You are on page 1of 2

POE GEUS REUPREUPAN

Asa cikeneh kuring sadulur-dulur ngabring nyicingeun ieu imah. Samemeh perang mah
lain di dieu imah teh, tapi di kidul teu jauh ti Tegallega. Barang der perang imah teh jadi ancur
lebur, ngadon nyewa leuwih ti tilu taun tuluy meunang ieu imah. Asa bieu kuring asup ka ieu
imah. Mimitina mah rada tariris, tapi lila-lila mah biasa. Teu karasa lega teuing da loba dulur.
Beuki haneuteun da geus warawuh. Ari sore sok ka teras, silih tanya sagala rupa bae.

Isuk-isuk teh sok kaya tukang kurupuk. Kuring sok meulian keur dahareun saimah-
imah. Geus rada buerang sok aya tukang bubur lemu, biasana sok campur candil. Beresih pisan
dagangna teh. Lamun poe Ahad dina waktu sarua biasana sok aya tukang pecel. Mindeng
bareng jeung tukang awug datangna.

Kira-kira pukul tilu, dijalan the sepi pisan. Sok rajeun ngaliwat tukang buah. Eta ari
geus nawarkeun cau
“Pisang raja, pisang ambon, raja ambon”
Ari dagang dukuh jeung rambutan
“Dukuh, rambutan! Dukuh, rambutan!”

Bada Magrib sok ngaliwat tukang bandrek jeung sate. Ti kajauhan oge geus kadenga
make gengge kikirincingan. Sok mindeng dijajanan da ngeunah mun lapar mah.

Dina hiji sore aya nu nawarkeun dagangan dijalan. Sorana teu wawuh, nawarkeun buah
aromanis. Horeng geus kolot pisan nu agangna the. Jagjag, kuat keneh manggul. Daganganna
rea keneh, pantes beurateun keneh. Saenyana mah Bapa kuring anu sok ngajar jajan teh. Lamun
keur loba rejeki, sok ngahajakeun nyalukan tukang dagang teh.
“Sabaraha mang buah sakilo?”
“Sok bajong bae lah. Bade sabaraha kilo?”
“Sakilona sabaraha?”
“Lah puguh ieu the udar-ider ti isuk teu payu-payu. Bajong bae lah, sok ka dinyah.
Dua rebu sakilona”
Hate geus noroweco.
“Pantes teu payu-payu da dagangna judes pisan. Atuh sakitu mah langkung awis ti pasar
mang!
“Kapan kudu aya buruh nanggungna”
“Naha atuh ditatanggung, pan aya roda moal beurat teuing”
“Eh boro-boro keur roda, untungna ge tacan aya. Modalna tacan kabual”
Bapa kuring ka luar nyampeurkeun nu keur rebut dihareup.
“Tos beres nen? Sabarahaeun?”
“Teu acan da saur si emang kagok dua kilo mah”
“Kumaha mang?”
“Ieu da dua kilo opat rebueun”
“Nu aralus mang” ceuk kuring.

“Emang dimana bumi?”


“Di tonggoh, jalan ka Lembang”
“Tos meh maghrib masih di dieu. Jeung seueur keneh”
“Numawi Gan, mani rudet pisan icalan teh, ti enjing”
“Sapuluh kilo bae mang buahna, keur isuk pageto”

Si Aki ngaladangan bari ngadaregdeg repeh bae. Kuring teu milu nyarita ti saprak bapa
sasauran. Kapaksa kuring lumpat ka jero mawa boboko gede. Lambaran dua puluh rebuan ku
bapa dibikeun ka si Aki. Ati-ati pisan nampanan duitna the.

“Hatur nuhun, Gan” omongna.


“Mangga neng” cenah ka kuring.
“Jung didoakeun sing kenging untung ageung” saur bapa.

You might also like