You are on page 1of 21

NASKAH KARIKATUR NU GELO

PAMAEN :
- MR MON :
- BAPA PANGKAT :
- BAPA KUMIS :
- BU KUMIS :
- BELA :
- BELU :
- MASITOH :
- ATUY :
- PULISI :
- PANGAMEN :
- SIPIR :
- TUKANG KORAN :
- NARATOR :
NARATOR

Di salah sahiji parapatan di setra ganda aya budak jalanan anu ngamamen bari mawa kecrekan
ngadeukeutan bapa pangkat, bapa pangkat teh nyarekan budak eta anu ngalelewe bapa pangkat ku
lagu anu dicaptakeun ku si atuy. Soalna bapa pangkat di kota setra ganda teh dianggap dewa. Sarta
teu aya jalma jujur anu bebas di penjara kabeh jalma jujur dipenjarakeun nepi ka akhirna
kabohongan eleh ku kajujuran

(BUDAK JALANAN NYANYANYIAN BARI MAWA KECRÉK TUTUP BOTOL)

BUDAK

Mun abdi pareng nincak déwasa Hayang laksana jadi Mister Mon Ngusir hokum nurék niat néwak

Sorhoku méléh dibeuli

ASUP BAPA PANGKAT

BAPAPANGKAT

Bisa nyanyi téh, meunangsaha?

BUDAK

Meunang Mang Atuy.

BAPAPANGKAT

Saha Mang Atuy teh?

BUDAK

Nugélo di Parapatan

BAPAPANGKAT

Di mana? Parapatan mana?

BUDAK

Parapatan jalan pahlawan Kabeurangan!

BAPAPANGKAT

Oh, di dinya? Anu aya patung duit sagepok?


BUDAK

Tah, enya di dinya!

BAPAPANGKAT

Naon cirina nugélotéh?”

BUDAK

Botak, huisan, jeung sok maké kacamata ribén!

BAPAPANGKAT

Sok ngocoblakteu?

BUDAK

Sanés bapa nu sok ngocoblakmah! (LUMPAT)

BAPAPANGKAT

Éh, dasar budak hirup di jalan! (SEURI) Para sadérék tong kasinggung ku budak sétopan anu tadi.
Étatéh sok jadi objék jualan kuring lamun dina waktu pilkada. Tah, barudak sétopan tadi téh sok
terus di dramatisir nasibna ku kuring, . sok sindir sampir, padahal pangkat téh, kabéh jalma ogé
hayang, komo kuring mah, dibere julukan “Bapa pangkat” Nepi aya laguna!

NARATOR

Bapa pangkat teh disangka déwa, padahal ngan boga elmu curaling karangan Mister Piktor Otpul
alias Pikiran Kotor Otak Pulus. Jadi naon baé diduitkeun, naon atuh anu teu di duitkeun ayeuna?
Kabeh maké duit! Di kota Sétra Ganda Duit urang hirup ayeuna mah lalakon na béda. Di dieu mah
jujur dipenjarakeun, ari jalmacuraling jadi jalma jegud, sabab élmu ciptaan Piktor Otpul téh kacida
mujarabna.

(ASUP BAPA KUMIS)

BAPAKUMIS
Tawur duit bapa pangkat!

BAPAPANGKAT

Tawur deui! Aya naon?

BAPAKUMIS

Aya warta gumbira!

BAPAPANGKAT

Naon?

BAPAKUMIS

Jalma jujur panungtungan geus katėwak!

BAPAPANGKAT

(SEURI) Tah, geuning tungtungna mah jalma nurus tunjung, teuparok jeung batur téh katéwak oge!
Atu daenya, urang guyub ngamalkeun kitab curaling, éhmanéhna mah ngamalkeun kitab Jujuluknu
Jujur. Pan teuparok nu kitu mah.

