Professional Documents
Culture Documents
Naskah Drama Sangkuriang
Naskah Drama Sangkuriang
1. Jaka
2. Sangkuriang
3. Dayang Sumbi
4. Si Tumang
5. Dewi-Bu
6. Nyi Euis
7. Nyi Ksikan
8. Ceu Edoh
9. Jin Jajang
10. Jin Ujang
Narator : Dikisahkeun sarebu taun katukang, aya raja jeung ratu anu ngalahirkeun putri nu geulis
kacida. Ngarana Dayang Sumbi anu kasohor geulis jeung pinter, hiji nu matak dipikahéman téh
nyaéta ieu putri meuni manja. Dina hiji wanci, Dayang Sumbi nuju ngarajut di payun bumi
istana barijeung ngarasa lemes, putri leungiteun benangna.
Adegan 1
Dayang Sumbi : “Ihhh murag waé, kunaon sih! males pisan, sok atuh ambilin nanti yang ambilin dijadiin
Suami.
Narator : “Saparantosna putri ngecapkeun sumpah, torojol anjing sakti si Tumang datang.”
Dayang Sumbi : “Hah? Naha kalakah anjing nu nyokot pintalan benangna? nya atuh daék teu daék… aku kudu
nikah anjing ieu. Euleuh euleuh Gusti, kumaha ieu?”
Narator : “Saterusna Dayang Sumbi jeung Tumang nikah jeung hirup bagja nepi ka boga anak nu
mangrupa anak manusa nu miboga kakuatan gaib kawas bapana. Ieu budak dingaranan
Sangkuriang. Dina mangsa tumuwuhna téa Sangkuriang biasana dibarengan ku Tumang. Hiji
poé Dayang Sumbi ngageroan anakna Sangkuriang.
Adegan 2
Dayang Sumbi : “Sangkuriang, sangkuriang kadieu. Ambu nuju hoyong emam sareng daging mencek.
Punteun pangnéangankeun leuweung di leuweung sareng si Tumang.”
Adegan 3
Sangkuriang : “Kamana deui nya? Naha sih mencek téh meni hésé pisan diteangan? Capé ih. Sakeudeung
deui rék peuting, pokona kuring kudu meunangkeun nu Bunda hoyong. Bantuan atuh
Tumang! Lamun teu ngabantuan, panahna bakal nancep di awak manéh siah Tumang!”
Narator : “Sangkuriang anu kacapéan ngancem bakal maéhan si Tumang lamun teu meunang menceuk.
Tumang anu titatadi lulumpatan néangan mencek kacapéan teras balik deui ka
tempat Sangkuriang.”
Tumang : “Sangkuriang, Sangkuriang! Mencekna can kapanggih… Kumaha atuh? Lamun moro
mencekna dituluykeun enjing deui kumaha?”
Sangkuriang : “Hampura Tumang. Kuring geus janji bakal mawa daging mencek keur Ambu poe ieu.
Narator : “Sangkuriang nyokot anak panahna teras diarahkeun ka si Tumang. Sangkuriang balik deui
ka bumina mawa daging si Tumang keur ngaganti daging mencek.”
Adegan 4
Sangkuriang : “Ieu dagingna.”
Dayang Sumbi : “Hatur nuhun Jang. Ambu masak heulanya, engké urang emam sasarengan.”
Narator : “Saeunggeus narima dagingna, Dayang Sumbi masih teu nyadar kénéh lamun si Tumang
téh leungit, tuluy ngolah dagingna.”
Adegan 5
Dayang Sumbi : “ieu atina di emamnya. Btw si tumang dimana?
Dayang Sumbi : “Hah? Maot? Saha anu maéhan si Tumang asa tadi ngilu ujang moro… Saha nu maéhana
jang? Jangan-jangan…
Sangkuriang : “Ké heula bun, Sangkuriang bisa ngajelaskeun! Tadi, Sangkuriang sareng si Tumang teu
manggih mencak hiji-hiji acan. Jadi saacan balik ka imah ujang kapaksa maéhan si
Tumang. Daging nu tadi diemam téh sabenerna daging si Tumang…”
Sangkuriang : “Aduh nyeri Ambu! Kunaon sih Ambu bet ambek? Jadi Ambu leuwih nyaah ka Tumang
daripada ujang? Yaudah lah Sangkuriang rék indit we.”
Dayang Sumbi : “Lain kitu jang! Lain kitu maksud Ambu! Ambu nyaah pisan ka sangkuriang. Sangkuriang!
Narator : “Sanajan Dayang Sumbi geus menta hampura, Sangkuriang keukeuh indit ninggalkeun
indungna. Akhirna, Dayang Sumbi indit néangan déwi rék curhat jeung ménta tulung.”
Adegan 6
Dayang Sumbi : “Dewi! Dewibu! Tulungan kuring…!”
