You are on page 1of 5

D

OLEH

Nama: Rizky Putra T


Kelas: XII IPS 4
Pelajaran: Bahasa Sunda
PANCEN PORTOFOLIO
1. Nurutkeun hidep naon ari carita pantun teh?
2. Naon anu ngabedakeun carita pantun jeung wanda carita sejen?
3. Lamun nilik kana guluyuran caritana.cik kumaha sturktur carita pantun?
4. Ari rajah dina carita pantun teh naon bae fungsina?
5. Jentrekeun galur carita pantun!
6. Tulis ringkesan carita pantun:
1. Nyi Sumur Bandung
2. Nyi Pohaci Sanghiang
3. Sri Raden Tanjung
4. Demung Kalangan
5. Lutung Leutik
6. Munding Kawati
7. Paksi Keuling
8. Gajah Lumantung
9. Raden Tegal
10. Munding Laya

EUSI
1. Carita Pantun teh nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun kajuru pantun jeung pagelaran ruatan
(ritual) anu disebut mantun bisa di pirig ku kacapi sastra,biasana di haleuangkeun.
2. Carita pantun mah mangrupa Puisi sunda anu henteu kaiket ku aturan pupuh.
3. Struktur carita pantun aya 6:
a) Rajah,rajah nyaeta menta idin ka anu ngageugeuh eta lembur atawa tempat sangkan salamet.
b) Narasi,narasi atawa nyeritakeun ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji
kajadian saterusna.
c) Deskripsi Pantun,nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji
kajadian.
d) Dialog,dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna.
e) Monolog,nyaeta nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate.
f) Raja Panutup,pangertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pangertian rajah diluhur.Ngan
ari rajah panutup mah dihaleangkeunana pas diakhir carita pantun.
4. Dipapatkeun pikeun ngadatangkeun kasalametan.
5. Galur carita pantun dibagi dua:
a) Galur lenjeuran,nyaeta galur carita anu ngalenjeur/lempeng
b) Galur simpay
6. Ringkesan carita Nyi Pohaci Sanghiang

“Nyi Pohaci Sanghiang”

Nyi Pohaci Sanghyang Asri atawa sering disebatkeun sacara singkat Nyi Pohaci atawa Déwi
Sri nyaéta salah sahiji pohaci (dewi) nu ngariksa pare, tatangkalan, kasuburan, jeung tatanen
Sunda, Jawa, jeung Bali. Ieu déwi téh dimulyakeun, dikanya'ah, jeung dipusti-pusti di PuloJawa
ti jaman baheula nepi ka ayeuna. Salérésna Nyi Pohaci ogé dianggep salaku déwi indung urip.
Mimitina téh pamujaan pohaci sang dewi paré aslina ti Tatar Pasundan. Saparantos urang Sunda
narima pangaruh agama Hindu, pohaci Sanghyang Asri téh dianggap sarua kénéh jeung Batari
Sri Laksmi, sang sakti atawa éstrina Batara Wisnu, ngawengkuna dewi kabagjaan jeung
kamakmuran. Upacara panen paré Sérén taun téh diwangsulkeun kanggo sukuran jeung
mulyakeun ieu déwi.

Sipat

Ieu déwi dipercaya wewengkonna dunya bawah saréng lambangna bulan. Papancénna
ngawengku Dewi Indung, nyaéta papayung kalahiran sareng kahirupan. Anjeunna ogé ngatur
bakal barang tuangeun dina dunya, utamina pare, margi sangu téh kadaharan utama rahayat
Indonésia. Mangkaning anjeunna ngatur kahirupan, kakayaan, sareng kamakmuran. Barokah
utamina panen paré nu aralus jeung loba, dimulyakeun ti jaman baheula ti pulo Jawa, ti mimiti
karajaan Medang, Majapahit sareng Sunda Pajajaran. Sabalikna ieu dewi ngatur ogé perkawis
sabalikna; nyaéta kamiskinan, kalaparan, hama, panyakit, jeung papaten/paeh. ku sabab
ngalambangkeun paré, anjeunna ogé dianggep salaku indung urip, dikaitkeun jeung paré sareng
oray sawah.

Asal Muasal

Ngadangu titah Batara Guru, Antaboga (Anta) sang dewa oray, paureun, hariwang pisan. Rek
kumaha teu kitu, manéhna téh teu gaduh leungeun jeung suku kanggo didamel. Lamun dihukum
ogé ngan kari beuheungna nu bisa dipotong, éta mah sarua kénéh jeung dipaéhan. Anta sieuneun
pisan, tuluy anjeunna nyuhunkeun tulung menta naséhat ka Batara Narada, kakangna Batara
Guru. Hanjakal pisan, Batara Narada ogé bingung teu tiasa ngabantu sang dewa oray. Peunggas
harepan, prak we Dewa Anta ceurik eueuriheun, midangdam nasibna nu sial pisan.

Nanging, tilu siki cipanon Anta nu reumbay nyakclakan ka taneuh sacara ajaib ngajanten batu
mustika nu gurilap éndah. Éta batu mustika saleresna téh endog nu cangkangna alus pisan
kilapna. Batara Narada nyarankeun supados éta mustika diserahkeun ka Batara Guru, sangkan
dihampurakeun teu tiasa ngabantu ngawangun istana anyar.

Ngulum tilu siki mustika dina sungutna, Anta angkat ka istana Batara Guru. Dina perjalanan
Anta papanggih manuk dadali (versi nu sanés nyebatkeun manuk gagak) nu negor Anta
naroskeun bade indit kamana. Margi sungutna pinuh nguluman tilu siki mustika nu salérésna
éndog, Anta cicing wae, moal ngajawab tatanya si manuk. Sang manuk téh janten kasigeung,
nyangka Anta kacida pisan sombongna moal ngajawab lamun ditaroskeun.