BAPAKUMIS

Muhuun Bapa Pangkat, batur dikumisan, manéhna mah dikurud! Pajarkeun kami mah teu hayang
nurutan Bapa Pangkat, baid paralun! Kumis beurit saha nu hayang.

BAPAPANGKAT

(SEURI) Dasar jalma teu parok jeung batur téh, tah kitu akibatna! Atuh ari kumis siga gatotkaca mah
geus teu usum, komo di Setra Ganda mah, kumis kudu siga Bapa Pangkat, kudu siga Mister Mon!

BAPAKUMIS

Kumis abdi mah carang kénéh, kumah supados paranjang siganu Bapa?

BAPAPANGKAT

Euh, atuh can waktuna, tapi coba diajar ngalétakkan duit!


BAPAKUMIS

Ngalétakkan duit? Meureunpait?

BAPAPANGKAT

Mimitinapait, lila-lila biasa. Létakan unggal isuk duit kencring terus ningkat kana duit kertas, terus
kana duit kertas gepokan, terus duit petian jeungsaterusna!

BAPAKUMIS

Dijamin kumis siga bapa pangkat?

BAPAPANGKAT

Dijamin! Geus ah, kuring loba gawé rék nandatangan perjanjian pikeun ngaleungitkeun pulo jeung
Mister Mon sabatur-baturna.

BAPAKUMIS

Ulah hilap ka abdi!

BAPAPANGKAT

Moal atuh, pan anjeun mah mata-mata kuring, pokokna lamun kadéngé aya jalma jujur téwak-
téwak-téwaaak! (INDIT)

LAMPU BALEKOT

II

NARATOR
DI PENJARA. BELA JEUNG BELU GEUS BOSEN JADI JALMA JUJUR. KEUR NGADÉNGÉKEUN RADIO
PIDATO MISTER MONYONG.

MRMON

Tong salempang

Tong hariwang

Gempur jalma jujur! Gempur jalma jujur!

Yeuh, sakabéh rahayat Sétra Ganda Duit, ayeuna zaman globalisasi

Ketidak jujuran!

Lamun jujur moal mujur!

BELA

Ngaran urang disebut!

BELU

Urang jadi conto!

BELA

Asa geus bosen jujur!

BELU

Kumaha lamun urang nyamur!

BELA

Nyamur? Nyamur kumahaki Dulur?

BELU

Nyamur jadi jalma teu jujur, ngilu kana globalisasi ka jujuran, siga ayeuna!

BELA

Carana? Ah, tong sok ngalamun. Apanan urang keur dibérok! Pajarkeun urang teu parok!
BELU

Urang kabur!

BELA

Carana?

BELU

Kupeuyeum!

BELA

Kupeuyeum? (SEURI) Tong sok heureuy, piraku kabur kupeuyeum

BELU

Tah, deuleu atuh!

(KA TÉMBOK IMAJINASI)

BELA

Témbok? Terus?

BELU

Kieu-kieuogé pernah diajar réaksi kimia! Témbok panjara teh pan geus lila, ti zaman baheula can
diganti geus bareulah. Lamun kapur dicampur kupeuyeum anu ngandung ragi, lila-lila bereaksi jadi
panas, dijamin gampang dijebol!

BELA

Enya, kitu?

BELU

Urang coba!

BELA
Kumahacarana, kumaha bisa meunang peuyeum samantara urang dipanjara?

BELU

Aya pamajikan urang!

BELA

Ari belu, apan pamajikan urang mah geus kagegeloan dunya, geus kabur!

BELU

Geus kabur? Kutan? (MIKIR) Kumaha lamun ka Si Délida?

BELA

Si Délida? (MIKIR) Teu bisa Si Délida mah!

BELU

Naha maké teu bisa?

BELA

Apan Si Délida mah geus dijadikeun parab ka Mr. Monyong. Teuinggeus dibawa pelesir kamanabaé,
pan saprakayabéja Si Délida ngilu bilukka Pangkat terus dibikeunka Mr. Monyong, tidinya urang
katéwak!

