You are on page 1of 18

Kelompok 2

Delpia Sinta Rahayu (1802165)


Finzha Muhamad Havidz (1807117)
Moch. Idwar Fauzan (1803679)
Kelas : 6 Sastra
Mata Kuliah : Menulis Skénario

SKÉNARIO PILEM JAMPARING CARITA UMBARA LIMA SOHIB WANOJA


Novélét Rumaja Karya Chyé Rétty Isnéndés
Sinopsis
Ieu novélét nyaritakeun lima wanoja nu keur meumeujeuhna rumaja, ngaranna Érin,
Élis, Lina, Éla, jeung Citra. Éta nu limaan téh boga ngaran géng nyaéta JAMPARING
CINTA atawa JC. Salian ti éta asalna ti SMP Muhammadiyah nu tempatna di lingkung ku
sawah. Sedengkeun di SMP Negeri katitén ogé aya géng nu ngarana BANGBARA. Ngan
sabalikna, anggota na lalaki wungkul. Salila maca novélét ieu katitén sikep rumaja nu keur
meumeujeuhna loba kapanasaran, meujeuhna diajar ngontrol émosi, teu kaliwat urusan cinta
ogé jadi mamanis dina ieu novélét. Saenggeus satékah polah loba huru-hara pépéling ti Bapa
Kepala Sekolah jadi dadasar sangkan teu percoma ngalakukeun hal-hal nu matak jadi
wiwirang. Singket carita éta dua géng téh jadi sosobatan, sabab aya nu ngéléhan jeung milih
damei. Réngsé.

SMP Muhammadyah
Close Up
(Kaméra ka budak awéwe nu limaan, keur latian gerak jalan di lapang), aya Élis, Citra, ‘Erin,
Lina jeung Éla.
Close up
(Élis nu keu baris jol léwéh)
Érin
Élis kunaon?
Lina
Boa kasurupan?
Citra
Kamana karep waé nyarita téh.
Éla
Gotong ka sisi sarékeun handapeun tangkal.
Érin
Kunaon Lis?
Élis
Nyeri beuteung, jigana PMS
Éla
Euleuh keur héd?
Élis
Enya puguh.
Group Shoot
(Élis diparencétan, dipangmeulikeun cai, ogé dahareun)
Group Shoot
Élis
(Ka baladna anu opatan)
Urang nyieun géng yu?
Citra
Géng naon? Kumaha?
Élis
Géng, grup ulin, méh ka mamana teu sosoranganan.
Éla
Hayu lah siapa takut.
Lina
Ah sieun kukumaha.
Citra
Enya ah bisi anéh-anéh.
Élis
Moal da ieu mah géng séhat, barokah, moal jauh tina tetekon kaagamaan.
(Kabéhanana kompak nyarita)
Atuh ari kitu mah satuju

Close Up
Citra
Tapi awas wé
Élis
Moal tah keureut ceuli Si Lina mun wadul mah.
Lina
Ih, meni ka urang, horéam. Ké atuh urang ngéwa jiga baligo ari weuh ceulian mah.
(kabéh ngabarakatak seuri)

SURAT

Scene 1

Ela

(bari ngagebrak bangku Lina)

Si Erin mana?

Lina

Can datang

Ela

Ari Citra?

Lina

Sigana mah rada beurang, biasaaaa...

Group Shot
Elis

(Elis datng bari ngusapan panonna)

Urang mah goga duit téh kacir....

Citra

Kumaha kitu Lis?

Elis

Yeuh lamun panon urang cindul ka sakola, éta pasti keur loba deuit...

lantaran peutingna ceurik jeung ngamuk keur ménta duit...

Lina

Tong kitu atuh Lis, karunya ema manéh.

Elis

Matakan urang sok ménta ka manéh ha.ha..haa

Lina

(bari metot tiung Elis)

Siahh

Ajun

(bari seuri sataker narker)

Siga Marlyn Mondroe, euy!

Elis

(lumpat tuluy neunggeul Ajum)

Najis siah!

