You are on page 1of 10

**ULAH KABAWA PALID JEUNG ULAH TI TEULEUM**

‫ وﺧﺘﻢ ﺑﻪ ﺷﻬﺮ اﻟﺼﻴﺎم ﻟﻠﻤﺤﻠﺼﻴﻦ وﺟﻌﻞ ﻓﻲ ﻃﺎﻋﺘﻪ ﻋﺰاﻟﺪﻧﻴﺎ واﻻﺧﺮة‬,‫**اﻟﺤﻤﺪ ﻪﻠﻟ اﻟﺬي ﺟﻌﻞ اﻟﻴﻮم ﻋﺒﺪا ﻟﻌﺒﺎده اﻟﻤﺆﻣﻨﻴﻦ‬
‫وأﺷﻬﺪ ان ﻣﺤﺪا ﻋﺒﺪه ورﺳﻮﻟﻪ‬. ‫ﻟﻠﻄﺎﺋﻌﻴﻦ اﺷﺪ ان ﻻ إﻟﻪ إﻻ ﷲ وﺣﺪه ﻻﺷﺮﻳﻚ ﻟﻪ ﺷﻬﺎدة ﺗﻄﻬﺮو اﻟﻘﻠﻮب ﻣﻦ اﻟﻐﺶ اﻟﻠﻌﻴﻦ‬
‫اﻣﺎ ﺑﻌﺪ ﻓﺎوﺻﻴﻜﻢ ﻋﺒﺎدﷲ‬. ‫ ﷲم ﺻﻞ وﺳﻠﻢ وﺑﺎرك ﻏﻠﻰ ﻣﺤﺪ وﻋﻠﻰ أﻟﻪ واﺻﺤﺎﺑﻪ اﻟﻤﺠﺎﻫﺪﻳﻦ‬. ‫اﻃﻮع اﻟﺨﻠﻖ ﻟﺮب اﻟﻌﻠﻤﻴﻦ‬
‫وإﻳﺎي ﺑﺘﻘﻮ‬
**‫ﷲ ﻓﺈﻧﻬﺎ ﺷﻌﺎراﻟﻤﺘﻘﻴﻦ ووﺻﻴﺔ ﷲ ﻟﻠﻨﺎس أﺟﻤﻌﻴﻦ‬

**Hadirin kaum Muslimin sidang Jum’ah anu dimulyakeun ku Allah**

Saparantosna sim kuring ngaoskeun Hamdalah anu intina Muji Sukur ka Alloh anu parantos
masihan mangpirang pirang Nikmat nu teuaya hinggan ka urang sadaya, oge mantena parantos
ngajadikeun waktu waktu pikeun khusus ibadah ka Mantena di antawisna parantos kangajdikeun
Dinteanan Ied pikeun urang kumpul ibadah shalat shunat nu beda ti sunat sunat sejena sarta tos
nutup sasih Romadhon anu di eusian ku shaum sarta dipungkas ku ngalaksanakeun Zakat fitrah
minangka keur ngabersihkeun jiwa urang tina rereged nu aya.
Mugia shaolawat sarta salam di limpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi
Muhammad saw kakulawargana, para sahabat, tabi’in tabiuttabi’in oge di teraskeun ka umat
Islam ke lebet Urang sadaya tug duki ka yaumal qiyamah.

Saparantosna urang peren tina Ibadah taunan anu wujudna shaum sabulan campleng ayeuna
urang balik deui kana bulan bulan nu ku urang dipayunan mudah mudahan shaum urang nu ku
urang di jalankeun ngagaduhan atsar pikeun bekel mayunan ibadah ibadah sejenna.

Allah swt parantos ngauningakeun ka urang ngalangkungan Dawuhanana dina Qur’an surat At
Tahrim ayat 6

‫ﻮن ﻪﻠﻟا ﻣﺎ أﻣﺮ‬


‫ﺷﺪا ٌد ﻟﺎ‬ ‫ﻮا أﻧ ُﻔﺴُﻜﻢ وأﻫﻠﻴﻜُﻢ ﻧﺎرا و ُﻗﻮ ُدﻫﺎ اﻟﻨﺎسُ واﻟﺤﺠﺎرُة ﻋﻠﻴﻬﺎ‬ ‫ﻳﺎأ ُﻳﻬﺎ اﻟﺬﻳﻦ آﻣ ُﻨﻮا‬
‫ﻢ‬
‫ﻳﻌ‬ ‫ﻣﻠﺎﺋﻜٌﺔ ﻏﻠﺎ‬
‫وﻳﻔﻌ ُﻠﻮن ﻣﺎ ﻳُﺆﻣ ُﺮون‬