BELU

Jadi sahaatuh?, Jalma anu teu dicuriga kusasaha. (MIKIR) Astaga kubelegugbelegugteuing, apan
urang boga kénéh dulur, Si Masitoh!

BELA

Si Masitoh, lain geuspaéh dikulub?

BELU
Huss, éta mah Masitoh dongéng Piraon. Ieu mah Masitoh anakna Bibi Urang, Nini Bulugading!
Kabeneran pembantu di Bapa Kumis. Bapa Kumis sok ngontrolkapanjara, sok dibaturanku Masitoh.
Bapa Kumis masih boga karunya, lamun ayakahayangnuteungabahayakeun. Bébéjabaéka Si Sipir!

BELA

Pinter, Ki Dulur. Tapi soal nyieun surat mah bagian kuring.

BELU

(NÉANGAN KERTAS) Nulis surat darurat. Tah, geuning, aya! Sok tulis kadinya! Kuring dikté!

BELA

Kitunya, sokatuh. Naon? (NULIS)

BELU

Dibujengénggalnabaé kuring Bela-belu nyeratankapanguasa Bapa Kumis, hoyongdikintunpeuyeum,


sawiosdisanggakeunna mahku Si

BELA

Dijamin hasil?

BELU

Ngaran na ogé usaha, Lur. Ngadoabaé, da Sang Manon mah pasti apalka urang.

BELA

Enya, nya (MANGGIL) Sipir, kami rékayabéja. (NGALUNGKEUN BAJU)

(DATANG SIPIR DITOPI BEURIT, TEU LOBA CATUR, NYOKOT BAJU, NARIMA SURAT)

BELU

Titip surat jang Bapa Kumis! (SIPIR UNGGEUK TERUS INDIT).

BELA

Tinggal kolor! (SEURI)


BELU

Sarua baé! (SEURI) Teudiparaban baju atawacalana, Sipir di Sétra Ganda Duit mah moaldaék muka
tulak-tulak acan! (SENANG) Tapi isukan ayapeuyeum.

BELA-BELU

AKAPÉLA TINA PEUYEUM SIGA NASIDAN.

BELA-BELU

Peuyeum peuyeum

Peuyeum kampung

Dagangan ti Nini aki

Warisan Ti Karuhun

Peuyeum Peuyeum kampung

(DI IMAH BAPA KUMIS. TAS MACA SURAT)

BAPAKUMIS

(SEURI) Aya-ayabaé. Ari jalma nu prustasi hayang peuyeum! (SEURI) Kadaharan jalmaleutik (SEURI)
Handay atuh teu pira peuyeum! Masitoh! Kadieu!

MASITOH

Aya pikersaeun naon, Gan?

BAPAKUMIS

Si Bela jeung Si Belu hayang dikirim peuyeum!

MASITOH

Peuyeum? Kanggé naon, Gan?


BAPAKUMIS

Nya jang dahareun tangtuna ogé. Baélah teumatak bahaya, lamun ménta deui, béré. Tugas
manéhitung-itung kanyaah manéh kanu Jadi Emang. Bongan saha hirup teuparok jeung batur, jadi
jalma jujur! Geura meuli peuyeum kaditu!

MASITOH

(SEURI LEUTIK NGOMONG SORANGAN) Boa-boageusaya rencana Ah, rék dibéré Terus.

BAPAKUMIS

Masitoh, nanaonan ari manéh?, geuraindit! (MASITOH INDIT) Para sadérék, Si Masitoh

(SUP BU KUMIS)

BUKUMIS

Pa, tong ngocoblakbaé, ieusanésnujukampanyeu.

BAPAKUMIS

Rékkamana? Ngocoblaksotéhaya anu kagugu!

BUKUMIS

Naontéa, Pa?

