You are on page 1of 4

SURANGGADIPA

Dina hiji enjing di sisi walungan Désa Cibingbin, aya sababaraha warga anu keur nyeuseuh
baju.

Ceu Icih :“Ceu Esih, bujang na umur sabaraha ayeuna?” Tanya ceu Icih bari nyeuseuh.

Ceu Esih ngeureunkeun heula kagiatanana sakedap, rada nyerengeh siga nu keur mikir.

Ceu Esih :“19 tahun mun teu salah mah”.

Ceu Icih :“Saumuran atuh nya sareng neng Bella, tiasa meureun” Ceuk Ceu Icih bari seuri ngagoda ka
anakna.

Bella :“Ih ibu, naon si...” Ceuk Bella bari ngagedag tangan ibuna.

Ceu Icih oge Ceu Esih seuri lantaran ningal Bella jadi isin-isin.

Ceu Icih : “Tapi cep Sura ayeuna mah jarang katingal nya?”.

Ceu Esih : “Minggu kamari Sura ngiring rombongan ka Jawa Timur, ceunamah palay diajar silat.

Ceu Icih : “Oh kitu”.

Samentara éta, 3 kepala desa keur ngariung ngabahas kaayaan di luar wewengkon.

Beni: “sanajan sabagian urang walanda geus ngahiji jeung warga urang, nyatana walanda masih
keneh ngamangpaatkeun bangsa urang” Ceuk Beni sanggeus nyuruput kopina.

Dadan : “Tapi urang Walanda ayeuna leuwih aralus, anu cicing di dieu ogé katingali alus” Ceuk Dadan
bari nyuruput kopi.

Adis: “Ngadangu kabar ti Jawa Timur teu?”

Dadan : “Sugan aya naon?”

Beni : “ceunamah aya perang gede antara Walanda jeung urang dinya”.

Dadan nu karék nyaho, reuwaseun, tuluy neundeun cangkir kopi na kana méja.

Dadan : “jadi kumaha kondisi diditu?”.

Beni : “loba urang Indonesia nu ahirna dieksekusi” Beni ngareureuhkeun sakedap, tuluy nungkulkeun
sira.

Adis : “Abdi ngiring berduka mireungna”

Béni nangtung tuluy ngalempengkeun awakna pinuh ku kayakinan.

Beni : “Sigana mah kuring kudu kaditu”.

Adis : “Lamun kitu, kuring ogé bakal kaditu”.

Beni : “Henteu, anjeun duaan cicing didieu. Jaga warga urang ambéh aman”.

Sababaraha poé kaliwat, Sura keur di jalan bari mawa jarami. tuluy ujug-ujug teu ngahaja
nabrak jalma hareupeunana.
Dipa : “Aduhh”.

Sura : “Ehh punten néng, abdi teu ningali aya énéng didinya”.

Sura ngabéréskeun jarami nu amburadul di bantuan ku Dipa.

Dipa : “anjeun warga didieu?”.

Sura : “Muhun”.

Dipa : “terang jalan ka alun-alun kota ieu?”.

Sura : “Terang, abdi ogé nuju ka dinya. Bade sareng?”

Réngsé ngabérésan jarami. Sura hudang tuluy leumpang babarengan jeung Dipa. Dina hate
Sura ngomong.

Sura : "Saha ieu mojang? Geulis pisan" pikir Sura.

Dipa : "Eumm...ari namina saha?"

Sura : "Nami abdi Sura, anjeun?

Dipa : "Abdi Dipa" tembak Dipa bari seuri imut.

Sura : "Ngaran manis" ceuk Sura lalaunan

Dipa : “k-kkahh”

Sura : "Henteu, hilap deui"

Sura sareng Dipa sering patepang dugi ka laun-laun aya rasa cinta nu nteu disadari. Sura menta
tulung ka Gwen pikeun nganterkeun surat ti manehna ka Dipa jeung marentahkeun supaya suratna
dibaca geura.Dina lalampahan, Gwen teu dihaja patepang sareng Dipa.

Gwen : "Dipa,kebetulan sekali kita bertemu disini.Ini ada titipan surat untukmu"

Gwen ngajelaskeun bari masihkeun surat eta.

Dipa : "Surat untuk ku?Dari siapa?" waler Dipa bari nembongkeun eksperesi bingung.

Gwen : "iya,ini dari sura.Dia berpesan untuk segera membacanya."

Dipa : "Baiklah".

Gwen : "kalau begitu aku pergi dulu"

Dipa ngan ngajawab Gwen ku unggek terus langsung maca suratna.Dina surat eta,Sura ngajak
Dipa pasamaan di dekeut alun-alun pikeun ngabejaan parasaannana.