*Yeuh jalma jalma anu ariman Geura raksa diri maraneh jeung kulawarga maraneh tina siksaan
naraka anu suluhna manusa jeung batu, anu dijaga ku Malaikat nu baradag , nu garagah anu
**ULAH KABAWA PALID JEUNG ULAH TI TEULEUM**
henteu wangkelang ka alloh ( dina hal) naon anu diparentahkeun ku Anjeuna ka maranehna sarta
maranehna ngalaksanakeun saniskara anu diparentahkeun ka maranehna*(QS At Tahrim
6)

Sareng dawuhan nana nu sejena

‫واﻋﻠ ُﻤﻮا أﻧﻤﺎ أﻣﻮا ُﻟ ﻢ وأوﻟﺎ ُد ُﻛﻢ ﻓﺘﻨٌﺔ وأن اﻟﻠﻪ ﻋﻨﺪُه أﺟ ٌﺮ ﻋﻈﻴﻢ‬

*Jeung sing nyaho, yen harta banda maraneh jeung anank-anak maraneh teh ngan ukur cocoba,
jeung saestuna Allah, nya di Anjeunna aya pahala anu gede teh* (QS Al Anfal 28)

Tiap Mu’min boga tanggungjawab salaku pamingpin, sakurang kurangna pamingpin di Rumah
tanggana, pamingpin anak bojojeung kulawarga.

Kamampuhan mingpin garwa jeung anak di rumah tanggana jadi ukuran kasanggupan mingpin
di Masyarakat. Kumaha bisana diharepkeun kastabilan mingpin masyarakat jeung umat
umumna lamun can aya kamampuan mingpin anak istri sorangan ? Tangtu batur bakal
ngbegegan “ Kulawargana sorangan ge can bener kumaha rek menerkeun kulawarga batur “

‫إﺑﺪأﺑﻨﻔﺴﻚ ﻓﺎﻧﻬﻬﺎ ﻋﻦ ﻏﻴﻬﺎ ﻓﺈذااﻧﺘﻬﺖ ﻓﺎﻧﺖ ﺣﻜﻴ‬

*Heulakeun diri maneh sorangan jeung ulah sina nyeleweng, lamun geus teu nyeleweng, tah eta
maneh jalma anu wijaksana*

Dina ayat di luhur surat At Tahrim ayat 6 di uningakeun ku Alloh swt hiji kawajiban anu sifatnna
parentah (amer) sangkan malihara diri, anak istri kulawarga tina seuneu naraka. Ari dina ayat nu
kaduana al anfal 28 diuningakeun yen anak istri dipandang salaku ujian (fitnah) kana
kamampuan hiji hiji jalma.

Ahli tafsir ngartikeun “ ahlikum “ dina eta ayat nyaeta garwa sareng para putra.
Ibnu Abbas nerangkeun yen kawajiban ka kulawarga (Garwa, putra) nyaeta mere pangajaran
jeung ngajak kana jalan anu bener sahingga ku kituna aya dina pamaliharaan jeung lindungan
Allah swt.

Nalika mimiti turun ayat anu marentahkeun malihara diri jeung kulawarga tina seuneu naraka,
Sayidina Umar bin Khathab tumaros ka Rasululloh saw: Kawajiban malihara diri sorangan tina
seuneu naraka eta mah jelas , namung kumaha carana abdi malihara anak pamajikan abdi ?

Rasululloh ngawaler : “ Maraneh kudu ngalarang hal hal anu dilarang ku Allah, jeung ku maraneh
parentah perkara parentah perkara-perkara anu diparentah ku Allah kitu nu diuningakeun di na
tafsir al Qurtubi.

**Hadirin kaum Muslimin sidang jum’ah anu di mulyakeun ku Allah swt.**

Dina enggoning ngabina kahirupan para putra, dina hadist diterangkeun

‫ أو‬، ‫ﻬﻮداﻧﻪ‬ ‫ﻞ ﻣﻮُﻟﻮد ُﻳﻮﻟُﺪ ﻋﻠﻰ اﻟﻔﻄﺮة ﻓﺄﺑﻮا‬


ُ ‫ ﻗال ﺻﻠﻰ ﷲ ﻋﻠﻴﻪ وﺳﻠﻢ ُﻛ‬: ‫ ﻗال‬، ‫ رﺿﻲ اﻟﻠ ُﻪ ﻋﻨُﻪ‬، ‫ﺮﻳﺮة‬ ‫ﻋﻦ أﺑﻲ‬
‫ُه‬ ‫اﻟﻨﺒ‬
‫ أو ﻳُﻤﺠﺴﺎﻧﻪ‬، ‫ﻳُﻨﺼﺮاﻧﻪ‬

