You are on page 1of 3

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA Nama : ……………………………………………………………………

Hari/Tgl : Kode : ……………………………………………………………………


Waktu : 90 Menit Kelas : V ( lima )

I. Pilih salahsahiji jawaban nu benerna !

1. Baca ieu pupuh !


Ngabogaan sobat dalit urang kudu,
Deuketna ibarat wargi,
Perlu pikeun silih tulungan,
Tong ieuh sieun kasoro
Padalisa kahiji sempalan pupuh di luhur ngabogaan guru wilangan ………
A. 7 engang C. 10 engang
B. 8 engang D. 12 engang
2. Éta pupuh téh kaasup sempalan tina pupuh……..
A. Masumambang C. Lambang
B. Mijil D. Magatru
3. Kalimah anu merenah keur ngalengkepan pupuh ieu di handap , nyaéta …….
Ramo mah salawasna akur jeng batur,
Tara hidup sirik pedik
Teu hirup masing-masing,
……………………………………..
A. Ramo jumlahna lima C. Kudu hirup kawas curuk
B. Pék conto hirupna ramo D. Ramo nu pangigirna cingir
4. Katangtuan jumlah enggang dina sapadalisa disebutna….
A. Guru wilangan C. Guru gantra
B. Guru lagu D. Guru wirahma
5. Anu di sebut guru lagu dina pupuh téh, nyaeta …….
A. Sora awal dina unggal padalisan
B. Sora tungtung dina unggal pada
C. Sora tungtung dina unggal padalisan
D. Sora anu sarua dina sapadalisan
6. Watek pupuh magatru téh, nyaéta ………
A. Sayaga rék peranng C. Gumbira
B. Banyol D. Sedih atwa prihatin
7. Ari nu disebut padalisan dina pupuh téh sarua hartina jeung …….
A. Paragraf C. Jajaran
B. Bait D. Kalimah
8. Baca pupuh ieu di handap!
Urang kudu boga sobat dalit,
Keur silih tulungang,
Silih titipkeun nya diri,
Ngarah hirup henteu susah,
Pupuh anu di luhur téh kaasup kana pupuh ……..
A. Pucung C. Magatru
B. Kinanti D. Maskumambang
9. Jumlah guru wilangan padalisan kahiji “Urang kudu boga sobat dalit”, nyaéta ……
A. 7 engang C. 10 engang
B. 8 engang D. 12 engang
10. Dina pupuh soal nomor 8, padalisan anu jumlah engangnya aya 6, nyaéta……….
A. Padalisan kahiji C. Padalisan katilu
B. Padalisan kadua D. Padalisan kaopat
11. Puisi anu diajangkeun pikeun dikawihkeun disebutna ………
A. Rumpaka kawih C. Rumpaka tembang
B. Rumpaka lagu D. Rumpaka sisindiran
12. Ceuk lagu “ Cinta Nusa “, kaayaan Indonésia téh, nyaéta …….
A. Gemah ripah C. Héjo ngémploh
B. Sugih mukti D. Balangsak
13. Anu henteu kaasup kana mangpaat kakayon, nyaéta ……..
A. Sumber kahirupan C. Ngajaga caah (banjir)
B. Ngajaga urug (longsor) D. Ngagarap tanah
14. Sora anu sarua dina jajaran atawa antar jajran kawih disebutna …….
A. Gaya basa C. Purnawakanti
B. Pilihan kecap D. Wirahma
15. Babasan “ Héjo lémbok “ hartina ………
A. Loba tatangkalan C. Tatangkalan keur bubuah
B. Subur tur loba rejeki D. Lega kebon jeung sawah
16. “Masarakat dina kaayaan beunghar tur hirup senang. “ babasan anu keuna keur éta kalimah, nyéta …….
A. Répéh rapih C. Malarat rosa
B. Kokoro nyoso D. Sugih mukti
17. Ieu di handap anu henteu kaasup kana istilah géografi ,nyéta …….
A. Pasir C. Langit
B. Lamping D. Leuwi
18. Bagian walungan anu léah tur déét disebutna …….
A. Lamping C. Leuwi
B. Babantar D. Muara

19. Ieu di handap anu henteu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaéta …….
A. Tatangkalan héjo ngémploh.
B. Paré di sawah semedeng beukah.
C. Gédang téh keur gumading.
D. Kang jaka keur ngala buah.

20. Kawih nu judulna “Sabilulungan “ dikarang ku ……..


A. Mang Bakang C. Mang Koko
B. Nano S. D. Gugum Gumbira
II. Jawab Kalawan Singget !
21. Tuliskeu 3 istilah Géografis !
22. Naon hartina babasan alas bandawasa ?
23. Tuliskeun babasan nu ngandung kecap jungkrang !
24. Jieun kalimah anu maké kecap talaga !
25. Jieun 2 kalimah kaayaan !

You might also like