You are on page 1of 5

I. Cakra (X) huruf A, B, C atawa D anu bener !

Pék titénan ték pupujian di handap ieu !


Ĕling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh

Tara ngalakukeun solat


Nyeurina kaliwat-liwat
Karasana keur sakarat
Kana ibadah diliwat

1. Eusina pupujian diluhur téh nyaéta nerangkeun …


A. kudu getol ibadah C. kudu aréling dulur
B. kudu rajin sodaqoh D. karasana keur sakarat

2. Anu saharti jeung kecap campoléh, nyaéta …


A. getol C. hare- hare
B. rajin D. daékan

Pék titénan dongéng di handap ieu pikeun ngajawab soal nomer 3 – 5 !

Kepluk éngang ragrag kana cai, awakna nangkarak. Atuh puguh wae teu bisaeun
hiber. Gawéna ngan roroésan bari jangjangna kekeleperan sangkan teu titeuleum.
Sabot kitu, jol aya tikukur kaleubah dinya bari gancang macok régang tuluy disodorkeun
kalebah éngang. “ Sok tah muntang kana régang.” Ceuk tikukur.
Ĕngang rikat ngaranggem régang, tuluy ngarayap ngajauhan beungeut cai. Ku tikukur
gancang dibawa ka darat, da bisi ragrag deui ka cai.”Nuhun ki silah”. Omong engang.

3. Sato anu aya dina dongéng di luhur, nyaéta …


A. éngang jeung japati C. japati jeung tikukur
B. éngang jeung tikukur D. tikukur jeung jalak

Pék titénan teks kawih di handap ieu !

Tanah sunda gemah ripah


Nu ngumbara suka betah
Urang sunda sawawa
Sing towéksa percéka
Nyangga darma anu nyata

4. Eusina teks kawih di luhur nyaritakeun …


A. kaéndahan tanah sunda C. towéksana urang sunda
B. sawawana urang sunda D. betahna jadi urang sunda

5. Dina kawih diluhur aya kecap “sing towéksa percéka. Towéksa hartina …
A. Ngamumulé bari ngabaé-baé C. ngaraksa tur ngajaga
B. Ngaraksa tus ngabaé-baé D. Ngabaé-baé tur hare-haré

Ujian Madrasah MI T.P 2021/2022 Page 1


Pék tengetan gambar di handap ieu !

6. Ngaran kaulinan barudak anu aya dina gambar, nyaéta …


A. tatarucingan C. cingciriwit
B. ucing sumput D. oray – orayan

Pék titénan eusi paguneman di handap ieu !

Pa Sumardi jenenganana téh. Anjeuna guru SD di Tasikmalaya. Istrina, jenenganana


Bu Imas.
Pa Sumardi sareng istrina gaduh putra dua, hiji pameget hiji deui istri. Putra nu
pameget wastana Dani, ari nu istri wastana Sinta.
Hiji waktos Pa Sumardi kasumpingan rakana ti Jakarta, jenenganana Wa Hasan

Wa Hasan : Assalamu’alaikum
Dani : Wa’alaikum salam. Aéh…geuning wa hasan. Manga Wa kalebet !
Wa Hasan : Mangga, nuhun. Ieu téh Dani?. Tos ageung ayeuna mah
Wa Hasan : Muhun, Wa
Wa Hasan : Ari bapa sareng mamah araya?
Dani : Aya Wa, nuju di lalebet. Kin ku abdi urang sauran heula
“ Mah…Pa…, aya Wa Hasan !
Pa Sumardi : Aéh geuningan Kang Hasan, haturanan. Mangga linggih
Wa Hasan : Nuhun, yi. Sono akang téh tos lami teu teupang.

7. Cindekna paguneman di luhur, Wa Hasan keur … ka pa Sumardi


A. ngadon tuang C. nganuhunkeun
B. nanyakeun D. nganjang

8. Kecap “araya” dina paguneman di luhur asal kecapna tina …


A. aya C. ayaan
B. diaya-aya D. ayakeun

9. Disabudeureun urang réa pisan tutuwuhan piubareun saperti seureuh, bawang, jahe jeung
sajabana. Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat daunna jeung semu lada. Salian ti
sok dipaké nyeupah ogé dipaké ubar kampung, nyarta dipaké ngubaran kasakit …
A. panon jeung suku C. batuk jeung panon
B. batuk jeung beuteung D. panon jeung sirah

Ujian Madrasah MI T.P 2021/2022 Page 2


Pék tengetkeun téks sajak di handap ieu !

