You are on page 1of 15

CARITA

PANTUN
BAHASA SUNDA KELAS XII
Naon ari carita pantun?
Pantun dina basa Sunda beda jeung pantun dina
basa Indonesia (sisindiran)
nyaeta carita rekaan nu ukuranana panjang, sumebar
sacara lisan tur ngandung unsur pamohalan saperti
dongeng.
carita pantun ditepikeun ku juru mantun (nu
mantun), dipirig ku kacapi, dipagelarkeun salila
sapeuting jeput.lisan, ku kituna loba pisan versi
kusabab sacara
caritana, aya nu disebut: pantun Baduy, pantun
Priangan, pantun Bogor, jste.
Explanations
Dina Sastra Sunda, carita pantun gumelar saacan abad ka-14.
buktina dina naskah Sunda kuno Sanghyang Siksa Kandang
Karesiyan (1518 M). ku kituna carita pantun dianggap karya
sastra asli (pituin) urang Sunda
juru pantun biasana ahli dina ngabedakeun bagean nu
dicaritakeun (sorana datar), digunemkeun (ngarobah sora
jeung lentongna), jeung dihaleuangkeun (luyu jeung wanda
laguna). bagian rumpaka nu dihaleuangkeun disebutna
papantunan.
nilik kana eusina, carita pantun lolobana nyaritakeun
lalampahan para sinatria putra raja nu keur ngalaksanakeun
papancen (tugas).
Runtuyan Carita Pantun
Miang
bagian carita nu

Ujian
ngalalakonkeun yen tokoh
salila ngalalana, sok aya

utamana teh kudu


halangan-harungan ti

ngalalana, boh ka leuweung


musuhna. malah nepika

, ka dasar nagara, atawa ka


gelut, nepi ka perang
nagara sejen.

Mulang
sanggeus tokohna lulus tina halangan-

harungan nu kaalaman, biasana tuluy

balik deui ka nagarana. geus kitu tuluy

dikawinkeun ka putri geulis jeung

dijenengkeun jadi raja


Struktur 1
Rajah
ciri ngamimitian carita nu eusina sanduk-sanduk ka Nu
Kawasa, sangkan salila mantun teh lancar. bagian rajah
dihaleuangkeun ku juru pantun.
Rajah
Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka dewata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rek diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk galur,
nyukcruk laku nu kapungkur
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadapalan keur disorang,
.............

Struktur 2
Narasi
bagian carita nu ditepikeun ku juru pantun keur
ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita. dina
nepikeun narasi, juru pantun teh aya nu digorolangkeun aya
oge nu dihaleuangkeun.
Narasi
Kacarita patih dua sakembaran,

Patih Purawesi, Patih Puragading,

sejana ka pasamoan, bawana hayam

sahiji, patepung di alun-alun jeung

Ciung Wanara.
......................

Struktur 3
Dialog
guneman antara hiji tokoh jeung tokoh sejenna
Dialog
Lajeng bae dipariksa, saurna, "Ari

maneh urang mana?"


Ciung wanara ngawalon, "Abdi

urang Geger Sunten."


"Saha nya ngaran?"
"Abdi teh Ciung Wanara"
"Rek naon seja teh datang ka dieu?"
......................

Struktur 4
Monolog (dihaleuangkeun)
guneman hiji tokoh ka dirina sorangan. biasana bagean
monolog sok dihaleuangkeun
Monolog
Itu teuneung ieu ludeung,
Wani sarua daekna,
hayam teh prak bae abar,
silih pacok ku pamatuk,
silih gitik ku jangjangna,
silih peupeuh ku sukuna,
hayam sarua bedasna.
......................

Carita pantun baheula dianggap mibanda kakuatan goib


(sakral). ku kituna, dina magelarkeun ge teu sagawayah
baheula, carita pantun kudu nyayagikeun heula sasajen.
juru pantunna, biasana mah jalam nu tuna netra, atawa mun
jalma nu normal, salila mantun kudu bari peureum.
saacan mantun, juru pantun kudu puasa heula.

carita pantun nu dicaritakeun ku juru pantun,


sagemblengna sok ditalar.
carita pantun baheula sok ditanggap dina acara
ruwatan, sukuran, jeung salametan.
Conto Judul Carita

Pantun
Ciung Wanara
Lutung Kasarung
Mundinglaya Dikusumah
Sulanjana (Sri Sadana)
Nyi Sumur Bandung
Parenggong Jaya
Buyut Orenyeng
Panggung Karaton
Badak Pamalang
Budak Manjor
Munding Kawati
jste.

You might also like