(ngagusur Citra ka lawang panto)

Citra! Citra! Buru ka dieu

Close up
Barudak limaan ngarumpul bari ngobrolkeun surat

Erin

(bari nunujuek ka Elis)

Atuda si Elis nu sok kitu téh!

Elis

Naon? Bet nyalahkeun ka urang? Éléh mah éléh wé tong mamawa urang!

Ela

Heueuh dasar Negri Hayam

(kabéh sareuri sanggeus éla ngomong kitu)

Lina

Ihh kalah seuseurian

Elis

Heueuh! Lain mikiran surat naon! Citra atuh kudu kumaha?

Citra

(bari mencrong kana kertas tuluy macakeun surat anu eusina kieu)

Héh, Elis budak centil loba kabogohna. Mun enya wani ditungguan di handapeun dapuran
awi. Sok bawa balad ari boga mah. Ttd. BANGBARA: Jalu, Opec, Juned, jeung Zenal

Kéla, saha ari jalu téh?

Medium Close Up

Lina

Lanceukna si Intan nu bogoheun ka Elis

Citra

Ari Opec?

Ela
(bari semu seuri saeuti)

Tukang minyak nu kacida hideungna

Elis

Kabogoh si Lina?

Lina

(lina bari luway-liwey ogo)

Ihh duka. Manéhna wé anu bogoheun ka Lina

Citra

Ari juned jeung zenal?

Ela

Duka ai juned mah, sigana budak kelas tilu Negri Hayam , sarua jeung si Opec, ngan Zenal
mah mun teu salah naksir ka Erin si lapang téa ning. Nu jago smes ti grup poli lalaki..

Citra

Oohhh anu jangkung? Ké ari jalu kelas sabaraha?

Elis

Si jalu mah geus SMA , sok megat urang di péngkolan ..

Citra

(beungeutna semu kerung)

Ieu surat téh buntut ti smes-an Elis ka si Intan?

Elis

Teu dihaja atuda

Citra

Éh, saha anu nyebut dihaja. Ngaranagé permainan, olah raga. Hébat éta téh ngarana, smes
bangbarang nepi ka Si Intan ngajurahroh pan manéhna téh jangkung gedé

(Elis beungeutna beureum jeung irungna rebéh sanggues di puji ku si Citra)


Tah Si Intan téh pastu nyerieun, ku dua ku tilu. Nyeri ka-smes, nyeri haté kéok, jaba éra
deuih. Manéhna bébéja sigana mah ka lanceukna , si Jalu. Nya ieu téh bisa disebut keun surat
ancaman

Erin

Tapi naha bet aya di Lina?

Lina

(lina aga eugeu)

Eu.. eu Si Opec nu mieunna ka Lina..

Saréréa

Suiitttt swiiiwwww

Elis

Kacipta.. hideungna leungeun SI Opec numpang kana leungun SI Lina... haaa... haaa....haa

Lina

Gandéng. Awas siah moal dijajana bubur caringin..

Elis

(bari semu nyembah ka Lina)

Aduuhhh amppuun hampura atuh Lin..

(jempilng wéh kabéh, jol Elis ngomong deui)

Kumah atuh urang? Sieun urang mah

Erin

Kumah atuh Ta?

Citra

Kieu wé atuh, ayeuna mah urang balesan we heula, ulah ninggalkeun kasieun, pan urang téh
géng. Mun aya nu heureuy jeung niat jahat ka Elis maenya urang teu nulungan, pan urang téh
geus jangji..
“enya, satuju Erin mah”

“Lina ge”

“Ela gé”

“komo atuh Elis mah”

(teu lila aya sora tina sapeker)

Pengumuman!! Pelajaran kahiji PSPB kosong! Bu Euis na aya kapreryogian ka Cibadak.


Siswa dipapancenan maca buku sajarah Bab V meletusnya perang dunia II

Group Shot

(kabéh anu aya di jero kelas ngadadak jadi ramé tapi limaan tadi mah langsung mikir keur
nyieun surat balesa keur BANGBARA anu eusina kieu)

Mun enya mah lalaki, héy Jalu japong, héy kilang minyak, hey Juned Jogéd, héy Zenal jenol,
datang ka dieu. Rék di sakola, rék di lapang, rEk di masjid agung? Rék ditungguan. Teu boga
kaéra megat awéwé di dapuran awi. Dasar Negri Hayam! Ttd (......)