Ceu Edoh : “Lamun rék ménta harta jeung kakuasaan, lain di dieu tempatna. Mending indit
daripada ngabuang waktu Dewi-bu.”
Ceu Edoh : “Muhun, Déwi. Sok, Dayang Sumbi teh butuh naon?”
Dayang Sumbi : “Déwi, Tolong pertemukan abdi jeung budak abdi, Sangkuriang.”
Adegan 7
Narator : “Sababaraha taun saeunggeusna, Sangkuriang anu ngumbara saumur hirupna mutuskeun
balik deui ka kampung halamanana. Ngaranna ogé diganti jadi Jaka. Sanepina lembur, Jaka
reuwas sabab sagalana geus robah. Jaka ogé kataji ka awewe Geulis anu teu lain nyaéta
Dayang Sumbi, indungna sorangan. Sanajan kitu, duanana teu saling kenal.”
Jaka : “Dih?”
Adegan 8
Narator : “Saacan nikahan, Jaka rék moro heula. Jaka ménta tulung ka Dayang Sumbi jang
ngiketkeun iket.”
Dayang Sumbi : “Oke, beb. Eh eta naon di mastaka aya urut raheut?”
Jaka : “Nya kitu wéh. Baheula abdi ngalakukeun kasalahan teras ditampiling ku Ambu anu
keur ngamuk. Jadi wéh abdi ninggalkeun Ambu abdi.”
Dayang Sumbi : “(dalem hati) Hah? Manéh téh budak aing?… akhirna panggih… Tapi Aing téh rék nikah
jeung si ieu, kumahanya brodi?”
Adegan 9
Narator : “Dayang Sumbi lieur kudu ngalakukeun naon. Manéhna ngadatangan ka sakabeh jalma nu
deukeut ka manehna nanya naon nu kudu dilakukeun kahareupna.”
Nyi Ksikan : “Abdi ngadamel loték keur suami, cenah mah ngeunah. Ti bintang hiji nepi ka sapuluh
dibere dua.”
Dayang Sumbi : “Gais bahaya gais! kumaha atuh… Si Sangkuriang… Sangkuriang téh..!” (ngos ngosan)
Nyi Ksikan : “Heueuh, kalem wé brodi. Kita selalu ada untuk talk talk”
Dayang Sumbi : “ Mas Jaka téh sebenarna Sangkuriang! Jujurly, Aku nyaho persis urut raheut din a s i r a h n a
baheula!”
Adegan 10
Narator : “sanggeus Jaka balik, Dayang Sumbi ngajelaskeun permasalahanna.”
Dayang Sumbi : “Sangkuriang, Sangkuriang. Kamu teh anakku. Anu pas baheula ditakol kepalana ku aku. Ieu
Dayang Sumbi Ambu anjeun, jang. Hampura Ambu, jang. Hampura. Ambu nyesel pisan geus
nakol ujang. Tong dilajeung kahoyong ngalamarna nya, Jang.”
(Ceu Edoh, Nyi Euis, Dewi-bu, sareng Nyi Ksikan nguping percakapan)
Ceu Edoh : “Hah, ke heula ke heula… Ieu téh sanés Sangkuriang. Ieu mah Harry Potter kitunya?”
Dayang Sumbi : “dangukeun Ujang! Naon nu ku Ambu caritakeun téh bener. Kamu téh putra Ambu anu
baheula pernah ninggalkeun Ambu. Ambu teu bisa nikah jeung Ujang, Sangkuriang! Teu
bisa pokokna mah!”
Jaka : “Gamau ah! Abdi teu paduli kamu téh saha! Pokona urang tetep bakal nikah.”
Adegan 11
Narator : “Dayang Sumbi lieur, naon deui anu kudu dilakukeun jang ngabatalkeun parnikahana
jeung budakna sorangan, Sangkuriang.”
Nyi Ksikan : “Kabur wé brodi, éta téh… The only way! Trust me!”
Ceu Edoh : “Trast trust trost tong sok inggris manéh téh”
Dewi-Bu : “Lagian anéh-anéh waé manéh mah, geus papanggih jeung budak kalakah kabur”
Dayang Sumbi : “Geus lah maranéh mah euweuh nu ngabantuan mending urang mikir sorangan”
Adegan 12
Dayang Sumbi : “Sangkuriang, masih hoyong nikah jeung aku? Masih keukeuh?”
Dayang Sumbi : “Lamun kitu saacan nikah abdi gaduh dua syarat.”
Dayang Sumbi : “Abdi hoyong kamu ngabendung walungan citarum sareng ngajieun parahu jang nyebrang.
Tapi, duanana kudu bérés saacan subuh. Kudu bisa pokona mah”
Dayang Sumbi : “Kumaha? Waktu kamu teu loba. Sok atuh putuskeun, arék moal?”
