You are on page 1of 5

Sajak Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi

Sajak Sunda nya eta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan
wangunan.[1]Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas,kungsi oge disebut
sanjak.[1]Disebut bebas teh saenyana mah relatif, nya eta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi
saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru
wilangan jeung guru lagu.[1]Saenyana mah sajak oge mageuhan keneh rupa-rupa konpensi puisi,
upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana.[1]Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yen nu
disebut sajak teh nya eta karangan ugeran anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna.[2]

Gelarna Sajak Sunda

Kakawihan, paparikan, jeung wawangsalan gelarna geus heubeul pisan,malah hese dipastikeun iraha
gelarna da puguh nyebar ku lisan jadi apal-apalan balarea.[1]Ari sajak mah, nya eta sajak bebas tea,
gelarna teh beh dieu, dina jaman sanggeus urang merdeka.[1]Eta wangun sajak teh mimitina mah henteu
ujug ditarima da pagar lain wangunan sastra Sunda.[1]Padahal kakawihan oge anu wangunanana mah
teu beda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda.[1]Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950-an,ti
taun 1946 keneh geus aya nu nulis dina wangunan sajak, nya eta Kis WS.[3].Sajak teh samemeh
dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung
surat kabar.[3]Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen ngamuatkeun sajak sunda
teh diantarana: Sipatahunan, Warga, Sunda, Kujang, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Mangle, Galura,
Giwangkara,jrrd.[4].Buku kumpulan sajak nu munggaran terbit nya eta [Lalaki di Tegalpati]] karya Sajudi
(1963).[4]Ka behdieunakeun dituturkeun ku kumpulan sajak liana, saperti Ombak Laut Kidul karya
Rachmat M Sas Karana (1966), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Surat Kayas karya Surachman
R.M. (1967), Tepung di Bandung karya Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana
(1975), Nu Ngarongheap Mangsa Surup karya Eddy D Iskandar (1978), Sabelas Taun karya Usep Romli
HM (1978), Jagat Alit karya Godi Suwarna (1979), jeung Nu Mahal ti batan Inten karya Yus Rusyana
(1980).[3]

