You are on page 1of 3

Nama : Hari, Tanggal :

Kelas : Pukul : - WIB


Mapel : Bahasa Sunda Pertemuan ke : 9 (sembilan)

PERINTAH!
TULIS DAN CATAT MATERI DIBAWAH INI SEMUA (TIDAK DIRANGKUM)

BAB 3 ( LAPORAN KAGIATAN)

A. PANYUNGSI BASA
1. PERKARA LAPORAN KAGIATAN

Laporan téh ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan atawa hal naon waé nu geus kaalaman
atawa kalaksanakeun. Ditilik tina cara nepikeunana, laporan téh bisa sacara lisan bisa ogé ku tulisan.

Ari ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu rupa:

1) Laporan kagiatan
Eusina ngeunaan geus dilaksanakeunana hiji kagiatan. Upamana waé laporan
kagiatan piknik, laporan kagiatan lomba, laporan kagiatan kémah, jsb.
2) Laporan Keuangan
Eusina ngeunaan kaluar asupna duit di hiji lembaga/pausahaan. Nu ngalaporkeunana
biasana mah karyawan ka dunungan (atasan). Nu sok nyusunna ogé aya ahlina nu sok
disebut akunting.
3) Laporan Jurnalistik
Eusina ngeunaan lalampahan wartawan dina ngaliput hiji tempat atawa hiji hal anu
dipandang aya mangpaatna keur batur. Ku kituna, laporan jurnalistik téh sok aya anu
nyebutna laporan lalampahan (perjalanan).

2. NYUSUN RARAGA LAPORAN KAGIATAN JEUNG LAPORAN JURNALISTIK

Laporan kagiatan téh disusun minangka bukti hiji kagiatan geus dilaksanakeun. Lian ti éta,
laporan kagiatan ogé bisa dianggap bukti ayana tanggung jawab salasaurang jalma atawa calagara
(panitia) ka nu méré pancén. Pikeun hiji lembaga atawa institusi, laporan kagiatan bisa dijadikeun
cecekelan keur nyieun kagiatan atawa program satuluyna.

Laporan kagiatan téh kudu disusun kalayan sistematis, logis jeung ngagunakeun basa Sunda
anu bener tur merenah. Eusina gé sakurang-kurangna kudu méré gambaran anu écés tur jéntré.
Biasana mah kudu ngandung unsur jawaban tina prinsip 5W + 1 H nyaéta:

Naon (what), Kunaon (why), Saha (who), Dimana (where), Iraha (when), jeung Kumaha
(how)

Patali jeung nyusun laporan kagiatan, aya sawatara hal anu perlu dititénan, diantarana:

 Eusi laporan kudu singget


 Jéntré (jelas)
 Sistematis
 Babari kaharti
 Eusina lengkep
 Pikaresepeun nu maca
 Faktual
 Bener (nyata)
 Kudu luyu jeung waktu anu geus ditetepkeun pikeun ngaréngsékeunna

Sacara umum, laporan kagiatan téh sistematikana bisa katitén ieu di handap:

SISTEMATIKA A:

A. Jejer Kagiatan
B. Tempat jeung Waktu Kagiatan
C. Pamilon jeung Calagara
D. Kasang Tukang
E. Pedaran Kagiatan
F. Panutup

SISTEMATIKA B:

A. Bubuka
1. Kasang Tukang
2. Dasar Hukum
3. Maksud jeung Tujuan
4. Wengkuan Kagiatan
B. Eusi Laporan
1. Jejer Kagiatan
2. Waktu jeung Tempat Kagiatan
3. Pamilon jeung Calagara Kagiatan
4. Hasil Kagiatan
C. Panutup
1. Kacindekan
2. Saran

Ngeunaan laporan jurnalistik, aya bédana jeung laporan kagiatan, najan ari tujuan jeung
eusina mah bisa dianggap sarua, nyaéta “ngalaporkeun hiji kagiatan”. Aya sawatara ciri-ciri anu
ngabédakeun laporan jurnalistik jeung laporan kagiatan, diantarana waé nyaéta:

a. Perkara anu dilaporkeun kudu aya mangpaatna keur nu maca, lantaran ari laporan jurnalistik
mah engkéna dimuat dina majalah atawa koran.
b. Judulna kudu pikatajieun nu maca. Basana kudu basajan, kalimahna ulah ngayayay, panjang
teuing, jeung kudu ngagunakeun kalimah aktif.
c. Eusi laporan ulah ngahina batur, ulah nyinggung unsur SARA, lantaran ari laporan jurnalistik
mah aya kode étikna. Hartina nu dilaporkeun téh kudu enya-enya, jujur, ulah ngabohong.
d. Ngagunakeun basa Sunda nu bener tur merenah.
e. Eusina singget tur jelas, tapi kudu lengkep deuih.
f. Nuliskeunana sing sistematis, luyu jeung aturan.
g. Laporanana kudu pikatajieun atawa pikaresepeun nu maca.
h. Eusi laporan bisa dilengkepan ku foto jeung tanda bukti séjénna.

You might also like