You are on page 1of 3

UJIAN PRAKTIK BASA SUNDA

JUDUL:NGABUAT TEKS PROSEDUR

NGABUAT MARTABAK ENDOG LUMPIA MINI.

NAMA:FERESA.B.S

KELAS:9.1

NIS:202020230362

NO.PESERTA:9.1 012

HARI:JUM'AT

TANGGAL:17-3-2023

*Bubuka:

Assalamualaikum. wr. wb

Abdi badé ngawanohkeun martabak endog lumpia mini. Martabak endog lumpia mini ieu mangrupa
kadaharan has ti kota Bandung anu mimiti diwanohkeun dina taun 1950 ku saurang nomad anu
ngaranna Hioe Kiew Sem ti wewengkon Jebus, Pulo Bangka. .

Kadaharan ieu ogé pohara dipikaresep ku saréréa sarta martabak endog lumpia mini ieu ogé bisa dijual
di sagala rupa kota di Indonésia.

*Bahan:

-Daon bawang

- cabe

- kulit lumpia

-minyak

- kornet kaleng

- Endog

-Masako
* Alat:

- Panggoreng - Saringan

- talenan -sendok

-spatula -piring

-gas - mika

- kompor - alat setreples

- mangkok -peso

* Léngkah:

-kumbah heula cabe, daon bawang, tuluy potong bahan anu geus dikumbah make peso jeung dasarna
make talenan.

-Geus rengse, tuang bahan anu geus parantos dipotong kana mangkok.

-Lajengkeun peupeus endog kana mangkok tuluy saku maké sendok.

-Sanggeus bahanna tartib, bahanna diasupkeun kana mangkok anu eusina endog anu geus di kocek,
bere masako sacukupna.

-Geus eta buka kaleng daging kornet teras potong leutik- leutik nganggo make peso.Sawaktos daging
kornet dipotong, langsung pindahkeun kana mangkok.

-Siapkeun kulit lumpia, tuluy asupkeun eusi nu geus diaduk rata jeung endog kana kulit lumpia maké
sendok.

-Lakukeun ieu nepi ka kulit lumpiana rengse dipaké sarta eusina ogé rengse dipake,geus eta tenden kana
piring.

-Sanggeus kabeh beres, siapkeun kompor, pangorengan, spatula, jeung minyak.

-Tuluy hurungkeun kompor tenden pangorengan dina tungku kompor kantun tambahkeun minyak
sacukupna wae.

- Antosan dugi minyakna panas.

-Sanggeus minyakna panas, asupkeun martabak endog lumpia mini eta nepi ka martabakna karendem
ku minyak, tungguan nepi ka warnana semu coklat.

-Lamun warnana geus alus tur semu coklat, angkat martabak make spatula tenden dina saringan.

-Lamun minyakna geus turun.


-Sajikeun martabak endog lumpia mini kana piring jeung kana mika anu geus disadiakeun bere saos abc
sachet.

-sanggeus, sagalana dilayanan dina piring atawa dina mika.

-Lajengkeun cetrek mika anu eusina martabak endog lumpia mini jeung saos maké setreples.

-Rengse!!

* Panutup/kacindekan:

Saur abdi mah martabak endog lumpia mini ieu cocok kanggo tuang dimana waé sareng iraha waé,
sabab abdi ningali cara ngadamelna praktis sareng sederhana, sareng rasana anu nikmat ngajantenkeun
abdi katagihan sareng henteu hilap ogé panampilan nana anu matak seueur hoyong ngagaleuhna. Sakitu
heula anu tiasa ku sim kuring dugikeun. Bilih aya kecap anu kirang leres ata napi kecap anu teu sopan,
punten dihapunten.

Wasalamualaikum.wr.wb

You might also like