You are on page 1of 8

1

Drama Sunda: Si Kabayan Ngingu Munding

Panganteur

Sababaraha dinten kapengker, simkuring nampi kintunan email ti Ki Leuksa. Anjeunna téh salah sawios
pangarang, nu ti payun mah karya -karyana sering pisan dijomantarakeun dina radio, di antawisna di
radio Duta Swara Sumedang, juru dongéngna Bah Selud. Kantenan, simkuring gé sering pisan
ngupingkeun karya -karya jaman nuju budak. Tah, dina kintunan emailna, anjeunna maparin naskah
sandiwara Sunda. Kalayan widi ti Ki Leuksa, naskahna ku simkuring dimuat dina ieu blog. Wilujeng
ngabandungan.

Naskah kénging Ki Leuksa

Nu Ngalalakon:

1. SI KABAYAN : Sidik Permana

2. NYI ITEUNG : Artha Jelita

3. LAMSIJAN : Muhammad Rifqi Ramadhan

4. ABAH : Raihan Ramadani

5. AMBU : Salwa Apriyani

6. BU RT : Putri Kemala Dewi

7. ASISTEN BU RT : Cikal Siti Syarifah Suha

8. NARATOR : Iurie Nabiil

-BUBUKA KU JURU CATUR/NARATOR: Pamiarsa, si Kabayan anu kakocap pinter tapi bodo, bodo tapi
pinter, tina gunem caturna jeung Nyi Iteung meunang ilham. Seja usaha, neangan pangupa jiwa pikeun
maraban kulawarga. Kumaha ketakna si Kabayan? Sumangga nyanggakeun pintonan Drama, dina carios
si Kabayan Ngingu Munding.

SI KABAYAN ASUP KA PANGGUNG, LEUMPANG SALSE, KULIAT, HEUAY, TERUS DIUK SILA TUTUG,
NGAGERE CEULI KU BULU HAYAM, SIRAH LEHEK/DENGDEK, PANON PEUREUM HAYAMEUN,
MEUREUDEUY.DATANG NYI ITEUNG NGAJINGJING SAPU NYERE/INJUK. JENGKEL, AMBEK, GEREGETEUN.

01.NYI ITEUNG: (NYENTAK) Kabayan!


Kunaon ceuli téh hayoh waé digéré ?
Kumaha mun tosblong, siah ?

Digawé kadituh, kaluman kami mah nénjona ogé.

02.SI KABAYAN: (AYEM,LEULEUY) Jééh, kunaonarimanéh, Jikan? Mani taya bosena kana ambek -
ambekan teh, soré isuk euweuh eureuna. Ulah kitu, matak téréh kolot.

03.NYI ITEUNG: Kalumantuda, boga salaki téh mani euweuh pisan guam. Ngala-ngala suluh ka dituh.

04.SI KABAYAN: Aaaaah, horéam euweuh bedogna.

05.NYI ITEUNG: Matak naon mun nginjeum ka Abah?

06.SI KABAYAN: Embung ah, sok ngambek si Abah mah. Bisi nagih ongkoh, heug kami boga kénéh
hutang.

07.NYI ITEUNG: (JENGKEL) Ih,lalaki téh teu uyahan siah! Heug usaha atuh, ulah ngajentul waé.

Turutan batur !

08.SI KABAYAN: Usaha kana naon, Teung?

09.NYI ITEUNG: Nya kana naon wé atuh, kawas batur.

Keun baé teu jadi Pagawé Nagri ogé, asal usaha nu halal.

Tuh kawas Pa Haji, miara hayam, miara domba, atawa naon wé atuh. Sing aya guam hirup téh, da jelema
mah teu ngeunah dagingna

(SI KABAYAN NGOREJAT, TERUS NANGTUNG, SURA -SEURI GUMASEP)

10.SI KABAYAN: Héhéhé, héhéhé, heueuh bener, Teung.

Asa diingetan, puguh kami teh hayang… hayang diajar wisarwata, aéh… naon ning, Teung?

11.NYI ITEUNG: (NYENTAK) Wiraswasta, belegug!