Ka Tampi ti Abu Hurairah rd; anjeuna sasauran yen parantos ngandika Rasulullah saw, “ Tiap
tiap anu lahir, dilahirkeun dina kaayaan fitrah (suci), ngan ibu ramana anu ngajadikeun Yahudi,
Nasrani jeung Majusi ( HR Bukhari)

Tangtu hadist ieu sanes nimpahkeun tanggung jawab sacara mutlak ka nu jadi ibu ramana tina
hal kajahatan jeung kagorengan putrana. Umumna hukum Islam ngeunaan tanggungjawab
sacara pribadi, tapi ibu ramana ngiring tanggungjawab karana kurang usahana ngaping
ngajaring purasangkan henteu ngalakukeun kajahatan. Rasulullah masiham wejangan sangkan ibu
rama ngawajibkeun putrana ngadeukeun shalat dimana eta maurangkalih geus mimiti baligh
.
Parentah Allah di na al qur’an pikeun ngadekeun shalat

‫وأﻣُﺮ أﻫﻠﻚ ﺑاﻟﺼﺎﻠة واﺻﻄﺒﺮ ﻋﻠﻴﻬﺎ ﺎﻟ ﻧﺴﺄﻟُﻚ رزﻗﺎ ﻧﺤﻦُ ﻧﺮزُ ُﻗﻚ واﻟﻌﺎﻗﺒ ﻟﻠﺘﻘﻮى‬

*Jeung parentahkeun ka kulawarga maneh supaya ngadeugkeun shalat sarta masing masing
salabar dina ngalakonanan. Kami teu menta rejeki ka maraneh, nya kami nu maparin rejeki ka
maneh, Nya Kami nu maparin rejeki ka maneh. Jeung eta akibat(anu hade) teh pikeun jalam anu
taqwa* (QS Tha ha 132)

Dina usaha ngabina jeung ngbingbing rumah tangga, kudu dipalihara hubungan ulah pegat-
pegat antara caroge garwa, putra . Upama tuang sasarengan, shalat di bumi berjama’ah sering
ngariung calik bari ngawangkong, ngadongeng anu ngandung didikan jeung atikan maksud
mere bimbingan anu teu langsung.

Tapi lamun antara garwa jeung caroge pajauh huma, sabab masing masing sibuk ku gawena, teu
matak heran lamun kajadian nu hiji ngidul, nu hiji ngulon, nu hiji deui ngaler, ahirna ibu rama
kapaksa ngegel curuk mayunan kalakuan putra-putrana.

Dina ayat nu diluhur

‫ﻢ وأوﻟﺎُد ُﻛﻢ وأن ﻪﻠﻟا ﻋﻨﺪ ُه أﺟ ٌﺮ ﻋﻈﻴ‬ ‫واﻋﻠ ُﻤﻮا أﻧﻤﺎ أﻣﻮا ُﻟ‬
‫ﻓﺘﻨ‬

Diterangkeun yen harta jeung anak jadi fitnah. Naon ari fitnah teh ?

Aya sababaraha arti ngeunaan kecap fitnah namung numutktkeun ahli tafsir ngeunaan kecap
Fitnah dina ayat kasebut nyaeta cocobi, ujia. Tiap-tiap ibu rama sapapaosna diuji
kamampuanana ngabimbing palaputrana, sangkan jadi jalma hade tur shaleh.

Ujian rupa rupa, aya nu ngeunaan harta banda, putra,garwa, kagoncangan jiwa, panyawat jeung
rea rea deui. Satiap ujian nu kumaha wae wujudna jeung sipatna bisa diibaratkeun saperti
walungan anu banjir. Jalma-jalma anu aya disis walungan anu banjir kudu usaha nyalametkeun
dirina tina banjir anu ngamuk. Manehna kudu ngojay ka sisi, atawa ngembing kana akar, sarta
neangan kai anu bisa dipake muntang supaya **ulah palid jeung ti teuleum**.