Lina

(barung nu rada mikir)

Ké heula ieu rék saha anu nanda tanganna?

Erin

Urang nyieun ngaran wé yu!

(saréréa ngadadak ngahuleng tarik bari mikiran keur ngaran gengna, pok téh si Elis jol nyayi)

Elis

Kulihat ibu pertiwi

Sedang bersusah hati

Air matanya berlinang

Néng Intan yang kukenaaaang

Erin
Ey ai Elis mah kitu! Sok ceuk Elis naon ngaran na ieu téh?

Elis

Yeuh ceuk yrang mah mending urang tanyakeun ka si Citra!

Citra

Naon atuh nya ngaran geng teh? Dina surat ti Si Jalu ngaran gengna téh BANGBARA. Meni
alus, hideung, ngapung, ngahiung, bangbaraan. Ah naon atuh nya maenya kudu kukupu? Asa
ampuh teuing! Geng urang kudu ninggalikeun balada nu pinter, seukeut, jeung gesit.
Baladnagé pan aktif dina pramuka, dina olahraga; bisa poli, bisa kasti. Uranggé teu
tinggaleun ngaji, salian ti ulin jarambah téh kumaha lamun ngarana JAMPARING?

(saréréa langsung ngarana bet kudu jamparing mei teu nyambung pisan jeung geng awéwé)

Ehh éta puguh anéhna téh berani tampil béda. Sosobatan urang sing nepi ka tujuan. Naon wae
tuhuanna mah. Siga ayeuna ngirimkeun surat sing nepi ka sasaran, mun bisa mah sing
nancleb kana haténa...

Elis

Lamun ditambahan kumah?

Erin

Ditambahan ku naon ari Elis

Elis

Ditambahan ku kata cinta, jadi JAMPARING CINTA!

Ela

Abong loba kabogohna meni jamparing cinta

Citra

Kumaha usul Elis téh? ditarima? Alus ogé ngaran geng jamparing cinta. Pasti aranéhheun,
lah. Enya pan élis dipikabogoh ku si Jalu, Lina ku si Opec, Erin ku si Zenal

(kabéhan kur bisa euleuh euleuhan)


Maranéhnamah kajamparing ku urang. Hartia panah urang geus nepi kana haté manéhna.
Kari urangna wé rék ditarima heug... Tapi ka kitu téh hartina urang geus meunang, mun téa
mah pertadingan”

(kabéhan kur bisa merhatikeun bari unggeuk-unggeukan. Satuluyna dina handapeun surat téh
ditulisan: JAMPARING CINTA (Elis, Citra, Erin, Lina, Ela))

Bab Ngajawab tantangan

Scene 1
Group Shoot
(Di Rohangan kapala sakola)

Bapa Kapala
Jadi bener ceuk béja, limaan ieu téh iluan kana géng?
(Ela, Lina, Eri, Citra, jeung Elis. Tarungkul ajrih)
Bapa Kapala
Naha jempé? Sok jawab! Cenah kamari gelut?
Citra
Teu acan Pa! (Kaceplosan)
Bapa Kapala
Teu acan? Atuh kitu mah bakal?
Citra
Sanés bapa, maksad téh.
Bapa Kapala
Tos! Tos! Dangukeun bapa, yeuh hidep téh istri, tos sakuduna sing tiasa jaga sikep,
bapa ogé terang hidep téh rumaja anu butuh pisan pengakuan ti lingkungan, tapi cikan atuh
ulah kitu, nyaah da hidep di dieu téh siswa anu berpréstasi. Tos ayeuna mah jig geura dialajar
deui ka kelas, ulah ngalakukeun kagiatan anu matak pirugieun. Jiga geura ka kelas!