Polemik Sajak Sunda

Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas ku Kis WS dina taun 1946, waktu
anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres Majalengka, timbul reaksi anu henteu satujueun kana
wangun sajak, da cenah anu asli puisi Sunda mah ngan dangding wungkul.[5] Nya harita timbulna nu
disebut “Polemik Sajak” utamana dina surat kabar Sipatahoenan.[6]Di dinya pisan polemik ngeunaan hak
hirupna sajak Sunda anu munggaran teh. Hiji jalma anu nyumput satukangeun ngaran Ki Sunda
nganggap yen wangun puisi urang Sunda titinggal karuhun anu kudu didama-dama mah dangding, anu
dianggap wangunan puisi anu pangsampurnana jeung pangendahna.[7] Tangtu bae sikep kitu teh
nembongkeun yen manehna henteu kungsi diajar sajarah bali geusan ngajadina, nepi ka henteu
terangeun yen dangding teh lain warisan karuhun Sunda pituin, tapi pangaruh tina sastra basa Jawa.
Nepi ka timbul polemik teh, nya kulantaran rea anu henteu satujueun kana pamadegan Ki Sunda. Henteu
satujueun dangding dianggap hiji-hijina warisan karuhun Sunda. Henteu satujueun sajak disieuhkeun tina
kahirupan sastra Sunda. Tapi rea deuih anu sapamadegan jeung Ki Sunda oge.[8]Sora-sora anu kontra,
anu nolak kana ayana sajak Sunda utamana dating ti kalangan sastrawan entragan kolot. Sabalikna, ti
kalangan sastrawan entragan ngora muncul sora-sora anu pro, anu ngadukung sangkan sajak meunang
tempat dina kandaga sastra Sunda. Atuh lantaran ayana sora anu pro jeung kontra tea, nya muncul
polemik deui antara sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina
kasusastran Sunda.[9] Cara polemik anu munggaran dina Sipatahoenan, geunaan hak hirupna sajak dina
basa Sunda anu ditolak ku Ki Sunda saparakanca ti golongan sastrawan kolot, polemik anu kadua oge
anu pangpangna lumangsung dina majalah Warga anu dibobotohan ku Yuyu Yuliati anu nolak sajak jeung
Wahyu Wibisana saparakanca, ti kalangan sastrawan ngora anu ngabela sajak , henteu nepi ka jadi hiji
kasimpulan anu cindek, sanajan leuwih rame tur jalma anu milu makalangana oge leuwih rea. Lamun
polemic kahiji mah lumangsung dina awal taun 1950-an,polemic kadua mah lumangsung dina mangsa
pertengahan taun 1950-an kira-kira dina mangsa taun 1955 tur henteu ngan wungkul dina majalah Warga
wungkul tapi oge dina majalah jeung surat kabar sejenna oge ngamuat karangan boh anu pro kana sajak,
boh ti anu henteu satujueun eta wangunan miboga hak hirup dina sastra Sunda. Jumlah anu ngabela hak
hirup sajak Sunda dina polemik nu kadua mah beuki rea sabab harita geus renung barudak ngora anu
narulis dina basa Sunda anu leuwih rea nuturkeun sastra basa Indonesia manan macaan wawacan
atawa dangding dina basa Sunda anu harita geus hese kapanggihna ku sabab geus geus langka pisan
pamedal anu ngaluarkeun buku basa Sunda.Eta barudak ngora the lian ti nembongkeun wawasan anu
leuwih jembar ngeunaan sastra Indonesia, aya oge nu nembongkeun leuwih wanoh kana kabeungharan
sastra karuhunna, saperti carita pantun, sisindiran, jangjawokan, kakawihan, jsb. Ti kalangan sastrawan
ngora the diantarana Wahyu Wibisana, Rukasah SW, Kusnadi PS, Eddi Tarmidi, E. Permana, Hato’an
Wangsasendjaja, jeung rea-rea deui. Ari pangarang nu teu kungsi pipilueun polemik, tapi sajak-sajakna
nembongkeun ajen puisi anu luhur, anu nembongkeun yen basa Sunda mampuh digunakeun pikeun nulis
sajak, atawa leuwih merenah: wangun sajakna the payus tur kupu ditulis dina basa Sunda oge. Hartina
hak hirup wangunan sajak dina basa Sunda kudu diaku. Wangunan sajak kudu ditarima. Dina sajak-
sajakna Sajudi nembongkeun yen salian ti ayana pangaruh tina sastra Indonesia,inyana oge pageuh
ngakar kana tradisi puisi Sunda kayaning anus ok kapanggih dina carita pantun, sisindiran atawa
kakawihan. Waktu sajak-sajakna dikumpulkeun tur dibukukeun dina Lalaki di Tegalpati (Kiwari, Bandung,
1963) – anu mangrupa kumpulan sajak munggaran dina basa Sunda – geus taya anu misoalkeun deui
ngeunaan hak hirup sajak dina basa Sunda. Ku medalna eta buku khazanah sastra Sunda jadi leuwih
beunghar,lain bae jumlah buku basa Sunda nambahan, tapi pangpangna mah ku lantaran sajak-sajak
anu dimuat dina eta buku teh miboga ajen puisi anu luhur, nepi ka aya nu ngabandingkeun ajen puisi
Sajudi jeung puisi Chairil Anwar dina basa Indonesia.[10]

Pangarang Sajak Sunda

Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida pentingna. Nu raresep kana
sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca
sajak nu diayakeun ku siswa-siswa sakola lanjutan atawa nu diayakeun ku pakumpulan-pakumpulan
kasenian di masrakat geus jadi kailaharan. Kitu deui aktifitas kana nulis sajak. Sirung-sirung nu aya karep
jeung aya pangaresep kana nulis sajak, renung di mana-mana.[11] Ti taun 1950-an keneh, anu nulis
sajak terus nambahan tug nepi ka kiwari.[12] Ti taun ka taun, ti generasi ka generasi nu narulis sajak
beuki nambahan, beuki ngalobaan. Aya nu terus mayeng ngarang nepi ka katelah jadi pangarang sajak,
aya oge nu nungtut marekplekan ninggalkeun. Nu narulis sajak dina rupa-rupa majalah jeung surat kabar
the karyana kadokumentasikeun dina sawatara buku. Anu geus rea ngahasilkeun sajakna sok terus
dikumpulkeun jadi buku kumpulan sajak sarta diterbitkeun. Atuh anu teu kungsi ngumpulkeun, kapilih tur
kapeting ku editor buku nu nyusun antologi, boh antologi puisi wungkul, boh antologi prosa jeung puisi. Ti
entragan taun 1950-an diterbitkeun dina antologi Kanjut Kundang, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung
Rusman Sutiasumarga. Ti harita lila taya nu nerbitkeun deui, jebulna deui the dina taun 1992, dina raraga
mieling 46 taun sajak Sunda nya eta dina buku antologi Saratus Sajak Sunda, anu dipilih jeung
dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa. Tilu taun ti harita, taun 1995 terbit antologi sajak dina raraga mapag
50 taun Indonesia merdeka dijudulan Sajak Sunda Indonesia Emas. Ajip Rosidi ge ngusahakeun
ngumpulkeun jeung narjamahkeun kana 3 basa Indonesia, Inggris, jeung Perancis dina raraga
ngabageakeun Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) taun 2001, terbit Puisi Sunda Modern
dalam Dua Bahasa. Disusul ku seri medalna buku antologi panglengkepna anu ngawengku ti awal
gelarna sajak tug nepi ka jaman mutahir, taun 2007. Sataun ti harita, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
(Sunda) FPBS Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, nerbitkeun antologi prosa jeung puisi Lir
Cahya Nyorot Eunteung, anu ngamuat husus karya-karya alumni jurusan Sunda ti eta paguron luhur.
Dumasar dokumentasi eta, ieu di handap kapidangkeun ngaran-ngaran pangarang sajak Sunda ti awal
gelarna tug dugi ka kiwari:

