You are on page 1of 3

PORTOFOLIO

BAHASA SUNDA
Tahun Ajaran 2022-2023

DISUSUN OLEH :
RIKZA DANAN IRDIAN (26)
XII IPA 5

SMA NEGERI 1 SUKARESMI


Jalan Mariwati KM. 4 Kawung Luwuk, Kec. Sukaresmi, Kab. Cianjur, Jawa Barat (43254)
KABERSIHAN PIKEUN KANYAMANAN BELAJAR

Assalamualikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur hayu sasarengan urang sadaya haturkeun ka Gusti Allah SWT kumargi
dina ieu waktos urang sadaya di pasihan kasehatan lahir sareng bathin.

Teu hilap solawat sareng salam hayu urang sadaya haturkeun ka junjugan Nabi Muhammad
SAW, kangge rerencanganna, kaluargana sareng ka urang sadayana, amin. Saterasna,
simkuring ngahaturkeun hatur nuhun kanggo Ibu Elis kumargi tos masihan waktos kangge
abi ngabiantarakeun di payuneun rerencangan sadaya.

Ibu-ibu, bapak-bapak, teteh-teteh, aa-aa sadayana judul ieu biantara teh nyaeta Ngajaga
Kaberesihan Sakola Pikeun Kanyamanan Diajar

Sapertos nu ku urang sadaya tingal ayeuna, kaberesihan sakola urang sadaya teh kacida
kurangna, sok sanajan sakola urang sadaya ieu teh nuju di bangun,  urang sadaya tetep kudu
ngajaga kaberesihan, minimal kaberesihan kelas masing-masing.

Sapertos dina HR. At-Tabrani sareng Hakim annnadaafatu minal iman nu artina Kaberesihan
nyaeta bagian tina iman. berarti lamun urang sadaya ngajaga kaberesihan berarti urang
sadaya kaasup jalmi nu beriman nu aya di jalan Allah SWT.

Sareng aya deui H.R At-Tirmizii nu isina urang teh kudu ngajaga jeung ngaberesihan buruan
imah urang, tah ari kitu mah naon hubunganna jeung sakola? Nya aya atuh, urang teh diajar
disakola teh geus jiga urang keur calik di bumi urang sorangan, sanajan euwuh Bapa, Indung
kan aya Bapa jeung Ibu guru nu geus dianggap ku urang sadaya jiga kolot urang.

Salian ti eta, manfaat urang sadaya ngajaga kaberesihan sakola nyaeta pikeun kanyamanan
urang diajar. Sok ayeuna bayangkeun lamun urang sadaya diajar dina tempat nu bararau
sampah jeung rea kebul, pasti urang na ge teu betah, guru-guru oge sami siga kitu lamun
kelas urang sadaya kelasnya karotor pasti teu betaheun tuluy menta kelasna diberesihan heula
lamun rek diajar, kan aya.

Tuluy manfaatna nu ka dua nyeta urang sadaya moal bakal kakeunaan panyakit, sapertos
Malaria, DBD jeung sajabana. Kabeh panyakit teh sarangna tinu sampah jeung sajabana.

Pikeun ngajaga kaberesihan sakola, dina hate urang sadaya kudu di terapkeun sikap atawa
inisiatif pikeung ngajaga kaberesihan. Sakola kuduna mah ngayakeun kagiatan beberesih
sakola babarengan sapertos JUMSIH (Jumat Bersih). Urang salaku warga SMP N 1 Garut
kudu ngilu aktip dina sagala kagiatan sakola, aktip dina sagala kahadean sakola, aktip miara
sakola.
Dina diri urang tong aya pipikiran kieu ken bae ah da beberesih mah gawe na Mang Mim
jeung Mang Kasmo, ulah kitu. Sanajan Mang Mim jeung Mang Kasmo ngaberesihan sakola
urang ge kudu ngilu beberesih, karunya Mang Mim jeung Mang Kasmo ari urang sadaya teu
ngajaga kaberesihan, hargaan saeutik atuh sagala parjuangan Mang Kasmo jeung Mang Mim,
minimal henteu miceun sampah sangeunahna.

Kasimpulana, urang sadaya kudu sami-sami ngajaga kaberesihan sakola pikeun kanyamanan
diajar, balik deui ka kanyamanan diajar, kanyamanan diajar manfaatna nyaeta pikeun
ngahadekeun nyerep sagala palajaran, pikeun nu diajar jeung nu ngajar baretah cicing di
sakola.

Minimal urang ngajaga kaberesihan sakola nyaeta tong miceun sampah sangeunahna. Sabab
mun urang miceun sampah sangeunahna, teu dina tempatna bakal rea pibakaleun panyakit.
Tuluy ngajaga kaberesihan kelas masing-masing. Mun nu hade mah sakola ngadakeun
JUMSIH urang sadaya kudu ngiluan tina eta kagiatan.

Sakieu wae biantara nu ku simkuring tiasa haturkeun, mugi-mugi aya mangpaatna kango
sadaya, hapunteun bilih aya kalepatan dina ngahaturkeun ieu biantara. Hatur nuhun tina
sagala perhatosannana.

Wasalamualikum Wr. Wb.

You might also like