You are on page 1of 3

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS) SEMESTER 1

TAHUN PELAJARAN 2022/2023


SEKOLAH DASAR NEGERI BOJONGGAOK
KECAMATAN JAMANIS
DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN KABUPATEN TASIKMALAYA
Kelas : VI (enam) Hari/tanggal : Selasa, 6 Desember 2022
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : Pukul 09.30 – 11.00 WIB
Nama : ...................................................

Ilo sing gemet bacaan di handap !


Nu Nyaah ka Sato

Haji soleh téh jalma beunghar, loba sawahna, lega kebona geus puguh ingon-ingon mah, kayaning
domba jeung munding. Malah hayam jeung meri mah nepi ka ngaratus jumlahna téh. Aya tukang ngurusna, ti
mimiti maraban, ngangon jeung nyokotan endogna.
Haji soleh boga kuda tunggang ngarana si Senang. Asalna mah éta kuda téh bogana pa Salia. Keur
belona teu kaurus ku pa Salia, malah pikawatireun pisan kayaanana ogé. Nya diubaran.
Unggal poé disadiakeun jukut héjo. Nepi ka lila-lila mah éta belo téh cageur. Awakna langsing séhat,
sarta buluna luis tur leucir.
Barang geus gede tuluy dibalajar, nepi ka jadina kuda tunggang nu kacida iceusna. Lumpatna tarik,
tanagana bedas.
Hiji mangsa, haji Soleh indit ka Cidadap rék nagihan. Miangna téh numpak si Senang. Nagihanana
hasil.
Haji soleh balik mawa duit loba. Tapi kulantaran loba tagihaneun haji Soleh balikna kaburitan, reup-
reupan magrib téh manéhna masih aya kénéh di perjalanan.

Dicutat tina : Buku Basa Sunda Urang Kelas 6


Geger sunten

I. Jawab panalék di handap ieu sing bener !


1. Naon judul bacaan diluhur ?
2. Saha nu kaceluk beunghar téh ?
3. Timana asalna haji Soleh boga kuda tunggang ?
4. Naon anu disadiakeun ku haji Soleh unggal poé ?
5. Rék naon haji Soleh ka Cidadapna ?

II. Cakraan aksara a, b, c atawa d dina hareupeun jawaban anu bener !


6. Kuda haji soleh keur belona teu ka urus ku pa Salia, matak pikawatireun. Anu
dilakukeun ku pak haji Soleh nyaéta...
a. Diantep c. Dipeuncit
b. Diubaran d. Dipiceun
7. Haji Soleh balikna kaburitan, reup-reupan magrib manéhna masih aya kénéh
diperjalanan.
Kecap pananya anu merenah keur jawaban diluhur nyaéta...
a. Saha anu kaburitan téh ? c. Dimana kaburitan ?
b. Kunaon kaburitan ? d. Iraha kaburitan ?
8. Barang geus gedé kuda haji Soleh balajar nepi kajadi kuda tunggangan
iceusna. Kecap balajar asalna kecap ...
a. Lajar c. Ajar
b. Blajar d. Bajar
9. Kecap sisipan anu merenah dina kalimah di handap nyaéta...
a. Bal asup kana gawang c. Hayam asup ka jero kandang
b. Budak asup ka jero kelas d. Barudak arasup ka jero kelas
10. Ulah nyoo cileuncang bisi arateul !
Kecap arateul, kasaup kecap...
a. Sisipan c. Asal
b. Rundayan d. Awalan
11. Sabilulungan téh jadi dasar gotong royong, maksudna nyaéta..
a. Sabilulungan ngalantarankeun urang jadi séwang-séwangan
b. Sabilulungan ngalantarankeun sumanget kana gawé
c. Sabilulungan bisa jadi modal urang keur usaha
d Sabiluungan jeung gotong royong téh perlu
12. Sabilulungan téh lain dina pagawéan, tapi ogé dina soal...
a. Silih pikahéman c. Silih béjaan
b. Silih heureuyan d. Silih anteuran
13. Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sifat silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong
Ku cara sabilulungan, ... téh bakal leungit
a. Silih pikahéman c. Persatuan
b. Pabéntar paham d. Sifat sauyunan
14. Haji Soleh teh jalma beunghar. Loba sawah loba kebona. Geus puguh ari
ingon-ingon mah, kayaning domba jeung munding.
Kecap anu nunjukeun akhiran -ing dina carita diluhur nyaéta...
a. Munding
b. Kuping
c. Kayaning
d. Piling
15. Kuda haji Soleh diubaran nepi ka cageur.
Kalimah aktif dina kalimah diluhur nyaéta...
a. Nepi ka cageur kuda haji Soleh diubaran
b. Haji Soleh ngubaran kuda nepi ka cageur
c. Kuda ku haji Soleh diubaran nepi ka cageur
d. Nepi kacageur haji Soleh ngubaran kuda
16. Ngaran tokoh anu aya dina gambar digigir nyaéta...

