You are on page 1of 5

YAYASAN NURUL HUDA UTSMANIYYAH

SMK MA’ARIF NURUL HUDA UTSMANIYYAH LUMBUNG


Dusun Pasirlaja Desa Lumbungsari Kecamatan Lumbung Kabupaten Ciamis

SOAL UJIAN SEKOLAH


TAHUN PELAJARAN 2022/2023

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Hari / Tanggal : 4 April 2023

Kelas : XII Waktu : 08.00-09.30

Pilih jawaban anu bener ku cara nyakra (x) dina salah sahiji kolom lambaran jawaban anu geus disadiakeun!

1. Wangun katatabasaan anu pangleutikna anu ngandung harti bisa diwangun ku hiji morfem atawa leuwih téh
disebut...
a. Lafal d. Engang
b. Kalimah e. Kecap
c. Frasa
2. Bagian kecap anu diucapkeun dina sakali ngaluarkeun napas nyaéta....
a. Asal d. Rajekan
b. Rundayan e. Kantétan
c. Engang
3. Léngkah-léngkah nyieun tarjamahan:
1.  Ngawangun deui tarjamahan
2.  Masualkeun hasil mariksa/analisis anu dipindahkeun tina basa sumber kana basa
sasaran
3.  Mariksa pikeun ngaguar amanat nu rék ditarjamahkeun
4.  Nyiapkeun teks anu rék ditarjamahkeun
5.  Mariksa hasil nerjemahkeun
léngkah anu bener ...
a. 5 – 2 – 3 – 1 – 4 d. 5 – 4 – 3 – 2 – 1
b. 1 – 2 – 5 – 3 – 4 e. 4 – 3 – 2 – 1 – 5
c. 1 – 2 – 3 – 4 – 5
4. Kecap anu acan dirobah, boh dirarangkenan atawa dirobah wangunanna nyaéta...
a. Kecap sulur d. Kecap pancén
b. Kecap asal e. kecap sipat
c. Kecap lulugu
5. Tulisan anu mangrupa bukti yen hiji kagiatan geus dilaksanakeun nyaeta...
a. Wawacan d. Warta
b. Wawancara e. Biografi
c. Laporan kagiatan
6. Léngkah-léngkah nyusun laporan kagiatan:

