Professional Documents
Culture Documents
Ngaras
Ngaras
DEFINISI
MA'NA
Upacara ngaras miboga maksud pikeun ngélingan anak kana kamulyaan kolotna. Ku
kanyaah,ngadidik sarta ngabimbing cara hirup anu bener luyu jeung tungtunan agama sarta
hukum nagara dina ngajalankeun kahirupan di dunya.
Tangtuna, tuntunan nu disadur tina ajaran agama téh nyaéta tungtunan kumaha nempatkeun
kolotna dina wilayah iman jeung takwa ku cara hormat ka kolotna.
Islam ngawajibkeun anak hormat ka kolotna, utamana ka indung.
Dina Budaya Sunda, ngahormat ka indung-bapa nyangkaruk dina ungkara Munjung
ulah ka gunung, muja ulah ka sagara, nya munjung kudu ka indung, muja kudu ka bapa. Éta
ungkara téh tangtu waé balukar tina ungkara nya indung anu ngakandung nya bapa anu
ngayuga.
Sikep hormat tilawat ka kolot, di masarakat Sunda salah sahijina ditémbongkeun liwat tradisi
nginum cai anu dipaké pikeun ngabersihan suku kolotna nu kaasup acara utama dina tradisi
ngaras.
TUJUAN
Miharep aya upacara nu khusyu. Nu némbongkeun baktina salaku budak ka kkolotna
Miharep ayana upacara anu khusyu tur khusus, pikeun ngébréhkeun rasa kanyaah
kolot ka nu jadi budak.
Miharep lumungsurna ridho Alloh.
Ngaraketkeun deui silaturahmi babarayaan calon pangantén.
Nuwuhkeun rasa hormat jeung ngajénan ka nu jadi kolot khususna keur calon
pangantén. Keur jalma nu nyaksian bakal katoél mamarasna yén gumelarna urang ka
dunya téh éstu ku ayana indung jeung bapa.
Dina ngumbah suku kolotna miboga ma'na ménta ridhona kolot sangkan rarabi mulus
banglus nepi ka kolotna. Ku kituna, upacara ngaras téh dipiharep bisa ngajaga kana
runtut rautna rarabi.
RUNTUYAN ACARA
1. Mimitina, indung calon pangantén istri ngais calon pangantén maké samping,
sedengkeun bapana mawa lilin di gigireunana.
2. Calon pangantén dilepaskeun tina aisan anu diibaratkeun indung bapa ngalepas
tanggung jawabna ka calon pangantén pamegeut.
3. Calon pangantén istri ngadiukan tujuh lawon samping anu dihartikeun salaku
lalampahan hirup anu salawasna aya dina tujuh poe. Salain eta, samping ngingetkeun
urang kana maot, kusabab mayit anu tos dikafanan, dilapiskeun ku samping.
Seureuh
Seureuh téh ngalambangkeun reureuh dina ngumbarkeun nafsu, ku sabab rék
miboga batur hirup. Ma’na séjénna nyaéta kanyaah antara calon pangantén
awéwé jeung pangantén lalaki.
Puring
Puring téh ngalambangkeun mpu kuring. Hartina guru (mpu) anu aya dina jero
awak kuring atawa dina diri sorangan.
Malati
Malati téh ngalambangkeun saleutik naon waé kanyaah anu dibikeun kudu
dihargaan sawening bersihna kembang malati.
Caringin
Caringin téh ngalambangkeun dina ngalampahan kahirupan kudu bisa nuntun
jalma séjén.
Mamangkokan
Mamangkokan téh ngalambangkeun sikep tumarima kana rizki anu dibikeun
ku Allah Swt, boh dina jumlah anu loba boh jumlah anu saeutik. Daun
mamangkokan boh nu gedé boh nu leutik, bentukna saperti mangkok, jiga
leungeun anu keur ngucapkeun rasa syukur.
Kibeusi
Kibeusi téh ngalambangkeun kakuatan anu tohaga. Hirup salawasna
nyanghareupan pasoalan. Ku kituna, urang kudu tetep sigep dina
nyanghareupan unggal pasualan rarabi.
Waregu
Waregu téh ngalambangkeun waruga anu kudu salawasna weweg dina
nyanghareupan pasualan rarabi.
Handeuleum
Handeuleum téh ngalambangkeun alam ideu, angen-angen, jeung kahayang.
5. Calon pangantén ngucurkeun cai anu aya dina kendi kana paso anu geus dieusian ku
rupa-rupa kembang. Cai perlambang kasabaran sarta kabersihan, maksudna istri kudu
bersih tina ngalanjutkeun kahirupanana.
Nalika ngucurkeun cai, calon pangantén ngabasuh suku kolotna ku cai sareng
wawangian. Wawangian diibaratkeun tanda bakti anak ka indung, ibarat seungitna
indung mere kanyaah ka anakna. Kagiatan ieu mangrupa puncerna dina acara ngaras.
6. Sabari nyuuh dina suku kolotna, calon pangantén sakali séwang nyium suku kolotna
bari maca du’a.