!
348)HANSIP BARON
Leres, Pa Kadés…
Ngan sajorélat Badar ka luar tina panyumputanana. Tuluy
nangtung hareupeun Iswari.
Saréréa ngaranjug, sarta taki-taki.
349 BADAR
Kuring badog mah, lain Si Ubéd atawa Nyai Iswari!
350 ISWARI
Kang… Kang Badar…
Badar silih teuteup jeung Iswari. Satuluyna Iswari
ngagabrug Badar bari ceurik ngagukguk.
351 KADÉS UKAR
Oooh… jadi badog anu salila ieu ditéangan téh nyamuni
di gogobrog randa! (ka Hansip Baron) Téwak, Barooon!
Hansip Baron rék narajang Badar, tapi Badar kaburu
ngangkat leungeunna nandakeun serah bongkokan.

Badog — Dhipa Galuh Purba 45


352 BADAR
Pék kuring téwak. Tapi ulah aya nu kumawani ngaganggu
Nyi Iswari jeung Si Ubéd! Maranéhna teu boga salah!
353 KADÉS UKAR
Lamun kitu, manéh kudu ngadapang!!!
Badar nurut kana paréntah Kadés Ukar. Badar ngada-
pang.
354 KADÉS UKAR
(ka Hansip Baron) Buru, borogod!
Hansip Baron jeung Jang Amanta ngaborogod Badar.
Sanggeus diborogod, Badar disina nangtung deui.
Serenteng Kadés Ukar ka lebah Badar sata ngagampleng
Badar. Hansip Baron, Cép Among, jeung Jang Amanta,
méh bareng milu nareunggeulan Badar. Iswari jejeritan,
tapi taya nu nolih. Iswari malah direjengan ku Kadés Ukar.
355 ISWARI
Kang Badaaar…! Kang Badaaar…!
Badar diiringkeun ka luar ti imahna Iswari bari teu eureun
digarebugan.
Anu aya di imah Iswari, kari Kadés Ukar, Iswari jeung
Ubéd.
356 (OS) CÉP AMONG
Urang duruk wé di Alun-alun!
357 (OS) KOOR
Duruuuk…! Duruuuk…!
Kadés Ukar neuteup Iswari. Ari Ubéd nyumput di
tukangeun awak Iswari.
358 KADÉS UKAR
Nyai ogé teu bias leupas tina ieu perkara. Nyai bakal
dibérok, lantaran geus ngampihan badog di imah nyai.
Kajaba…

46 Kumpulan Drama Sunda


Kadés Ukar eureun heula nyaritana, laju nuluykeun deui.
359 KADÉS UKAR
Kajaba nyai masrahkeun éta surat wasiat Mang Isud, sarta
nyai ulah betus ka sasaha ngeunaan eusi surat wasiat.
Iswari unggeuk, tuluy ngasongkeun keretas surat wasiat.
Barang rék ditampanan ku Kadés Ukar, keretas surat
wasiat dijejewét ku Iswari. Tuluy diawurkeun kana
beungeut Kadés Ukar.
360 ISWARI
Abdi sareng orok abdi teu peryogi harta Mang Isud, Pa
Kadés! Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok!
Iswari malik ka Ubéd, tuluy muka aisan orokna. Iswari
mangku orok ku dua leungeunna, sarta dibikeun ka Ubéd.
361 ISWARI
Ubéd, wayahna mihapé ieu budak.
Ubéd nampanan orok. Sanggeus kitu, iswari ngaléngkah
ka lebah kantong gedé anu Badar. Kop, kantong dicokot,
sar ta digandong. Iswari nyampeurekun deui ka Kadés
Ukar.
362 ISWARI
Dina ieu kantong, eusina mangrupa barang-barang
meunang maling. Mangga, cerek abdi sarta lebetkeun abdi
ka pangbérokan!
Kadés Ukar ngahuleng sakedapan bari neuteup seukeut
ka Iswari.
363 KADÉS UKAR
Batan Nyai hirup di pangbérokan, asa leuwih hadé Nyai
disenangkeun jadi pamajikan…
364 ISWARI
(némpas) Teu! Haté abdi bakal langkung laluasa di
pangbérokan, batan kersa jadi bojo Pa Kadés.

Badog — Dhipa Galuh Purba 47


Kadés Ukar ngahuleng deui bari ngabagi paneuteup ka
Iswari jeung Ubéd anu keur anteng ngayun-ambing orok.
Sabot kitu, torojol Hansip Baron.
365 HANSIP BARON
Kumaha, Pa Kadés? Naha Nyi Iswari ogé kedah dicerek?
366 KADÉS UKAR
Enya, téwak wé! Sabab geus kumawani ngampihan badog!
Hansip Baron langsung ngagiringkeun Iswari, ninggal-
keun rohangan imah Iswari, dituturkeun ku Kadés Ukar.
Tapi Kadés Ukar ngarandeg, tuluy malik ka lebah Ubéd.
367 KADÉS UKAR
Sarbéd! Lamun silaing kumawani nyarita teu uni, mangka
silaing ogé bakal milu dibérok! Ngarti?
368 UBÉD
Ngartos, Pa Kadés…
Kadés Ukar ninggalkeun rohangan imah Iswari. Nu nyésa
kari Ubéd kadua orok.
Orok ngadadak gogoaran. Ubéd buru-buru ngabatakan
bari diayun-ambing tur hahariringan
369 UBÉD
(hahariringan bari ngaléngkah ninggalkeun rohangan
imah Iswari)
Néléngnéng kong néléngnéng kong
geura gedé geura baong… geura diajar tuang-toong…
noongan tukang badog
Néléngnéng kong néléngnéng kong
geura gedé geura baong…geura ngabadog tukang badog
bagikeuneun ka nu marolohok
Néléngnéng kong néléngnéng kong
geura gedé geura baong…geura noong ka pagéto

48 Kumpulan Drama Sunda


geura ngintip ka bihari
geura nyawang ka mangsa nu baris datang


Réngsé

Badog — Dhipa Galuh Purba 49

You might also like