1. Tangtukeun jeung idéntifikasi tujuan atawa maksud ngalaksanakeun éta kagiatan


2. Tangtukeun jeung idéntifikasi hal-hal anu diperlukeun dina ngalaksanakeun éta kagiatan.
3. Susun rupa-rupa informasi jadi hiji laporan anu sistematis.
4. Siapkeun data-data pangrojong, misalna poto, jadwal kagiatan jeung sajabana.
5. Identifikasi kajadian-kajadian penting nu kalakonan salila ngalaksanakeun éta kagiatan
Susunan laporan kagiatan nu bener nyaéta....
a. 5 – 2 – 3 – 1 – 4 d. 5 – 3 – 1 – 4 – 2
b. 1 – 2 – 5 – 3 – 4 e. 2 – 3 – 1 – 5 – 4
c. 2 – 1 – 5 – 4 – 3
7. Kagiatan neangan informasi ku cara nanya ka narasumber nyaeta....
a. Wawacan d. Warta
b. Wawancara e. Biografi
c. Laporan kagiatan
8. Struktur wawancara nu bener nyaeta.....
a. Bubuka – eusi – panutup
b. Bubuka – dialog – pamungkas
c. Salam – pananya – panutup
d. Salam – eusi – panutup
e. Pangjajap – dialog – pamungkas
9. Nyieun hiji rencana biantara tuluy ngapalkeunana kecap pér kecap nyaéta padika...
a. Sarta merta d. Paguneman
b. Ngapalkeun e. Lentong
c. Naskah
10. Biantara tanpa persiapan sarta ngan ngandelkeun pangalaman sarta wawasan nyaeta padika...
a. Langsung d. Paguneman
b. Ngapalkeun e. Lentong
c. Naskah
11. Panumbu catur sakapeung mah sok disaruakeun jeung.....
a. Pangjejer d. Panata acara
b. Orator e. Wartawan
c. Penyiar
12. Anu nyepeng kadali sakabeh kagiatan dina acara disebut .....
a. Panata acara d. Pangjejer
b. Panumbu catur e. Penyiar
c. Orator
13. Panumbu catur mah kudu netral atwa objektif.
Kecap objektif dina ungkara diluhur ngabogaan harti...
a. Sesuai fakta d. Sakahayang
b. Mihak e. Pandangan pribadi
c. Ngadukung salahsahiji
14. Tempat, waktu jeung suasana nu aya dina carita disebut oge...
a. Tema d. Bahan carita
b. Latar e. Dialog
c. Galur
15. Runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka akhir disebut oge...
a. Tema d. Bahan carita
b. Latar e. Dialog
c . Galur
16. Wartawan teh nu sok nyieun ...
a. Dongeng d. Laporan  kagiatan
b. Carita pondok           e. Biantara       
c. Warta    
17. Anu mere informasi piken ngieun warta nyaeta.....
a. Présénter d. Narasumber
b. Jalma e. MC
c. Sesepuh                         
18. Kalimah nu eusina miboga tujuan pikeun méré nyaho ka nu lian ngeunaan hiji hal disebut...
a. Pananya               d. Wawaran
b. Paréntah              e. Panyeluk            
c. Paménta                          
19. Di handap ieu aya sababaraha sarana pikeun warta, iwal ti...
a. Radio d. Baju
b. TV e. Majalah
c. Koran
20. Ieu di handap, mana nu teu kaasup kana 5W+1H?
a. Whon d. Why
b. When e. Who
c. Where
21. Hadéna mah judul téh dijieun sina matak…
a. Kairut d. Punjul
b. Ngahudang e. Kataji
c. Honcewang
22. Karangan fiksi wangun lancaraan jeung kaasup karya sampeuran sok disebut…
a. Dongéng d. Wawacan
b. Sajak e. Carita buhun
c. Carpon
23. Palaku utama sok disebut…
a. Antagonis d. Tirtagonis
b. Teragonis e. Pemeran drama
c. Protagonis
24. Inti carita ti awal nepi ka ahir nyaéta unsur....
a. Jejer d. Galur
b. Latar e. Amanat
c. Palaku
25. Léngkah-léngkah nulis bahasan
(1) nyusun raracang tulisan
(2) nangtuken jejer
(3) neangan ide
(4) basa nu digunaken
(5) nangtukeun judul
Tina lengkah-lengkah diluhur, mana léngkah-léngkah nulis bahasan di handap ieu anu bener urutanna ...
a. (2), (4), (1), (3), (5) d. (3), (2), (1), (4), (5)
b. (4), (2), (1), (3), (5) e. (3), (4), (1), (2), (5)
c. (2), (1), (4), (3), (5)
26. Karangan anu eusina ngaguar, ngabahas atawa ngadadarkeun hiji perkara téh nyaéta ...
a. Budaya d. Sajak
b. Puisi e. Pantun
c. Bahasan
27. Bahasan téh kudu, iwal ti ...
a. Puguh entep-seurehna d. Ngagunakeun istilah-istilah nu geus maneuh
b. Mertelakeun kalawan tétéla e. Lentongna sing jelas
c. Saujratna
28. Tulisan nu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy nyaeta…
a. Budaya d. Narasi
