You are on page 1of 2

Rumpaka TEMBANG ATIKAN

Untuk Tingkat SD

LADRANG

Rancag
Maju ngulon mipir Arjasari
ka Banjaran
Cangkuang kahadé lali
teras ngulon ka puseur dayeuh Soréang

Tandak
Ngulon deui muru Rancabali
mapay jalan
Pasirjambu kadé lali
Ciwidéy ulah kalangkung liliwatan

MASKUMAMBANG

Rancag
Deudeuh teuing anu geulis Dayangsumbi
kacida nalangsa
dipicinta dipiasih
ku kang putra Sangkuriang

Tandak
Bari nangis mujasmedi Dayangsumbi
muntang ka Pangéran
disinglar bebendon Gusti
teu laksana panganténan

MAGATRU

Rancag
Mapay lembur tebéh wétan dayeuh Bandung
Cicaléngka jeung Cileunyi
Majalaya ka Cikancung
Ibun Paséh Kertasari
Rancaékék matak sono

Tandak
Ngitung lembur ka lebah Solokanjeruk
ka Cimenyan moal lali
ka Ciléngkrang moal ngantun
Nagrég Pacét kitu deui
ka dinya sok matak nyoso
LAMBANG

Rancag
Rék nganjang ka Bojongsoang
nyasab ka jalan Katapang
mulang deui muru ngétan
geuning labas ka Cangkuang

Tandak
Balééndah nu disorang
naha anjog ka Ciparay
arék mulang salah jalan
ngalungsar lebah Manggahang

BALAKBAK

Ayeuna mah langka pisan tatabeuhan, ku simpé


réog calung celempungan bangkong réang, nyaralsé
deudeuh teuing seni Sunda ngarangrangan, ku réhé

Cikeruhan palias mun maluguran, tong daék


seni degung kiliningan tetembangan, tong éléh
ngangres teuing seni Sunda kari ngaran, teu hadé

You might also like