You are on page 1of 3

Datang Aki

Aki : “Heuuup...heuuup...heuuup ... !!!”

Nayaga : “kunaon aki kunaooon???”

Aki : “Lain ieu teh asa aya nu tinggaleun euyyy...”

Nayaga : “Heuu tuh da angger aki mah abong geus kolot sok limpeuran.... cik naon nu tinggaleun teh
?”

Aki : “ke..ke..kee..... panon? Ayyya, irung?? Ayaaa, ceuli?? Ayaaa... naon atuh nya ?

Nini : “AAAAABAAAAAAHHHHHHH!!!!!!!”

Aki : “Aeeeehhhh heuh itu si ambu tinggaleuuun !!!!!”

LAGU DAGDUT MAPAG AMBU !!

Nini datang

Nini : " haduh alhamdulilah aki nini bisa datang ka ieu patempatan, heeh ngahaja kadieu teh rek
nyakseni incu urang disunatan"

Aki : " hus... ari maneh atuh lain disunatan ieuh ulah ngera ngera dewek,,

Nini :" ehhh heeh maksud nini teh heeh nikah tea aki,, apan ari kawin jeung nikah mah beda aki..

Aki :" nya naon bedana da asa sarua wae ai maneh..

Nini : " heeh apan ari kawin mah kalayan widi naib , tah lamun nikah nindihan kahayang ..

Aki : " euh geus ngera ngera deui wa ai maneh atuhh,, geus ahh hayu ayeunamah urang
silaturahmi heula ka panganten teh anu mana parantos ngodok gening nini hayu urang
sasalaman heula”

Nini :" heeh aki alhamdulilah urang bisa knh silaturahmi keneh heeh urang doakeun ku urang
panganten teh cing runtut raut sauyunan kacai jadi saleuwi kadarat jadi salogak cing keuna
kana kecap sakinah mawadah warohmah wa udin wa upay wa panganten ahh pokona uwa
saha weh nu can nyawer,,

Aki :" haduh na ai mnh sok ngacaprat wae ,, geus ahhh pan kadieu th mnh teh rek kaul lin sok lah
ayeunamah urang kaul wehh ahhh deur para nayaga
RUMPAKA KANGGE PAMAYANG

Haturan Wilujeng Sumping

Haturan Bagea Datang

Dipapag para pamayang

Sanggian Ebi Production

Lumungsur ti kahyangan

Haturan wilujeng bingah

Bagea nu tos rimbitan

Bagja anu pangantenan

Lir hirup di kahyangan


RUMPAKA LENGSER RAYAK-RAYAK

Mamang lengser mamang lengser

Euleuh meni gandang pisan

Kumis baplang rada carang

Leumpang seged ngagancangan

Haturan wilujeng sumping

Ka tatamu anu agung

Haturan wilujeng bingah

Ka panganten nu keur bungah

You might also like