Medium Close UP
Ajun
Kumaha tadi di rohangan? Di siksa teu?
Éla
Jempé ajun bisi ditalipak (bari neunggeul tonggong Ajun).
Scene 2
Close Up
(Géng Jamparing ngumpul di kelas)
Élis
Kumaha ieu? Masalah surat tantangan téa? Mun teu ditedunan mah piraku, ménya dék
disebut Jamparing weuh kawani?
Érin
Sieun ah!
Lina
Sieun dikukumaha!
Citra
Moal, kumaha mun urang mawa Si Ajun, jang dékéng. Tapi kudu sing ati-ati méh teu
kapanggih. Jeung kudu bisa ngayakinkeun Si Ajun méh daékeun.
Citra
Lina sok urang tulis surat balesan ka Bangbara;
“Tangtangan dijawab. Urang tepung poé minggu, tanggal jeung jamna sakumaha nu
kaunggel, di tegalan Ciganas, wangun. JC hayang apal naha Bangbara géng nu jéntel atawa
borangan. Ttd. Jamparing Cinta”
Sok asupkeun kana amplop, tapi kadé engké pas dibérékeun ka Si Opéc tong
kapancing, mun bisa mah ulah ngobrol.

Lina
Siap lah.
Scene 4 (Élis Teu Sakola)
INT/EXT
Suasana isuk di kelas téh asa sepi euweuh tukang seuri babarakatakan.
TWO SHOT
Pa Entoh
Suanten Pa Entoh meni halimpu mupuhkeun Pupuh Pucung
Utamana jalma kudu réa batur,
Keu silih tulungan,
Silih titipkeun nya diri,
Budi akal lantara ti pada jalma.
(Pa Entoh nunjuk Érin, Érin nu keur ngahuleng ngarénjag)
“Sok Érin kawihkeun deui éta Pupuh Pucung téh.” (Tuluy érin ka hareup).
“Tah kitu barudak. Hidep hirup di dunya téh henteu sorangan atawa
sosoranganan. Tapi aya batur jenuk balaréa. Boh kulawarga, boh tatangga,
boh boh babaturan di kelas di sakola, boh masarakat sabundeureun urang.
Maranéhna téh lain keur batur papaséaan, tapi batur keur pitulung. Kudu silih
tulungan, silih élédan, silih asih, silih asuh, silih asah téa.”
LONG SHOT
Bel pelajaran réngsé disada, barudak jigrah.
Pa Entoh
“Aya PR. Di bumi masing-masing kedah ngadamel sajak. Saptu payun
dikumpulkeun. Sok ayeuna mah geura marulang. Kadé tong kamana-mana
heula, kedah langsung ka bumi nya!”
Barudak
“Manggaaaaaa, Muhunnnn!!!” (Barudak rampak ngawalon).
Ajun
“Jadi ulin isukan téh?”
Lina
“Enya”
Ajun
“Ngarujak téa?”
Lina
“Nya mulangna ti Tegalan. Di imah Lina.”
Citra
“Saha waé nu diajak, Jun”
Ajun
“Balad wé. Si Acép, si Oné, si Omad jeung si Nano. Isukan jam 11 Lin?”
(Ajun tuluy ngaléos teu ngadagoan jawabannana)
Éla
“Enya” (némbalan lalaunan)
Citra
“Kamana Élis?”
Érin
“Urang longok wé yu? Bisi gering? Mangakaning isukan pan” (Semu nu
melang), saréréa unggeuk bring opatan ka imahna Élis. Lina tuluy hideng
meuli roti jeung susu kaléng bisi enya gering.
FADE IN
(Nepi ka imah Élis, sepi. Tanggungan oncom bapa na ngajugrug. Saréréa
rampak salam)
Élis
(Élis norojol, panonna cindul teu kaburu di sipat jiga lain Élis).
“Bapa gering. Sapeupeuting sasar. Panas nyebrét. Saréréa teu saré.”
Lina
“Ieu atuh keu bapa Élis. Panya téh Élis nu gering. Aduh meni sieun, pan
isukan…” (Sora na semu hariwang bari neundeun kérésék dina palupuh).