Mangkaning kasigeung, sang manuk amarah nguntab. Ujug-ujug dewa oray Antaboga diamuk ku
sang manuk nu ngokoétan jeung mamacokan sirahna Anta. Hiji siki endog mustika ragrag
peupeus. Sieuneun, pek we Anta nyumpeut dina rungkun rurumputan, ngantosan sang manuk
geura indit, sembari anjeunna paur kanyenyeurieun. Sang manuk geuning eunteup dina luhuran
tangkal, ngantosan Anta medal. Unggal Anta medal lumpat minggat, sang manuk téh ngokoétan
deui, kitu waé terus-terusan. Tuluy endog mustika nu kadua ragrag peupeus deui, Anta ngarayap
ngésér minggat sieuneun. Kantun hiji-hijina endog mustika nu salamet lengkep teu peupeus.

Tungtungna Anta dongkap di Jonggring Saloka, istana Sanghyang Batara Guru, ngahaturkeun
endog mustika hiji-hijina kanggo panguwasa kahyangan. Batara Guru bungah, seneng pisan
nampi mustika nu gurilap mencrang pikareuseup diténjo. Saatos wawuh yén éta mustika
salérésna endog ajaib, Batara Guru nitah Anta nyileungleum éta endog geura megar.

Saatos sakian lami nyileungleum, Anta hasil megarkeun endog. Ajaibna nu medal tina endog téh
bayi inji nu geulis, alus, lucu pisan. éta bayi dipulung anak ku Batara Guru sareng pamajikanana
Batari Uma.

Eta bayi dinamian Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Lami-lami Nyi Pohaci tumbuh jadi mojang nu
geulisna kacida pisan. Mojang nu bageur, alus budi, lemes cariosanana, linuhung, téja sukmana,
matak kayungyun, dipikareuseup para dewa saantero kahyangan. Sasaha waé nu ninggali sang
pohaci bakalan mikacinta, resep ka sang dewi.

Akibat teungteuingeun geulisna ngéléhkeun para pohaci, bidadari, batari jeung para dewi dina
kahyangan, Batara Guru ogé mikacinta pun anak pulungna. Cicingeun Batara Guru gaduh hasrat,
kahayang ngawinan Nyi Pohaci. Ningali galagat Batara Guru, para dewa hariwang jeung risi.
Mun dianteupkeun kalakuanana ieu bakalan jadi aéb, ngérakeun, ngaruksak kasaluyuan
kahyangan. Saterusna para dewa barempag, nyusun siasat kanggo misahkeun Batara Guru jeung
Nyi Pohaci Sanghyang Asri.

Supados moal aya parkara nu ngérakeun kahyangan, para dewa satuju bahawa sakedahna Nyai
Asri dipaéhan. Para dewa abur-aburan ngalana saantero jagat milarian racun nu pang peurahna.
Saatos kakumpul, racuna dicampurkeun dina inuman Nyai Pohaci nu teu nyaho ngaleueut éta
racun, teras karunya pisan, sang pohaci maot. Saatos maotna sang dewi, jagat géhgér, bumi
eundeur lindu, ti langit gelap sasamber, angin gedé ngagelebug. Sanghyang Kersa, dewa agung
pangluhurna nu tiasana cicing waé teu katénjo, janten amarah teu nampi kajahatan nista para
dewa maéhan mojang suci nu teu boga dosa. Paur ngarasa boga dosa, sieun ku amarah
Sanghyang Kersa, para dewa geura ngagotong layon Nyi Pohaci, disumputkeun di bumi,
dikuburkeun di leuweung nu tebih jeung jero pisan.
Para dewa nu sanés nu teu terang perkara saleresna, janten nalangsa lantaran Sanghyang Asri
sirna. Margi sang Nyai Pohaci téh mojang suci nu teu boga dosa, dina astanana muncul
kaajaiban, sagala rupi tatangkalan nu loba gunana sumekar tina astanana.

 Tina sirahna tumbuh tangkal kalapa.


 Tina irung, biwir, jeung ceulina mekar rupi-rupi samara bungbu wangi jeung sasayuran.
 Tina buukna mekaran jujukutan jeung sagala rupi kembang aneka warna nu saraé jeung
wangi
 Tina susuna ngarumbay bubuahan dalu ranum jeung aramis.
 Tina leungeunna muncul tangkal jati, cendana, sagala rupi tatangkalan kakayon nu aya
gunana
 Tina momokna muncul tangkal kawung kalapis injuk, nu peueutna tiasa disadap kanggo
ngadamel gula aren nu langkung aramis.
 Tina pingpingna muncul sagala rupi tangkal awi.
 Tina sukuna tumbuh sagala rupi beubeutian, hui amis, boléd sampeu, jeung sajabana.
 Tina puseurna tumbuh paré, bakal barang kadaharan nu pang pentingna kanggo
kamakmuran umat manusa sadayana.

Carios nu sanés nyebatkeun paré bodas muncul tina panon katuhuna, mun tina panon kéncana
muncul paré beureum. Kasimpulananna sagala rupi tatangkalan nu aya gunana kanggo
kamakmuran umat manusa marunculan tina layon Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Ti mimiti éta téh
rahayat tani sadaya mulyakeun Nyi Pohaci Sanghyang Asri, dewi nu dipusti-pusti, jeung
dipikanya'ah ku sadayana, nu pangorbanannana nyuburkeun lemah demi umat manusa.

You might also like