BAPAKUMIS

Éta Si Masitoh, jalma jujur nu pamungkas nu dibérok ku apa téh, ménta peuyeum! (SEURI)

BUKUMIS

Peuyeum? (SEURI) Dasar ari jalma jujur, ménta peuyeum? (SEURI) Tos, Apa. Ibu angkat heula!
(INDIT)

BAPAKUMIS
Enya alus ogé lamun boga pamajikanbuntutan!

IV

NARATOR

DI PANJARA. BELA-BELU KEUR NUNGGUAN WAKTU.

BELU

Geus saminggu urang nunggu.Urang itung, hiji-dua-tilu.... (TÉMBOK IMAJINASI DIJEBOL-NGOMONG


TEU NYOARA)

BELA

(NGOMONG TEU NYOARA) Gorowong...!

BELU

(NGOMONG TEU NYOARA) Hayu urang kabur!

BELA

(TANPA SORA) Hayu kabur, belegug! (DUANANA KALABUR)

(DATANG SIPIR)

SIPIR

(NGAGOROWOK) Jalma jujur kabuuur! Jalma jujur kabuuur!,Gara-gara peuyeuuum! Alah ,


aingkumaha? Aing pasti pangsiun! , aing bakal jadi musapir!

LAMPU BALEKOT

V
BAPAPANGKAT

Kumis, tanggung jawab manéh. Gara-gara peuyeumé tatéh, Kumis!

BAPAKUMIS

Tapi peuyeumna di beuli ku Si Masitoh!

MISTERMON

Bapa Pangkat, bahaya éta jalma. Kudu buru-buru ayakeun sayembara morojalma jujur! Hirup
atawapaéh!

BAPAPANGKAT

Slap, Mister Mon!

BAPAKUMIS

Si Masitoh parantos dicangkalak! Sumuun, salakinaogé! Cumuun, anaknaogé!

BAPAPANGKAT

Dasar turunan jalma jujur, teuparokjeungbatur! Buru jégal diimigrasi bisi kabur ka lembur batur!

MMISTERMON

Buru jégal diimigrasi bisi kabur ka lembur batur!

BAPAPANGKAT

Imigrasi siap!, Eh Kumis, Kumaha Si Sipir?

BAPAKUMIS

Si Sipir matakwatir, manéhna jadi gélo!

BAPAPANGKAT

Jadi gélo? (SEURI) Baélah gélo mah!


MISTERMON

Lamun teukatewak, buntut manéh dipotong!

BAPAPANGKAT

Entong, Mister Mon. Buntut kuring kareueus kuring (NUTU HENPUN) Beu, cilaka buntut dipotong
mah!

BAPAKUMIS

Beu, cilaka kumis dikurud mah, mangkaning identitas kuring. (ASUP TUKANG KORAN)

TUKANGKORAN

Warta Sétra! Patung duit sagepok rontok dibom! (TILU PAJABAT AROLOHOK)

TILUAN

Dibom ?

TUKANGKORAN

Saha dalang alpukahna?

TILUAN

Saha?

TUKANGKORAN

(NGAJOROWOK BARI LUMPAT) Nyaoteuing!

LAMPU BALEKOT

VI

NARATOR

DI KANTOR BAPA KUMIS MASITOH DIUK DI KURSI INTEROGRASI.


BAPAKUMIS

Toh, balakaka kami. Di mana émangmanéh?

MASITOH

Abdi teu terang Pa, tos kali teu terang, teu terang ! Teu terang... Bapa.

BAPAKUMIS

Manéh hayang dikulub, siga Siti Masitoh jaman Piraon?

MASITOH

Badé dikulub, badéditeureuybuleud abdi mah siap! Asal ulah disésakeun!

BAPAKUMIS

Enyaan, Toh?

MASITOH

Enyaan, nahakitu? Da ari teurumasa mah, naon anu rékdiakuna! (ASUP BAPA PANGKAT)

BAPAPANGKAT

Ngakubaé, Nyai! Ari hayang jadi pahlawan Setra Ganda Duit mah!