Salah sahuji ujian anu loba pisan dirasakeunanan ku masyarakat dina waktu waktu akhir ieu
nyaeta anu aya hubunganana atara keluarga anak Istri jeung masyarakat nyaeta naon nu
disinyalir ku Rasulullah saw dina salah sawios hadis nu di uningakeun ku Abu Hurarah rd kalayan
diriwayatkeun ku Al Bazar

‫ وﻓﺴﻖ ﻓﺘﻴﺎ ُﻧ ﻢ‬، ‫ﻛُﻢ‬


‫إذا ﻃﻐﻰ ﻧﺴﺎ‬ ‫ ﻛﻴﻒ ﺑ ُﻜﻢ أﻳُﻬﺎ اﻟﻨﺎ‬: ‫ﺻﻠﻰ ﷲ ﻋﻠﻴﻪ وﺳﻠﻢ‬ ‫ ﻗال رﺳُﻮ‬: ‫ﺮﻳﺮة ﻗال‬ ‫ﻋﻦ أﺑﻲ‬
‫؟‬
‫ﷲ‬
‫ واﻟﻨﻬﻲ ﻋﻦ‬، ‫ﻣﺮ ﺑاﻟﻤﻌ ُﺮوف‬ ‫ﻢ إذا ﺗﺮﻛ ُﺘ ُﻢ‬ ‫ ﻛﻴﻒ‬، ‫ وأﺷ ﻣﻨ ُﻪ‬، ‫ ﻧﻌﻢ‬: ‫ إن ﻫﺬا ﻟﻜﺎﺋﻦٌ ؟ ﻗال‬، ‫ ﻳﺎ ر ﻮل ﷲ‬: ‫ﻗاﻟُﻮا‬
)‫ﻣﺴﻨﺪ اﺑﻮ ﻳﻌﻠﻰ‬ ( ‫اﻟﻤُﻨﻜﺮ‬ ‫اﻷ‬ ‫ﺑ‬

Katampi ti Abu Hurairah rd anjeuna sasauran yen Rasulullah saw parantos ngandika “ Kumaha
sikep aranjeun Yeuh jalma jalma !! lamun lamun anak anak awewe aranjeun geus boga sifat
minculak /kabina-bina ( hartosna ari istri mah pantesna lemah lembut pinuh ku rasa isin jeung
sajabana) sarta para nom-noman geus parasek ( loba ngalanggar aturan agama ) ?

Kulantaran kacida dianggap seremna eta kajadian para sahabat tumaros “ Naha kajadian kitu
teh bakal tumiba ya Rasul ? Rasul ngawaler (na’am) enya malah leuwih ti kitu ge bakal kajadian
“ Cik kumaha sikep aranjeun lamun engke ( turunan urang) geus wani ninggalkeun amar ma’ruf
nahyi munkar (teu daek ngajak kana anu bener sarta geus teu wani curak carek kana
kamungkaran )

Mudah-mudahan urang ditangtayungan ku Allah tina kaayan jaman anu di uningakeun ku Rasul

‫ُ ﻟﻰ وﻟ ﻢ ﻓﻰ اﻟ ُﻘﺮأن اﻟﻌﻈﻴﻢ وﻧﻔﻌﻨﻰ وإﻳﺎُﻛﻢ ﺑﻤﺎ ﻓﻴﻪ ﻣﻦ اﻟﺎﻳﺎت واﻟﺬﻛﺮ اﻟﺤﻜﻴﻢ‬ ‫ﺑﺎ رك ﷲ‬

**KHUTBAH KA 2**

‫أ ﺷﻬ‬
ُ ‫ﷲ‬ ‫إﻟﻪ إﻻ‬ ‫ﻠﻪ وﻟﻮ ﻛﺮه اﻟ ُﻤﺸﺮ ُﻛﻮن أن ﻻ‬ ‫ﻟﻠﻪ اﻟﺬي‬
walungan anu banjir. Jalma-jalma anu aya disis walungan anu banjir kudu usaha nyalametkeun
‫ﺳﻮﻟُﻪ ﺑاﻟ‬
ُ ‫أرﺳﻞ ر‬
‫اﻟﺤﻤ ُﻬﺪى ودﻳﻦ اﻟﺤﻖ‬
‫ﻟُﻴﻈﻬﺮ ُه ﻋﻠﻰ‬
‫اﻟﺪﻳﻦ‬
‫ﻮ ُﻟ ُﻪ اﻣﺎ‬
‫ﺷﺮﻳﻜﻠ ُﻪ وأﺷﻬ أن ﺤﻤﺪا ﻋﺒ ُه‬ ‫واﺣﺪ ُه ﻻ‬
‫ﺑﻌﺪ‬
‫ور‬

**Hadirin kaum Muslimin sidang jum’ah anu di mulyakeun ku Allah swt.**

Dina hubungan ieu Rsulullah saw henteu wungkul ngasinyalir gejala eta jaman, jeung medar
sabab-sababna sarta kasang tukangna namung anjeuna ngagariskeun kumaha kuduna sikep
nyanghareupan kaayaan anu sarupa kitu.