a. Ceu Popong c. Dewi Sartika


b. R Kartini d. Cut Nyak Dién
17. Aya istri sunda nu kaitung rancagé, kiwari anjeuna jadi anggota DPR RI.
Ngantorna di Jakarta. Yuswana 79 tahun. Malah ku réréncanganana sok
disebut nini-nini. Tapi nyariosna capétang sanajan ahli mimpin sidang. Mun
mimpin sidang katur sikepna anu tandas tara asa-asa salah sahji profil ceu
Popong anu katelah ku réréncanganana nyaéta...
a. Rancagé c. Disebut nini-nini
b. Capétang d. Sikepna anu tandas
18. Bapak meuli buah apel ti pasar Cikatomas.
Basa lemesna meuli pikeun ka diri sorangan mah nyaéta...
a. Balanja c. Ngagaleuh
b. Mésér d. Nukeuran
19. Ayeuna mah budak anu sok ceceremet geus insap.
Ceceremet hartina ...
a. Pupulung c. Musafir
b. Punta Pénta d. Maling
20. Kalimah anu merenah anu maké kecap gedé hulu nyaéta...
a. Ucing mang Ibro gedé hulu c. Gedé hulu biasana awakna teu
saimbang jeung sirahna
b. Ari jadi jalma ulah sok gedé hulu, d. Dasar si gedé hulu mani sombong
bisi dipikakeuheul ku batur

III. Eusian titik-titik di handap ieu kalawan bener !


21. Lamun lagu “Sabilulungan” ku urang dikawihkeun, nu muncul téh rasa .............................
22. ....................................... anu agung sadayana murid aya dina kaséhatan.
Kecap rarangkén –ning anu merenah pikeun kalimah di luhur nyaéta ................................
23 Waos anu koropok téh di cabut ku pa dokter.
Kalimah aktifna nyaéta ........................................................................................................
24. Tokoh gambar di gigir anu mimpin pasantren Daarut
Tauhid nyaéta ......................................

25. H. Mochamad Ridwan Kamil


Mochamad Ridwan Kamil lahir di Bandung Jawa Barat dina tanggal 4 Oktober 1971,
anjeuna salasahiji arsiték jeung politikus Indonesia anu ngajabat jadi Gubernur Jawa Barat ti
mimiti tanggal 5 September 2018. Samemeh ngajabat, bapa anu akrab dipanggil Kang Emil ieu
ngabogaan karir jadi arsitek ngarangkep jeung dosén teu tetep di Institut Teknologi Bandung
(ITB).
Nurutkeun wacana di luhur, Pa Ridwan Kamil téh ngajabat jadi Gubernur daérah .............

IV. Jawab pananya di handap kalawan bener !


26. Semboyan nagara anu ngaraket persatuan jeung kesatuan nyaéta Bhineka Tunggal Ika.
Jelaskeun harti tina Bhineka Tunggal Ika !
27. Nagara urang téh sok pada muji. Ari sababna, sakitu masyarakatna beda budaya tapi bisa
hirup ngaréndéng bari silih ajénan lain baé béda sélér bangsa tapi ogé béda agama.
Budayana kitu deui. Unggal daerah boga tradisi atawa adat kabiasaan.

Naon sababna nagara urang téh sok pada muji ?


28. Ku kamajuan téhnik komunikasi ayana internét jeung handphone (hapé) urang jadi babari
meunang informasi. Kayaan tempat-tempat sadunya anu sakitu jarauhna jadi deukeut
pisan. Kawas urang jeung tatangga.

Tina wacana di luhur sebutkeun kecap-kecap anu kaasup kecap serepan!


29. Pék jieun kalimah tina kecap-kecap di handap ieu!
a. Internét
b. Hapé
30. Barang liwat kanu suni, teu kanyahoan aya jalma anu megat di jalan liliwatan. Haji Soleh
geus teg waé tangtu bégal nu boga niat goréng.

Naon kecap pokok tina potongan carita diluhur ?

You might also like