Élis
“Heueuh. Inget urang gé. Moal poho. Isukan ngumpul di Lina lin? Jam
salapan? Jam 10 urang tepungna? Si Ajun?..”
Érin
“Bérés pokona mah. Ayeuna mah Élis istirahat atuh. Tong ceurik deui. Cindul
téh teu boga duit nya ayeuna mah?” (Bari semu ngaheureuyan).
Élis
“enya euy” (Élis meureudeuy)
Lina
(Lina ngaluarkeun dompét na) “Ieu Lis, tadi udunan dijalan. Bisi kaselempek
keur meuli ubar…”
Éla
“Ulah ceurik. Geura di sipatan deui tah panon!”
Élis
“Ah siah!”
LONG SHOT
(Ema na Élis norojol geus kolot pisan ka tempo na téh. Tuluy ngobrol,
nganuhunkeun kanu opatan. Tuluy pamit rék mulang)
Citra
“Tong di péntaan duit waé atuh si ema téh Lis!”
(Babaturan nu séjénna nyalukan)
“enya karunya…”)
Élis
“Enya puguh. Hayang eureun sakola téh urang mah. Haying gawé…” (Élis
tungkul bari leungeunna ngarawél pucuk baluntas jajalaneun)
Érin
“Ih entong. Meunang-meunang ijasah SMP atuh Lis. Ké ku Érin di béjakeun
ka bapa. Sugan wé bapa bisa ngabéayaan…”
Élis
“Nuhun nya Rin. Bingung Élis téh”
Érin
“Pan ayeuna keur diomongkeun. Sugan aya jalan kaluar. Geus tong bingung
deui nya! Érin rék usaha sangkan Bapa ngabéayaan atawa méré béasiswa ka
Élis. Pokona mah isukan urang siap nyanghareupan BANGBARA. Sip?”
Élis
“Siiip lah”.
(Élis seuri ayeuna mah. Dina panonna nu teu di sipatan ngelemeng deui
harepan).
Scene 5 (Tepung Pucung)
INT/EXT
Isuk-isuk.
GROUP SHOT
Poé Minggu isuk-isuk, jam salapan. Lina, Éla, Citra, Élis, jeung Érin meni
sareged papakéannana. Di kaos jeung calana panjang maké sapatu kéts.
Sirahna maraké topi garaya kota cenah.
MEDIUM SHOT
Leumpang lalaunan ti imahna Lina rék ka Tegalan Ciganas. Jalan koral
garékgok untung na teu usum hujan.
Lina
“Moal kana ojég ieu téh?”
Éla
“Atuh ké isuk teuing nepi kaditu na. itung-itung olahraga wé bari nempo
pamandangan.”
FLASHBACK
Sapanjang jalan nu ngembat kebon ganas mayakpak. Asa di Subang gerentes
Érin. Ingeteun ka ganas Subang Érin téh waktu diajakan ku bapana baheula.
Paingan ieu lembur disebut Ciganas da kebon ganas na meni mayakpak semu
bodas.
OVER SHOULDER SHOT
Citra
“Lin ari kuburan kérkov téh dimana?”
Lina
“Ké diditu deukeut Tegalan”
Élis
“Kérkov téh saha Ta?”
Citra
“Duka ceuk aki tigigir mah étatéh tuan tanah urang Walanda. Geuning di
Nagrak loba turunan, kulitna nu barulé, buuk na nu pérang, irungna nu
mancung, panonna semu bulao atawa semu héjo. Étatéh cenah anak-anak nyai-
nyai nu di kawin Walanda ku tuan kérkov”
Éla
“Heeuh pan si Aisyah nu kelas hiji urang Pawenang sakitu geulisna. Irung
mancung, panon semu bulao, jeung buukna semu pérang deui. Lamun seug
maké tiung geulis pisan nya? Étatéh pan idungna di kawin ku turunan kérkov.”
(Éla semu sirik ngomongna)
Érin
“Enya di Lembur Érin gé aya keluarga téh Moni. Téh Moni siga Walanda
pisan nya Ta?” (Nu di tanya unggeuk)