Ĕndah alam padésaan


Ĕstu lain pupulasan
Upluk aplak pasawahan
Plung-plong matak was téténjoan
Leuweung héjo ku tatangkalan
Arula arileu wahangan
Ngocorkeun cai canémbrang hérang

10. Dina padalisan kahiji jumlah enganna aya …


A. 5 engang C. 7 engang
B. 6 engang D. 8 engang

11. Eusina sajak di luhur nembongkeun kaendahan …


A. alam perkotaan C. alam padésaan
B. alam pagunungan D. alam panyabaan

Pék tengetan carita pondok anu patali jeung musibah !

Saloba 150 imah di Jawa Barat ruksak alatan gempa di Banten, anu lumangsung poé
Juma’ah peuting di taun 2019.
Pupuhu Biro Humas Kemensos, Sonny W.Manalu negeskeun yén lokasi imah anu
ruksak téh kalolobaan ayana di Pandeglang, nyaéta jumlahna nepi ka 102 imah nu kasebar
di 13 kacamatan. Sedengkeun di Sukabumi aya 28 imah, di Cianjur aya 6 imah, Bandung
Barat aya 7 imah jeung di Bogor aya 1 imah.” Kitu ceuk Sonny W. Manalu basa nulis
katerangan.”
Sonny ogé mastikeun pihak Kemensos geus ngirimkeun bantuan ka warga anu
kakeunaan musibah gempa, diantarana 500 tenda gulung, 500 lembar simbut, 800
kadaharan siap saji, 20 boks kalengkepan kulawarga jeung 20 rébu bungkus mie instan.

12. Anu nyaritakeun kajadian gempa téh, nyaéta …


A. Sonny W. Manalu C. Sonny Wiranata
B. Budi W Manalu D. Sonny Wirawan

13. Di daerah mana waé anu kakeunaan gempa di Banten téh?


A. Pandeglang,Sukabumi, Cianjur, Bandung Barat jeung Bogor
B. Pandeglang, Sukabumi, Bandung, Bandung Barat jeung Cianjur
C. Bogor, Bandung, Bandung Barat, Cianjur jeung Pandeglang
D. Banten, Sukabumi, Bandung, Cianjur, Pandeglang jeung Bogor

14. Keur nyalametkeun sasatoan méh tumpur saperti Jalak Bali. Penyu Hejo, Lutung Jawa
jeung sato anu liana, pamaréntah ngayakeun …
A. cagar alam C. taman safari
B. hutan lindung D, suaka margasatwa

15. Kudu babalik pikir hirup téh da geus kolot, ulah ngalajur waé hawa nafsu !
Babalik pikir hartina …
A. insap C. dipikir
B. babalikan D. pikir-pikir
Ujian Madrasah MI T.P 2021/2022 Page 3
16. ….budak téh kalahka ceurik ?
A. saha C. kumaha
B. naha D. dimana

Prak titénan Pupuh Durma di handap ieu !

Saréréa urang téh kudu sayaga


Ngajaga lemah cai
Ti nu niat jahat
Nagara jadi teu aman
Rayatna jadi teu tingtrim
Jiwa ragana
Ulah jadi karisi

17. Guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh durma di luhur diwangun ku …
A. 12a, 7i, 6a, 8a, 8i, 5a, 7i C. 12a, 7i, 6t, 8a, 8, 5a,7i
B. 12a, 8a, 6a, 8a, 8i,5a, 7i D. 12a, 7i, 6a, 8i, 8i,5a,7i

