You are on page 1of 4

TELAGA WARNA

Di Jawa Barat aya hiji situ nu disebut Telaga Warna. Nalika cuaca cerah, danau ieu bakal
ngagambarkeun warna anu éndah. Disebutkeun yén Telaga Warna asalna tina cimata Ratu
Purbamanah.
Ratu Purbamanah jeung Prabu Suwartaiaya nyaéta pamingpin Karajaan Kutatanggeuhan di Jawa
Barat. Maranéhna bijaksana jeung dipikanyaah ku rahayatna.
Aranjeunna gaduh putri anu geulis, nyaéta Gilang Rukmini. Kolotna manja pisan ka Gilang
Rukmini, sabab anjeunna anak tunggal. Hal ieu ngajadikeun Gilang Rukmini kurang alus.
Manéhna bakal ambek jeung lampah telenges lamun kahayangna teu kacumponan. Sanajan kitu,
kolot jeung jalma masih ngahargaan tur mikanyaah anjeunna.
Nalika Gilang Rukmini umurna 17 taun, Raja ngayakeun pésta pikeun dirina. Anjeunna
ngondang sakabeh jalma datang. Jalma-jalma ogé ngabahas hadiah anu bakal dipasihkeun ka
Putri. Aranjeunna ngumpulkeun artos sareng ngagero tukang perhiasan anu kasohor. Lajeng, jadi
kongkorong encrusted kalawan permata warna-warni nu geulis pisan.
Pesta dimimitian, nalika Raja jeung Ratu nembongan ngabagéakeun rahayatna, maranéhna
langsung disambut ku kabungahan ku rahayat. Kitu deui nalika Gilang Rukmini mucunghul.
Jalma-jalma ogé méré hadiah anu disayagikeun. Prabu Suwartalaya muka kado sarta manggihan
kalung anu kacida geulisna.
"Putri, paké ieu kalung, tanda kanyaah rahayat ka anjeun," saur Raja ka putrina.
"Kalung ieu geulis pisan, sayang. Gunakeun, lamun heunteu rahayat bakal kuciwa,” saur Ratu
Purbamanah.
Gilang Rukmini neuteup kana kalungna ku raray keuheul, “Naon geuning ieu kalung téh, Ema?
Bentukna pisan norak sareng teu pikaresepeun. Abdi éra nganggo éta!" Lajeng, anjeunna maledog
kalung kana lantai, ambéh gems sumebar.
Sarerea reuwas ningali sikep Gilang Rukmini. Ujug-ujug aya sora Ratu Purbamanah
ceurik. Kacida hanjelu ku sikep anakna anu sombong. Ceurikna kacida nyerina. Cimata Ratu terus
ngucur. Kusabab gancangna cai matematika, kabentuk genangan. Ujug-ujug muncul hiji cinyusu
di palataran karaton, beuki lila balongna beuki luhur sarta ahirna ngalelepkeun sakumna
Karajaan Kutatanggeuhan jadi situ anu kacida éndahna.
Dina poé anu cerah, éta situ ngagambarkeun warna-warna éndah anu cenah asalna tina
kalung Gilang Rukmini anu sumebar di dasar situ.

Amanat Moral Dongeng Telaga Warna: Putri Sombong jeung Kalung Permata, ulah sombong
sabab bakal dipikameumeut ku batur. Sajaba ti éta, hormat usaha batur.
SIREUM JEUNG JAPATI

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat.
Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari
ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek
tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai.
Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum
keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun
kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka
japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea.
Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita
tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh
japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang
bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum,
kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan
kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring
ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh sisindiran
yeuh.... kieu geura ...!!

" Itu lain langlayangan


Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. "

Pesan moral anu tiasa dicandak dina dongeng ieu nya éta : Nulungan batur anu rék meunang
cilaka téh éta wajib, emang kawajiban urang saréréa kudu kitu, sabab urang hirup di dunya téh
henteu sorangan, urang kudu daék silih tutulung ka batur.
SI KABAYAN MORO UNCAL

Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro
uncal.
Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana
cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun
geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké,
maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso
raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti
wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu
batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak
barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal
jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan
panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun
kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari
diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang
ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna,
uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan
beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta
tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu
antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka
rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka
handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku
sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari
marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu
barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
Pesan moral anu tiasa dicandak dina dongeng ieu nya éta : Teu kenging licik sabab bakal
nyababkeun kaisin atawa kaera keur hidep nyalira, lamun dina hiji waktu kapanggih licikna, sarta
jaga oge ucapan atanapi omongan anu matak pikanyeuri hate eun ka batur.

You might also like