A.Nu kadokumentasikeun dina antologi Kandjut Kundang (Taun 1950-an n.k. 1960-an)

        KTS (Kadir Tisna Senjaya)


        Ki Umbara
        Utuy T Sontani
        Klara Akustia (A.S. Dharta)
        Kis WS (Kiswa Wiriasasmita)
        SJ.Bastaman
        Tan Bie Hun (Muh.Usman)
        Tien Wiradikusumah
        Ati WR (Tina Rochiati Wiriaatmadja)
        Tini Kartini
        Hasan Wahyu Atmakusumah
        Sajudi
        Kusnadi PS (Kusnadi Prawirasumantri)
        KS Widjaja (Koerdi Soekandawidjaja)
        Yus Rusamsi
        Wahyu Wibisana
        Eddi Tarmidi
        Surachman R.M. (Maman Surachman Radea).[13]

B.Nu kadokumentasikeun dina antologi Saratus Sajak Sunda (Taun 1950-an n.k.1990-an)

        Kis WS
        Olla S Sumarnaputra
        Tini Kartini
        Hasan Wahyu Atmakusumah
        Sajudi
        Yus Rusamsi
        Surachman R.M.
        Ajip Rosidi
        Kusnadi (Edi) Prawirasumantri
        Wahyu Wibisana
        Eddi Tarmidi
        Apip Mustopa
        Ajatrohaedi
        Karna Yudibrata
        Habibun Wangsaatmadja
        Odji Setiadji AR
        Hikmat Sadkar
        Muhammad Santosa
        Yus Rusyana
        Us Tiarsa R
        Rachmat M Sas Karana
        Sayudin Natadisastra
        Agus Sur
        Eson Sumardi
        Abdullah Mustappa
        Karno Kartadibrata
        Yous Hamdan
        Yoseph Iskandar
        Beni Setia
        Iyas Heriyana
        Hadi AKS
        Dadan Bahtera
        Deddy Windyagiri
        Etti RS
        Usep Romli HM
        Nita Widiati Efsa
        Ade Kosmaya
        Acep Zamzam Noor
        Godi Suwarna
        Eddy D Iskandar
        Juniarso Ridwan
        Rosyid E Abby
        Tatang Sumarsono
        Taufik Faturohman
        Soni Farid Maulana.[14]

C.Nu kadokumentasikeun dina antologi 'Sajak Sunda Indonesia Emas' (Taun 1950 n.k 1995) Meh sarua
jeung dina Saratus Sajak Sunda, tapi aya tambahna nya eta:

        Teddy An Muhtadin
        Chye Retty Isnendes
        Darpan Ariawinangun
        Enas Mabarti
        Ano Karsana
        Risnawati
        Hidayat Suryalaga.[15]

D.Nu kadokumentasikeun dina Sajak Sunda (Taun 1950-an n.k. 2000-an, disusun alfabetis)

        Aan Merdeka Permana


        Abdullah Mustappa
        Acep Zamzam Noor
        Achmad Roestandi
        Ade Kosmaya
        Agus Lukmanul Hakim
        Agus Suriamiharja
        Ajip Rosidi
        Aman
        Ano Karsana
        Apip Mustopa
        Asep Ganda Sadikin
        Asep Sunjaya Adhikerana
        Asikin Hidayat
        Asikin I
        Asri Arumsari
        Ayatrohaedi
        Beni Setia
        Chye Retty Isnendes
        Darajati
        Darpan Ariawinangun
        Deddy Anggadiredja
        Deddy effendie
        Dede Sukmadi Dukat
        Dede Syafrudin
        Deden Abdul Aziz
        Dedy Windyagiri
        Deni A Fajar
        Didi D
        Dodong Djiwapradja
        Dudum Sumarja
      Dyah Padmini
        Empu Surawinata
        Endang Supardi DS
        Euis Balebat
        Eddi Tarmidi
        Eddo Sy
        Eddy D Iskandar

You might also like