Lain wisarwata

12.SI KABAYAN: Jééééééééh, nya ulah maké belegug atuh, Teung.

Salah saeutik mah meunang.

13.NYI ITEUNG: Heueuh rék kumaha atuh?

14.SI KABAYAN: Héhéhé, kieu Teung.

Akang rek badami jeung si Lamsijan.

Pokona mah Iteung ulah hariwang, Akang pasti usaha.

15.NYI ITEUNG: Jig atuh, ulah ulin waé. Sing mikir hirup téh.

16.SI KABAYAN: Nya heueuh ieu ge rék mikir.


SI KABAYAN JEUNG NYI ITEUNG LEUMPANG NGURILINGAN PANGGUNG.

NYI ITEUNG KALUAR, SI LAMSIJAN ASUP KA PANGGUNG.

17.SI LAMSIJAN: (SONO) Eéééééééh, geuning manéh, Kabayan?

Rék ka mana, euy ?

18.SI KABAYAN: Heueuh, bagéa Jan.

Puguh ngahaja rék ka imah manéh.

19.SI LAMSIJAN: (DARIA) Euleuh, aya naon, Kabayan?

Asa rareuwas teuing, euy.

20.SI KABAYAN: Ulah reuwas, da lain rék nagih.

Puguh Kuring téh hayang diajar wiraswasta.

Cik ménta bongbolongan, kana naon, nya?

21.SI LAMSIJAN: Ooooooh, kitu?

(NEPAKAN TARANG LALAUNAN) Ké, ké, ké, kumaha, nya?

Oh heueuh, kumaha mun ngingu lauk engkoy ?

22.SI KABAYAN: (GOGODEG) Embung, teu boga balongna, Jan.

23.SI LAMSIJAN: (SUMANGET) Ngingu puyuh atuh?

24.SI KABAYAN: (GOGODEG) Embung ah, leutik endogna.

25.SI LAMSIJAN: (KUCIWA) Aaaah manéh mah, nya hayang naon atuh?

Da usaha anu badag mah kudu gedé modalna ogé.

Mun hayang anu gedé endogna, nya ngingu munding !

26.SI KABAYAN: (ATOH, EMPRAK) Tuaaaaaaaaah enya bener, étaaa, Jan. (NEPAK TAKTAK LAMSIJAN)
Héhéhé, nuhun, Jan.

Kuring satuju ngingu munding mah.

Manéh téh mémang sobat anu sajati, Jan.

27.SI LAMSIJAN: (NGOA) Hemh, boga duitna, nyah?

28.SI KABAYAN: (SOMBONG) Wuah, duit mah gampang, Jan. Aya Abah.

Malah mah moal dilila -lila, ayeuna ge rék nepungan ka Abah. Héhéhéhé, pasti méré ari jang modal
usaha mah.
29.SI LAMSIJAN: Hemh, mani agul boga Abah galak téh.

30.SI KABAYAN: Iiih, galak-galak gé boga Kuring mah.

Hayu, manéh rék milu, Jan?

31.SI LAMSIJAN: Moal ah, rék nempo balong.

Jig wé, diduakeun sing hasill.

32.SI KABAYAN: Heueuh jig atuh rék ka balong mah.

Assalamu μalaikum..

33.SI LAMSIJAN: Waalaikumsalam warohmatullohi wa barokatuh

*MUSIK PANYELANG*

ABAH JEUNG AMBU DI PANGGUNG

BU RT SARENG BENDAHARA MAPAY KA BUMI AMBU SARENG ABAH

34.BU RT: Cik ayeuna urang ka Ambu sugan aya jalmi di bumi na

35.BANDAHARA: Kumaha kitu bu? kamari teu aya jalmi di bumi na?

36.BU RT: Muhun teu aya janten ayeuna

37.BANDAHARA: Oh muhun

BU RT SARENG BENDAHARA TOS DUGI DI BUMI AMBU SARENG ABAH

38.BU RT & BANDAHARA: Assalamualaikum Ambu

39.AMBU: Waalaikumsalam aya naon nya?