“Si Nona pan sakelas keur SD na jeung Érin jeung Citra. Si éta mah pendék,
kulit coklat, buuk jagong, jeung irungna mancung. Tapi biasa wé geulis
henteu, goréng gé henteu.”
Teu karasa jalan geus nurugtug. Pamandangan sawah Beulah kénca, kebon
jeung tegalan beulah katuhu di handap babakan di payungan langit bulao.
Lina
“Tuh Tegalan Ciganas. Nyalimpet ka kénca aya taneuh muncugug, tah didinya
kérkov dikuburkeun téh jeung aya tuhuan sagala.” (Lina bari nunjuk teuing
Beulah mana teu kaciri-ciri acan)
Citra
“Hayang ningali Ita mah. Baréto jeung bibi asa kungsi kadieu ngan poho deui,
keur leutik keneh atuda.”
Érin
“Ih enya Érin ogé”
Lina
“Enya hayu da aya kénéh waktu.”
FAST MOTION
Singget carita lima budak parawan téh nepi di Tegalan Ciganas. Ana burudul
téh barudak lalaki diitung téh aya tujuhan mah éta barudak téh Géng
BANGBARA nu garumasép. Ti kajauhan kadéngé aya sora tarik naker
“Rempugg wélaaahh”
“Heeuh rempuggg wééé!!”
Citra
“Teu éra euy ngarempug awéwé? Ngaran wé jalu kalakuan bikang!” (Kasima
kunu ngahampas)
Jalu
“Mana si Élis?”
Élis
“Ieu urang” (Élis mukakeun topi na bari molotot)
Jalu
“Geura ménta hampura”
Élis
“Har keur naon?”
Jalu
“Éta keur si Intan”
Élis
“Teu salah aing mah”
Citra
“Ieu téh leuwih alus bari diuk ngobrolna dinu iuh geura handapeun mahoni
itu.”
Ajun
“Lin keur naon?”
Acép
“Weuy, huyy keur naraon?”
Ajun
“Jadi teu euy ngarujak téh?”
Lina
“Jadii..”
MEDIUM SHOT
Si Ajun katelahna budak terminal sinagar. Purah gelut, gedé haok wani
nyabok. Manéhna ngawanohkeun JAMPARING CINTA ka BANGBARA
jeung sabalikna.
Ajun
“Lu ieu téh JAMPARING CINTA téa, Élis pang apalna mereunnya? Nu ieu
Citra béntang kelas. Nu itu Érin kembang sakola. Nu ieu bos Lina nu sok
barbarian tah ieu Éla budak pendék tapi heu..” (si Ajun seuri Lina jeung Éla
neunggeul jeung nyiwit si Ajun)
“tah ieu téh BANGBARA géng darmaga si Jalu gegedugna.”
Citra
“Oh Jalu mun teu salah mah lanceukna Intan nya? Intan anu ka smes ku Élis
waktu persahabatan? Kumaha ayeuna Intan?” (Citra nyandiwara)
Jalu
“Alhamdulillah damang”
LONG SHOT
(Si Ajun mérékeun sawangannana bari ngabodor)
“Padahal SMP Negeri jeung SMP Muhammadiyah téh sarua SMP naha urang
téh sok paséa nya?”
saenggeus lila ngobrol ahirna BANGBARA apal ka JC geus kitu mah Jalu
nyamperkeun Citra tuluy ngajakan sasalaman.
Jalu
“Punah”
MEDIUM CLOSE UP
Citra seuri unggeuk. Manéhna ahirna sarasalaman tuly sakabéh nu aya didinya
gogonjakan tulu ngabring rék muru imah Lina rék ngarujak. Dina hate
maranéhna aya kabagjaan, sabab ahirna teu aya kagoréngan. Sosobatan leuwih
resep batan silih papaséaan. Tegalan Ciganas jadi saksi éndahna hirup
babarengan tur sauyunan
Utamana jalma kudu réa batur,
Keu silih tulungan,
Silih titipkeun nya diri,
Budi akal lantara ti pada jalma.

You might also like