b. Puisi e. Deskripsi
c. Ekposisi
29. Tulisan anu eusina ngebrehkeun kagiatan indra, minangka hasil pangalaman anu sajentré-jentréna nyaeta ...
a. Budaya d. Narasi
b. Puisi e. Deskripsi
c. Ekposisi
30. Wacana nu eusina ngajentrekeun tur medar hiji objek, prosesna, tujuanna jeung gunana…
a. Budaya d. Narasi
b. Puisi e. Deskripsi
c. Eksposisi
31. Dihandap aya unsur deskripsi nyaéta ....
a. Pasang peta d. Lentong sing jelas
b. Wirahma e. Musik
c. Nada
32. Karangan deskripsi téh kudu.............., nyaéta mana anu kudu diheulakeun mana anu kudu dipanderikeun.
a. Ngawincik d. Wirahma
b. Sistematis e. Pasang Peta
c. Milih Kecap
33. Karangan deskripsi teh kudu bener .......... na, nyaéta istilah-istilah natéh kudu maneuh
a. Ngawincik d. Wirahma
b. Sistematis e. Pasang Peta
c. Milih Kecap
34. Dihandap aya unsur carita wayang, iwal ti ....
a. Jejer d. Galur
b. Latar e. Amanat
c. Lentong
35. Inti carita ti awal nepi ka ahir nyaéta unsur....
a. Jejer d. Galur
b. Latar e. Amanat
c. Palaku
36. Jalma nu ngalakonkeun dina carita nyaéta unsur....
a. Jejer d. Galur
b. Latar e. Amanat
c. Palaku
37. Lingkungan nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian nyaéta unsur....
a. Jejer d. Galur
b. Latar e. Amanat
c. Palaku
38. Runtuyan kajadian nu lumangsungna ti awal nepi ka ahir nyaéta unsur....
a. Jejer d. Galur
b. Latar e. Amanat
c. Palaku
39. Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan caritana nyaéta unsur...
a. Jejer d. Galur
b. Latar e. Amanat
c. Palaku
40. Carita rékaan anyar tur euweh tina aslina nyaéta carita....
a. Pangalaman d. Galur
b Pribadi e. Warta
c. Carangan
41. Carita wayang nyaeta carita nu dumasar kana kitab....
a. Sutasoma d. Tripitaka
b. Mahabarata e. Weda
c. Susastra
42. Salah sahiji conto bedana carita wayang India jeung carita wayang Sunda nyaéta....
a. Dina carita wayang sunda mah aya tokoh punakawan
b. Dina carita wayang sunda mah euweh tokoh punakawan
c. Dina carita wayang sunda mah Gatotkaca mah lain tokoh penting
d. Dina carita wayang sunda mah Srikandi teh lain awewe sampurna
e. Dina carita wayang sunda mah Drupadi teh poliandri
43. Asal carita wayang nyaeta ti...
a. Indonesia d. Mongolia
b. Cina e. Somalia
c. India
44. Kecap Résénsi asalna tina basa Belanda nyaéta...
a. Resentie d. Recentie
b. Resensio e. Recensere
c. Resentio
45. Résénsi hartina...
a. Nepikeun deui d. Nulis deui
b. Ngieun deui e. Dibaca deui
c. Nambahan deui
46. Bagian nu eusina téh sawangan kana eusi karya nyaéta...
a. Identitas karya d. Lentong
b. Rinkesan carita e. Panutup
c. Tilikan eusi
47. Bagian nu eusina téh kacindekan tina eusi resénsi nyaéta...
a. Identitas karya d. Lentong
b. Rinkesan carita e. Panutup
c. Tilikan eusi
48. Nyaritakeun ringkesan guluyuran carita, kaunggulan jeung kahengkarannana jeung netelakeun nu ngagarapna
nyaeta ngarésénsi...
a. Buku d. Puisi
b. Pilem e. Sajak
c. Konser
49. Léngkah-léngkah nulis résénsi buku:
1.  Medar ngeunaan eusi buku
2.  Nuliskeun identitas buku
3.  Jenis buku nu rek dirésénsi
4.  Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balaréa
5.  Medar ngenaan kaunggulan jeung kahengkaran eusi buku
6. Ngajudulan résénsi
Léngkah anu bener nyaéta ...
a. 5 – 2 – 3 – 6 – 1 – 4 d. 3 – 2 – 1 – 5 – 4 – 6
b. 1 – 2 – 5 – 3 – 4 – 6 e. 3 – 2 – 1 – 4 – 5 – 6
c. 1 – 2 – 3 – 4 – 5 – 6
50. Léngkah-léngkah nulis résénsi pilem:
1.  Medar ngeunaan carita dina pilem, ti mimiti galurna jeung tokoh-tokohna.
2.  Nuliskeun identitas pilem
3.  Jenis pilem nu rek dirésénsi
4.  Medar ngenaan kaunggulan jeung kahéngkaran pilem
5.  Medar ngeunaan mangpaat pilem keur bacaeun balaréa
6. Ngajudulan résénsi
Léngkah anu bener nyaéta ...
a. 5 – 2 – 3 – 6 – 1 – 4 d. 3 – 2 – 1 – 5 – 4 – 6
b. 1 – 2 – 5 – 3 – 4 – 6 e. 3 – 2 – 1 – 4 – 5 – 6
c. 1 – 2 – 3 – 4 – 5 – 6

You might also like