You are on page 1of 8

MAKALAH KASUNDAAN

Adat Istiadat Sunda


MULASARA MAYIT

SMA PASUNDAN MAJALAYA


Tahun ajaran 2019-2020
-Kelompok: -Dini Wini Artini
-Feti Luthfiah
-Kelas : X MIPA 1
PANGJAJAP
Puji sareng syukur mangga sanggakeun ka Allah
SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring
saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya kanggo
nuntaskeun tugas makalah anu ti Ibu/Bapa guru.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina
kacurah limpahkeun ka jungjungan alam nyatana
Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina
sareng ka sahabatna sareng mudah-mudahan dugi
ka urang sadayana.
Medalna ieu makalah dipihareup tiasa
ngadeudeui lumangsungna proses diajar
Kasundaan hususna di SMA PASUNDAN
MAJALAYA.Eusi ieu makalah museur kana tujuan
supaya mikaweruh adat istiadat di tatar sunda
anu mangrupakeun kabudayaan luhur urang
sunda.
Ahir kecap,hatur nuhun. Mugi Alloh SWT
ngaridoan sagala usaha urang.Aamiin.
Sukamaju,25 Februari 2020
Penyusun,
Dini sareng Feti
ADAT ISTIADAT SUNDA : MULASARA MAYIT
BAB 1
Bubuka

Mayit atawa
ngurusan mayit nu
Disyari’atkeun ku Agama
Islam nyaeta :
ngamandian, ngapanan,
nyolatkeun, jeung
nguburkeun. Eta opat
perkara hukum na teh
fardu kifayah. Aya tradisi
atanapi adat istiadat urang
Sunda tisateuacana Islam
sumebar di tatar Sunda.

Hapunten ulah disebat bid’ah da ieu mah budaya baheula.


Samalih mah eta tradisi teh nyaluyukeun kana aturan agama
Islam sarta teu patajo’iah sareng syariah. Sapertos nu asalna
tradisi “ngurebkeun” janten “mulasara” asal kecap tina
“mula” hartosna “asal atawa mimiti” jeung kecap “Sara
atanapi syariah nyaeta “hukum fikih islam” .
BAB 2
TATACARA MULASARA

Nguruskeun mayit teh aya tatacara jeung aturan nu teu


sagawayah, diantawisna :
1. Narungtun : nyaeta, sawaktos nu teu damang repot
bade ngaleupaskeun nyawa sok dituntun ku lafadz “Lailaha
ilallah”.
2. Nungkup : nyaeta, ngusap raray nu nembe ngantunkeun,
bari sakantenan nyakepkeun bahamna.
3. Ngarurub : nyaeta, nutupan mayit make boeh warna
bodas
4. Ngamandian: nyaeta, mersihan mayit. Nu kudu dibersihan
diantawisna waos, liang pangambung, liang cepil, kelek,
ramo ramo, panangan, buuk jsb
5. Ngawaredonan : nyaeta, ngaleungitkeun kokotor tina
patuangan mayit
6. Nyolatkeun : nyaeta, nyolatkeun eta mayit.
7. Kemit : ngantosan mayit sabari maca yasin
8. Miangkeun Mayit : nginditkeun mayit ka kuburan bari
maca tahlil nepi ka kuburan
9. Ngolongan : nyaeta, adat kabiasaan ngameh sakeluarga
teu inget wae sakur kulawargana lempang handapeun
pasaranna
10. Nyeblok jalan : nyaeta, nyeblokan cai tilas ngamandian
mayit ka jalan
11. Ngawur taneuh : nyaeta, ngawurkeun taneuh sakeupeul
sateuacan ngurug
12. Ngurebkeun : nyaeta, sateuacan di urug teh
dikurebkeun hela
13. Ngurug : nyaeta, ngaruang mayit ku taneuh
14. Ngajejel : ninjeukan taneuh dina luhur kuburan nu
nembe dikurebkeun
15. Mulasara : ngurus mayit ti ngamandian nepi ka
ngurebkeun
16. Nadran : nyaeta, ngawurkeun kembang dikuburan,
kembang nu sok di awurkeun diantarana bae kamboja,
bakung, melati,kantil jsb.
17. Nalkinkeun : nyaeta, nempatkeun mayit kana liang
kubur
18. Nyolawat/merekeun : nyaeta, merekeun artos sareng
beas ka nu ngantunkeun
19. Nyusur taneuh :
20. Ngameli : nyaeta, dina wengian kahiji dina pupus
bojona/carogena nu dikantunkeun sok nyeungeut lilin
tujuh dikurilingkeun kana raksukan kame umeut kakantun
nu pupus teh.
21. Tahlilan : nyaeta, tos ngurebkeun mayit, uih ka bumi
kulawarga ngadakeun tahlil nyaeta acara ngadoakuen
mayit. Lumangsungna sampekeun ka 7poe, ka 40 poean
na, ka sataun na
22. Tiluna : nyaeta tahlilan nu ka tilu dinten na
23. Tujuhna : nyaeta, tahlilan nu ka tujuh dinten na
24. Matang puluh : nyaeta, tahlilan anu ka 40 poena
25. Mendak/haolan :nyaeta, mendak mah tahlilan anu ka
saratus dinten ,lamun haolan nyaeta tahlilan anu ka sataun
na
BAB 3
PAKAKAS