MASITOH

Ngakunaon, Gan, abdi mah jalma jalantah, teuwalakaya!

BAPAPANGKAT

Jadi teunyaho éta jalma kabur téh kamana?

MASITOH

Teu, teunyaho! (KAGET SORANGAN) Éh, punten teu...teu terang (BAPA PANGKAT NGAHARÉWOS KA
BAPA KUMIS)
BAPAPANGKAT

Piceunbaéka Pulo Tulang!

BAPAKUMIS

Cumuun, mangga!(BAPA PANGKAT INDIT BARI BINGUNG. REG NGARANDEG)

BAPAPANGKAT

Kumis sing waspada, jalma jujur bisa nyamur. (NGABIRIGIDIG) ih, paur! (INDIT)

BAPAKUMIS

Enya étatéh, Toh?

MASITOH

Naontéa, Pa?

BAPAKUMIS

Yen jalma jujur bisa nyamur?

MASITOH

Nyao! (SADAR DEUI) Punten, teu terang. Pa, abdi badé nyumarita kadunungan abdi!

BAPAKUMIS

Carita naon ari manéh keur tagiwur maké hayang carita? Sok Buru!

MASITOH

Tapi aya syaratna!

BAPAKUMIS

Syaratnanaon?
MASITOH

Syaratna, Bapa tong megat cariosan abdi!

BAPAKUMIS

Tong megat caritaan? Heueuhlah sok kadinya!

MASITOH

Bapa téh dunungan abdi tileuleutik, abdi apal Bapa téh galak, bengis, tukang bobok tukang tarok,
tukang tumbaktémbak, tukang supak-sepak, tukang ngocoblak, Bapa téhpinter gaul, loba batur,
punjul, tapi hanjakal! (BAPA KUMIS RÉK NGOMONG DI CARAM KU MASITOH) Bapa lalaki bodo ,
diporokodomo kunu janten bojo, dialéwohan percaya, dibobodo percaya baé, bapa téh dipang
poliandri keuntah ku Si Ibu téh jeung hiji nonoman anu kumisnasigaGatotkacamodél anu
sabenernanuku Si dipikaresep mah! (KUMIS TEU KUAT)

BAPAKUMIS

Masitoh, stop siah! Enyaétatéh?

MASITOH

Témbak baé abdi ayeuna lamun bohong!

BAPAKUMIS

Sangheuknémbakteu puguh!

MASITOH

Naha? Apan pahlawan répotnasi ogé ditémbak teu pupuguh lain? Apan Si Papatong ogé pelayan Bar
ditembak kujurig lain?

BAPAKUMIS

Sidik ku anak Bapa Manten!

MASITOH

Geuningteungaku?
BAPAKUMIS

Menggeus siah, tong ngomong kitu, lain urusan manéh. Ieu mah urusan Si Ibu jeung budak ngora!

LAMPU BALEKOT

VII

NARATOR

DI PANYUMPUTAN. BELA-BELU GEUS JARANGGOTAN. NGULIAT HUDANG.

BELA

Geusbeurang, hayu urang miang, néangan cara nyamur téa! (SEURI)

BELU

Naha manéhseuri?

BELA

Teu kudu néangan cara, manéhgeus alus diriasna, sigaembajambrong. (NGARAMPA JANGGOT)
Geuningmanéhoge? (SEURI BELA NGARAMPA JANGGOT TERUS SEURI)

BELA

Jadi moal aya nu apaleun!

BELU

Anéhnyakakarakamari urang kaguhaieu, terus saré, terus hudang terus janggotan!

BELA

Terus lapar, terus tahgeuningaya duit kencring!

BELU
Buru beulikeun, bisa jang meuli sangu bungkus!

BELA

Heug, Ki Dulur tungguan di dieu, tong kamana mana! (INDIT) Kahadé, bisiaya mata-mata Bapa
Kumis!