Jaka : “Nya sok! Abdi bakal ngabulkeun dua sarat éta saacan subuh! Sakieu mah atuh cetek lah.
Demi nikah jeung kamu, naon waé bakal abdi lakukeun!”
Adegan 13
Narator : “Sangkuriang ninggalkeun Dayang Sumbi tuluy ngageroan jin-jin anu sakti keur
ngabantuan nganggeuskeun dua syarat ti dayang sumbi.”
Jaka : “Kalian teh bodo apa kumaha? Apan teu katingali ku urang. Kadieu tembongkeun wujudna!”
Jin Jajang : “Teu fitnah ih! Kamu we itumah! Aku waé anu dicarekan téh.”
Jaka : “Cicing atuh. Kita téh aya projek badag nu kudu dilakukeun.”
Jaka : “Jadi… urang téh arék nikah… tapi nya kitu… aya syaratna kitu gais… syaratnya téh
nya éta…”
Jin Ujang : “Nu jelas atuh bos! tong ngang ngong ngang ngong kitu!”
Jaka : “Kita kudu nyieun sungai citarum jeung parahu saacan subuh!
Jaka : “Cicing kalian borokokok! Pokona, urang kudu ngalakukeun naon anu dipikahayang ku
Dayang Sumbi!”
Narator : “Sangkuriang jeung jin-jinna ngagawéan kahoyongna Dayang Sumbi. Maké kekuatan Jin-
jinna, manéhna ngabendung cai walungan ti leutak sareng taneuh. Sedangkeun, Sangkuriang
néang bahan-bahan keur ngajieun parahu.”
Jaka : “Oke mantap. Kadieu maranéh bantuan nyieun parahu atuh. Sakeudeung deui geus rek subuh!”
Jin Ujang : “Anu bos, ieu téh syarat keur nikahkeun Dayang Sumbi nya? Meni hésé pisan.”
Jin Jajang : “Betul brodi, maénya dina sapeuting kudu nyieun bendungan jeung parahu?”
Jin Ujang : “Si Bos téh resep pisan ka Dayang Sumbi matakna réla ngalakukeun naon waé, nya kan bos?”
Jaka : “Heueuh.”
Jin Jajang : “Tapi lamun teu dibantuan ogé bos mah bisa naon atuh, teu bisa nanaon”
Jin Ujang : “Ulah kitu ari manéh. Bos t’eh jago pisan tanpa arurang oge.” Jin
Jajang : “Tetep wé atuh. Kita téh udah jadi kapercayaanna si bos nyaho!
Jaka : “Geus cicing! Kalian téh jin-jin kapercayaan urang jadi gawéna kudu serius! Engké
lamun urang geus kawin, urang béré stabrak”
Dayang Sumbi : (dalem hati) “Astagfirullah, gancang pisan! Maenya geus jadi deui? Kumaha atuh?”
Narator : “Dayang sumbi anu noong ti kajauhan ngarasa khawatir sabab dua syaratna geus rék bérés.”
Adegan 14
Dayang Sumbi : “Guys! Urgent guys! Bahaya bahaya!”
Dayang Sumbi : “Sangkuriang tos hampir beres ngalakukeun syarat anu dibikeun! Kumaha lamun urang
jieun suasana subuh? Supaya para jin-jinna bisa indit ninggalkeun sangkuriang!”
Nyi Euis, Nyi Ksikan, Ceu Edoh: “Boleh boleh! Kudu kumaha?”
Dayang Sumbi : “Geus ah, nu penting tong nikah jeung budak sorangan! Lets go girls, Parahyangan girls
it's going down!”
Narator : “Dayang Sumbi sareng gengnya ngagelar kaén sutra warna beureum di bélah wétan jeung
ngahudangkeun hayam jago ngarah kongkorongok. Suasana wengi robah jadi suasana
subuh.”
Adegan 15
Jin Jajang : “Bos, tingali bos! Ayeuna geus subuh!”
Jin Ujang : “Enya bos, coba déngékeun! éta sora hayam kongkorongok!”
Jaka : “Hah? Teu mungkin! Urang apal jelas iraha waktu subuh! Ieu pasti kalakuan Dayang
Sumbi, ARHHHH!” (Marah-marah)
Narator : “Sangkuriang akhirna ngeureunkeun gawéana sabab ngarasa gagal ngalaksanakeun syarat ti
Dayang Sumbi. Kulantaran ambek jeung kesel, Sangkuriang ambek-ambekan ka Dayang
Sumbi teras ngaruksak bendungan anu geus dijieunna ku sorangan. Désa-désa kakeueum ku cai
bendungan. Sangkuriang ogé najong parahu jieunanna nu térah jadi ka tengah leuweung. Nepi
ka parahu eta tibalik ngabentuk jadi gunung Tangkuban Parahu.”