18. Eusina pupuh di luhur di luhur nyaritakeun ….


A. ulah jadi karisi C. buméla ka lemah cai
B. ngabéla eusina nagri D. nagara jadi teu aman

19. Kecap anu ngandung rarangkén tengah “ar”, nyaéta …


A. karadak C. arindit
B. baralik D. lalieur

20. Ngaran tokoh dina gambar di gigir, nyaéta …

A. Otto Iskandar Dinata B. Susilo Bambang Yudonono


B. Ki Hajar Dewantoro D. Prof. Dr. Ing. BJ. Habibie

21. Wangun kecap “ di” anu nuduhkeun pagawéan …


A. tangkal awi dituar ku bapa C. Sinta keur di sakola
B. buku téh diluhureun méja D. kantong dihandapeun di meja

22. Tong dudupak atuh ari lempang téh !


Dudupak kaasup kana kecap …
A. panganter C. pangantét
B. kantétan D. rajekan

23. Di handap ieu kaasup barang-barang elektronik zaman kiwari, nyaéta …


A. hp, internet, bedug C. hp, internet, laptop
B. laptop, gadget, suling D. suling, bedug, kacapi

Ujian Madrasah MI T.P 2021/2022 Page 4


Pék tengetan teks pidato di handap ieu !
Kaséhatan Masyarakat

Assalamu’alaikum Waromatullohi Wabarokatuh


Bapa-bapa, Ibu-ibu, sadaya anu sami hadir, simkuring ngahaturkeun wilujeng sumping
wilujeng patepang. Mugia urang sadayana dipasihan kasehatan, kabagjaan tur
kabarokahan ku Allah SWT.
Hadirin sadayana
Anu bade didugikeun ku simkuring dina kasempetan ayeuna nyaéta perkawis ayana
kasakit “demam berdarah”.
Demam berdarah téh akibat tina urang teu maliré kana kabersihan. Runtah patalambru
jeung pabalatak boh di imah, di pakarangan jeung di jalan anu akibatna ngundang reungit
anu mawa panyakit.
Kusabab kitu, urang kudu resep hirup beresih kalayan berseka awak sangkan urang jauh
tina panyakit, utamana “demam berdarah”
Tah kitu Bapa-bapa, Ibu-ibu, rupina ayeuna mah tos terang sangkan teu kaseurang
panyakit DB téh urang kudu ngajaga kabersihan.

24. Dina téks piadto di luhur, anu kaasup eusina pidato aya dina …
A. Paragraf ka hiji C. paragraph ka tilu
B. Paragraph ka dua D. paragraph ka opat

25. Panyakit anu disababkeun kurangna ngajaga kabersihan awak jeung lingungan
sabudeureun urang téh, nyaéta panyakit …
A. tifus C. bronchitis
B. nyeri panon D. demam berdarah

II. Eusian pananya di handap ieu ku jawaban anu bener !


26. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan di leuweung disebutna …
27. Bapa mulih ti kantor pasosonten, dupi abdi …. ti sakola tengah dinten
28. Pucuk jambu batu digodog, diuyahan saeutik terus diinum caina, bisa dipaké ngubaran
panyakit …
29. Imah kuring ayana di lebak, sabalikna ari imah Udung mah aya di…
30. Tempat kajadian dina carpon di luhur, nyaéta di daerah…
31. Jalma anu tara indit ka nu jauh disebutna jalma kurung …
32. ( Béla ) ka lemah cai téh kawajiban salaku rahayat. Kecap béla make rarangkén tengah
“um” jadi …
33. Ngaran Pahlawan Nasional nu asalna ti Tasikmalaya, nyaéta …
34. Ari jadi jelema kudu bisa hormat ka ( luhur ).
Kecap anu aya dijero kurung make rarangkén barung “ sa-eun” jadi …
35. Tauco ngarupakeun katuangan anu asalna ti daerah …

III. Jawab pananya di handap ieu !


36. Naon cindekna eusi dongéng antara éngang jeung tikukur téh ?
37. Pék hartikeun aksara sunda di handap ieu !

38. Kumaha pangaruhna keur masyarakat Karawang nalika diwanguna pabrik dina lahan
pasawahan?
39. Pék tataan ku hidep, dua (2) katuangan khas nu aya di Garut !
40. Naon ari hartina biantara?. Jelaskeun !

Ujian Madrasah MI T.P 2021/2022 Page 5

You might also like