Isuk-isukna,lantaran bungah pisan,Dipa incah rurusuhan ka tempat dimana Sura ngajangjikeun


pasamaan manehna.Waktu teu karasa, isuk nu caang geus robah jadi peuting nu poek.Tapi Dipa
masih nungguan didinya".

Dipa : "Apa kau lupa akan janjimu Sura ?"


"Atau kau hanya main-main saja saat menulis surat ini ?"

"Kau akan datang kan ?"

"Sura... aku akan menantimu " menolong Dipa

Dipa ceurik,peuting eta manehna nyerah kana perasaannana.Timimiti Dipa salah ku harepannana, ku
kalakuan,jeung cintana ka Sura.

5 poe ti harita, aya beja yen kapala désa teh tos dieksekusi ku Walanda. Mireng béja éta, Dipa
langsung nepungan Asep pikeun mastikeun ieu berita.

Dipa : "Hapunteun sateacana,sabab kuring sumping teu nyarios heula ka anjeun ".

Asep : "Tenanaon,hayu atuh calik ka lebeut".

Dipa : "Abdi mireng kabar nu medar,naha eta leres?" tanya Dipa hariwang.

Asep : "muhun leres, tapi urang tetep rahasiakeun hal ieu sabab sieun aya serangan anu datang
ka desa urang. Ayeuna, teu aya sasaha anu ngajaga desa, pertahanan urang keur lemah.

Dipa : "oh kitu... teras sura? anjeunna ngiring nyusul kaditu?".

Asep : "muhun, Kuring miharep anjeun ogé tetep ngarahasiakeun hal ieu" papatah Asep.

Dipa : "Tangtu,waler dipa yakin".

Teu kanyahoan, aya nu ngadéngé obrolan ti luar sarta ngabéjaan ka Walanda. Isukna, Walanda anu
geus nungguan kasempetan ieu, langsung nyerang ka wewengkon Cibingbin.

Hendrick : "Wilayah ieu, bakal jadi milik Walanda".

Ceu Esih : "Wilayah ieu, lain milih anjeun Walanda, wilayah ieu milik urang Indonesia. Tentang salah
sahiji rakyat".

Peter : "Saha? Saha NU rek ngalindungan wilayah ieu? Pamimpin maraneh teh geus eweuh".

Walanda nyeungseurikeun rakyat nu keur sangsara.

Sura datang rurusuhan ka tengah tengah kajadian eta anu maksudna ngabela rahayatna.

Sura : "Ayeuna urang pamingpin desa ieu, arindit maraneh ti dieu" Tegas Sura.

Dina waktos éta pecah perang deui antara Indonésia sareng Walanda, anu ahirna Walanda kapojok
sareng milih mundur.

Sura : "Kunaon ieu sadaya bisa lumangsung?" Tanya Sura Sabari nahan kasewot.

Asep : "Urang ge teu apal, padahal urang teh geus ngarahasiakeun kalemahan ieu, keur maneh
indit".

Bella : "Ieu pasti kalakuan salah sauran anu didieu, manehna ngahaja ngabocorkeun kalemahan
urang".
Adis : "Tapi anu nyahoeun ieu teh Ngan urang, Sura, re Jeung .... "

Sura : "Jeung Saha?"

Bella : "Dipa, enya si dipa pasti ngahaja ngabocorkeun ieu".

Dipa : "Naha ka abdi, sanajan papanggih aranjeunna abdi mah henteu ngalakukeun eta, abdi ayeuna
di pihak anjeun, abdi wani ngalawan bangsa sorangan, tapi naon anjeun malah nuduh abdi?".

Maranehna NU keur guligah basa Harita, teu sadar yén musuh ngarencanakeun pikeun balik
narajang. Ngan ayeuna Sura anu kalh dipojok ku Walanda. Anjeunna kedah nyaksian batur-baturna
sa panangan maot di payuneun panonna sorangan.

kalawan kakuatan sésana, Sura hudang sarta nyoba ngalawan Walanda.

Sura : "Eureun! Maraneh geus ngaruksak sagalana jeung nyieun rahayat sangsara. ieu nagara abdi,
tanah air abdi. Kaluar maraneh ti dieu!" Parentah Sura.

Tekad Sura pikeun ngusir penjajah beuki ngagelebug, manéhna mimitian nyerang penjajah hiji-hiji ku
leungeun-Na. Walanda eleh ku ngan ninggalkeun William. Dina panungtuan, William ngarahkeun
bedil ka Sura. Tapi nu beunang kana tembakan eta justru Dipa. Anjeunna ngalindungan Sura sarta
ditungtungan ku anjeunna kudu maot.

Sura : "Dipaaaaaaa..!!!!!".

RENGSE

You might also like