You are on page 1of 4

Wawacan

Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa


heubeul panjang nu dianggit maké patokan pupuh. Ku kituna,
wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung
digelarkeun dina puisi pupuh. bisa dicindekkeun yén wawacan
téh karangan naratif anu didangding jeung dianggit ku pupuh.
Sajarah Wawacan
Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra
sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram.
Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh
babarengan jeung asupna basa Jawa ka wewengkon Jawa
Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa
Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku
pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad
ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa Sunda téh digunakeun deui
di Jawa Barat.

BASA
Basa anu dipaké dina wawacan ilaharna maké basa anu
dipaké sapopoé, ngan pikeun nyumponan patokan dangding
sakapeung aya parobahan boh dina wujud kecap anapon
rundayanna. Wawacan asalna tina kecap babacaan nu
pihartieuna: naon anu dibaca, wawacan mangrupa hiji karya
sastra anu ditulis Mimitina ditulis leungeun salambar-salambar
ka dieunakeun nepika dijilid mang rupa buku,
karya sastra sarupa kieu téh mindengna
ditepikeun/dipintonkeun dina wanda carita tayalian dina
pagelaran beluk. 
Beluk
Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan
téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa
disebutkeun yén ayana wawacan di tatar Sunda téh sabada
masarakatna geus barisaeun maca, umumna di
kalangan pasantrén jeung para ménak Wawacan mangrupa
carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi
pupuh Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa
carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, remen gunta-
ganti pupuh, jeung umumna paranjang. Ari maca wawacan
biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Ayana éta beluk
biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa
aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui. Maca wawacan téh
remen gunta-ganti pupuh. Ari pupuh anu sok ditembangkeun
taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula,
sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati remen dipaké Aya hiji
wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama,
paneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak
ngembangna modérnitas di golongan urang Sunda.
Struktur wawacan
1. Manggalasastra (alofon)
Manggalasastra atau alofon bisa di sebut nyaeta pembuka.
Eusina nyaeta sanduk-sanduk papalaku (minta izin). Selain
eusina sanduk-sanduk, manggalasastra oge berisi menta
hampura kelemahan/kekurangan penulis atau penyusun
wawacan.
2. Eusi
Eusi nyaeta pokok intina alur cerita dongeng tina wawacan.
3. Kolofon (panutup)
Kolofon atau penutup Ayana dina tungtung carita. Isi kolofon
nyaeta titimangsa ditulis atawa disalina wawacan , pangarang
nyuhunken dihapunten Dina sagala kakurangan. Biasana
penulis wawacan sok rendah diri.
Ciri-ciri Wawacan

 Merupakan sebuah karangan atau cerita narasi


 Menggunakan patokan pupuh
 Jalan cerita nya panjang
 Disampaikan dengan cara dinyanyikan (ditembangkeun)
 Umumnya para pelakunya adalah orang-orang yang memiliki
ilmu, pengetahuan, wawasan, yang tinggi (Jalma inuhung)
 Wawacan termasuk kedalam bentuk karangan ugeran
 Diketahui nama penulis, waktu serta nama pengarangnya
 Wawacan mengandung unsur fiktif atau khayalan
(pamohalan)
 Dipertontonkan pada acara selamatan, ritual, khitanan dan
ssebagainy
Contoh wawacan
KINANTI
Ayeuna anu kacatur, aya nagara nu mukti, nyéta Pasir
Batang téa, kamashur ka mana-mendi, rajana geus palay
tapa, milari saha keur ganti
Putrana téh aya tujuh, sadaya istri gareulis, anu cikal
Purbararang, Kancana jeung Purba Manik, Déwata jeung
Purba Éndah, Purbaleuwih, Purbasari.
Ti antara putri tujuh, Purbasari nu kapilih, saé
kalakuanana, lemes basa luhur budi,atuh rakana nu cikal,
Purbararang bendu galih. Anu sanés ogé kitu, mikangéwa
Purbasari, kajaba aya saurang,
nyéta putri Purbaleuwih, ka Purbasari mihéman, tara
ngiring nganyenyeri.
Méméh angkat raja sepuh, palay pisan tuang daging, ka
Lengsér lajeng miwarang, supados Aki Panyumpit,
gancang moro sato héwan, naon waé nu kapanggih.
Ari seug mung manggih lutung, tapi waktu rék disumpit,
lutung téh bisa nyarita, "éh Aki ulah ék meuncit, kuring téh
mending dibawa, sanggakeun ka Kangjeng Gusti, Lutung
téh teras diingu, gawé ngintip para pura, ka Purbararang
mah ngéwa, ka nu sanés ogé sami, kajaba ka nu duaan,
Purbaleuwih Purbasari. Purbararang nuju ninun, kantéhna
diburak-barik, atuh putri bendu pisan, Si Lutung terus
dibui, tara pisan diparaban, nu getén mung Purbasari.
Enggeus angkat raja sepuh, digentos ku Purbasari, tapi
direbut rakana, Purbasani mah diusir, Si Lutung anu
marengan, ditundung ka leuweung rumpil.
Di leuweung kadua lutung, saungna ku daun eurih,
Purbasari téh nalangsa, sok sering sumegruk nangis, ku
lutung téh diupahan, ngigel ngalelejar putri.

You might also like