BELU

Kahadé, bisiaya mata-mata Bapa Kumis!

BELA

Enya, tong sarédeui, (BELA INDIT)

BELU

Anéh, aya kuanéh guha nanahaon, maké bisa ngarobah kuring jadi janggotan dina sapeuting, Euh
kumaha nasib Si Masitoh, geus pasti geuspaéh. Hampura toh Manéh ngajasaan ngiriman peuyeum
terus kami bisa kaburt (SUP BELA. HARUHAH-HARÉHOH) Naha geus balik deul? (ATOH) Réknaon lila-
lila ari zaman geus rubah mah!

BELU

Zaman rubah kumaha?

BELA

Kieu, Ki Dulur, barang kuring ka pasar, rékmeuli jeung sangu bungkus. Ari péknu dagang kagét,
melong bari hookkeun, terus nanyakieupoknatéh: Ari aki teu salah, ieu mah duit zaman Setra Ganda
Duit, zaman kamari lain ayeuna! Baheula mah Mister Mon jeung Bapa Pangkat berkuasa!

BELU

Terus?

BELA

Terus, “Ayeuna mah zaman Bapa adil jeung ibu adil!” Kitu!

BELU

Terus?
BELA

Tétélageus ganti zaman. Terus panggih jeung Masitoh!

BELU

Masitoh, jurignameureun. Pan pastinaogégeuspaéh!

BELA

Teu, teupaéh, salamet. Cik saha anu datang. (NGAGEROAN) Kadieu, Nyi! (MASITOH ANU GEUS
DANGDAN) Masitoh ayeuna diangkat jadi Kepala Kaadilan Kaum Awéwéatawa K3A!

BELU

Itoh, Masitoh, bener zaman geusrobah?

MASITOH

Aduh, Wa Bela, Wa Belu haturan! Lerespisan, zaman tos robahAyeuna zaman Bapa Adil jeung Ibu
Adil!

NARATOR

NGADADAK POÉK. TERUS SORA KLAKSON TATÉTOT GANDENG BARANG LAMPU CAANG DEUI
KASAMPAK SI ATUY NU GÉLO KEUX NGAGUHER DI TENGAH PARAPATAN BARI NYEKEL KERTASJEUNG
PATLOT SAPOTONG. ASUP PULISI NIUP PIRIWIT, MAKSUDNA SUPAYA SABAR.

PULISI

Atuy! Tong saré di dieuatuh! Dasar nu gelo! (ATUY NGAGURUBUG TERUS HUDANG, TERUS SEURI,
TERUS MÉRÉ KERTAS KA PULISI) Naonieu, gambar karikatur, karikatur naon? (PULISI NANGTUNG). Si
Atuytétéla bisa ngagambar karikatur. Gambarnaieu! (SIHORENG GAMBAR MISTER MONYONG,
GAMBAR JALMA DIDASI SIRAHNA BEURIT MAKÉ KACAMATA HIDEUNG)

ATUY

Hebat, teu?
POLISI

Alus, tapi tong saré di Parapatan, tuh jadi macet, tuh di dituditeruskeunngimpina, nya? (PULISI
MIKEUN GAMBAR KA SI ATUY)

ATUY

Oh, Parapatannyah, sugantéhhotél! (ATUY KALUAR. PULISI TERUS NGATUR LALULINTAS PRAT-PRIT)

TAMAT

Amanat

dina carita karikatur nu gelo nyaeta mun urang jadi pamarentah kudu jujur kanu sagala halna, urang
teh ulah korupsi duit rakyat anu leutik kusabab Pamimpin licik tur curaling mah hirup na oge moal
jadi nanaon, Beda ari Jalmi jujurmah sakumaha loba rintangan anu di jalanan oge pasti bakal bisa
ngalawan kabohongan pamarentah anu resep duit rakyat.

You might also like