You are on page 1of 3

ULANGAN TENGAH SEMESTER

MATA PELAJARAN : Bahasa Sunda


KELAS : V (Lima)

NAMA : Nilai :

HOMÉ INDUSTRI ROTAN PLUMBON


Lamun di nagara maju seperti Jepang motor ogé geus jadi homé industri. Kumaha
di Indonésia? Keur di Indonesia hususna di Cirebon homé industri téh kalolobanna
bagerak dina kerajinan tangan. Kerajinan tangan nu aya di Cirebon memang loba rupana.
Husus di daérah plumbon aya kerajinan anu dikelolana di imah-imah sewangan-
sewangan (homé industri). Bentuk karajinan tangan na téh mangrupa ngokolakeun rotan
(hoe) jadi korsi, meja, rak baju, wadah seuseuheun, kotak maénan budak, wadah
sésérahan kawinan, jrrd.
Saliwatan mah siga nu babari nyien ieu karajinan téh. Sok padahal ieu karajinan téh
memerlikeun kaahlian husus nya éta nganyam hoe geus meunang nyebitan leutik-leutik.
Masarakat satempat kalolobaanan mah nyieun nepi ka jadi bentuk karajinan. Saterusna
disérénkeun ka Bos-bos rotan nu masarkeun ka luar daérah jeung ka luar negeri.
Kurang-kurangna sabaran mah nganyam rotan téh matak seunggah. Rék teu kitu
kumaha tina sapoé jeput téh paling banter meunang opat siki Karanjang. Kitu gé
karanjang nu bentukna laleutik.
Panghasilan tina ieu karajinan téh teu sabaraha. Tapi bisa pikeun nyumponan
pangabutuh sapopoé di éta lingkungan masarakat. Ceuk salah saurang pangrajin tamba
kesel jeung nganggur di imah cenah.

A. Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap paling bener!

1. Di Jepang mah nyien motor ogé geus jadi homé industri. Éta kalimah téh aya dina
pada ka …
a. hiji c. tilu
b. dua d. opat
2. Karajinan nu dijieun tina rotan nurutkeun wacana di luhur nya éta, iwal …
a. korsi c. rak baju
b. meja d. asbak
3. Nyienkarajinan tangan tina rotan merlukeun …
a. kaahlian husus c. kabiasaan husus
b. kagiatan husus d. kamonésan husus
4. Tina sapoé jeput pangrajin meunang … karanjang.
a. dua c. opat
b. tilu d. lima
5. Alor sok disebut ogé …
a. plot c. setting
b. adegan d. téma
6. Nu teu kaasup conto kecap pangantét nya éta …
a. ka, tina, kana c. siga, tepi ka, di
b. dina, ti, tina d. téh, mah, sih
7. Di handap seni-seni nu aya di Cirebon, iwal …
a. sintrén c. tari topéng
b. kuda lumping d. beluk
8. Ngajarkeun tembang Sunda ka barudak ayeuna kacida héséna lantaran …
a. barudak ngora loba ulin
b. barudak ngora kurang sumanget kana diajar
c. barudak ngora ayeuna daya juangna kurang
d. barudak ngora jarang gadéngékeun / némbangkeun tembang Sunda
9. Di handap nu teu kaasup kana seni sora nya éta …
a. tembang Sunda c. rampak sekar
b. kawih d. tari topéng
10. Nu dimaksud karangan bahasan téh nya éta …
a. karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana data jeung pakta nu bisa
dipertanggungjawabkeun.
b. Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung kabiasaan
nu bisa dipertanggungjawabkeun.
c. Karangan nu eusina ngabahas hiji carita boh piktip atawa non piktip
d. Karangan nu eusina ngagambarkeun hiji ajadian.
B. ESSAY
Jieun kalimah tina kecap di handap !
1) Di ajar 2)Balanja 3) sasapedahan 4) Nguseup 5)mulungan runtah

You might also like