40.BANDAHARA: Ieu bade nyuhunkeun sumbangan kanggo kerja bakti

41.AMBU: Oh muhun sabaraha nya?

42.BANDAHARA: Panginten sa ikhlas na

43.BU RT: Ambu kamari kamana nyaa? abi kadieu teu aya jalmi

44.AMBU: Oh muhun kamari abdi ka bumi Nyi Iteung sareng Abah, sakedap nya..

( AMBU KA TENGAH BUMI NYANDAK ARTOS )

45.AMBU: Ieu artos na punten teu seueur


46.BANDAHARA: Oh wios nuhun pisan ambu

47.BU RT: Oh muhun, nuhun ambu hapunten di wegal sakedap

48.BU RT & BANDAHARA: Harayu ambu abah abdi muih heula nuhun~~

49.AMBU & ABAH: Mangga mangga ~

TEU LILA, DATANG SI KABAYAN SURA-SEURI

50.ABAH: (TATAG) Kabayan ! Ari manéh éling, henteu?

51.SI KABAYAN: Iiiiih ari Abah.

Nya éling atuh. Iraha uing gélo?

52.ABAH: Lain nanaon, éta wé bet sura -seuri kawas anu gélo anyar.

53.SI KABAYAN: (NYENTAK) Naooon? Gagabah teuing ??

54.ABAH: Naha siah disebut gélo anyar teh bet ngambek?

55.AMBU: (TENANG) Geus heubeul meureun, Bah.

56.ABAH: Boa enya, da geuning disebut gélo anya mah ngambek.

57.SI KABAYAN: Eééééééééh boga Abah jeung Ambu teh sarua gélona. (REUWAS,NUNGKUPBIWIR) Aéh,
bit, henteu kétang

Héhéhéhé, hampura Bah, Mbu, Abah Kembu…

58.AMBU: (NYENTAK) Naon siah? Nyebut Kembu ka kami ?

59.SI KABAYAN: Jéééééh, saha anu nyebut kembu?

Cek Uing téh, Abah, Ambu.

60.ABAH: Naha, saha anu nyebut Abah kembu?

61.SI KABAYAN: Nya Abah, bieu.

62.AMBU: Eh, Abah.

Ulah diajak ngomong waé si Borokokok mah.

Bisi tépa gélona.

Minantu nurustunjung. ka mitoha nyebut kembu.

63.SI KABAYAN: Waaaaaaah, ulah kitu atuh, Ambu.

64.AMBU: (NYENTAK) Naon siah? Sakali deui nyebut kembu, dibabuk siah.
65.SI KABAYAN: Ituh geura? Kalah kanceuh, saha nu nyebut kembu?

Heunteu, Uing mah teu nyebut kembu.

66.ABAH: Geus, geus, ulah kamalinaan, éra kunu lalajo.

Sok diuk, Kabayan. Abah rék nanya.

67.SI KABAYAN: Héhéhé, mangga, Bah.

68.ABAH: Rék naon manéh téh, Kabayan?

69.SI KABAYAN: Puguh ngahaja, Uing téh hayang tepung jeung Abah, jeung Ambu. Seja nyanggakeun
sila turahmi, Bah.

70.ABAH: Aaah, maké jeung hayang tepung sagala.

Tara ti sasarina manéh mah, Kabayan.

Rék ménta duit meureun, nya? Atawa rék nginjeum paré?

71.SI KABAYAN: Tuuuuuuuh, da. Abah mah goréng waé ka Uing téh.

Can nanaon geus nuding nu lain-lain.

Ulah suudon, Bah, Goréng kalakuan kitu téh.

Umat Islam mah kudu alus panyangka.

72.ABAH: Heueuh, heueuh, lah. Manéh meunang.

Sok, rék naon manéh téh atuh, Kabayan?

73.AMBU: Wah, minantu gejul waé diladénan, léob anggur mah.

74.SI KABAYAN: Aduh, Embu mah mani téga ka Uing téh.

75.AMBU: (NGANCAM) Tah.. tah.. tah.. awas siah, geus nyebut deui kembu ka aing.

