You are on page 1of 3

Sirah Cai

“Barudak ,tong arulin di hulu cai.”


Éta omongan remen kadéngé. Kolot anu sok nyarita kitu téh. Atuh barudak
gé sok ngagugu. Tara aya nu mungpang kana panyaram kolotna. Jeung barina ogé
naon resepna ulin di hulu cai, da tempatna nyingkur.
Anu disebut hulu cai téh ayana tonggoheun perumahan. Ukur kahalangan
ku masjid jeung lapang tempat barudak arulin. Pangna disebut hulu cai téh
lantaran didinya aya sumber cai, ngaburial tina jero taneuh. Caina hérang
ngagenyas.
Barétona n amah, cai ti dinya téh langsung ngocor kasawah di lebaheunana.
Tapi ti sanggeus aya perumahan, disabudeureun hulu cai téh dijieun babalongan.
Teu lega,ngan sisi – sisina di témbok. Cai nu ngaburial téh ditampung dina
babalongan, terus dikocorkeun ka perumahan, make pipah paralon. Saban imah
kabagian cai beresih.
Pangeusi perumahan teu kudu nyieun sumur. Kabéh ogé ngamangpaatkeun
cai anu kaluar tidinya. Dipaké mandi,nyeuseuhan,gégéroh, ngumbah motor, jeung
lianna ti éta. Najan keur usum halodo gé tara nepi ka saat, ngan pédah cai anu
kalurna ngurangan. Jadi kapaksa mun keur usum halodo mah ngocorna cai ka
saban imah téh kudu giliran.
Tatangkalan disabudeureun hulu cai teu meunang diganggu, komo nepi ka
dituaran mah. Lamun tatangkalan nu aya didinya diganggu, tangtu cai anu kaluar
tina sumber na téh bakal ngurangan. Éta pangna teu meunang dipaké pangulinan
barudak ogé , bisi tatangkalanana kaganggu.
Ku sabab loba tatangkalan, manuk gé baretaheun. Aya tikukur,
cangkurileung, kérak, malah sakapeung mahsok kadéngé sora jalak. Di dinya
nyarayangna téh, ari isuk – isuk téh ramé disarada. Sarua sasatoan ogé teu
meunang diganggu.
Nganggeuskeun Kalimah ( serat dina buku catetan masing – masing )
1. Kana panyaram entong ulin di hulu cai, barudak sok………………………

2. Barudak teu resepeun ulin di hulu cai, sabab tempatna………………….

3. Ti perumahan ka hulu cai ukur kahalangan ku…………………………………

4. Sanggeus aya perumahan, éta hulu cai téh terus…………………………….

5. Pangeusi perumahan teu kudu nyieun sumur, sabab………………………

6. Lamun keur usum halodo, cai keur saban imah téh…………………………

7. Tatangkalan di hulu cai teu meunang di ganggu , sabab………………….

8. Ku lobana tatangkalan di hulu cai, manuk gé jadi……………………………..

9. Manuk nu aya di dinya téh nyaéta……………………………………………………

10.Ari isuk – isuk éta manuk téh ramé………………………………………………….


Tugas Belajar di Rumah
Hari kamis, tanggal 02 Desember 2021
- Baca hal 147 sampai 148
- Kemudian baca hal 152 sampai 153
- Kerjakan hal 154 yang ada pada table

Hari Jum’at tanggal 03 Desember 2021


Kerjakan
1. 3 jam + 28 menit =…………………. Menit
2. 60 menit + 120 menit =………………jam
3. 1765 + 1050 =……………..
4. 1090 – 750 =………………
5. 9x9 =………………..
6. 105 + 278 +50 =………………
7. Andi belajar selama 3 jam, Andi mulai belajar pukul
19, pukul berapa Andi selesai belajar ?
8. Gambarkan Jam, yang penunjukan Pukul 09.00
9. 100: 10 =………….
10. 42 : 7 =…………….

You might also like