Professional Documents
Culture Documents
Artikel Sunda
Artikel Sunda
Wayang golék anu ngagunakeun basa Sunda diperkirakeun mimiti berkembang di Jawa Barat
abad ka 17 dina masa Kasultanan Mataram. Pakem jeung jalan caritana sarua jeung versi
wayang kulit, sok sanajan réa perbédaan. Upamana baé dina ngaran tokoh-tokoh punakawan
saperti si Cepot (astrajingga), Dawala jeung Gareng.
Pedaran carita wayang teh ngadopsi tina épik Mahabrata. Ari babad Mahabrata teh karangan
Wiyasa ti India. Mahabrata nyaritakeun turunan raja Barata anu kalibet perang sadulur atawa
baratayuda. Anu perangna nyaéta kulawarga Pandawa (turunan Pandu) jeung kulawarga
Kurawa (turunan Destarata).
Kulawarga Pandawa téh nya éta Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa. Sajaba ti
tokoh utama éta, aya deui tokoh anu kasohor nyaeta Gatot Kaca anakna Bima jeung
Abimanyu anak Arjuna.
Di kulawarga Pandawa téh aya punakawan anu kasohor saktina, nya éta Semar Badranaya nu
jadi lurah di Tumaritis. Semar téh boga budak tiluan, Sastrajingga anu katelah si Cepot
tukang ngabodor, Dawala, jeung Gareng.
Arjuna boga guru anu ngaran Dorna. Dina carita wayang golék mah, Dorna téh tukang nyieun
rajawisuna, pikasebeleun, jeung mihak ka Kurawa.
Sajaba ti épik Mahabrata téh aya deui épik Ramayana karangan Walmiki, sarua ti India.
Ramayana mah nyaritakeun lalampahan Rama, raja Ayodya anu kawin ka Sinta. Babad
Ramayana téh caritana panjang pisan, ngawengku 7 buku, 24.000 pada, jeung 500 sargah.