76.SI KABAYAN: Jéééééh, saha nu nyebut kembu?

Heunteu Embu, teu embu, tapi geulis.

Héhéhéhé, dasar mitoha burung…

77.AMBU: Pék siah !! (NGAMANG-NGAMANG SENDAL)

78.SI KABAYAN: (MURINGIS) Aduh, ampun..ampun..ampun Mbu !!

79.ABAH: (NYENTAK) Eéééééh, meugeus, Ambu !

Cicing atuh, kami rek ngomong.

Sok terus keun Kabayan réknaon sia téh?


80.SI KABAYAN: (DARIA) Bah, Uing téh hayang diajar wisarwata, aéh..duh.. ku hésé ngomong téh, nya?
Naon ning?

Oh enya, wi.. ras.. swas..ta ! Tah kitu, Bah!

Jadi, Uing téh hayang diajar usaha,. Bah. Tapiii, teu boga modalna.

81.ABAH: Tuuuuh, pasti rék nginjeum duit ka aing.

82.SI KABAYAN: Eeeeeh, salah atuh, Bah. Salah !! Geus goréng sangka deui baé Abah mah.

Lain, lain rek nginjeum, Bah. Tapi ngajak kerjasama.

Urang bagi hasil bagi untung, Joint Bah, Joint !

83.ABAH: Naon joint téh, Kabayan?

84.SI KABAYAN: Usaha, tapi modalna Papatungan, Bah.

85.ABAH: (DARIA) Oooh usaha? Usaha kana naon, euy ?

86.AMBU: Wuah, moal lutreuk si éta mah.

Can aya dina kamusna, si Kabayan bisa usaha.

87.ABAH: Eééh, mangke lanan, Ambu.

Urang déngékeun heula omonganana.

88.AMBU: Kadéngé ti tadi gé.

89.SI KABAYAN: Héhéhé, Ambu mah ka Uing téh sengit waé.

90.ABAH: Sok teruskeun, Kabayan.

Usaha naon téa euy? Kumaha papatungan téh?

91.SI KABAYAN2: Kieu, Bah.

Urang meuli munding. Modalna papat ungan, miarana ku duaan babarengan. Tapi sangkan adil, urang
bagi dua miarana téh.

92.ABAH: Kumaha carana?

93.SI KABAYAN: Urang sapotong éwang, Abah bujurna, Uing huluna.

94.ABAH: His, ké heula, ulah gagabah nyieun kacindekan téh.

Naha manéh maké hayang miara huluna?

95.SI KABAYAN: Ngarah teu kudu miceunan taina.

Maraban wé wungkul.
96.ABAH: Ambu, cing kami ménta bongbolongan yeuh.

Mun kitu carana, mana nu kudu dipilih?

Huluna, atawa bujurna?

97.AMBU: (TANDES) Nya mending huluna atuh, miara bujur mah kudu miceunan taina.

Nu kitu patut mah bikeun ka si Kabayan.

98.ABAH: (DARIA, TANDES) Satuju, bener pisan éta pamadegan teh Ambu.

moal enya kolot kudu miceunan taina?

Hey, Kabayan !

99.SI KABAYAN: Kumaha, Bah?

100.ABAH: Heug aing daék papatungan jeung manéh, tapi kami huluna, manéh bujurna.

Lamun satuju kitu, heug. Henteu mah, moal«.

101.SI KABAYAN: Moal kaduhung, Bah?

102.ABAH: Naha maké kudu kaduhung? Nya moal deuleu. Ieu téh hasil musyawarrroh«

103.SI KABAYAN: Cak siah, ketok palu tilu kali.

Trok, trok,. trok ! Keputusan tidak dapat diganggu gugat.

Kuring bujur, Abah hulu.

104.ABAH: Heueuh, tah saksina si Ambu.

105.SI KABAYAN: Jadi lah..

(SI KABAYAN, ABAH, JEUNG AMBU KALUAR TI PANGGUNG, DIPIRIG KU  KACAPI  SULING)

You might also like