Salah sahiji tugas kaom Muslimin nyanghareupan tiap-tiap kaayaan jeung situasi sanajan
sakumaha seremna, nyaeta ulah bosen bosen umajak ka papada manusa pikeun ngalakukeun
kahadean jeung nyegah tina ngalakukeun kajahatan, anu dimimitian ti kulawaraga urang sabab
kulawarga teh hiji bahan atawa unsur pikeun ngawujud hiji masyarakat kujalan ngatik ngadidik
garwa sarta palaputra.

Rasulullah ngemutan ka urang dina hiji hadist sangkan ulah kabebenjokeun ku urusan dunya
sarta mopohokeun urusan amar ma’ruf sarta nahyi munkar samemeh datang hiji sa’at dimana
du’a maraneh teu di ijabah deui, pamenta maraneh geus teu dikabul sarta leungitna barokah tina
Wahyu

ُ‫ﺣﺮﻣﺖ ﺑﺮﻛﺔ‬ُ ‫ﻣﺮ ﺑاﻟﻤﻌ ُﺮوف واﻟﻨﻬﻲ ﻋﻦ اﻟ ُﻤﻨﻜﺮ‬


‫ وإذا ﺗﺮﻛﺖ اﻷ‬، ‫م‬ ‫ﺳﻻ‬ ‫إذا أﻋﻈﻤﺖ ﻣﺘﻲ اﻟﺪُﻧﻴﺎ ﻧُﺰﻋﺖ ﻣﻨﻬﺎ ﻫﻴﺒ ُﺔ اﻹ‬
‫اﻟﻮﺣﻲ‬
)‫(رواه اﻟﺘﺮﻣﺬي‬

Lamun umat kami geus ngagung agungkeun urusan dunya, pinasti bakal dicabut kahebatan
Islam, sarta lamun umat ieu geus ninggalkeun parentah amar ma’ruf nahyi munkar maka baris
diharamkeun barokahna wahyu (HR Thirmidzi)

**Hadirin kaum Muslimin sidang jum’ah anu di mulyakeun ku Allah swt.**

Hayu urang silih jaga kulawarga urang tina ancaman seuneu naraka kujalan nanjeurkeun ayat
ayat Allah di tengah masyarakat sabab lamun urang geus taki taki pikeun nyanghareupan poe
jaga sa olah olah urang geus taki-taki pikeun nyanghareupan jaman nu kumaha wae.
‫رﺑﻨﺎ ﻇﻠﻤﻨﺎ اﻧﻔُﺴﻨﺎ وان ﻟﻢ ﺗﻐﻔﺮﻟﻨﺎ وﺗﺮﺣﻤﻨﺎ ﻟﻨﺎ ُﻛﻮﻧﻦ ﻣﻦ اﻟﺨﺎﺳﺮﻳﻦ‪ ,‬رﺑﻨﺎ ﻟﺎ ﺰغ ُﻗُﻠﻮﺑﻨﺎ ﺑﻌﺪ إذ ﻫﺪﻳﺘﻨﺎ وﻫﺐ ﻟﻨﺎ ﻣﻦ ﻟُﺪﻧﻚ رﺣﻤﺔ‬
‫إﻧﻚ‬
‫أﻧﺖ اﻟﻮﻫﺎ‪ , /‬رﺑﻨﺎ أﺗﻨﺎ ﻓﻰ ﻧﻴﺎ ﺣﺴﻨﺔ وﻓﻰ اﻟﺎﺧﺮة ﺣﺴﻨﺔ وﻗﻨﺎ ﻋﺬاب اﻟﻨﺎر أ ﻗﻮﻟﻰ ﻫﺬا واﺳﺘﻐﻔﺮُ ﷲ ﻟﻰ وﻟ ﻢ ﺗﻘﺒﻞ‬
‫ُﻗﻮا‬ ‫اﻟ‬
‫ُم ﻢ ورﺣﻤ ﷲ وﺑﺮﻛﺎﺗُ ُﻪ‬ ‫واﻟﺴﻻ‬ ‫ﷲ ُ ﻣﻨ ﺎ و ﻣﻨ‬
‫ﻋﻠ ﻴ‬

You might also like