Nguruskeun mayit oge kudu aya pakakasna, alat


alat anu dibutuhkeun nyaeta :
1. Gebog cau mangala : nyaeta, pikeun ngagolerkeun mayit
jeung ngaleungitkeun sesa sabun, cara makena digosokeun
ka mayitna
2. Tangkal honje : nyaeta, digunakeun jang ngamandian
mayit,
3. Nyere sepit : nyaeta nyere pikeun mersihan jalan anu
bakal dilewatan ku mayit meh jalan ka akhirat na beresih.
4. Kendi/teko : nyaeta, média paranti ngucurkeun cai jang
ngamandian mayit
5. Boeh : nyaeta, kaen paranti mungkus mayit, mayit lalaki
dibungkusan ku 3 lembar kaen, mun istri dibungkusan ku 5
lembar kaen. Kaen na warna bodas.
6. Kapas : nyaeta, pikeun mungkus mayit sa acan di bungkus
ku kaen kapan, jeung diasupkeun kana pangambungna
7. Kamper : nyaeta, digunakeun pikeun ngawetkeun mayit,
di anggena nyaeta di awurkeun ka mayitna.
8. Minyak seungit : nyaeta, cai pikeun ngasengitan mayit
9. Panitih : nyaeta, pikeun mageuhan kaen kapan, diangge
na beuheung, patuangan, tuur, sampean jsb
10. Samak sulam : nyaeta, kaen anu ngabuntel mayit meh
teu ka kotoran, diangge saatos kaen kapan
11. Kaen rurub/samping kebat : nyaeta, pikeun nutupan
mayit nu acan dimandian sareng sa atosna dimandian.
12. Pasaran : nyaeta, media anu digunakeun pikeun
ngagotong mayit ka kuburan
13. Padung : nyaeta, jang diceuceubkeun kana taneuh
sareng jang identitas mayit, aya nu tina awi atawa keramik
14. Tetenger : nyaeta, awi nu gunana nutupan mayit pas na
kuburan meh teu benang kana taneuh.
15. Ronce kembang : nyaeta, kembang anu digunakeun
pikeun ngahias pasaran pas bade ka kuburan
16. Hanjuang : nyaeta, tangkal anu biasa di ceuceubkeun di
na caket padung, gunana pikeun hiasan.
17. Babantalan : nyaeta, taneuh pikeun ngaganjel mayit
méh nyangigir.
BAB 4
PAMUNGKAS

A. Kacindekan
Dina nguruskeun mayit teh ulah sagawayah
lantaran aya oge aturan jeung tatacara mulasarana. Nalika
aya jalma nu maot maka hukumna wajib kifayah ka jalma nu
hirup mulasara eta mayit nepi ka rengse.

B. Saran
Mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang
husus kuring saparankanca umumna kanggo sadayana anu
maca ieu makalah. Oge tangtos wae dina ieu makalah masih
seueur keneh kakiranganana, kuayana kitu mugi ulah kirang-
kirang ngahapunten sareng masihan komentar sareng saran
kanggo saena dina nyusun makalah kasundaan.

You might also like